Rabu, 15 Desember 2021

katunggalan. NAON NU ASAL TI ALLAH ? JEUNG KUMAHA URANG BISANA. BALIK KA ALLAH ?

Nu disebut  teh 
nya-eta geusan tunggalna 
atawa ngahijina kawulaning Gusti 
(mahluk nu bisa ngalampahan Ta'udz 
jeung enya nyebutna Bismilahirohmanirohim), 

nyungsi bibit ngajadi , 
ngudag mulang ka babaran asal, 
nyumponan kana dalil : 
Inna Lilahi Wa Inna Lilahi Rojiun; 
hartina asal ti Allah balik ka Allah ? 
NAON NU ASAL TI ALLAH ? 
JEUNG KUMAHA URANG BISANA 
BALIK KA ALLAH ? 
da urang samemeh gelar ka Alam Lakhir 
teu aya ingetan nanaon ?

Ingetan mah eta parabot anggahota, 
sanggeusna urang aya di Alam Lahir, 
tegesna alam geus jadi, tina geus jadina urang nyukcruk kana puhu, 
nyungsi kana wiwincikan bibitna kawit, 
ngudag sagaraning asal, 
nyugri diri, 
nyuay badan, 
misah-misah supaya ulah pahili, 
merwinci wiwincikannana, 
barang anyar dipisah-pisahkeun jeung 
barang nu langgeng, 

tegesna mana nu keuna ku ruksak 
jeung mana nu teu keuna ku ruksak, 
eta dipake tahapan urang pakeun muru 
ka alam kalanggengan, 
tegesna ana nyungsi kalanggengan 
nu di aji kudu anu sipat langgeng.

SAHA NU SIPAT LANGGENG TEH? 
JEUNG NAON ALAM KALANGGENGAN TEH ? 

Dina sipat 20 diterangkeun 
yen anu sipat langgeng teh anging Allah 
sabab Anjeunna ngagaduhan sipat baqo. 
Ari ka-langgengan mah 
alam urang nu bisa balik ka awit, 
mulang ka asal tea , 
tegesna ka-langgengan teh 
anu aya dina sipat langgeng.

NAHA KALANGGENGAN  
TEU MEUNANG DIPAPANDEKEUN 
JEUNG ALAM AYEUNA ? 

Teu bisa. 
Lantaran alam ayeuna mah (lahir) 
aya keneh dina alam papasangan, 
sagala aya bandingna, 
goreng lalawanan hade, 
enya lalawanan bohong, 
jeung sabangsana, 
kapan tadi oge bukti 
loba nu Ta'udz Bismillah, 
tapi lampah owah-owah, 
owah tinu diucapkeun, 
abong-abong JAS-mani asal ti indung bapa, 
napsu nu jadi lantaran, 
ROH-mani jeung ROHIM (kawelas jeung kaasih) nu ti Gusti geus meh kaluli-luli, 
buktina carang nu merduli, 
ngan wungkul jasmani nu digugulung, 
marukana nu mulia teh JAS-na, 
padahal nu mulya mah tetep sipatna Gusti, 
bukti nu masihan pitulung 
kana sagala patekadan mahluk, 
tapi mahluk nu katotolojoh 
nu diaji beurang peuting 
estu ngan ruruba wungkul sipating ka jasmanian nya tuluyna ngaji nu beureum, nu koneng, bodas sumawonna hideung, 
katerangna nyacas bukti 
ngawujud suwung tina sipating ka Allahan.

Buktina teu euweuheun 
loba anu mangeran kana suwung, 
cahaya jeung sipating dunya 
dianggap saperti kana sipating Gusti, 
palebah dieu estu tetela nu sok kitu mah 
sidik acan nyahona teh kana sipating Pangeran 
nu diterangkeun tadi di luhur, atawa 
kana kecap "Bismillahirohmanirohim" tea.

Buktina loba nu nyebut Allah kana napas, nyipatkeun Salbiah kana panon, 
Ma'ani di ka ceulikeun, 
Ma'nawiah-na di ka sungutkeun. 

Har atuh nu kitu mah barang teu langgeng 
nya-eta nu keuna ku ruksak tea, 
samistina kudu teangan 
nu disebut roh-mani jeung rohim.

Katerangan ieu di handap 
saeutik rek diterangkeun 
yen Bismillahi teh hartina 
(kalawan Asmana Pangeran), 
ari Pangeran teh ku urang Arab disebutna "Allah" , ari Allah teh nya-eta j
enengannana Wujud nu Maha Suci, 
sarta eta Wujud nu Maha Suci teh 
nu ngagaduhan sipat nu teu beunang dipapandekeun jeung sipating dunya, 
saperti anu bisa kapanggih 
ku pancadria mahlukna, 
anu matak disebutna oge Wujud nu Maha Suci teh Laesakamislihi, 
nya-eta ku teu beunang-beunangna dipapandekeun tea, 
buktina kasaksi ku sipat Kidam 
hartina Wujud nu Maha Suci teh ayana tiheula, 

Baqo, 
hartina langgeng teu keuna ku ruksak 

Muhalapatullihawadisi, 
hartina dat jeung sipatna beda jeung mahlukna, 

Kiamuhutaalabinapsihi, 
hartina lain meunang ngadegkeun mahluk, 

Wahdaniat, 
tunggalna ngaran Allah mah 
anging jeung Wujud nu Maha Suci.

Nu matak 
ulah sok nyebut Allah kana Suwung, 
da Allah mah aya. 

Ulah nyebutkeun sipat Allah 
kana beureum, koneng, bodas, hideung, 
da eta mah sipat dunya, 

ari geus ngawujud dunya ngaranna oge 
kudu lumbrah dipake di dunya bae , 
saperti loba nu nyebut (ngangaranan) Allah 
kana barang nu alanyar 
sarta sok keuna ku ruksak 

tetep kudu nyebut Allah mah 
anging kudu ka nu Kawasa, 
nu Kersa, 
nu Uninga, 
nu Hirup, 
nu Ngarungu, 
nu Ningali jeung 
nu Ngandika, 

sacara nu disebut dina sipat Ma'nawiah, 
pangna Allah disebut 
nu Kawasa, 
nu Kersa, 
nu Uninga, 
nu Hirup, 
nu Ngarungu, 
nu Ningali, 
nu Ngandika, 

kulantaran geus sidik atawa Af'al, 
pangawasana geus Murba ka sakabeh alam 
jeung jaman katut nu ngajamannanana, 
tegesna 
sakabeh pangawasa 
sakabeh dat nu gumelar di lahir , 
saperti : 
hiliwirna angin, 
panasna seuneu, 
tiisna cai, 
tetepna bumi, 

estu eta teh Kudrat ti Pangeran, 
eta hawa-hawa teh 
estu kalawan jeung Iradat Pangeran. 
Ilmuna tara salah deui 
ngabagina tara sulaya kana pitempateunnana, 
ari tempatna nya-eta sakabeh sipat dunya 
nu alanyar (Jasmani) tea .

Nya kitu deui 
Hayat, 
Sama, 
Basar, 
Kalamna 

Pangeran teh geus 
ngahirupkeun, 
ngadengekeun, 
ningalikeun jeung 
ngucapkeun 
patekadannana nu jadi mahluk. 

Kulantaran eta tina ayana Af'al Pangeran 
pantes sakabeh anu geus rumasa usik malik jasmanina nganggo rohman-rohim Pangeran 
pada ngucapkeun "Bismillahirohmanirohim", hartina pada nyebut Asmana Pangeran 
anu sipatna Welas jeung Asih, 

karana tadi di luhur geus dicaritakeun 
lain bae hiji mahluk anu diusik-malikkeun teh 
tapi sakabeh kaayaan anu gumelar 
sarta make sipatna dunya eta kabeh 
make sipatna dunya eta kabeh tangtu 
kapurba ku sipat roman rohimna Pangeran bae.

Contona : 
Moal aya ngaran seuneu lamun euweuh panas, moal aya angin lamun euweuh hiliwirna, 
moal aya cai lamun euweuh tiisna, sasat 
moal aya buni lamun euweuh tetepna.

Nya kitu deui dunya gede 
saperti 
panon poe nu disebut central-na panas, 
lautan central-na cai, nu tiisna jadi ijs (es) , 
ibarat aasna bumi , bumi nu jadi central-na tetep 
angin nu ngabagikeun hawa 
nu pinuh ku pangawasana dunya (magneet), 
sarta ngabagi-bagi sari-sarina dunya, 
nu amis asuk kanu amis, 
haseum kanu haseum deui , 
nya kitu deui jadi lantaran 
ngasalkeun kaayaan dunya 
ti baheula nepi ka ayeuna nguriling 
teu aya eureuna, 
ngocor teu aya kendatna, 
disarengan ku sipat rokhman jeung rokhimna Pangeran bae. 

Jadi ayeuna geus bukti 
ibarat sipat dunya kapanjingan sipat Gusti ,
lir upama 
cahaya beureum eta sipat dunya, 
kapanjingan sipat panas, 
sipat manjing kana sipat, 
tuluyna ngajadi dat anyar, 
eta dat tuluy dingaranan seuneu, 
jadi ayeuna kaharti yen seuneu mah 
teu pantes mun disebut Allah , 
sabab tetela seuneu mah datna anyar, 

nya kitu deui koneng kapanjingan hiliwir, 
angin pingaraneunnana . 

bodas kapanjingan tiis, 
cai pingaraneunnana , 

nya kitu deui hideung kapanjingan tetep, 
nya bumi bae ngaranna, 

kulantaran eta sakabeh dat nu anyar mah 
estu ngan wungkul sipat nu kapanjingan sipat 
teu pantes di pi-Allah na.

Katerangan nu sakitu saeutikna di luhur 
sugan bisa netepkeun yen 
Wujud mu Maha Suci teh 
estu pangawasana oge geus murba 
kana kaayaan alam jeung nu ngajamanannana, 

jadi pikeun mahluk mah 
tetep moal bisa panggih atawa 
bisa mapandekeun kana wujud nu alanyar, tegesna kana sakabeh dat 
nu asal tina sipat manjing sipat.

Contona: 
Saperti urang nu di jero imah 
anu tangtu mohal nyaho kana wujudna imah , 
ari sababna, 
lantaran urang kapurba ku imah , 
ngan urang lamun hayang percaya sarta yakin 
yen eukeur kapurba (kakurung) ku wujud imah kudu bisa ngabedakeun sipat imah jeung 
kaayaan parabotna.

Nya kitu deui 
urang kapurba ku Wujud Nu Maha Suci , 
teu beda waktu urang ka purba ku imah tea, lantaran eta geura perlukeun atuh 

kanyahokeun mana anu disebut sipat dunya, sababna nyaeta bisi suwung 
nu disebut Wujud nu Maha Suci, 

Bereum, Koneng, Bodas, Hideung 
disebut sipatna nu Maha Suci, 

Jasmani disebut Af'alna Gusti, 
ingsun hayang diasmaan Allah.

Ari kuduna meujeuhna bae nyebut 
Wujud nu Maha Suci teh 
kanu ngagaduhan sipat rohman rohim , 
Af'alna sidik 
nyebutkeun ayana Allah teh kanu akbar, 
sarta nu Wujud ayana , 
sarta nu mohal suwungna, 
Asmana mah kumaha dinya, 
rek nyebut Allah, God, Pangeran, Thian, 
jeung sajaba ti eta nurutkeun basana bae 
sewang-sewangan.

Naon sababna 
pangna urang kudu ngabedakeun 
ayana Rohmannirohim , 
jeung ayana Jasmani , 

ari sababna mah 
teu aya liyan supaya urang bisa ngabogaan tekad Mangeran ka Allah sarta manut ka Rasullulah , 

niru kana sipat welas jeung asih, 
ngajauhan tina nafsu 
nu beureum, koneng, bodas jeung hideung, tegesna ngajauhan tina napsu ka-Jasmanian, 
da Jasmani mah keuna ku ruksak, 
da resepna betah di lahir 
kumawula ka Nur Cahya nu katelah Anwar tea , terahing Ijajil nu dilaknat ku Allah, 
nu matak ayeuna bukti 
nu Mangeran ka Ijajil atawa Dajal tea 
tegesna nu sok keuna ku ajal, 
salawasna nyipatkeun ka sipat 
beureum, koneng, bodas, hideung, 
teu ngarasa teu rumasa usik malikna 
make pitulung Gusti, 
tuluyna ujub takabur 
ngakukeun dirina Allah, 
nyuwungkeun nu sipat aya, 
ngaayakeun kanu sipat euweuh.

Buktina loba nu ngaku-ngaku 
rumasa dirina geus Ma'rifat, 
sedeng ngawujudkeun acan, 
merekna geus diaku, 
digawena teu bisaeun.

Sindirna: 
1 jalma pasang merek , 
yen manehna jadi juru tulis, 
tapi nulisna acan bisaeun. 
Nu matak sanajan bisa, cing atuh ulah umaku, ngaku ngagem elmu ma'rifat , 
bisi milepas ngaku Allah 
ka nu bila haefin bila maknin 
(nu teu dat teu sipat, nu teu arah nu teu enggon). 

Kapan Allah mah akbar, 
puguh datna 
puguh sipatna, 
Af'alna reujeung 
Asmana. 

Teu cara Ingsun, 
estu suwung 
( La haola wala quata) 
usik malikna oge kasipatan ku nu aya 
(lila billahi aliyul adim).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar