Selasa, 07 Desember 2021

1. Patekadan Lemah Abang:

[24/9 12:42] aji rasha: 

1. Patekadan Lemah Abang:


 assalamualaikum, wr wb

BUBUKA

Ieu dadaran urang buka  
ku ngundangan sabagian alit  
seratan  Haji Hasan Mustapa 

PANGKUR-

PANGKURANG-KURANGNA RASA

Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.

Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui


II
        
WAHDAT AL WUJUD
(MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA  GUSTI)

Wahdatul Wujud di Indonesiakeun 
jadi kesatuan eksistensial.
Di jawa mah dijelaskeun ku kecap 
manunggaling kawula gusti, 
tapi di sunda kampung mah istilahna teh 
(leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun 
kana hasil) nyaeta: 
Gulung na abdi jeung gusti 
nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna keur di sunda mah, 
ieu penjelasan wahdatul wujud kukecap 
manunggaling kawula gusti  -
nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh 
‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna 
ahlak jelema dina 
tohid (tauhid).

Manunggaling kaula (abdi) gusti –
mimitina kudu aya dua (alam midua) 
nyatana aya abdi  aya gusti.

Jadina teh... 

Alus gusti sabab abdina alus, 
goreng gusti sabab abdina ge goreng. 

Alus abdi sabab gustina alus, 
goreng abdi sabab goreng gustina.

Pan cenah ge 
kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. 
Lahut ngaridoan mere 
hidayah berkah jeung rohmat 
sabab nasutna aslamtu.  
Lahut kejem ngantep ngahukuman 
sabab nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge loba kapanggih 
abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina. 
Loba nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina. 


Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. 
Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak 
sabobot sapihanean.

Kudu daek jadi abdi meh 
loba gusti keur maneh,... 
tong embung jadi gusti 
ngeunah jadi lawang kahadean 
lamun loba abdi nu butuheun..

Pek pambrih pek nuhun lamun perlu; 
Pek bere pek  cekel lamun boga  
(tingal dongeng  Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI, 

TONG NGAKU gusti 
bisi keur teu kaseundeuhan 
(kawas nu ngaku turunan menak 
(lain menak)...
ari hirup walurat) ...
nu cilaka diera-era mah maneh.... 

TONG NGAKU ngaku abdi 
agul boga gusti.... 
bisi keur teu diaku 
(pamenta keur teu dikabul)...
nu era belehem mah maneh...
dinaha-naha.

Sing boga tata titi duduga peryoga; 
migawe haphap ngendag-ngendag 
memeh luncat nuturkeun alam batur, 
tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi 
meh seukeut duduga miyuni gagak  
dina nempatkeun kaabdian kagustian. 
Ulah melengkung bekas nyalahan  
sarosopan teu pantes mernahna.

...nu era cilaka mah maneh keneh 
maneh keneh....
da maneh nu  nandangan.
[24/9 13:21] aji rasha: III

Urang buka saeutik lalangsena, .....

Lamun urang ningal dina basa sapopoe. 
Kecap " abdi " 
dipake  dina alam tata alam semu, 
pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun 
(jauh-anggang ti)  
pihak ka dua nu 
dianggap ‘gusti’ na. 
Gawe kitu sabab: 

Pihak ka hiji 
ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh 
ngarepkeun /boga pamrih  
‘kagustian’ bijil ti 
pihak ka dua. 

Ari kagustian nyatana 
gambaran /’manifestasi’/
perwujudan Asmaul Husna 
nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun 
pamenta, 
berehan, 
nganteur kahayang, 
tempat nyalindung, 
tempat kanyaho,...
jeung rea keneh......  

Ari kaabdian 
kudu sabar, 
kudu daek menta, 
teu guminter, 
kudu tawakal 
(nyanggakeun kumaha gusti),..
tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya. 
Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang...
nyembah ka hyang... 
da rumasa jadi abdi. 
Migawe sabab geus kuduna kitu/ 
sabab sieun/
sabab era/
sabab asa katitah ku gusti 
nu salilana moncongok bae.

Ari ka abdian 
kudu handap asor, 
nyarita kudu lemes,  jrrd..

Ari ka gustian 
cenah kudu 
balabah, 
berehan, 
murah congcot 
hambur bacot, jrrd. 

Lamun manggih abdi 
teu boga adeuh 
sok tara dekeut jeung gusti. 

Mun gusti kored keked 
moal loba aya abdi nu deukeut jst... 

(Undak usuk basa 
lemes kasar nu lengkep 
pakeun mernahkeun maneh dina 
‘komunikasi’ 
ku, misalna, 
basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/
nyaluyukeun jeung alam nu diajak komunikasi 
di sunda sabenerna cara maju-  

Nu  parerceka tarapis 
dina ngolah nempatkeun 
budi basa rasa rumasa... 
loba meunangna. ..

lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...
sok kaluar ti manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana... 

Meureun resep 
meureun ngeunah 
meureun betah 
loba nu mere maweh 
disebut jelema bageur 
pikanyaaheun batur.... 

tah 
kagustian batur bijil keur maneh 
ari maneh bisa jadi abdi. 

Kitu oge sabalikna....

Tong nolak 
mun aya abdi sumolondo... 
sabab karek mun aya abdi.... 
ka gustian bijil ti maneh...
tungtungna pada ngamulya-mulya 
kunu ngarasa kahutangan 
kunu ngarasa meunang kahadean 
ti kagustian maneh.

Ka handap asoran...  
oge dipake ‘nguji’ 
kawas haphap...
ieu jelema nu disangharepan 
jalma perceka nu kawaris sifat kagustian 
atawa henteu?...
sabab 
di handap asoran teh 
aya ge nu jadi mancangah...
cirining..
jelema  teu baleg 
teu kawaris kagustian.. 

..beuki handap urang..
lamun itu (batur) 
teu bisa ngahandapan...
cirining rek robah laku.... 

itu eleh duduga 
urang jadi gustina 
itu nu nga abdi-abdi..

pek bae cobaan mun cacarita 
jeung menak...teu percaya mah. 
(menak ayeuna mah leuwih 
dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’ 
luhung elmuna  
‘wise’  jembar panalar  
‘leader’ lulugu/ 
kokolot /
pananyaan 
panannggeuhan umat- 
nu boga gelar raden ayeuna mah 
saukur nu pastina turunan menak-
jadi henteuna menak mah 
wallahu alam) 

Tapi,  
Mun teu bisa teu tapis .... 
loba menak (gusti) 
kaperdaya 
ku pamuji abdi (feodal) 

jadi mere tapi awuntah ...
loba somah (abdi) 
heurin ku letah 
teu wasa 
sieun teu nyaho basa...
saukur bisa kumaha anu dibendo 
(nu jadi gustina).

Dasar hirup di alam pamrihan....
nu dipamrih kasalametan kahadean. 
Matak kudu tapis mernahkeun maneh.


IV

Pek pecakan 
ka Rabb Gusti nu murbeng alam...
Sarua.....

Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh 
ngarepkeun ka gustian 
ti nu dipenta, 
pan 
dipapatahan ku Qur’an: 

Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah 
tarik teuing ulah 
laun teuing ulah..
pan cenah ngadu’a teh 
kudu sineger tengah sorana 
ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek 
menta ngadu’a ..
ulah api lain..
pan cenah Rabb teh 
teu resepeun ka 
(abdi) nu tara ngadu’a/menta; 

Kudu narima 
dina kalaipan/
dina katunaan/
dina kakurangan/
dina kasalahan  
(pek tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb).  ... 
eta teh 
ameh bijil gustina  
sabab 
nu datang abdina 
nu  boga rasa rumasa. 

Ari ka gusti 
kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae  
pan cenah ceuk qur’an 
“menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat” 
(kajeun can dibere kudu tetep menta) 
da wayahna jadi abdi 
nunggu-nunggu 
di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah 
kudu jejem yakin 
arek dikabul pamenta.   ...
Lamun henteu? 
kumaha deui? 
rek menta deui ka salian ti gusti?.... 
euweuh...euweuh 
deui nu bisa iwal ti gusti...
pan maneh mah 
abdi.


Tah..
hirup di alam pamrihan... 
nu dipamrih 
kasalametan 
kahadean.  
Matak kudu tapis mernahkeun maneh.
[24/9 14:25] aji rasha: V

KUMAHA SUPAYA  GULUNG ?

Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah 
alam anggang...
sadeukeutna ge 
ka gusti...
para abdi mah 
teu bisa deukeut 
sabab 
beda pangkat 
beda kabiasaanana. 
Tara gusti satata jeung abdi..
sabab 
lamun satata leungit kagustianana. 

Hayang deukeut mah nya 
gusti jeung gusti deui....
abdi jeung abdi deui.  
ngan 
lamun abdi-jeung abdi, 
gusti jeung gusti. 
Leungit kagustian 
leungit ka abdian...
pan basa nage jeung sasama mah 
pa dewek-dewek 
pa aing aing. 
Ngan kade 
mun keur aya abdi 
ulah gusti 
padewek dewek 
pa aing aing 
meureun abdi  bisa ngunghak? 
Sabalikna 
mun keur aya gusti 
abdi tong sambewara...
bisi tideuha.. 
naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah 
alam tata alam semu....
tara dicaritakeun sajalantrahna... 
Strategy jeung kaayaan presiden  (gusti) 
tara dijelaskeun kabeh 
ka sakabeh rakyat (abdi).... 
cenah ge 
kapaksa kudu ‘white lie’ 
sabab mun dicaritakeun 
sajalantrahna mah 
bisi kuciwa...
bisi putus asa...
bisi CAN BISA NARIMA..
bisi mancangah .. 

Pan kongas 
dina agama oge...
loba nu disumputkeun ..
saur Gusti teh 
dina qur’an...
”nu nyaho eta  mah ngan saukur kami 
jeung nu dikersakeun ku kami..
maraneh mah para abdi moal..
moal kabeh nyaho 
(nu saenyana) 
aya ge ngan 
saukur nyangka
”....ari nyangka tara pas ka enya...
malah, saur gusti dina qur’an, 
nyangka ngeunaan gusti mah 
pagawean abdi nu ditundung (setan)”. 

Hayang nyaho nu saenyana mah 
kudu pindah ka alam gusti jeung 
alam nu daralit  
(qarib/qurbah) 
sabab 
kapeto kapilih dikersakeun ku gusti. 

VI

Kumaha carana? 

Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. 
Engke nyaho 
kumaha ari gusti sapopoena usik malikna.

Didieu para ulama mere tuduh, 
dumasar  beja ti gusti dina qur’an, 
yen gusti Allah teh 
boga sifat  
20 siki.  

Aya (wujud),
 
mimiti (qidam),
 
langgeng (baqa),
 
nangtung sorangan (qiyamuhu binafsihi - 

tingali “lingga kabuyutan jeung 
sirotol mustaqim/nangtung sorangan”),
 
beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis)

 wahdaniat (gulung). 

Cik atuh lalanyah diajar kawas kitu.... 

Pan saur 
Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... 
“akhlak maneh sing kawas akhlak Allah”

Bisa wanoh  kanu  6 diluhur teh 
kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh).  
Maneh nu nandangan (nu daek nu wani 
nu bisa nu nyaho nu hirupna). 

Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna,
 
Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu bisana,
 
Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, 

nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu nyahona....

atuh kudu sagala ku sorangan di sorangan 
lain euceuk 
lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) 
nu ngucapna tapi teu make sungut.... 

atuh 
diajar nyarita teu ku sungut

Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina 
tapi teu make mata.... 

atuh diajar 
ningali teu kumata

Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge 
tapi teu make ceuli... 

atuh diajar 
ngadenge teu ku ceuli

Teori na mah loba tinggal leukeun daraek diajarna...
diantarana aya nu  boga pamanggih: 

cenah, 
kudu asup tareqat..
tong sareat wae.... 
(kade loba nu ‘kabodokeun’ ku guruna, 
kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung golongan/aliran, 
komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),... 

cenah,  kudu ngaliwatan 
tobat, 
zuhud, 
wara, 
faqir, 
sabar, 
tawakal 
rido 
ikhlas 
(kade ulah lieur ku metoda)... 
cenah pamanggih jelema.

klise lamun dituluy keun. 

Ari ceuk  kami mah: 

Prak teangan 
Ajarna ulama ahli waris nabi 
nu bisa ngajarkeun 
nyarita teu ku sungut, 
ningali teu ku mata, 
ngadenge teu kuceuli, 
hirup teu bari ngarenghap. 
Nungtun 
kawani 
kabisa 
kadaek jeung 
kanyaho 
nu aya 
di sorangan. 

Tah engkena 
tara kaeuweuhan 
da aya  wujud  maujud 
tara neangan nu euweuh, 
langgeng baqa 
da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam)  
memeh awang-awang uwung-uwung, 
nangtung sorangan bi nafsih, 
beda jeung batur-batur  
nu anyar nu pandeuri 
(mukhalafah lil hawadis). 
Gulung gumulung...
sagulung sagalang...
meureun teu kudu kararagok..
da jeung sobat dalit. 
Sabab geus  
sakabeuki 
sakanyaho 
sakadaek 
sakabisa 
sakawani. 

Tah engkena nu disebutkeun 
ku teori-teori katasawufan jadi sorangan.
[24/9 14:46] aji rasha: VII

Gulung dina Patekadan Lemah Abang

Lamun geus geus loma/dalit, 
euweuh gusti euweuh abdi 
babar sapisan jadi sobat 
(wali). 

Tapi, 
dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku modal islam 
(aslamtu sumerah) 
nepikeun ka jiwa ragana 
teu ngaboga boga 
nepikeun ka teu ku maneh maneh acan 
(da teu daya teu upaya). 

Ayeuna lamun 
ka-maneh-an geus aya deui, 
tuluy bareng jeung batur batur,  
tuluy nyarita  meletus bijil ti sungut,  
make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah) 
nyaritana ge teu make sungut? 
ari ieu bijil ti sungut), 
ceuk batur nu ningali mah 
maneh teh keur fana (rusak). 
Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun 
alam tata 
alam semu.

Meureun batur salembur leueleutikanna 
pada heran pada teu ngarti,...  
gorengna pada nyalahkeun,.... 
ceuk batur teh 
naha ari aing henteu, 
boa si itu nurustunjung jelema gelo...
nu kitu teu sarua jeung fiqh 
(asal kecap fiqh = pamahaman, 
tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.

Ieu kajadian  geus loba, 
di jawa mah 
kajantenan ka  
Syech Siti Jenar 

Aya  cariosan SSJ 
nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna 
(beda alam) 
ngeunaan ageman - 
nyatana waktos  para wali 
miwarangan ngulem   SSJ,  
caritana nu katepikeun mah kieu:

----
Kahiji, 
waktos kaleresan SSJ 
nuju dina ‘kafanaan’, 
Utusan wali nepangan:  
“Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun” 
SSj: “Euweuh sitijenar mah,        
         aya oge
         Allah”. 

Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung 
sanajan ucapan na
’aheng’, 
nu dipiwarang teu wantun mindo catur  
teras wangsul deui pupulih ka para wali 
teu tiasa ngangkir SSJ 
margi nuju suwung 
nu aya ge ngangkenna 
Allah. 

Para wali  mah maphum 
teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu diulemna teh 
Allah, 
ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina 
‘biasa’
 deui.

”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh  waler SSJ teh:  
“tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SJ”. 

Atuh ki utusan  mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah 
da nu kasampak mung SSJ. 

Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam)
pakeun ngangkir  SSJ. 
Sanggemna ieu utusan teh :

 “Ieu kami... 
menta Sj  Kalawan Allahna 
supaya hadir ayeuna keneh”.  
Sakedet netra  SSJ 
nu tos ras jlig... 
tos dugi ka riungan wali. 

Ngan,.... 
nyebut Allah 
ka nu sejen  ieu 
nu engkena 
jadi label 
‘hukuman’
 ka  
SSJ..., 
ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, 
tuluy nyebar ka bala rea 
SSJ teh 
jalma nu ngaku 
Allah.


Naha sesebatan  lain SSJ teh 
Lemah Abang?

Ari lemah hartina taneuh 
ari abang hartina beureum. 

Di sunda mah lamun aya jelema nu anyar paeh 
sok disebutkeun cirina taneuhna ge 
beureum keneh. 
“puguh ki anu the maotna kamari 
tuh taneuh na ge beureum keneh”. 

Taneuh beureum 
dibasakeun kana pajaratan anyar:  
Padahal teu kabeh taneuh beureum, 
siga nu dikuburna di serena mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na semu hideung.

Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung keneh...
cirining can kabeh sirna...
matak sok ditahlilan sok direwahkeun... 
can jadi paesan jati pisan  
da katambahan keneh sesa bangkarak.

Ari nu ngulik 
kasampurnaan mah 
kudu bisa paeh heula samemeh paeh 
ceuk batur/jamak  (tingali-paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an:  
“Jeung jalma jalma nu geus paeh, 
tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, 
nu ku Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, 
naha sarua jeung 
nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya (6:122)’.

Kajadian syeh siti jenar meletus cariosan 
kasaksi ku batur ngangken Allah, 
sabab 
masih keneh anyar 
(kafanaan keneh teu acan pulih) 
lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ 
-sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti 
nu murbeng alam 
benten jeung jalmi biasa. 
(tingali-panaekan warnaning tangtung).

Enya kitu??..
pikiraneun
[24/9 15:09] aji rasha: VIII

Kumaha gulung supaya ngagalunggung??

Diulemna syeh siti jenar 
kana  gempungan Wali Sanga mah, 
sabenerna,  pakeun ngabahas kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina ajaran/pangwuruk  SSJ) 
ngeunaan syariat agama  – 
nu aya imbasna ka masarakat umum 
(malah nepi kana ranah politik –
ki kebo kenanga, 
ki Ageng Pengging jrrd).  

Tangtu geus pada nyaho 
yen pamanggih murid 
can tangtu bener ngawakilan  
(teu kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru 
sanajan loba oge murid 
nu leuwih pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. 
Tapi lamun muridna salah –migawe salah- 
guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna 
jeung ngomean 
‘akibat’ 
tina kalakuan murid. Kasalahan murid 
lain kasalahan guru- 
iwal ti lamun memang kabukti 
guruna nitah murid 
supaya migawe salah.  
Ieu kabeh alesan diulemna SSJ 
kana riungan Wali. 


SSJ pupus dina eta riungan 
(Pajemuhan Wali Sanga), 
atuh jadi katurug katutuh, 
ngajadi 
‘bukti’ 
yen SSJ kenging 
‘hukuman’ 
dugi ka pupusna. 
Aya nu nyebat ku para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira 
dina riungan wali – 
‘Serat Siti Jenar” 

Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) 
anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira. 
Matakna ieu dadaran, 
insya Allah,  arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung na abdi gusti teh 
jadi ngagalunggung.

Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:

Dina pamadegan yen 
sakabeh wujud jeung nu maujud 
dialam dunya teh teu aya deui iwal ti 
Allah. 
Laa maujuda ilallah 
laa wujudika ilallah...
dicobi ku keris duhung 
(keris “Kantanaga” kagungan  Sunan gunung jati) ..
ku kangjeng sunan kalijaga. 

Barang dicobi teh.... 
eta keris teu teurak...
teu tiasa antel antel acan 

(kawas ajian batara karang panta/level batu- 
tingal kaadaman + 
Batara karang).

---------
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan  dina tohid 
nepikeun ka ayeuna 
masih keneh  aya.... 
jeung bakal terus dipake  
Sabab patekadan / kayakinan teh 
kudu 
kaharti 
karasa tur 
bukti.

Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid 
sok sarieun mun diajak 
ngukur kasampurnaan 
sabab 
sieun kabawa paeh. 
Nu kapikirna 
teu bisa baralik deui. 
Lebareun keneh 
ku kahirupan dunya. 

Padahal cenah ceuk 
nu geus paeh samemeh paeh.. 
lamun paeh (nyawana) 
nu aya (nyesa) 
hirup mungkul  
usik malik 
pan kongas dina qur’an 
Allah nyanggem 
“nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup 
masih barang hakan barang pake 
ngan batur-batur teu apaleun”.
-------------




urang tuluykeun deui:

“Enya...enyana mah tapi wujud 
(af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah 
lamun ditewek lumrahna kudu teurak....”
Nguping kitu..
teras we eta keris teh nanceb...
tapi teu bijil getih...
biasa wae teu reg rog 

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- 
tingal kaadaman + 
Batara karang)

“... lumrahna wujud (af’al) Allah/
awak nu ngajentul mah 
mun katewek bijil getih.”
Teras we tina salira SSJ 
bijil getih tapi bodas... 

(kawas ajian batara karang panta/
level taneuh/
cai (Jannah)  - 
tingal kaadaman + 
Batara karang)

“.... lumrahna mun getih 
tina wujud (af’al) Allah/
awak nu ngajentul mah... 
bijilna beureum”

Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... 
bari salirana tetep seger tur teras sila. 

(Tah ngawitan ti dieu 
syeh siti jenar katideresa 
ku polah nyalira 
“nyebut Allah kanu sejen...” 
rido nu maujudna 
jadi awak ‘jelema biasa’ 
nu getihna beureum...
sanes 
wujud ‘manusa’ af’alna Allah..... 
bari nuju ditakonan 
ku si “kantanaga” 
nu maunatna teh mun dipake moal bisa 
dibalikan deui)

“Aeh...naha bet jadi kitu? 
...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup 
tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler. 

syeh siti jenar nyarios..
”sok hayang ditembongkeun naon deui?” 
Ditempas 
“... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”

Saharita...syeh siti jenar..nyarios kieu...
”heug atuh kula moal deui cacarita... 
ninggalkeun ieu alam...
ngan engke sing waspada bakal daratang munding bule....

bakal aya.... 
bakal aya ... 

(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan syeh siti jenar teh)

Saatos nyarios kitu 
badan syeh situ jenar sirna 
kagentos ku hiji tangkal 
nu seungit ngadalingding.

Naha bet kajadiana kitu?
Naon maksudna? 
(Urang teraskeun upami pareng)
[25/9 19:11] aji rasha: 

Di gunung tangtung; 
Leresan Karang adeg
ngeunaan elmu kanuragan 
nu jadi tunggul kawedukan 
nujadi tangkal kabedasan 
nu cenah cecepengan 
pamukpajajaran baheula.
kieu.....

Usik tangtung teh  
jadi na (kudu) hiji 
ngan diwangun
ku  opat bagian 
nu kudu bisa jadi reng..
dina aweuhan 
jadi sir dina sari...
jadi ras dina rasa...
jadi pakean
dina awak 
jadi dangdanan 
dina badan:

1. Usik awak

Usik na awak, 
resep pisan 
gampang kacirina, kamampuh
naon wae asal nu kadongkang bisa 
ditonjok, ditajong, 
dibabuk, nyingcet, lumpat   Kana awak jadi
pasti bisa neunggel    

Jampena
 pakuat kuat 
pakesit kesit 
pagede gede

Ngan edas 
ngulik usik na 
awak mungkul mah sakeudeungjayana, 
dina umur ngolotan teh ngurangan/leungit; 
matak timbul basa.... 
baheula mah jang 
abah teh jago tarok 
jago bobok 
jago mukakeun anderok.. ayeuna mah
leungit/ngurangan 
geus suda ku tanaga...
eleh kadeseh ku nu ngarora. 

Matak mun tukang 
ngulik usik na awak mungkul ngajago keur ngora...
tungguan we 5 taunan deui...
komo geus rarempo mah ....
geus kitu tinggal babuk ku nu
ngora...gampang. 
Gening muhammad ali ge keur ngora mah jago ...
tong wani ngajak gelut ka inyana...ayeuna mah
kudu wani da geus kolot ....
parkinson deuih.

2. Usik napas

Usik na napas, 
resep pisan 
sabab 
siga teu pira 
tapi
lamun ka olah bisa nimbulkeun ka mampuh diluar usik na awak 
nu luar biasa...
teu kudu pa antel ...
bisa
ngalempag ti kajauhan...
rosa tanaga..
cepet usikna...
weduk..awakna... 
entengna bisa motongkeun
beusi..
nu leuwih teus tibatan tulangna jrrd .. 

Jampena 
pakuat kuat 
pangger angger 
pa lemes lemes

Pan dina gelut na ge...
saha nu kuat napas na 
pasti
meunang.... 
teu kudu awak siga rambo....
asal kuat
dimana neundeunna napas jeung apal ngagunakeunana...
rek dijero 
rek didada 
rek di beuteung
rek kaluar rek kajero 
rek di luar kabeh 
aya guna
jeung kamampuhna...
masing masing....
pasti jago...
beuki
kolot teh beuki tapis 
beuki jago...
lain jadi eleh.

Ngan edas 
ngulik usik na napas teh 
kudu diniatan heula
makena...
kudu usaha heula....
kudu di kamudi ku uteuk... komo rada hese mun metakeunna tukangeun bujur
treuk. lamun geus teu napasan leungit.


3. Usik rasa

Usik na rasa, 
resep pisan sabab 
aneh ayana teh 
lamun sareh. 
Neangana ku paeh. 
Carana ku 
henang hening henung. Jampena 
ku tarima,  
Eusi na teh lamun suwung, 
suwung na teh lamun eusi, 

satungtung rasa na tedak wedalan galunggung 
hartina
galuh agung nu ngagalunggung 
moal ka tembus 
ku wisaya...
moal kahalangan tempat. Teu kudu diniatan heula 
da geus jadi tumpah darahna, teu kudu hese cape heula 
da wisesa murba.

Jampena 
pasareh sareh 
panggger angger

Pantangana 
lamun keuna ku was-was jeung pangridu ridu nafsu. Bates kamampuhna  
ngan nepi ka bahrul hayat...
saleuwihna ti eta 
moal nyaho 
da geus karem ka jatina...... Tapi edas eta  mah 
teuing ku mulya. 

4. Usik na cahya eusi

komo ieu resep pisan 
sabab 
jatining usik...
sakabeh nu aya di alam teh nyatana cahya...
ceuk einstein wae e=mc2...
awak teh cahaya.. 
cahaya teh awak
constanta na wadah... fungsina jadi. 
Dikamudi ku ati nurani 
(ati nu caaang cahayaan). Ayana di jero-
jerona tangtung.

Jampena 
pacaang caang 
pa poek poek...
Nyaho jatining caang 
nyaho jatining poek....
bisa nyumput buni 
dinu caang. 
Sabab 
nganyahokeun caang soteh ceuk nu poek
lamun ceuk nu caang kumaha? 
Poek soteh ceuk nu caang
ceuk nu poek kumaha? Nyatana mah 
caang lain 
poek lain
caang enya 
poek enya 
ngan lamun usik 
papoek poek
pacaang caang.

Pantangana 
lamun ngaku... 
cirina lamun jadi...
kahontalna lamun geus 
teu maneh maneh acan.

Anu kasinugrahan cahya 
bari tapis ngagunakeunana...
teu kahalanganku awak..
teu kahalangan ku umur...
teu kahalanganku tempat 
teu kahalangan ku jaman.  Teu kahalangan ku bahrul hayatna...
Awak na leungit ge
terus mancur. 
Runtut jeung nu alus, 
wawuh jeung nulembut, 
galo jeung nu nyaho, 
dalit jeung nu leutik,
Satungtung dunya ieu katut eusina aya 
Moal runtag seseliran.

Tina eta nu opat,... 

Elmu na  
pamuk pajajaran mah 
nyaeta lamun geus 
bisangahijikeun usik sunda (Nur) jeung rasa galuh; 
jadi di PAKU-an Pajajaran tangtung. 
Sumarambah dina nafas
nyiliwangikeun awak. Awakna dikamudi nafas, nafasna jadi pamanah rasa; rasana merenah di jaya dewata
(dewa=dev=cahya); 
dewatana di pakuan...
nunggal dipajajaran....
kanyataan wahdaniat. 
Usik awak usik nafas ... luarna; 
usik rasa usik cahya... 
jerona; 
Jero tembus ka luar; 
luar paesan jero
jero bagian jero... 
luar bagian luar; 
jero luar... 
luar jero... 
ngan jero mah jero 
luar mah luar.

Ari usik urang aya dimana? 

boa dilebah teuing...  

teuing ku awak 
teuing ku nafas 
teuing ku rasa 
teuing ku cahya 
teuing ku Allah... 
teuing ku batur 
nu sok disebut
lelembut 
ngan cilaka temen lamun kitu sabab 
asup kana paribasa 
sayang kaak na suhunan 
kut angkut nu boga teu
nyaho nyaho.

.........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar