[16/12 05:25] aji rasha: Anu parantos Karungu saeusina S u a l - J a w a b nu numutkeun pamendak akang, mugi-mugi rayi kersa ngalenyepan sing dugi ka tiasa milih anu leresna, manawi bae aya gunana kangge lampahkeuneun anu bade ngilari kasaean ku modal tanaga salirana wungkul, margina kapan teu euweuheun aya anu ngagaduhan kapalay nyungsi kana jalan sae (Agama) kahalangan ku teu gaduh dunya, tuluy sok aya saur kieu : "Ari kana Agama mah kabeh oge pada harayang ngajalankeun, ngan kumaha ari teu boga modal mah geuning sok baroraah aya nu daek mapagahan, kapan dicampuran oge tara, komo ari anu geus kasebut sok daek ngaja-lankeun kajahatan mah jigana teh ngan wungkul jadi pamoyokan, da ari tuluy diomekeun mah tara; leuheung ari ieu diharam-haram mah, jeung ari anu kurang pangerti-budina mah nyebut haram jeung ngewa teh lain kana tekadna nu salah, tapi ieu mah estu kana adegannana, jadi upama kadupak mobil mah lain hayang ngajar kanu nyetirna, tapi ieu mah anu ngambek teh bet kana mobilna, kapan aya nu sok kieu : nenjo ronggeng, haram ! nenjo bangsat haram ! nenjo tukang maen haram !, tapi ari manehna usaha ku jalan ngaronggeng (igel-igelan bari ngalagu, teu rumasaeun) , nekadkeun usaha ku jalan ngadagangkeun Asma Pangeran (kanyahona tina hal Agama ku manehna dipake andelan neangan dunya, teu karasaeun), kapan nyaho ari Elmu Agama kudu diamalkeun, naha atuh dipake usaha ?"
Kapan loba nu sok dimaenkeun, hartina teu buru-buru dituduhkeun "kudu kumaha prakna sangkan urang disebut manusa, kapan geuning tangkal cau mah, sok cau sagala-galana, tara ngaronggeng da lain ronggeng, tara maling da lain bangsat, tara maen, malah cauna oge tara hese didaharna, tur rasana tara jauh tina rasa cau, kacaba ari nu ngadaharna teu walagri mah, nya eta gumantung ka nu ngarasakeunnana bae".
. . . . . . . "Bener ari di dunya mah sagala oge kudu aya sarat dunya deui, nya-eta nu aya, keur nu euweuh; nu euweuh mistina kudu ti nu aya, sangkan bisa nyungsi kana jalan ka Allahan ku nyumponan kana ngaraning manungsa nu aya kamanusaannana " . . .
[16/12 05:26] aji rasha: Tah ku margi sok aya saur anu kasebat di luhur manawi katampi ku rayi supados modal urang kangge nyungsi kana Agama, ulah kabujeng seep ku nu ngaronggeng, ku nu maling (nipu), ku nu maen kedah enggal bae geura tawajuh (guguru ka guru anu mursid) ku jalan tawajuh dina tempat nu teu kaauban ku wawangunan, nya-eta ulah kapincut ku carita jijieunan nu ngabibita wungkul, cindekna kudu tawajuh mah kudu ka nu ngawangun, da sanajan kasaungan oge ari laku lampah urang hade mah ku nu ngawangun (Pangeran) oge tangtu dipiasihna, agamana tangtos katepi . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di tengah lautan, nya-eta hate urang sing lebar (lega) ulah cupeut sarta tekadkeun Mangeran ka Wujud nu Maha Suci sareng Panutkeun ka Rasul nu Maha Suci meumpeung urang dipasihan pitulungna nu Maha Suci (jijiriman-jijisiman) . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di enggon, nya-eta kedah aya di enggon sorangan, mun rumaos ngagaduhan asma (jenengan) manusa, atuh kamanusaan urang ulah ditebihkeun tina adeganana (enggonna) . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di tengah leuweung, nya-eta sing tiasa nyepikeun (nebihan) hawa nafsu dunya nu sok nyasarkeun . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di ungkulan kitab, nya-eta sing tiasa mupunde saeusina kitab Pangeran, elingkeun salamina teundeun dina embun-embunan sangkan ulah salah tekad . . . . . . .
. . . . . . . Tawajuh di amparan samak, sing sa maksud jeung Agamana, saampar jeung nu ngamparkeunnana (Guru), guru nu neteskeun urang satetes ulah sulaya, mun awas ningali kuda, atuh ulah sok dibejakeun munding, mun ngadenge sora musik ulah dibejakeun nu ceurik, cindekna urang ulah osok bohong kudu guru jeung muridna akrob kanyahona teh, tapi lain akrob jasmanina . . . . . . .
Boweh sindirna urang kudu beresih, lain beresih euweuh, tapi beresih hade nya kalakuan, hate sing seukeut kanyaho, bisa milih nu salah jeung bener, ulah sok rubuh-rubuh gedang, sagala kumaha batur, iklas tega kana sipat pati, nimbulkeun ka sipat hirup ku daek ngahirupkeun anggahotana pikeun nyungsi ka Nu Hirup, nya Gusti Nu Maha Suci, satungtung ngumbara di lahir kersa nutup barang luwareun manusa, sindirna nutupan panon, ceuli, irung, sungut sarta sing eling ka Rahmat Gusti nu ngocor taya kendatna, sindirna nu tawajuh sisi cai, nganyahokeun ka murahan Gusti teu beda jeung cai palid ngeusian buana kabeh, mun ditulis moal mahi pimangsieunnana, kertas jeung kalam nya kitu keneh.
[16/12 05:26] aji rasha: Nu matak ti baheula nepi ka kiwari teu beak-beak nasehat, gunta-ganti kanyaho nu ngajamanan, nurutkeun kaayaan jaman bae, jadi lamun dibukakeun mah estu moal katuliskeun kabeh, paingan nu miskin susah, susah lamun dimahalkeun mahal kudu dibeuli ku dunya, susah pimeulieunnana, nya tuluy loba nu miskina sagala-galana, paingan loba nu jahat, jahatna lantaran teu nyaho di bener; tukang bener kitu deui , loba nu ngan kari akuan wungkul, merkna paluhur-luhur, embung lamun teu kasebut, sakabeh pamuji kahayangna keur manehna, estu Adam lali tapel, hartina geus poho kanu gaduh puji (Bismillahi), geuning saur sepuh kapungkur mah sok aya saur kieu : "Ulah sok hayang kapuji, anggur urang kudu resep muji", tapi kumaha ari ayeuna ? Nya kalolobaannana mah pada harayang kapuji bae !!
"Ulah hayang kasebut pinter" sabab anu pinter mah anging pitulung anu Maha Suci (Illa billahi aliyul adzim?), malah samistina mah kudu rumasa teu daya-upaya-upaya acan (la haw la wala quatta?), tapi ieu oge kumaha? Ieu oge nya sami bae, sabagian gede nya rata-rata umangkeuh boga rasa aing bener, aing nu bisa, sarta sabalikna kabenerannana teh teu dirasakeun heula. Ku ayana anu kitu teu euweuheun sakalieun aya nu nuduhkeun ka nu kapandang bener oge sok rajeun aya nu "nyegag". Komo ninggang ka nu gila-basa, estu anggapannana ngan hiji bahasa bae anu boga bener teh, nepi ka meh-mehan hayang miceun (teu nganggep bener kana bahasana sorangan).
Tah nu kitu ana geus kaporong sok ngajadikeun hiji kajadian nu pohara kaliruna, kaliru kana tujuan Agama, buktina loba kajadian aya anak ngalainkeun ka kolot, ku sapedah henteu salagam, padahal lagam sora atawa nasjidna huruf mah eta henteu gumantung kana tujuan Agama, da ceuk sepuh kapungkur mah geuning sok aya saur kieu : Pangeran iku ora aningali ucap, anging aningali tekad, anu pisundaeunnana kieu : "Pangeran teh henteu ningali ucap anging ningali tekad". Kumargi eta upami parantos kahartos parentah-parentah anu katulis dina kitab-kitab anu nuju kana Agama cing geura atuh wartosan anu teu aracan aruningaeun, ka urang Sunda atuh ku Sunda, ka urang Jawa atuh ku Jawa, Malayu ku Malayu jeung sabangsana.
[16/12 05:27] aji rasha: Ulah sieun teu dianggap soheh ari bener mah ! Moal kurang sari ari kaharti mah ! Sarta sabalikna najan huruf jeung nyelekeukna ari teu ngarti mah teu matak jadi dangdanan, da ku para Nabi oge meureun lain ngan dititah ngocoblak bae, tapi hartikeun sarta kudu prak jaralankeun, bejaan nu acan nyaraho'eun, nya eta sangkan kaayaan dunya jeung nu ngajaramannana pada saralamet salawasna.
Jalanna sangkan mulus, nya-eta lamun nyaho aya nu salah "atuh geura omekeun", ulah ngan ngomong "si itu murtad, si itu kafir bae", naha urang ngaku boga Nabi (Guru) teh rek dilelewe bae, atawa rek diturut parentahna? Naha rek diturutan teh ngan make pakean lahirna wungkul ? Sing harti atuh ari ngaran Agama teh "kalakuan" nu harade nu nyungsi arah ka Allahan geuning dipakean Rukun Islam jeung Rukun Iman, nya eta urang sangkan ditariung ku kalakuan anu hade, da ari kagorengan mah sanajan sagede bu'uk oge ku Pangeran anu tangtu kauningana, jadi hartina sanajan urang ditiungan ku lawon oge ari kalakuan goreng mah ku Nagara oge tangtu dihukum, komo deui ku nu kawasa.
Sanajan bangsa naon oge ari kaadilan mah pada ngaayaan. Jadi cindekna tina hal urusan pakean lahir mah ulah sok make dihijikeun jeung urusan Agama, sapedah ka nu make stelan nyebut "kafir" jeung sabalikna sapedah urang make tiung hayoh ngaku "Islam", palebah dieu mah atuh sing kaharti bae, da lain urusan lahir, malah sukur, keur mah urang teh make pakean Islam ana pak teh jeung kalakuannana hade, meureun anu tangtu bakal loba harayangeun milu .
Ulah bon make nyirian maneh sanajan teu kaciri oge ari anu bener tangtu loba anu hayang nurutan. Geuning dina riwayat para Wali baheula mah cenah dina enggon-enggoning ngajalankeun kahadean oge tara harayangeun katangar : Mangeranna ka Wujud anu Maha Suci, Maranutna ka Rasa nu Suci, Sumembahna ka Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu-Ramana, Zakat fitrahna tara sok hayang katangar. Ngaji rasana ka sasama mahluk estu tara ngabeda-beda, Estu padamelannana teh munggah jadi hiji jeung sifat-sifat anu harade bae . . . . . . .
[16/12 05:27] aji rasha: Mung pamugi rayi ulah ngaraos dinasehatan, teu dikedahkeun percanten kana sagala pamendak akang, upami teu sapamendak ulah bade ngaraos dilainkeun, satadina oge kahayang akang anging bade ngilari tuduh jalan anu leres, manawina bae aya kaleresannana, atuh upami aya nu kapandang leres sumangga urang jalan-keun ku prak (praktijk), theoryna (nasehatna) anu kapandang sae atuh sumangga wartoskeun deui ka nu teu acan aruningaeun, supados pada di jaralankeun kana jalan nu nyungsi kasalametan sadayana (sarerea).
Sinareng upami aya basa nu kapandang lepat maksadna, mugi ulah bade asa-asa sumangga geura lereskeun bae, sanes lepat kedah dianggap leres, namung nu salah kedah diomekeun disarengan ku panghapuntenna.
[16/12 05:59] aji rasha: Roh urang kasifatan ku Kudrat (Pangawasa) nya tuluy boga Kabudayaan (kunst) ?
Roh urang kasifatan ku Iradat (Pangersa) nya tuluy boga Kadaek.
Roh urang kasifatan ku Ilmu (Uninga) nya tuluy boga Kanyaho.
Roh urang kasifatan ku Hayat (Hirup) nya tuluy boga Hurip.
Roh urang kasifatan ku Sama (Ngarungu) nya tuluy boga Ngadenge.
Roh urang kasifatan ku Basar (Ningali) nya tuluy boga Nenjo.
Roh urang kasifatan ku Kalam (Ngandika) nya tuluy boga Ngucap.
Naha hiji bangsa bae anu ngabogaan JAS-mani jeung Roh anu kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan Nu Ruhun (Gusti) teh ? ? ? . . . . . .
Ih, henteu ! ! ! Cindekna sakabeh kaayaan jeung anu ngajamannana estu kajadian ("ayana") teh make lantaran ti "Karuhun" bae . . . . . . Katerangannana kieu :
Moal urang jadi jelema, lamun karuhun urang lain jelema ! !
Moal jadi tangkal cau, lamun Karuhunna lain tangkal cau ! !
Ngan lebah kabudayaan, kadaek, kanyaho, hurip, denge, tenjo jeung ucapna eta asal kasifatan ku Nu Ruhun, nya Gusti nu Maha Suci tea .
[16/12 05:59] aji rasha: Keur naon gunana eta 7 sifat ti Nu Ruhun teh ?
Ari gunana mah nya-eta sangkan sakabeh mahluk nu geus ngarasa ngabogaan (diparabotan) ku ayana Jasmani nu ti Karuhunna jeung ROH-MANI-ROH-HIM (Kawelas-Kaasihan) ti nu Ruhun pek daraek netepan dina enggon-enggona jaradi mahluk, nyarumponan kana adegan sarta ngaran anu geus diaraku ku maranehna, saperti :
Kangaranan :
Tangkal cau, tangkalna, daunna, kembangna, buahna jeung sagala-galana kudu tetep "cau" . . . . . .
Kangaranan jelema, nya kitu keneh !! Geura netepan dina ngaraning jelema !!!! Geuning saur Karuhun aya kieu : "Geura pigawe pagawean sa-JATI-ning Manusa (nu tulen-tulenna ngaran manusa), Upama kieu :
Kecap :
"Karta nginum" . . . . . .
Sa'adatna, anu di-inum teh inumeun
Sah'adatna, nginumna kudu di kasungutkeun
Saha'datna, anu nginum ? . . . . . .Karta !!
Kakara nginumna teh nyumponan kana kecap "Mangeran kana bener sarta manutan kana rasa anu bener !!!
[16/12 06:00] aji rasha: Ageman manusa oge ari samistina mah kudu kitu, nya-eta : "Syah-adat-ing Manusa tea". Nya-kitu deui pikeun "Mangeran ka Wujud anu Maha Suci jeung matut ka Rasa Nu Maha Suci", atuh kudu sing nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku maranehannana da ari kecapna mah eta ngan beja ti batur . waktu urang keur tatanya !!!. . . . . . Ayeuna tinggal geura prak-keun ! Bisi kafiran !!! . . . . . .Naon ari kafiran teh?..... Ari kafiran, nya-eta : Kapan tadi geus diterangkeun "Urang ti Nu Ruhun jeung ti Karuhun geus dimodalan parabot : Kabudayaan, Kadaek, Kanyaho, Hirup, Denge, Tenjo jeung Ucap, tah eta parabot geura gawekeun, sangkan ngawujud sarta nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku urang tea. Lamun teu digawekeun mah atuh tangtu kafirannana "kapan hayang jati naha atuh teu daek digawe ???"
[16/12 06:00] aji rasha: Ku lantaran eta, loba conto dina waktu ieu loba anu ngaharamkeun kana kabudayaan Karuhun urang, sedeng eta anu ngaharamkeun teh lolobana bangsa urang keneh, sedeng maranehannana enggon-enggoning ngaharamkeun kana kabudayaan karuhunna teh kalolobaannana teu puguh ujung puhunna, naha pang disebut teu puguh ujung puhunna ? Pangna disebut teu puguh ujung puhunna teh ku lantaran maranehannana ana ditanya naon maksudna karuhun urang urang boga kabudayaan kitu ? Saperti : "Ngawayang, Wawacan, Mantun jeung sajaba ti eta" anu ngandung siloka baris hartikeuneun ahli warisna ...... Maranehannana tuluy ngajawab "euweuh dina hadisna" !!! jeung teu meunang ku agama ! Nya ari babakuna mah teu nyahoeun kana kabudayaan karuhunna !
[16/12 06:00] aji rasha: Har, kutan aya agama atawa dirigama anu ngalarang kana kabudayaan (kunst) karuhunna salah sahiji bangsa anu nuju kana kahadean pikeun kasalametan sakabeh bangsa jeung ngarukunkeun kamanusaannana ???? Bener aya larangan waktu K.N. s.a.w ka urang Arab ! Baheula anu sok daraek nyarembah kana A-allahan, Arca, jeung sajaba ti eta, nepikeu anu ngabogaan gambar oge cenah dilarang lantaran tina kasaean Kanjeng Nabi ....... Tapi di urang mah tara nyembah kana wayang, jeung eta teh kapan dadamelan Wali anu ngislamkeun tanah Jawa cenah, sarta ngandung siloka anu parenting pisan keur hartikeuneun bangsana anu resep nyungsi kasucian batinna sarta keur kasalametannana mahluk kalawan teu mandang basa jeung bangsana !!! Tah ku lantaran eta sok asa teu kaharti sanggeusna nyaraho kana kitab anu dianggap hade bet tuluy loba cekcok, mending mun tara sok kitu haram kieu haram mah. Padahal anu haram mah, nya-eta anu kafiran, nu tara daraek marake nu asal ti karuhunna jeung ti Nu Ruhun tea pikeun nyarungsi sarta sing nepi ka bisa ngawujudkeun beunangna tatanya ti bangsa sejen atawa bangsana sorangan.
Kumaha Syahadat teh? Kumaha Jatina Syahadat teh ? Sing sa-adatna kumaha nu nekadkeun Mangeran ka Allah jeung nu nekadkeun Manut ka Rasullulah teh ? Naha arek putus ku ngalimahna bae ? Moal di Syah-keun ti nu diucapkeun ku urang teh sing nepi ka ngawujudna ? Saha datna anu kudu Mangeran jeung manut teh ? Lain urang ? Geura prak atuh, da ngan ayeuna, waktu urang keur di dunya, anu kudu daek migawe pagawean anu harade pikeun kasalametan mahluk sakabeh teh ? .............
[16/12 06:01] aji rasha: Solatna, sajabana ti nu biasa dijalankeun, nya-eta nu lima waktu tea, naha teu pantes lamun urang heug daek nurutan kabudayaan karuhun ? Geuning bejana ari karuhun sok aya kieu : Lahirna urang dikudukeun daek sumembah ka indung-bapana, guruna jeung ratuna". ari pangna kudu daek nyembah, teu aya lian lantaran urang kudu rumasa, kapan jas-mani jeung roh urang ari lantaran mah ari lantaran mah asal ti Anjeunna.
Sarta sabalikna ulah umangkeuh geus jadi wong alim, sarta ka indung-bapa nganggap wong dolim, kapan ari nyaho mah boga kolot teh dolim, pang-Mijahankeun atuh ! jeung omat ulah rek Mijah boga hayang ditukeuran ku dunya baranana . . .
Sumembahna ka Pangeran, atuh anu puguh ! Wujudkeun beubeunangan urang tatanya teh, ti bangsa naon bae, asal anu harade sarta kaharti, anu nyarungsi kana sifat ka-Allahan ! Pikeun neangan Jati-ning Solat dibarengan ku migawe laku lampah anu harade sarta nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku urang sangkan merenah dina enggon-enggoning nyebut (ngaku geus bisa nyembah ka Allah), dibarengan deui ku daek ngarasa asal lantaran ti indung-bapa, geus kitu geura daek nembongkeun karumasaannana . . .
[16/12 06:01] aji rasha: Wuluna: Leungeun ulah dipake ngawujudkeun laku lampah anu goreng, sungut ulah dipake ngomong anu teu pantes, beungeut sing manis, ceuli kudu dipake ngadenge jeung panon geura dipake nenjo, ana geus kadenge sarta geus katenjo geura pake milih mana nu hade geura lampahkeun, anu goreng keur tundaeun, ari ngadenge goong parunggu atawa nenjo babi mah meureun moal haram, sugan anu haram teh pangrungu anu goreng (carita tukang tipu) nu maksudna arek usaha wungkul ! Jeung lamun urang nenjo babi mah sugan moal haram-haram teuing, haram soteh lamun urang jadi jelema anu laku lampah jiga babi ! Embun-embunan sing katetepan ku pamilih anu bener, suku ulah dipake migawe jeung sabangsana.
Tah eta nasehat karuhun !!! Naha ulah dipake ??? Naha beresih kalakuan teh putus ku beresihna cai bae ? Meuereun ari beresihna jas-mani nya bener ku cai, jeung kawelas kaasihan Pangeran mah kudu ku laku lampah anu berdasar welas asih ka papadana deui ...... Nya hadena mah “hade lampah, beresih cai”.
[16/12 06:01] aji rasha: Zakat-fitrahna, sajabana ti anu lumbrah; turutan deui bae karuhun, nya-eta cenah karuhun mah sok daraek tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah, nganteur ka nu keu’eung jeung sok nuduhkeun ka nu teu nyaho kajeun ka bangsa naon oge, kajeun ka nu tara sambeang oge, kajeun anjing budug ti jarian oge, asal ulah rek nyilakakeun bae; komo ari ka indung-bapa mah : Ulah abong-abong sok sambeang ka indung-bapana oge sapedah ku tara sambeang tea mani teu daek ngaku-ngaku acan, pajar teh anjing cenah ! Samrukna sapedah kahalangan ku teu sambeang teh ulah (teu kudu ditulungan), malah saur karuhun mah : Eta nu sok kitu ngaranna “akal koja” (ulah mere, hayangna dibere bae) jeung cenah jaman karuhun mah ana tutulung teh tara agul jeung tara dina hiji bulan bae, malah salawasna bae, satungtung gumelar dilahir kuduna kitu.
Puasana, sajabana ti nu lumbrah; karuhun mah ana fa’na kana per’elmuan (kana pamanggihna) nepikeun ka lali kana dahar lali sare, lali kana sagala-galana, estu junun ka nu hiji, tapi lain lali owah akal, saperti ngaco, lain poho ka indung-bapa, ngomong lain cara anu kasurupan, cara si Dadap kasurupan ku sukma si Ali, lain; tapi ku fa’nana tea, estu jauh tina sipat anu teu difanakeun, deukeut rasana jauh sareatna, paingan cenah tara jauh ti rasana, beda deui jeung si Dadap anu kasurupan tea, ana puasa teh samemehna “pek” sok gancang nanyakeun bukana heula. Cindekna rarasaannana teh geus deukeut jeung kadaharan bae. Atuh ana kitu mah paingan si Dadap jauh rasana. Alias teu pati eling. Atuh moal bisa “Salim soleh” (sabar-tawekal). Atuh moal nyaangan batur (mamaleman). Moal boga rasa rumasa ka Karuhun jeung Nu Ruhunna? Naha moal lebaran kituh ? Naha arek munggah jadi hiji jeung si Ali anu aya dina tangkal palem bae.
[16/12 06:02] aji rasha: Munggah Hajina ? Sajabana ti nu biasa; urang oge kudu munggah jadi hiji jeung sifat-sifat anu harade, da urang oge kasifatan ku sifat-sifat anu harade, nya-eta: Roh urang kapanjingan (kapurba) ku sifat : Kudrat buktina geus boga kabudayaan, ku Iradat bukti boga kadaek, ku Ilmu bukti boga kanyaho, ku Hayat bukti boga hurip, ku Sama bukti boga ngadenge, ku Basar bukti boga nenjo jeung ku Kalam bukti boga ucap ..... Keur naon eta teh ? ..... Kapan cenah hayang ngawujudkeun hade, sangkan engke bisa nyentraal kana sagarana hade? .... Geura prak atuh digawe, meumpeung parabot cukup keneh, anggahota meumpeung kumplit, nasehat pikeun nyungsi kahadean saeutik-eutikeun enggeus nyaho, meujeuhna geura prak digawe, naha arek iraha deui atuh ? lamun henteu arek ayeuna ? sugan mohal ari arek dipupusti keretas jeung tulisannana bae mah, da henteu rek nyembah ka keretas jeung tulisannana. Tadi mah diajar nulis jeung maca soteh nya-eta kuhayang nyaho sarta ngaharti kana kitab-kitab anu cenah nerangkeun katerangan Agama jeung ngudukeun kumaha para Nabi ka umatna teh ? Ku lantaran kitu atuh ari geus ngarti mah wajib tea dijalankeunnana ari matak mawa kana kasalametan mah, jeung wajib deui ongkoh daek ngabejaan ka nu acan nyarahoeun, saperti : “Nu lantaran kamiskinan heug teu bogaeun ongkos keur tatanya, anu jarahat, anu disebut kafir tea jeung sabangsana” ulah dipojok, tapi lamun nyaho geura pek omekeun. Kapan sok “Kul Hu”, bejakeun kanu teu nyahoeun atuh, ari urang geus nyaho mah !
[16/12 06:02] aji rasha: Katerang pribadi nu ringkes : “S a n g k a n h a d e”
Sa-adat-na : Nu rek kumawula parabotna kudu aya, kudu ka saha nya kumawula teh, kudu kumaha prak-prakannana jeung ka saha nya manut teh ?
Sah-adat-na : Migawe sagala pagawean ku anggahotana nurutkeun nanaon (sagala) parentah panutannana jeung ulah ngalelewe, sabab eta sarua jeung ngahinakeun kana rasana sorangan.
Saha-datna ? Sakabeh mahluk, anu ngarasa kudu rumasa.
Syahadatna : Nekadkeun Mangeran ka Wujud nu Maha Suci jeung Manut ka Rasul nu Maha Suci.
Kudu Solat, Sabab eta padamelan Rasulullah ari sababna anu uninga kana Wujud anu Maha Suci anging Rasul Anjeunna.
Kudu Netepan ...... Sing saha anu rumasa ka-aya-an rasa nu asal ti Rasulullah, daraek netepan, mun manusa kudu katetepan ku ka-manusa-annana sabab mun manusa laku lampahna nirca, eta sarua bae jeung henteu netepan (mun tangkal cau tea mah buwahan kadu)
[16/12 06:02] aji rasha: Kudu Sembah-hyang ...... Sembah Karuhun urang ! Karana mohal aya urang lamun teu dilantaranan ku ayana karuhun! Saha nyatana Karuhun teh! Tah indung jeung bapa!!! Tah eta guru, tah eta raatu, nya-eta wong attu, nya-eta wong atua karo! Nu ngayuga ka urang beurang jeung peuting! Nu ngawarah urang! Nu hese cape, malah loba nu teu bisa netepan, lantaran ku ngurus urang tea, ulan ngahina atuh ka kolot upama kolot urang teu bisa netepan! Anggur fijahan kadinyah! (pang-nobatankeun!) Kuebankeun kahewanan urang, peuncit kasatoan urang, waktuna tuluy pake migawe kamanusa-an, kolot teh tangtu sukaeun jigana sanajan geus aya di aherat oge anu tangtu milu bungahna! Sindirna : Ngarukunkeun ramo lima nu ti kenca jeung katuhu, diacungkeun bari tungkuus aya di aherat oge anu tangtu milu bungahna! Sindirna : Ngarukunkeun ramo lima nu ti kenca jeung katuhu, diacungkeun bari tungkul tanda ayaanda aya panghormatna sanggeus ngacung eta panghormatna sanggeus ngacung eta ramo dibalikkeun kana tungtung irung mawa harti yen dina diri teh estu kapurba ku anu Ruhun (Gusti=Hyang Agung?), kade ulah dianggap sanghyang Dewa bisi aya nu ngaharamkeun! ....
Tadi oge aya cenah “Saha anu daek sumujud ka kolotna eta sarua jeung sumujud kana dirina, saha nu sumujud kana dirina (lamun manusa ngagem kamanusa-an) eta sarua jeung sumujud ka Wujud-Na”
Kudu Sambiyan : Sugan cageur kudu bageur. Sugan ngeunah kudu genah, lamun hade eta kade (ati-ati) lantaran ayeuna lamun arek nyiar hade sok manggih goreng, kitu oge “lolobana” ......... Mun urang cukup kudu nyukup. Elingkeun salawasna ceuk Jawana : Heneng-hening-hawas lan heling.
Ulah salah paham, ieu katerangan pribadi “sajabana” tina Solat biasa.
Zakat-Fitrahna : Tulung anu butuh, Talang anu susah, Anteur nu keueung, Tuduhkeun anu teu nyaho.
[16/12 06:03] aji rasha: Puasana : Sing bisa ngarasakeun
Beubeunangan sakola, beubeunangan masantren, beubeunangan tatanya ti bangsa sejen sumawon ti bangsa sorangan geura prak atuh parigawe sangkan ngawujud sacara anu geus diparentahkeun pikeun nyungsi ngaranin, hade sagala-galana. Sarta sabalikna ulah nepi ka jadi loba nyieun goreng kasasama hirup ............
Sing Munggah Haji jadi hiji dina Kahadean nya-eta sangkan ka purba ku nu Maha Suci.
[16/12 07:01] aji rasha: Gunung jiga anu ngariung, pasir jiga nu diukir, ngayuh semu ka nu wuyung, narik resmi nu prihatin, kagagas ku hawa alam, langit lenglang taya nu ngahalang-halang, sinar layung mani hibar, hurung ka unggal lulurung, malah hegar kana pikir, gumebyar lir sutra jingga, lir kaya direngga-rengga, ngahiliwir angin leutik, nebak kana kekembangan nu keur meujeuhna ceuyah beukah, munggah ngadalingding, siga katur ku panglipur, siga bakti panglelejar, mintonkeun wawangen alam, ciri wanci nu sajati, ciciren sifat nu tulen, pangaruh anu keur ngayuh , nyembah maunat mujijat, dina hiji lamping nu lempeng, di tutugan suku gunung Banjar Panemon, aya hiji bumi resi, aturan nu magelaran, jiga karang pangtapaan, panglungguhan anu husu, pangcalikan nu semedi, anteng sifat ka eling, nyusul panemu rahayu, ngudag babaran waluya, ngimeutan kasalametan, muji ka jatina diri, muja kanyataan rasa, nyifat tunggaling kawula jeung anu kagungan sifat, nyata ngudag tunggaling kawula Gusti, geus husu mareuman napsu, iklas nilar kawiwitan, teu ti belat ku duriat teu katarik ku nu luis, iklas sagala-galana, geus teu tolih kana sifat napsu dunya, wungkul tohid ka yang Sukma, ngaraoskeun gumelar dina "panalar" heunteu daya upaya. Saha nu kitu teh ?
Eh, geuning pangeusina bumi eta, nu di lamping suku gunung Banjar Panemon, jenengan Raden Kamil, nu harita nuju ngalantung dina lulurung, kairut ku waktu alus, kapelet ku poe hade, kabengbat ku paningal kana sugri kekembangan nu tumuwuh didinya, lir basa dipatamanan, pamipitan para ipri, pangulinan para dewa, ngabarak kembang ermawar pacampur jeung sumarsana, Raden Kamil ngahuleng, kagagas ku kawaasan, ras ka diri nu keur nyungsi, ras ka badan nu keur ngudag jatining kasampurnaan, teu weleh maca Alhamdulilah muji ka Rohman-rohimna Pangeran.
Kaayaan kitu teu sabaraha lami, waktos anu ngajurung undur, burit nu ngajakan balik, geus meujeuhna wanci magrib, lajeng angkat ka tajug, di tengah empang ayana.
Henteu dinyanaan yen harita aya tamu, rayina ti kota jenengan Raden Kamal, nya lajeng bae raka rayi sembahyang di tajug. Sabada sembahyang lajeng lalinggih di tengah bumi paduduaan bari ngaleueut lalawuh candak ti kota. Rakana lajeng ngawitan tumaros :
Akang teu kinten atohna disumpingan salira ayi kumaha damang ?
[16/12 07:01] aji rasha: Kamal : aya pangesto teu kirang sawios-wios, sareng pangdongkap rayi kadieu, kahiji : sono lawas teu tepang, kadua : ku hayang mudakarah ilmu, geusan bawaeun bekel nyungsi kasampurnaan.
Kamil : nuhun pisan kitu mah ayi, ciri manusa anu sah kamanusaannana, kudu kersa ngamudakarahkeun pamendak, naon tea anu ku ayi ngawitan deuk ditaroskeun ?
Kamal : bade tumaros: ari agama teh naon ? sareng mana rayi anu rada ewed, ceuk kaum ahrul sara: biasa bae nya-eta aturan-aturan anu dikudukeun ku kitab-kitab; demi ceuk ahrul Haq: eta mah lain agama tapi drigama, ari agama mah nya-eta elmu panyungsi diri pakeun jalan kasampurnaan.
Kamil : pamendak ahrul Sara bener, pamendak ahrul Haq bener. Ngan ari pamendak akang mah kieu : Agama teh asalna tina kecap Adin, hartina: "peraturan" tapi naha rayi rek ngagugulung peraturan bae, atawa rek terus ngaturna, tah dina ngaturna mah, tegesna peraturan teh kudu dipigawe, ku aturan eta urang tangtu boga kapercayaan, tegesna tarekatna Agama = nya kapercayaan; sanggeus urang boga kapercayaan nya tangtu urang boga cecekelan atawa ageman, tah haqna agama teh ageman, kantun ngawujudkeun patekadan urang kalawan prak kana ngalakukeun kabeneran, tah dimana geus ngawujud eta ma'ripatna agama, tegesna geus Suci tea atawa geus Islam tea.
Kamal : ari agama naon gunana ?
Kamil : lahirna supaya dunya beres sarta batinna supaya manusa bisa sampurna mulih ka jati mulang ka asal nyumponan dalil : Inna lillahi wa inna illahi rojiun.
Kamal : naha lahir tergantung ka batin ?
Kamil : Duanana sami, ngan panuhun akang, rayi ulah tumaros urusan lahir heulaanan, enya akang aya dina lahir tea mah, mung engke deui eta mah.
Kamal : naon ari lahir sareng naon ari batin ?
Kamil : lahir sifat nu kasar nu katingal ku panon kapala, demi batin nya-eta sifat nu gaib; anu aya tapi euweuh; anu euweuh tapi aya; karasa sareng katingal ku awasna perelmuan.
Kamal : Naha sanes ku panon Qolbi ?
[16/12 07:02] aji rasha: Upami rayi ningal barang Qodim tegesna gaib ku panon Qolbi, eta sanes anu saleresna, amung ku ciciptan bae, da panon Qolbi mah tergantung ka panon lahir, awasna qolbi nurutkeun awasna panon, geura mangga awasna qolbi ayi ayeuna awaskeun ka Mekkah tangtos kana teu awasna da urang acan jarah ka ditu.
Kamal : kantenan bae moal katingal mah da awas qolbi mah tegesna awasna qodim kapan paranti ningal nu qodim tegesna nu maha Suci, anu ceuk dalilna Ru'yatulahi ta'ala fie dunya biaenil qolbi.
Kamil : urusan dalil ru'yat enya henteuna eta tergantung ka pamanggih pangarangna, ngan mangga akal pikiran ayi geura bukakeun sina hirup, ulah percaya kana pangreka jelema kapan ceuk tadi ulah taqlid, kudu karasa kudu kaharti, ru'yat qolbi salawasna tergantung ka pamanggih ru'yat panon, geura ayi eta tingal nu gumebyar beureum, tangtos ru'yat qolbi ayi guguru heula ka panon kapala, tegesna ari uninga yen beureum, meureun bae da geus terang rupa beureum, nyakitu deui anu koneng, bodas sareng hideung, geura mun ayi tacan uninga sifat di lahir, kapan ka barang nu diaku ku ayi qodim moal tiasa ngareka rupana; mangga ayi nyandak jalmi lolong, tapi ulah nu lolong anyar; kedah nu lolong ti barang gubrag ka dunya, cik pek mangga titah tajali atawa tarekat, naha qolbina tiasa awas sareng terang kana sifat-sifatna ?
Kamal : urusan ru'yat qolbi mangke ditaroskeun deui kana kapentingan agama.
Kamil : atuh ru'yatna perelmuan oge engke deui bae, da kedah berhubungan sareng ru'yat qolbi.
Kamal : mangga, jalaran urusan ru'yat jadi seuhna perelmuan, engke urang pandeurikeun, ayeuna rayi tumaros, aya saur kieu :
"Maraneh kudu mikir kana dadamelan Allah, tapi ulah mikir kana Zat Allah, lantaran maneh moal bisa ngukur watesna", (duka bener, duka henteu, dalilna kieu : Tafakkaru fie chalqilahi wal tatafakaru fa inna kum lan taqdiru qadrahu).
Kamil : sa teu acanna ngajawab, akang gaduh panuhun, mugi ulah naroskeun dalil, ari dalil mah kudu kana kitab bae; surahna, sundana, malayuna, walandana, Inggrisna didinya aya kabeh.
Kamal : ke heula kang, nu mawi abdi naroskeun dicampuran dalil ka akang, kapan saur akang peraturan teh kudu bisa jadi kapercayaan, lantaran kapercayaan anu berhubungan urusan ka Allahan aya 2 tingkat ceuk ahrul Sara : Tafakkaru fie chal qilahi wala tata fakaru fa inna kum lan takdiru qadrahu, tah dalil eta nu dikuatkeun, ari ku elmu Haq, dalil ieu nu dikuatkeun : Awalahu wajibin allal insanu ma'rifatulohitaala bistiqoni (awalu dini marifatulohi) eta mana anu leres ?
Kamil : Sara leres, Haq leres.
Kamal : har, ari leres duanana mah atuh rayi ewed, anu mana nu kudu dibantun, sugan kumaha timbangan akang ?
Kamil : akang teu tiasa nimbang da sanes tukang timbang.
Kamal : ari akang tara nimbang-nimbang urusan dalil mah, abdi moal naroskeun deui timbangan, ayeuna mah rek naroskeun pamendak akang, ngabantun leres nu mana ?
Kamil : ari naroskeun pamendak akang mah mangga, akang rek nyokot nu aya saksina.
Kamal : kapan eta dalil parantos kasaksi ku kitab-kitab.
Kamil : upami rayi ngabantun tina kitab, disaksian ku kitab, disahkeun ku kitab, meureun benerna ge bener kitab eta mah, mana ari bener keur urang, cing rayi atuh sing emut naha kitab nu neangan kasampurnaan teh? atawa salira ayi ?
Kamal : kantenan abdi, ngan ngabantun jalan-jalanna tina kitab.
[16/12 07:02] aji rasha: Kamil : upami rayi ngabantun tina kitab sareng nu dianggap sah ku rayi tina kitab enggeus bae ulah sok nyarita jeung papada manusa, kitab bae ajak mudakarah, meureunan sagala aya, da mudakarah jeung manusa mah kudu terang elmuning manusa, eta kapan rayi kapungkur geus jadi mu'alim, kapan lain mu'alim buaya ......... geuning ari pangakuan mah kapan jadi "mu'alim manusa" , tapi kakara jadi mu'alim kitab, da ku dumeh tacan terang elmuning manusa tea, tapi ayeuna mah sugan geugeuy.
Kamal : parantos kang tong diputer-puter abdi lieur, nu dianggo saksi ku akang upami sanes tina hadis dalil atanapi kitab anu mana atuh ?
Kamil : anu jadi saksi-saksi pikeun ngaenyakeun perelmuan akang oge ku tilu rupa : hiji akal dua pikiran tilu perasaan.
Kamal : tah eta 2 urusan, nya-eta Sara jeung Haq pamanggih geusan nerangkeun kaayaan Allah, anu kasaksi ku saksi-saksi akang, abdi ayeuna hayang terang anu mana anu leres.
Kamil : jadi saksi rasa, akal jeung pikiran rayi ayeuna rek milu nyaksian ka nu geus kasaksi ku saksi-saksi akang tea ?
Kamal : Sumuhun ?
Kamil : urusan dalil tafakkaru nu dikuatkeun ku ahli Sara, eta oge bener, margi ngabantun saksi kitab, nya kitu deui dalil Awalu wjibin, eta oge bener da kasaksi ku kanyataan pamanggih manehna, kalawan kasaksi ku imanna keur waktu tajali, ayeuna nerangkeun elmuning akang nu kapanggih sarta kasaksi ku akang kana dadamelannana ku percaya jeung ma'rifat oge kudu, tapi papada ma'rifat oge lain ngajinis kasaksi ku pancadria urang mah, ngan ma'rifat ka ayana Allah ku awasna elmu tea, tadi kapan ku ayi urusan awas ulah waka diterangkeun, engke bae pandeuri lantaran penting teuing, tegesna meureun ayi seueur keneh ka panasaran geusan tumaros hal ilmi kabatinan ka akang, sareng akang bade tumaros reh rayi geus lampar pamendak, kenging oge disebatkeun gudangna elmu, sareng ceuk wartos ayi geus nyekel tarekat kawalian anu sajati, cing mangga pedarkeun ulah disumputkeun geuning da kitab oge nyarek, buktina aya saur kieu :
"Saha-saha nu ditanya tina hal elmu tapi manehna teu nerangkeun, tangtu manehna dina poe Qiamat dikadalian ku kadali seuneu". (Man su ila an ilmin fa katamhu uljima yaumal qiyamatibi lijamin min-naar?)
tah geuning sanajan kitab oge sakitu nyarekna ulah sok nyumputkeun kanyaho, sareng eta ayi katingal ngabantun wawacan sareng buku-buku cing mangga geura wejangkeun.
Kamal : Jalaran ieu kitab, upami diwejang hiji-hiji kacida lamina ayeuna urang candakan nu parentingna bae, lajeng urang munajarahkeun, nu katimbang sae urang bantun anu salah urang tunda, tapi boa raos rayi teu aya lepatna da sadayana nyata dina salira.
Kamil : kitu mangga atuh.
[16/12 07:03] aji rasha: Kamal : ngawitan nerangkeun dalil : Man arofa nafsahu faqod arofa robahu, sareng Man arofa robahu, faqod jahilan nafsahu. Sundana : saha-saha nu nyaho ka dirina, tangtu nyaho ka Pangeranna, sareng Saha-saha nu geus nyaho ka Pangeranna tangtu dirina ngarasa bodo.
tah eta kang dalil pang pentingna anu matak urang kudu ma'rifat teh geura kanyahokeun jatining ingsun, tangtu engke ma'rifat ka Allah, sareng engke upami parantos marifat ka Allah, tangtos urang salamina ngaraos teu daya teu upaya usik malik anging ku pangawasa anjeuna anu ceuk dalilna deui : wahua ma akum aenama kuntum.
Kamil : Titadi akang parantos nerangkeun yen dalil mah urusan kitab jadi ayeuna akang kana dalilna mah teu rek pipilueun ngan akang sakadar rek nerangkeun dina surahanana bae nu ku rayi ayeuna didamel ageman. Saha-saha nu nyaho kana dirina, tangtu nyaho ka Pangeranna, tah eta bahasa Sunda nu eces nu nyata kalawan tetela, nerangkeun yen upami nyaho kana diri, tangtu nyaho ka Pangeran, awas rayi, ari diri teh lain urangna, lain Ingsunna, diri mah jirim jeung jisim, ceuk bahasa Walanda mah : stoffelijke lichaam en astraal lichaam, jadi tegesna upami rayi uninga yen "urangna" disifatan ku jirim sareng jisim (rohman-rohim) tangtu terang ka nu kagungan eta persifatan, nyatana nya Maha Suci tea.
Sanggeusna urang terang ka nu nyifat ka urang, kakara urang sing rumasa Lahaula tea, tah rayi nu Lahaula mah jatining ingsun tea.
Kamal : Sumuhun ngartos ayeuna, bet tebih sareng surahan nu sanes.
Kamil : Tong disebat nyurahkeun, akang mah teu patali jeung dalil ngan eta rayi ngartos atanapi henteu ?
Kamal : Ngartos, ..........
Tumaros deui dina ieu kitab ditulis, yen Kj Nabi Muhammad teu pupus, sabab lamun anjeunna pupus alam dunya oge moal aya, pupus soteh majajina nu Sumare di Madinah tapi Hakekina mah aya di urang, nu matak wajib dikanyahokeun.
Kamil : Jadi tegesna maksud eta kitab majajina aya di Mekkah, hakekina aya di urang ?
Kamal : Sumuhun kitu ...........
Kamil : Eta ku pikiran rayi kumaha ?
Kamal : Bubuhan abdi mah parantos tarekat jadi percanten bae kitu.
Kamil : Eta katimbang ku akal pikiran sehat ?
Kamal : Raraosan mah ku pikiran sehat da puguh geus nyata.
Kamil : Ari nyata-nyata kitu mangsa bodo rayi, ngan akang rek naros saeutik, ari akrobna Majaji jeung Hakekina dina naon ?
Kamal : Dina Wujud !
Kamil : Tah geuning ngartos, ayeuna akang naros deui, ari majaji ayi akrobna sareng hakeki ayi dimana ?
Kamal : nya dina wujud rayi.
Kamil : Nu tangtos dina wujud rayi, lajeng diasmaan Kamal.
Kamal : Sumuhun.
[16/12 07:03] aji rasha: Kamil : Tah geuning kahartos, ayeuna piraku bisa jadi, majaji aya di tanah Mekkah, ari hakekina di Pulo Jawa, kapan majaji tara jauh ti hakekina, majaji ayi tunggal jeung hakeki ayi, piraku pipisahan, komo ieu nu lain-lainna deui, beda bangsa beda martabat, ceuk cohagna mah pamohalan aya majaji onta hakekina kuda, jeung deui ari elmu di urang enya oge make ngaran Muhammad majaji, Muhammad hakeki, enya make ngaran Muhammad tea mah, tapi ulah nyabit-nyabit ka Muhammad Kj. Nabi, ieu mah Muhammad lalandihan tukang elmu bae, tegesna teu patali jeung itu.
Kamal : Nuhun abdi diwartosan anu jelas, ayeuna rek naroskeun sifat anu 20 -- tapi moal ditata sahiji-sahiji, bilih ka bujeng wengi, bade dipecahan 4 bae. Nafsiah, Salbiah, Ma'ani, Ma'nawiah.
nafsiah nyatana napas
salbiah nyatana panon (heherangna)
ma'ani nyatana lelegok ceuli
ma'nawiah nyatana sungut,
eta kumaha sami sareng pamendak akang ?
Kamil : Ari ayi ku pecahan 4 dina sifat 20 teh ngawincik sifatna Allah ? Atawa ngawincik pancadria ayi ?
Kamal : Ari sifatna mah sifat Allah, mung bae kapan lamun milari Pangeran kaluar tina diri tangtos kasasar.
Kamil : Naha lamun ayi parantos terang kana napas, panon, ceuli, sungut, naha ayi parantos ngaraos panggih sareng Allah ?
Kamal : Kapan didinya ayana tarekat jati, saparantos terang sifat nu 4.
Kamil : Akang teu naroskeun gumulungna sifat nu 4 dina keur waktu tarekat, naros soteh sifat-sifatna, piraku aya sifat Allah dina ceuli, dina sungut, kapan sifat 20 mah kaayaan Allah 20 sifat, kapan ceuk tadi oge sifat 20 mah katerangan, tegesna katerangan geusan neangan Allah kudu make sifat 20, jeung deui lamun rayi ngawincik sifat nu 20 dina ceuli, mana atuh langgengna ?
Kamal : Dina Qodimna.
Kamil : Naon Qodimna teh ?
Kamal : Qodim napas angseu
Qodim ceuli denge
Qodim panon awas
Qodim sungut ucap,
anu matak didinya aya puji Qodim alal Qodim, hartina : Sumembah ka sifat Qodim mah kudu ku Qodim deui.
Kamil : Ke heula nyarion teh ulah waka uclag-aclog, akang mah naroskeun nu langgengna.
Kamal : Sumuhun nu langgeng mah sifat "Qodim".
Kamil : Upami rayi keukeuh mempertahankeun hal nu dianggap ku rayi qodim ayeuna sawios, ngan akang deuk naroskeun enggoning rayi nganggap sifat 20 aya dina salira, jalaran milari Pangeran ulah kaluar tina tangtungeun salira, naha pangraos ayi Allah teh aya dina salira ayi.
Kamal : Aya !
Kamil : Atuh aya di unggal jalmi mah seueur .
Kamal : Kang ulah lepat faham pang nyebatkeun aya Allah di badan, tegesna Allah angliputi urang kalawan Kudrat, Iradat, Ilmuna, jadi sategesna mah aya sifat hirup di urang.
Kamil : Naha henteu 20 hannana ngaliputan salira rayi, bet Qudrat, Iradat Ilmu wungkul ?
[16/12 07:04] aji rasha: Kamal : Sadayana oge ngaliputan.
Kamil : Ari Kiamuhuta'alabinafsihina, saha nu ngadeg ku anjeun ?
Kamal : Allah !
Kamil : Ari rayi ngadeg ku anjeun ?
Kamal : Kantenan ti sabarang emut oge rayi geus kieu da buktina teu inget ka alam asal.
Kamil : Har, kumaha ari ayi, ari ngangken geus marifat ka Allah, tapi luak leok ka alam teu inget, ana kitu engke rayi ngangken ka Allah ka kaula-Na.
Kamal : Sumuhun raos rayi kalawan katerangan tina sifat 20 kaulana tea nu dianggap Pangeran, jalaran kapan dina seuhna perelmuan geusan nyungsi jatining rasa, sedeng kapan ceuk dalil oge, rasa isun ya rasa gusti (al insanu siri waana siruhu).
Kamil : Rayi, kapan akang parantos seseepan dina buku taudz nerangkeun yen sakadang isun mah sagirna tina idajil, sareng deui mungguh kaayaan isun sareng kaula tea teu kinten bentenna, ari isun mah nya nu parantos diterangkeun tea, ari kaula mah hiji titel (asmana) si ingsun anu geus kumawula, tapi kade rayi dina enggon-enggoning kumawula sing emut, sanes kumawula ka dunya, atuh eta mah kaulaning dunya, tapi kedah kumawula ka gusti kakara jadi kaulaning Gusti, sareng deui ari pecahan sipat 20 mah bagian Nfsiah, Salbiah, Maani, sareng Manawiah teu kenging disalang surupkeun kana napas, ceuli, sareng sungut, da eta mah wincikan Jasmani, da sifat Pangeran mah sifat Goib, jadi nu diwincik teh kedah goibna bae, kitu oge upami parantos af'al kana kaayaan goibna diri ulah ari diaku sifatna Pangeran mah, kudu ngaku soteh af'al kana sifat Pangeran anu nyifat di urang, geura urang terangkeun saeutik tina bagian pecahan nu 4 sareng nu 2 Tina Nafsiah, tegesna Wujud nu Maha Suci teh tetela ayana, eta Datna; tina Salbiah nya saksina nu Maha Suci, teu kenging ditandingkeun sarta di cita-cita kalawan diadegkeun ku urang, tah eta sifatna.
Demi af'alna, lantaran nu Maha Suci murahna ka kaayaan dunya miwah nu ngeusiannana ku Rohman Rohim Pangeran, nyakitu deui tumibana ka urang eta Rohman Rohim, ngajadikeun af'alna ku gelarna sifat Ma'ani.
tina rohman Kudrat jadi Anggahota
tina rohim Kudrat jadi Pangawasana
tina rohman Iradat jadi Jajantung
tina rohim Iradat jadi Kadaekna
tina rohman Elmu jadi Uteuk
tina rohim Elmu jadi Elingannana
tina rohman Hayat jadi Napas
tina rohim Hayat jadi Hurip
[16/12 07:04] aji rasha: ku katerangan di luhur urang tetela pangakuan kana ayana Pageran teh da sidik sifat rohman rohimna geus nyifat sifat Ma'ani ka urang, ari dina pecahan 2 tea nyaeta istiqor sareng istigna, geuning ayi keur waktu tarekat bakal ningali cahaya lir kaya sumorotna panon poe ti pukul 9 dugi ka 11, tah rayi kapan sidik siloka anu maksudna urang kudu terang yen anu bisa tunggal jeung wujud (11) nu Maha Suci anging nu geus bisa nunggalkeun (Wahdaniat) atawa 9 tea, jadi seuhna.
9 -- Wahdaniat = tunggal
seuhna 11-- Wujud = aya
tapi awas rayi nu tunggal jeung nu Maha Suci teh kudu sifat nu Suci, lain Wahdaniat wadahna niat, ngan niat jeung niat bae, ari ngawujudkeun Suci mah tacan keneh, nggeus bae angkeuhan ngaku sajero tarekat nuggalkeun (akrob) jeung sagara ning Suci, puguh rayi si isun, mun boro-boro sasifat kapan kumawula oge can bisaeun, dibawa solat oge sok ngatrok bae, cing mangga rayi lenyepan, enya aya puji "Qodim Alal Qodim" tea mah, da gaib si isun mah sanes gaib Pangeran kapan gaib billa haefin tea, nu sok nyuwungkeun sifat nu aya, nya terus Asmauli Jinsi, ngajiniskeun Allah dunya tea, alias ........ Nur Cahaya.
Sareng deui rayi keur waktos ngagulungkeun sifat nu 4, ulah rumaos nyumponan dalil: Al Insanu Siri, enya lali ka diri hilap ka badan tea mah,atuh da eta mah pagawean si isun ana fana osok kitu sareng sanes antal maotu deuih, geura si isun ana boga kahayang sok tauhid, upamana nu bahari kaharti ku akal bae, lalakon Mi'radna si isun, upamana pareng urang jalan jalan di jalan gede, lar nu tumpak motor, leng bae si isun ka bengbat, terus mi'rad, ngimpi sajeroning rasa ngabogaan ata motor anclong-anclongan ka Pasar Baru sagala, kapan eta ayi geus lali ka diri tega ka badan, kapan suku mah terus leumpang tapi si isunna keur tumpak motor panggih jeung nu wawuh oge tara patanya, mun teu di gebah, tah kitu rayi kaayaan miradna si isun, tapi maaf rayi lain nuduh mirad sajero tarekat osok kitu, ngan ieu mah tadi ge ibarat.
Kamal : Parantos kang, rayi ngartos ngan eta ulah ngesek-ngesekkeun teuing, da rayi teh ayeuna mah ngartos rada beunta, ngan masih poekkeun rada teu ngartos, naha akang unggal nerangkeun pamendak wungkul nu kahartos ku akal bae, sedeng dalil-dalil nu tina kitab mah sok di ludat-ledot, kapan nu bener mah anging kitab ?
Kamil : Bener kitu rayi ?
Kamal : Sumuhun.
Kamil : Pamendak akang mah sanes, kitab mah ngan saukur bebeneran.
Kamal : Naha kitu, naon margina ?
Kamil : Sumuhun, geura mangga rayi nyandak kitab, naha nu baris maca teh rayi, atanapi kitab nu maca rayi?
Kamal : Teu ngartos.
Kamil : Kieu geura, rayi, ieu akang ngabantun cau, meureun nu di arah teh rasana.
Kamal : Sumuhun.
Kamil : Tah leres, namung lepat eta teh, kapan rasa mah parantos aya dina raos rayi, ngan amisna dina cau tegesna rasana ayi, amisna cau, nyakitu deui kana kitab, benerna aya di ayi, bebeneran aya dina kitab.
[16/12 07:05] aji rasha: Kamal : Tah leres upami hayang bener kedah ngabantun bebeneran.
Kamil : Teu kedah, da bener mah teu tergantung ka bebeneran, sing emut, bener mah sanes bebeneran, lumpat mah sanes lulumpatan.
Kamal : Sanes kang, abdi mah lieur, ieu teh mending terang bae, ulah puter lidah, ari akang percaya henteu kana kitab ?
Kamil : Naha rayi naros kitu ?
Kamal : eta bae, ari salira akang teh ahli elmu, sedeng rupina ngalainkeun ka kitab, kapan nu matak ngelmu teh ngaku Islam panginten.
Kamil : Ari ngaku Islam mah henteu, da diajar keneh, mun ngaku keur nyungsi akang rumasa.
Kamal : Sumuhun sawios keur nyungsi oge ngan eta percanten kana kitab teh atanapi henteu ?
Kamil : Samemeh nerangkeun percanten henteuna akang tumaros heula naon henteunna percanten, sareng kapercantenan ?
Kamal : Kapercantenan mah padamelan, dupi percanten mah parantos didamel.
Kamil : Tah nuhun upami ayi ngartos mah, upami akang digawe tah naon rayi, nu dipigawe teh?
Kamal : nya pagawean ?
Kamil : upami percaya ?
Kamal : nya kapercayaan !
Kamil : tah kapercayaan saha ?
Kamal : nu tangtos kapercayaan jalmina anu percaya.
Kamil : tah geuning ngartos kapan percaya teh kana kapercayaan pribadina, sanes kanu sanes, atuh rayi ulah tumaros, akang percanten henteuna kana kitab, kapan kapercantenan ayi sanes keur akang, da persoon ayi sanes persoon akang, persoon akang sanes persoon ayi.
Kamal : Lieur kang, kapan akang teh palay sampurna, na naon atuh ari sampurna teh ?
Kamil : jalaran akang teu acan sampurna, jadi upami ayi hayang terang sampurna taroskeun bae ka nu sampurna.
Kamal : teu terang saha nu parantos sampurna.
Kamil : eta rayi uninga basa sampurna timana ?
Kamal : kenging tina buku-buku.
Kamil : tah atuh taroskeun bae kana buku.
Kamal : cing atuh kang sing leres bae ngawaleran teh, kapan saur akang keneh pang ngelmu teh pigeusaneun nyungsi kasampurnaan.
Kamil : sumuhun da kasampurnaan mah sanes sampurna.
Kamal : naon atuh ?
[16/12 07:05] aji rasha: Kamil : Geus diterangkeun pang ngelmu teh pigeusaneun nyungsi kasampurnaan, samangsa-mangsa geus uninga kasampurnaan tah kakara nembe sampurna. Kapan ayeuna mah boro-boro sampurna kapan kasampurnaan oge nembe dipilari.
Kamal : kapan aya deui basa Insan Kamil Mukamil, hartina sampurnaning sampurna, bakal beak rasana jasmanina, jadi dat laesa kamislihi, naon ari eta kang ?
Kamil : eh, eta mah sampurna beak ayi, ari pamendak akang mah kecap sampurna teh Compleet; kieu geura:
keur jaman orok urang teh eling, ayeuna geus akir baleg urang ngarasa eling, tah dina eling na ulah hayang teu eling deui, tapi kedah gaduh tekad nyungsi sagaraning eling, kapan seueur paguron anu nekadkeun hayang teu eling deui , eta teh sampurna cenah, jadi Qamislihi deui; benerna mah nyungsi sagarana, tah sagarana nu pantes disebut sampurna mah, tapi lain eling wungkul, da tadi ge diterangkeun yen sampurna teh compleet, tegesna ari nu kagungan sifat sampurna mah anging Pangeran, ari eta Insan Kamil Mukamil bakal manjing kana Dat laesa qamislihi deui, eta oge leres teu aya lepatna, namung sahatea ? Si isun atanapi jirim jisim ?
Jirim, jisim mah pantes manjing kana Dat laesa deui oge, da sifatna itu, tapi urang nu kajadiannana tina sifat itu. Naha geus jadi insan ?
kapan ngigelkeun kamanusaan maka lagu Islam teh sakieu hesena, sok saliwang bae, boro-boro nincak laguna, nincak kecrekna oge salah bae,
Komo, Kamil,
Komo deui mukamil
wah ayi anggur jeung lalamunan jadi insan kamil mukamil mah mending diajar semedi, supaya ulah kabengbat ku pangreka paguron palsu, tapi semedi ge awas lain semedi ngeningkeun cipta, ngagedekeun cita-cita, atuh lapur deui eta mah kaasup kana elmu "Meditatie en Gedachten Concentratie" , gawena ngagulungkeun tekad, ari tekad-tekad si isun komo kitu digulungkeun, sasat lamun kuda teah mah dilepaskeun, nya terus nyebrut ka dunya deui bae, hayang mulya, hayang pinter, hayang maju, malah mun lugay ti Jasmani tea mah hayang nitis kanu leuwih senang ti batan ayeuna, ari ngaku elmu Allah, tapi gawena cedihan, embung mingpin anu miskin, embung nungtun nu dusun, tapi oborna mah Liefde (welas asih ka sasama) ngan sasamana lain sasama gumelar, tapi sasama saharkat, sasama samartabat, da ari kanu hina mah teu daek ngaku sasama, tara nulung kanu butuh nalang ka nu susah, ari manggih nu prihatin teh teu milu sedih anggur nyered ka papasten, kieu takdir kitu takdir, nuding kana pambalesan, welas asihna teh ngan saukur nyebut paingan: "De oorzak en 't gevolgd" tuluy semedi pagede-gede ciptaan, nlik takdir nyawang kadar, mugi-mugi ulah pinanggih prihatin , nyorang sagaraning lara, anggur hayang wuwuh-wuwuh dilahir ginanjar rahmat tah rayi nu kitu kaliru keneh, benerna nyifat pasifatan Allah mah enggon-enggoning miwelas miasih teh, teu pandang bulu teu pandang rupa, teu pandang kaya teu pandang miskin, teu pandang bangsa teu pandang agama, kasifat nu papada Gumelar mah welas asih bae, jeung teu pandang pamuji, teu pandang pamojok, estu iklas kumawulana ka anu dikawulaannana, geus iklas kana nafsu dunya, wungkul tauhid ka Yang Suksma, ulah cara ieu pangakuan mah teu takluk kana kahayangna nafsu (begeerteloos) tapi si isun anu kabur, diangon di tegal angkeuhan dirungruman kamulyaan alam dunya.
[16/12 07:05] aji rasha: Tah kumargi eta, ku pangrasa akang mah, tinimbang ayi seueur miceun waktu anu percumah, anggur eta waktu teh geura anggo keur ta'udz (salindungan kahadean, anggangan kagorengan), da sanaos ayi seueur elmu, seueur aosan, seueur jampe sareng kitab-kitab oge, upami ayi teu kersa Ta'udz mah tetep Batal-na, hartosna moal soheh (sah) pangajina rayi teh, sareng sabalikna sanaos ayi teu tiasa maca, teu tiasa ngobrol oge, tapi ana kersa Ta'udz mah eta mah sami bae rayi teh geus bisa nyumponan kana ngaraning manusa nu katetepan ku kamanusaannana sareng moal keuna ku batal jeung haram sanaos aya di tempat mana oge; sakitu bae heulaanan ayi, atang-etang bantuneun rayi ka kota oleh-oleh ti urang Banjar Panemon.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar