Rabu, 15 Desember 2021

kapan bisana disebut agama hiji teh ku a-DATna, ari adat Islam nya-eta nu milampah Rukunna.

Ari tawajuh teh nya-eta 
pagawean nu manjing guru, 
hartina nekad-keun ku lampah jeung ucapna sakur anu geus diajarkeun ku guruna.

Tapi mungguhing di dunya 
sok aya papasangannana, 
atuh tawajuh oge teu beunang ditetepkeun 
dina hade bae, 
ari sababna geuning sok loba bukti 
aya nu ngajarkeun kagorengan, 
atawa saukur bebeneran sorangan 
alias lain bener tulen atawa 
ngan ngawujud-keun angkeuhan wungkul.

Tah ku lantaran eta 
sangkan urang manggih jalan 
pikeun tawajuh nu hade teh 
atuh kudu jeung pamilih, 
sabab loba anu geus kajadian goreng 
lantaran saentasna tawajuh, 
saperti loba nu jadi reu'eus, 
teu akur jeung nu teu saihwan, 
cawadan, cegekan, 
ari aya nu ngome-keun 
hayoh dipajarkeun ngabantah ..... 
jeung salianna, 

atuh buahna beunang tawajuh teh 
tembres goreng, 
sabab kasaksian ku panca dria 
nu lima oge goreng, 
saperti 
katenjo, kadenge, kaambeu, ka-omongkeun jeung karasa ku anu ngarasakeunnana.

Naha nu kitu teh kalakuan anu hade ?

Meureun lain, 
sabab sidik nga-aDAT-keun 
kana siksik-melik wungkul .... 
hartina kajeun ngaku geus tawajuh, 
lamun sagala wungkul omongan 
alias boga rasa luhur sorangan, 
tapi pagawean-nana ngan matak goreng, 
anu tangtu manehna teh 
bakal panggih jeung beutina, 
palebah dieu sing ngarti; 
lain ngabeuti hui atawa taleus, 
tapi beutina goreng A-DAT tea, 
atuh panggahotana nu 9 nu diibaratkeun wali teh dipake MERAD hartina 
mangprung dina lampah goreng, 
tapi leuheung ari meradna 
ngan saban pukul 9 bae, atawa 
dina satungtung kasipatan ku pangawasa 
keur ngeusian pabeyasan karena halal mah, 

sabab ari nu merad teterusan 
sok manggih nu 
beureum (amarah?) 
koneng (luamah?) 
bodas (sawiyah?) 
hideungna, nya powekeun 
tuluy bae tadah tuduh, 
nu kasaksi ku panca driana oge 
hayoh di pi-Gusti. 

Atuh nu kitu mah dat anyar 
nu asal kajadian tina Kamurahan Pangeran, 
jeung hawana (pangawasa wujud anyar) 
nya-eta anu kasipatan 
ku Pangawasa Pangeran (Kudrat!). 

Anu matak ku nyalahannana sangka 
sok rajeun aya nu mapandeukeun Pangeran 
kana cahaya, 
suwung elingan, 
jajantung jeung rupa-rupa dat anu alanyar. 

Atuh lain Dat Laesa Kamislihi ari nu kitu mah ! Kusabab kitu tetela pisan jeung pancadria 
(5 panggahota urang) 
kudu dipake nganyahokeun ayana dat anu alanyar, nya-eta sangkan ulah wani mapandeukeun Gusti rek disasaruakeun jeung nu dicaritakeun di luhur 

sabab anu bisa dibuktikeun ku panca dria mah 
eta teh asup dat anyar anu ka-sipatan 
ku pangawasa jeung pangersana Gusti bae, 
sabab .... 
upama euweuh pangawasana mah 
tangtu moal aya dat-datna acan nu alanyar teh, 
ku lantaran eta supaya leuwih kaharti 
ieu di handap diterangkeun. 

Anu katenjo ku panon,
Anu kadenge ku ceuli
Anu kaambeu ku irung
Anu kaucapkeun ku lambe,
Anu karampa ku rasa.
Eta kabeh dat anyar 
(nu asal tina kamurahan Pangeran), 

ari panga-wasa nu dipake 
nenjo, ngadenge, ngambeu, ngucap jeung ngarasa ku urang eta KA-sipatan ku pangawasa Anjeunna, numatak pantes urang kudu mangeran 
ka Anjeunna teh, 

sarta lamun urang geus nyaho yen Gusti teh sifatna welas jeung asih, 
atuh ulah salah nya mangeran, 

ari mangeranna urang 
kudu nga-dat-keun parentah Rasulna, 
nga-sipat-keun sacara nu welas jeung asih 
ka sakabeh dat nu kabukti ku panca dria tea, 

sabab huripna alam dunya 
nya-eta kulantaran ayana jeung rukun 
anu ngeusiannana, 
karena lamun teu daek marigawe rukun Rasulna mah tangtu Alam teh ruksak tina kaayaan asalna 

Kusabab kitu tetela pisan 
lamun panca dria teu dipake nganyahokeun 
mana dat nu anyar jeung mana nu tiheula 
eta sok loba kajadian nu mahiwal 
ngajalankeun sareatna, tarekatna 
sok make ngarobahan rukun 
nu geus ditetepkeun ku nu tiheula, 
sarta geus nga-hak-keun bebeneran sorangan atawa bebeneran paguron-na, 

ana kitu ma'rifatna oge ngan kana cita2 
(dikira-kira, dipapan-deukeun), 
ana kitu mah atuh salah, 
sabab moal aya kecap Muhala-fatulilhawadis, lamun beunang keneh disasaruakeun!

Ku katerangan di luhur sugan bisa dihartikeun kieu pikeun nu tawajuh teh 
kudu bisa puasa 
hartina teu ngabeda-beda kaayaan rasa 
nu sejen jeung manehna eta sarua.

5 powe teh lain powe anu masang 
nya-eta nu make beurang jeung peuting, 
tapi ieu mah: kudu netelakeun 
yen enyana sakabeh dat 
nu kasaksi ku pancadria eta lain Gusti, 
tapi eta dat asalna 
tina kawelas jeung ka-asihna Gusti.

7 powe nya kitu keneh, 
lain powe papasangan 
tapi yen nu aya dina 7 lapis bumi 
jeung 7 lapis langit 
eta kasipatan ku pangawasana Gusti. 

Anu matak lamun urang geus nyaho 
yen sakabeh dat anu araya teh asal ti Gusti, 
atuh urang oge kudu nembongkeun 
sacara anu mangeran ka Gusti, 
nya-eta mikanyaah ka sakabeh dat 
anu kasipatan ku pangawasa 
jeung pangersa Gusti.

9 powe, hartina satungtung urang ka-datan, 
ka-sipatan ku pangawasa Gusti 
saperti kieu: 
sanggeusna urang boga badan, 
geus kitu tuluy bisa 
eling, nenjo, ngadenge, ngambeu, ngomong, ngarasa, mikir, obah jeung ngalangkah, 

tah eta nu 9 perkara ku urang ibaratkeun 
parabot pikeun melak (ngalampahkeun) 
kalakuan anu hade jeung sasama pada di dunya, 

palebah dieu tetela 
ari neangan beuti hade 
ulah diteangan ku sapedah ngabeuti hui 
atawa ku merad migusti kana cahaya bae, 

tapi satungtung urang kasipatan ku pangawasa sacara anu dicaritakeun di luhur, 
atuh geura prak sareatkeun parentah Rasul 
anu geus ditetepkeun dina Rukun-na, 
sangkan sa aDat 
dina enggon-enggoning Mangeran ka Gusti teh, 

Manutna ka Rasul 
nya-eta ulah migusti ka sakabeh dat nu anyar. 

Geura tarek nafsu urang, 
sangkan ulah mawa kana jalan anu salah (mahiwal ti parentah Rasul), 
hartina lamun urang daek melak hade, 
beutina ge tangtu hade, 
daunna ge kahadean, 
nu tangtu beunang dilalab, 
hakna geus teu salah deui, 
panggih jeung kasalametan, 
ma'rifatna ka nu hiji, 
meureun moal ucas-acos, 
ibarat nu maen colok, 
Gusti pek dipapandekeun, 
dicipta dicita-cita, 
atuh beunang dicipta mah lain, 
sabab bisa nyipta soteh urang mah 
kana dat nu geus kapanggih.

40 powe, 
hartina lain ngan 40 beurang jeung peuting bae urang iman ka Gusti teh, 
tapi salawasna satungtung urang 
kadatan jeung kasipatan 
ku pangawasa jeung pangersaNa mah 
atuh geura prak 
nga-datkeun sareat nu miturut RukunNa, ngersakeun narek nafsu 
supaya ngimankeun ka sakur nu ditetepkeun 
dina Rukun Iman.

Puasa nu miturut Agama mah, 
sarta nu geus ditetepkeun ku Rukun Islam, 
ngan dina bulan Puasa sabulan.

Ari nu 5, 
nu dipake guguru pikeun neangan kahadean mah nya-eta ku pancadria 
sangkan nganyahokeun ka sasamana.

Ari nu 7, 
nya-eta pikeun nganyahokeun 
yen nu araya dina babasan 7 tungkebing langit jeung 7 tangkaraking bumi 
pada kasipatan ku pangawasa Pangeran, 
sarta pangawasana teh henteu percumah, 
tapi estu berguna keur hirup sarerea, 
jeung

Anu 9, 
nyaeta pangawasa urang teh 
kudu dipake ngahirupkeun (nurut) 
kana paerntah Agama, 
ngahuripkeun ieu dunya, 
ngajalan-keun welas asih ka sasama.

Anu 40, 
satungtung urang ngarasa kasipatan 
ku pangawasa jeung pangersa Pangeran mah, atuh nya sapantasna bae aya rumasana, 
ari rumasana nya-eta 
ulah ngaku luhur ulah reu-eus, 
kudu daek nuduhkeun jalan kanu teu terang, 
kitu oge ulah ari nyanyahoan mah, 
daek ngahampura kana kasalahan batur, 
welas jeung asih ka sasama di dunya, 
henteu mandang basa jeung bangsa di dunya, 

mun boga kasalahan kudu tumarima, 
cindek mah kudu tumarima dina teu nyahona, sarta sawajibna kudu Iman, 
hartina nya-eta 
percaya ka Gusti, 
(nu sipatna diterang keun dina sipat 20 , 
jeung 20 deui ma'na-na), 
ka Kitabna,
ka RasulNa , 
Malaekatna jeung 
Takdirna sangkan salamet ti awal 
nepi ka panggih jeung powe panganggeusan teh Islam patekadannana, 
prak Sahadat, 
prak Solatna, 
Jakat Fitrah 
Puasana, 
karena lamun teu kitu hartina lamun teu prak kumaha Munggah hajina? 

kapan bisana disebut 
agama hiji teh ku a-DATna, 
ari adat Islam nya-eta nu milampah Rukunna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar