[23/8 16:09] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
BAB I –
Tujuh Jalan Maot
Ari jalan nu rék maot
aya Tujuh (7) lalampahan,
éta nu tujuh lalampahan
aya panghuluna,
nyaéta:
1. Baham,
nu jadi panghuluna Pangucapan.
Upama urang ngawula kana kahayang ucapan,
teu dipikir saméméh pok,
engké di mana-mana upama nyawa rék balik,
nu jadi lantaranana sok nyeri beuteung
jeung seueul-angen.
Sabab éta omongan urang
nu matak teu ngeunah karasana ku diri batur, jalana kana ceuli/cepil,
cicingna dina ati,
nu geus ngarasa kateungeunah ti urang téa.
Tah nu sarupa kitu,
di mana-mana maot datang ka urang.
[23/8 16:10] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
2. Ceuli,
nu jadi panghuluna Pangdangu.
Upama urang ngawula kana pangdangu,
sagala omongan digugu.
Tara kalawan dipikir heula,
boh nu goréng boh nu hadé,
teu terang salah benerna.
Éta nu jadi lantaran maot,
panyakitna ngarasa panas.
Sabab éta dédéngéan urang
upama nampa omongan ti batur
sok dilangsungkeun kana ati.
[23/8 16:10] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
3. Irung,
nujadi panghluna Pangangseu.
Upama urang ngawula kana pangangseu,
naon sagala nu diangseu
teu ngahiji jeung angin
nu ka luar ka jero.
Engké di mana waktuna maot
nu jadi lantaran panyakitna
ngarasa leuleus,
lesu,
teu nangan, atawa
saperti anu mengi (asma).
[23/8 16:11] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
4 . Panon,
nu jadi panghuluna Paningal.
Upama urang ngawula kana paninggal,
teu sagawé jeung caangna,
di mana engké rék maot
sok lila molototna.
Sabab beubeunangan paninggal urang
léosna kana angen-angen atawa
panglamunan.
Naon baé nu geus katinggal
tur dipikabogoh saméméhna kapimilik,
éta panon sok nyileuk baé.
Najan tipeuting sok lila peureum,
atawa hésé saré.
[23/8 16:11] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
5. Rasa,
nu jadi panghuluna Sakijur Awak.
Upama urang ngawula kana pangrasa
nu aya di sakujur awak,
tur nu dikawulaan téh
sabangsaning pakarepan dunya wungkul,
teu pati ngarasakeun kana jalan batin.
Éta upama rék maot panyakitna
sok ngarasa eungap tur beurat,
sabab beurat narik rsa-rasa
nu geus tumiba kana pancaindera téa.
[23/8 16:12] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
6. Pikir,
nu jadi panghuluna Pikiran.
Upama urang ngawula kana pikiran,
nyaéta paranti ngumpulkeun pikiran,
di dinya mah masing ati-ati,
sabab untung-rugi di palebah dinya waktuna. Untung upama nampa “diploma Islam”,
cilaka upama nampa nu lian
nu jauh jeung cita-cita.
Sabab Iman téh hiji pakakas
anu kacida pentingna
ti sakabeh jinis sipat.
[23/8 16:12] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
7. Jinis.
Lamun urang hayang kabawa ku nu katujuh ieu, nyaeta Pupuhuna ti anu genep téa,
poma dina sagala tingkah
ulah muhit kana salah sahiji jinis.
Kabéh sakur anu HAK mah
mungguh dina agama Islam
éta anu kudu dikawulaan paréntahna,
sarta kudu make angger-angger
atawa patokan dina hiji-hijina lalampahan.
Sabab anu jadi panghuluna
teu napel atawa ngait ka ditu ka dieu;
estu merdéka.
[23/8 16:13] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Jadi lamun urang dikersakeun
aya milik nepi ka meunang nugraha
pakeun ngiring ka dunungan
anu kagungan HAK,
nyepeng ka-ISLAM-an,
éta geus lain darajat deui,
péndékna sabéhditueun jalanna Rahmat jeung Iman Tauhid Ma’rifat Islam.
Tah kitu jalan-jalanna nu rék maot téh;
mana baé nu dipuhit di antara anu tujuh,
éta moal salah deui
tangtu éta nu bakal mawa ka urang,
lantaran dunya geus nyobat sarta wanoh,
tur geus dipikaresep ku urang.
Sabab Allah swt.
Nu Kagungan sipat Wahdiyah.
Éta sipat anu pasti tur tetep tara obah.
Samangsa-mangsa hiji lain dua,
dua lain hiji,
beureum lain hideung,
hideung lain beureum,
maot lain hirup,
hirup lain maot,
kitu saterusna.
Lamun urang hoyong terang
kana kapastian hukum.
[23/8 16:13] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Perkara nu rék maot
kateranganana kieu:
Dzat Daging/Getih,
Éta kabéh ngumpul kana dasar Udel.
Sanggeus ngumpul di dinya,
datang nu ngumpulkeun PANGRASA
jeung PIKIRAN,
nya ngahijji dina UTEUK,
nyaéta di alam WAHDAH.
Ti dinya turun kana MANAH,
éta sok aya ciri
urat beuheung sok tarik waktu turunna.
Sanggeus ngahiji tuluy ROH JASMANI diangkat, keur waktu diangkat sok aya ciri
kawas anu kabeureuyan.
Sanggeus kitu ngalih deui kana PEUJIT,
ROH RABANI diangkat.
Ti dinya ngalih deui kana BAYAH,
ROH HEWANI diangkat.
Cirina, keur waktu diangkat roh hewani
sing awas ninggalina,
sok bijil késang tina irung
jeung sok muriding cepilna.
Ti dinya teu lila deui terus kana JAJANTUNG,
ROH NURONI diangkat.
Cirina, pangambungna sok rada bingkeng.
Ti dinya terus ngalih kana ATI,
ROH IDOPI diangkat.
Cirina, panon rada ngelok.
Ti dinya ngalih deui kana UTEUK,
ROH NABATI diangkat,
ieu mah teu aya cirina,
kawas geus teu pati nyeri,
margi geus caket kana icalna.
Ti dinya gancang turun kana ELAK-ELAKAN,
ROH KUDUS nu katujuhna.
Cirina, cobi cabak dina tenggekna,
upama tos teu aya nu ngembut,
éta téh geus sampurna.
Iman Islamna geus ngahiji
nu diangkat jeung nu ngangkat geus ngahiji.
[23/8 16:15] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Ari éta nu geus maot
sok aya cicirén saré’atna
ka nu mawana:
1. Lamun mayit semu HIDEUNG:
éta jalma nu ngawula ka PANGUCAP
2.Lamun mayit semu BEUREUM:
éta nu ngawula kana PANGDANGU.
3. Lamun mayit semu KONÉNG:
éta nu ngawula kana PANINGAL
4 .Lamun mayit semu BODAS:
éta nu ngawula kana PANGANGSEU
5 .Lamun cahayana semu GADING:
éta mah anu geus BAGJA téa,
muhit kana ka-ISLAM-an.
[23/8 16:17] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Mimita alam na nu sina leungit,
nyaréat dina kurungan.
Éta mayit ‘ngaleutikan’,
mimiti aya alam “Insan Kamil’,
saréatna leungit antara tuurna.
Geus leungit sahiji alam,
nyurup kana alam ‘Misal’.
Éta ogé surup deui,
leungit deui semet biritna.
Alam Misal surup deui kana alam “Ajsam”.
Alam Ajsam surup deui kana alam ‘Arwah’. Kurungan nungtutan leungit.
Kantun sirah nu masih aya.
Alam Arwah surup deui kana alam ‘Wahidiyah’,
les teu aya sirah.
Di dinya geus euweuh rupa.
Ngahiji di palebah udel.
Dina alam Wahidiyah ngan tinggal
kawas ‘cimani’.
Ti dinya surup deui kana alam ‘Wahdah’,
kumpul deui kana jero sirah.
Ti dinya mah tuluy leungit ,
ngan kantun cahaya pabeulit,
hideung,
beureum,
konéng,
bodas
lir ibarat katumbiri.
Geus kitu éta cahaya tuluy nyurup deui:
Nu hideung ka nu beureum,
nu beureum ka nu konéng,
nu konéng ka nu bodas,
nu bodas ka nu TUNGGAL,
nyaéta jadi hiji CAHAYA NU SAMPURNA,
hibar jeung CAHAYA TANDING.
Iman Islamna geus ngahiji.
[23/8 16:17] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Ti dinya mah kumaha kersa,
lamun tetep di kuburan, ‘karamat’ ngaranna. Lamun euweuh di kuburan
ngalih kana amal tadi nyaéta ka ‘Tanah Mekah’. Lantaran asal ti dinya
waktu ngadeg bumi-langit katut eusina kabéh, ngaranna Ma’unah.
Ari éta nu sok aya ‘susurupanana’
MU’JIZAT ngaranna,
sabab sami ngantos bumi-langit
katut jeung sakabéh alam.
Ari nu sok ‘ngaririwaan’,
éta mah ruh/nyawa
nu néangan jalan pibalikeun,
tuluy ngalayang upruk-aprak ka mana menerna. Karesepna di nu suni, di nu bala.
Ana manggih nu ngaliwat
tuluy éta sukma atawa nyawa
gancang nyampeurkeun,
maksudna hayang dituduhkeun jalan
pakeun balik.
Ngan kusabab geus béda alam,
nanyakeunana sok ku isyarah.
Kitu deui sok aya nu nyurup
kana jasad sato héwan,
ma’lum nu linglung teu nyaho pijalaneun.
Ayeuna cobi manahan
kapan urang jeung sakumna kaayaan
asal tina ‘Nur Muhammad’
ayeuna sing bisa balik kana ‘Nur Nu Asal’.
Alam ogé tangtu kitu teu béda jeung diri urang. Sababna tadi sabakal papada
tina ‘Nur Muhammad'.
[23/8 16:18] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Ari éta nu sok nyiksa,
urang ulah kagét.
Lantaran Allah swt.
kawasa kabina-bina,
bakal nibankeun hukum nu pasti,
tara géséh ti gawéna.
Margi aya dawuhanana dina Al Qur’an
anu unggelna kieu:
“Lamun anjeun migawé hiji rupa pagawéan,
boh nu hadé boh nu goréng,
sanajan sarua jeung sireum,
tangtu éta pagawéan anjeun aya wawalesna. Moal géséh ti nu keur diparigawé ku aranjeun. Kapan Kami téh sipatna Wahdaniyah
nyaéta pasti,
tara gerak,
tara robah.
Atuh lamun robah mah lain hukum Kami,
tapi hukum nu dijalankeun ku umat Kami”
(QS 99:7-8).
[23/8 16:18] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Ayeuna ku urang tiasa diemutkeun
kantenan pisan.
Upami robah-robah tangtu lain pasti,
lalamunan atawa coba-coba.
Allah swt. lain kitu!
Upami nyebat HIJI lain DUA
kitu deui sabalikna.
Tah kitu hukum Yang Agung
kantun urangna ngémut-ngémut,
“di dunya geus melak naon?”
Pibekeleun keur balik, boh bisi leuleus di jalan. Naon kabeuki geura prak ti ayeuna.
Geura melak kana peujit pakir-miskin.
Lantaran éta tampatna pepelakan keur batin. Urus, piara sing hadé,
tur teu matak ngarugikeun kana kadaharan
keur urang, ieu mah ngan sésémpéran
tinimbang jeung mubadir,
teu ka ditu teu ka dieu
menggah katuangan gaplah,
ulah diantep haraseum,
anggur pelakkeun deui ka fakir jeung ka miskin, engké tangtu bakal kasampeur jeung ka ala di alam batin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar