TAWASUL KADIRIAN
Assalamu’alaikum wa’alaikum salam
Bul kukus nama ning Rosul
kadya menyan Muhammad
Pang nepikeun hadiah kaula ka :
- Jasmani rohani ,
Hakekatna :
Malaikat Haru Haruman jati
Nabi Adam Holipatulloh AS,
Sayidina Hasan Husen.
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua soca,
dua cepil,
Hakekatna :
Malaikat Jibril
Nabi Ibrahim as Kholillulloh
Sayidina Abu Bakar Sidiq RA.
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua panangan,
dua sampeyan,
Hakekatna :
Malaikat Minkail
Nabi Enoch as Habibulloh
Sayidina Umar RA
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua liang pangambung,
hiji baham,
Hakekatna :
Malaikat Isropil
Nabi Isa Rochulloh AS
Sayidina Usman RA
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dada,
tonggong,
kenca,
katuhu,
Hakekatna :
Malaikat Ajroil
Nabi Musa Kalamulloh AS
Sayidina ‘Ali KW
Syay’ul lillahi lahumul fatihah.................
Nyerebung kamanggung ,
nyambuang ka awang-awang
Kaluhur ka sukma agung,
ka handap kalemah putih
Ka sunan ibu
ka sunan rama
Ka ibu kapara pohaci,
ka rama kapara dewata
Nyanggakeun menyan bodas sakebulan
Sari pang bakti ning kaula.
Deudeuh banget anu
sahurip
sapati,
sarasa,
sanyawa
Tunggal na jadi sahiji
Alloh hu akbar
Sri putih cahya ning Alloh
Nur rasa rasa Muhammad
Aya rasa,
tepung rasa,
rasa suci ti qudrat na Alloh
Aya rasa
pangawasaning Alloh
Hurip ku nabi,
waras ku Alloh
Laa ilaha ilaalloh Muhammadar Rosululloh
Amin Ya Robbal Alamin,
mugi Gusti Alloh nangtayungan.
Amin Ya Robbal 'Alamin..............
Tidak ada komentar:
Posting Komentar