Percaya Kana Takdir
(Rukun ka 5)
Ari Takdir teh
nya-eta Kudrat anu geus tumerap di badan urang, barang tetep anu teu beunang dikurangan
atawa dileuwihan deui
sarta gawena nya keur Iradat tea,
ari beubeunangan nana hade goreng
tergantung kanu ngalampahkeun,
Nu matak ulah rek tudang tuding ka Pangeran, kieu takdir, kitu takdir, lamun kitu, eta sarua bae jeung teu Aliman atawa euweuh kanyaho.
Ti Rukun Iman ka 1 nepi ka nu ka 5
geus diterangkeun ku katerangan na
nu enya kudu :
1.Percaya ka Allah - - - -Pangeran
2.Percaya ka Kitab Allah - - -Piwuruk
3.Percaya Ka Rasul Allah - - Panutan
4.Percaya ka Malaikat Allah - -Saksi
5.Percaya ka Takdir - - Wali
tapi kudu jeung prakna:
tekadna, lampahna jeung ucapna.
Ulah omong wungkul,
ari omongan mah ngan semet lawong,
ari anu jadi dangdanan mah
"migawena parentah" tea,
Pangeran nu ditujuna.
Kitab eta katerangan,
Rasul anu masihannana,
Malaikat nu nyaksian,
Takdir pikeun ngadayakeun kumaha tekadna mahluk,
nyungsi ka Rukun ka 6 . . . . . . .?
Ari pangna di Dunya kudu Iman teh
nya-eta supaya salamet
dina enggon-enggoning hirup kumbuh
jeung pada kawula,
Drigamana pikeun kasalametan
jeung makmurna nagara,
Agamana bisa ngalampahkeun parentah Nabina, manut tumut ka Allah jeung ka Rasulna, persadiaan pikeun Rukun Iman nu ka 6 :
Percaya kana poe kiamat
Hirup katungkul ku pati,
Jeung dunya keuna ku rusak,
Badan ge nyakitu keneh,
Aya panganggeusan nana,
Sanajan sarebu betah,
Di dunya moal rek matuh,
Ngumbara masti balikna
Paribasa saur sepuh :
"sing bisa mulangkeun deui asal maneh
kana geusanna maneh ngajadi",
hartina eta kieu :
"Badan nu asal ti Rachmating Allah,
nu dilantaranan ku indung-bapa
eta kudu bisa balik ka asalna deui --
ka Rachmatulah deui"
jeung sing inget ka indung-bapa ,
eta nomer hiji kudu dihormati ku urang,
karena sanajan urang
boga rasa pinter, sugih, luhur pamanggih oge,
eta asal lahir ti anjeunna,
nu matak lamun urang poho kadinya,
sarua bae jeung euweuh kanyaho !
"Tangan - Pangawasa balik na
nya kudu ka asalna deui --
ka Rachmatulah".
"Rasa (nu jadi ibarat kitab piwuruk)
balikna nya kudu ka asalna deui,
Rasululah".
Ari u r a n g n a?
nu diwarah ti barang gubrag ka Dunya
nepi ka rek balikna deui
geus bisa jeung boga naon ?
jeung kamana rek balik teh ?
dimana pangabelah ?
naha betah di pangumbaran ?
naha hayang bailk bae ?
ari Rarasaan urang teh
ibarat karahana safa'at ti Rasululah
nu tumempel dina Hakeki urang ,
kakara ngarasa karahana oge
urang geuning geus boga kanyaho,
pikeun ngarasakeun rasa sorangan jeung batur , sare'atna beda-beda,
hakekatna mah sarua bae,
ma'rifatna mah kumaha
tekad, lampah jeung ucapna.
Numatak turutkeun parentah Sara ,
sarta sing nepi ka ngahartina,
kudu kumaha ceuk piwuruk Nabi
pikeun peradatan manusa teh,
tina bisa maca kitabna ,
tuluy ngaharti basana,
tina ngarti tuluy Hak bisa ngarasakeun
rasa batur jeung urang,
sanggeus kitu mah
Tarekahna nya migawe kaumuman
pikeun jalan nu bener
dina parentah Agama
jeung Drigamana,
Ma'rifatna sanggeus migawe.
Numatak palebah dieu mah
Mun urang guru ka maung (mamaungeun)
p e r a s a a n urang oge geus aya di maung !
Mun urang guru ka siluman , nya di siluman !
Mun urang guru ka bagong, nya di bagong !
jeung sabangsana bae.
Diajar -- Bisa -- Jadi !
Ana kitu mah atuh salah,
da eta mah kabeh oge teu pantes
kana sah-adatna kamanusaan !
Geuning ari ceuk samistina mah
aya kecap kieu :
Nu asal ti Allah
balikna nya ka Allah deui !
(Inna lilahi wa Inna Lilahi Rojiun).
Tapi ari rarasaan urang rek kamana ?
Rek milu dikubur ? ---
Naha moal eungap ?
Rek kanu suwung ? ---
Naha rek nitis deui ?
Rek kana cahaya ? ---
Naha rek nyurup ?
Rek kana Robani ? ---
Jadi tatangkalan ?
Rek kana Hewani ? ---
Rek jadi sasatoan ?
Rek betah di Dunya?--
Naha aya taksiran ?
Naha lain hayang panggih
jeung Rasa Sampurna panggonan Rasululah ?
Atuh geura
tekadkeun , lampahkeun jeung ucapkeun,
kudu kumaha tandana nu Iman teh ?
ulah ngan semet omong,
ulah sirik pidik,
ulah upat simutan,
kudu gede tinimbangan,
daek ngomekeun nu salah,
bisa ngarasakeun,
cindekna mah kudu manut tumut
ka nu jadi panutan,
nya M u h a m m a d Rasululah !
Sagala lampah teh
kudu dipikir sing asak heula,
sangkan ulah kaduhung akhirna ,
da ari geus kajadian mah
susah pimalikeunnana.
Jeungna deui keur waktu urang di dunya
kudu milampah pagawean nu bener,
ulah jadi omong batur nu teu pantes,
tata, titi, surti jeung ati-ati,
da sanajan bisa ngapak mega,
nyebutkeun geus panggih jeung Allah ,
tapi mun nirca dina lampah jeung ucapna ,
eta mah geus lain-lainna deui,
susah turutanneunnana.
Ari nu kudu diturut,
euweuh deui kajaba parentah Rasul,
lahirna ti Para Nabi,
Wali anu marilampah,
Kitab jadi angger-angger,
panegerna rasa urang waktu dina alam rame, sagala aya tandingna,
kapan tadi geus ditulis,
ditulis di Lohmahfudna,
nu kieu jadina kieu,
nu kitu jadina kitu,
aksara mah enggeus aya,
ngan nulis urang pandeuri,
naha nurut naha henteu kana garis anu lempeng, ibarat aksara alif,
teu diruah teu diraeh,
estu jujur kumawula,
narima taya kabisa,
pangaboga sumawonna,
henteu daya teu upaya,
ngan ulah rek salah nyembah,
paribasa saur sepuh :
"Guru -- Ratu -- Wong tua karo"
Guru teh nya nu masihan pituduh.
Ratu teh nya sembaheun jeung Pangengeran.
Wong tua karo, nya-eta indung jeung bapa.
Nu matak eta kudu diturut parentahna
sangkan salamet pikeun saumumna di lahir,
jeung umum dina parentahan Drigama.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar