Naha urang boga rasa
cukup sapedah geus boga badan
nu tina Rahmating Allah
jeung panggahota nu ti Kudrating Allah ?
Acan !
Sanajan aya Kamurahannana jeung diterapan Pangawasana pikeun wali,
tapi masih keneh acan cukup
lamun urang acan ngabogaan perasaan
k a m a n u s i a a n anu sampurna !
Anu matak urang ulah rasa maneh ,
sapedah geus nyaho kana asal
jeung usul kajadian bae,
tapi samistina Kamanusaan
kudu di jalankeun
ku tekad, lampah jeung ucapna,
da bongan urang boga sipat jiga manusa,
atuh nya samistina urang teh
sing enya enggon-enggoning aya dina banusan manusa teh,
sing nepi ka sah-adat-na,
mun tangkal pare tea mah,
buahna nya kudu pare deui.
Kudu kumaha atuh ?
Euh, kapan urang teh boga panutan !
nya-eta nu geus masihan safa'at ka urang
bukti-rasa nya Kitabna Pangeran
pasihan ti Rasul-Allah,
ka nu miskin ka nu beunghar ,
ka lalaki ka awewe,
ngora atawa kolot,
estu teu dipilih kasih kajeun bangsa naon bae
teu pisan dibeda-beda
sarta langgeng taya kendatna,
maksudna supaya sakabeh mahluk
daek miconto kana rasana,
sangkan daek iradat nu bener
guna kasalametan dirina
jeung sakabeh mahluk Pangeran
anu pada ngumbara di alam lahir !
Palebah dieu mah rek teu panjang
nya nerangkeun tina Kitab Pangeran,
ngan silokana bae, kieu :
Urang geus ngarasa cageur
Urang geus ngarasa gering
Urang geus ngarasa ngeunah
Urang geus ngarasa teu ngeunah
Urang geus ngarasa hade
Urang geus ngarasa goreng
Urang geus ngarasa kacukupan
Urang geus ngarasa kakurangan
Urang geus ngarasa eling
Urang geus ngarasa poho
Tah eta rasa anu 10 bagian ku urang
jieun ibarat Kitab bacaeun ,
sabab dina saban sekon jeung menit
urang teu petot pinanggih bae
jeung sabagian tina eta rasa sapuluh,
ana urang geus bisa ngarasakeun (macana) sugan urang bisa ngaji jeung laguna (lampahna) gunana pikeun ngarasakeun ka sasama mahluk da geus nyaho rasana gering,
atuh sing daek nulung ka nu gering
jeung ulah rek nyieun gering ka batur --
nyaho teu ngeunah ,
atuh sing bisa ngangeunahkeun
jeung ulah nyieun teu ngeunah ka batur --
nyaho nu goreng,
atuh sing bisa ngahadekeun
sarta ulah nyieun goreng ka batur --
nyaho ka nu keur kakurangan
atuh sing daek nyukupan (tulung nu keur butuh, talang nu keur susah)
sarta ulah rek nyieun baris kakurangan-nana batur nyaho ka nu poho,
atuh sing daek ngelingan
jeung ulah nyieun poho kana kabeneran batur.
Jadi lamun dikumpulkeun
eta nu jadi ibarat Kitab Pangeran teh :
10 bacaeun (rasakeuneun) = nyaho
10 ajieun (ngarasakeun) = prak
10 beubeunangan (bukti) = jadi
jumlah 30 bagian tina asal 3 fatsal,
nya sok pantes dina sa eusina Al-Qur'an
anu majaji pikeun nasehat ka sakabeh mahluk teh aya 30 juz (bagian?)
Ayeuna urang upamakeun
eta rasa-safa'at nu ti Rasul Allah teh,
kieu
nu 10 ibarat Touret (tien geboden-na)
nu 10 ibarat Zabur (praktisch-na)
nu 19 ibarat Injil (beubeunangan)
sabab ceuk saur nu ahli ngahartikeun,
nu di tulis dina Injil aya kecap kieu:
"Saha-saha anu asih ka diri batur,
eta sarua bae jeung asih ka dirina sorangan,
lain kitu?"
Jadi ngahijina eta 3 Kitab
ibarat pantes mun di-ibaratkeun Al-Qur'an na, buktina nya anu dikudukeun di percaya
ku Rukun Iman ka 2 :
Percaya kana Kitab na Allah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar