Rabu, 08 Desember 2021

Adeg Adeg

[26/9 14:20] aji rasha: 

Adeg Adeg

Reinkarnasi maksudna 
(1) hirup deui na hiji jiwa 
      (jelema atawa sato) 
      dina awak nu anyar 
      “the rebirth of a soul 
       in a new body” atawa 

(2) sukma sinukma tutuluyan ka awak nu anyar 
      “Passage of the soul through 
      successive bodies”, kajadiana kieu teh 
      ku sabab karma‘causa effect’ amal tingkah.            laku 

Singgetna lamun di sunda mah reinkarnasi teh 
NITIS/NYUKMA 
(ka nu anyar).

Tulisan ieu rek ngajelaskeun diantarana: 
Naha enya sare hiji kajadian hirup paeh 
tuluy dihirupkeun deui? 
Kumaha wae kajadian keur sare? 
naha enya aya jalma ayeuna 
titisan batur baheula?..
kumaha kajadian nitis 
ka awak nu anyar 
lamun awakna geus rusak? 
Naha bet bisa? 
Naon gunana? 
Naha sanajan ulikan na aya tapi dina ahirna ….. diulahkeun? 
nurutkeun nu kapanggih di sunda. 

Urang mimitian ku:

1. Urang kabeh reinkarnasi 
     sato/jelema saencana
     tapi ulah itu jadi gustina

-----
KAMI, ngaku satata jeung nu lain (dia) 
           euweuh luhur handapan. 

KAULA, abdi nu ngaula/ngabdi ka batur 
              (nu jadi gustina).
----

Geus jadi kanyaho sarera yen 
Jelema nu hirup didunya 
disebut nyawaan, 
lamun 
geus euweuh nyawana 
disebut teu hirup/paeh.

Nyawa teh teu datang sakaligus lengkep 
(inditna ge saeutik saeutik,.. 
Barang gubrag sanajan 
mata 
ceuli 
irung 
sungut 
aya bari dibungkus kulit…orok 
can bisa neuleu, 
can bisa ngadenge, 
can bisa nyarita, 
can bisa ngangseu, 
can bisa ngarasa…
nu gede ngamurba orok mah 
hirup (diantarana kabukti aya nafasna)…. 
bisa na panca indera boga/ lengkep sampurna teh …saeutik saeutik… 
sanggeus asup Gizi kadaharan/inuman 
kana awakna 
nu asalna tina 
sato (asi & tutuwuhan, herbivore; 
jelema (indung&bapa) omnivore 
rantai makanan) 
nu geus (di) paeh (an).

Didieu benerna 
caritaan kampung yen 
“ti nu paeh bijil nu hirup” . 
Sabab ku asupna/nitisna sato/tutuwuhan 
nu geus paeh (terus diolah jadi kadaharan) 
nya orok ngagedean 
jadi jelema 
nu hirup 
nu ngadenge 
nu ngadeuleu 
nu ngangseu 
nu nyarita 
nu ngarasa. 
Hirup nu nandeanana.

--
Dina ulikan kasundaan, 
aya dua istilah nu beda 

hirup  
nyawa. 

HIRUP 
nyatana nu ngajadikeun 
sperma + sel telur 
jadi janin 
katiban sukma 
-proses nitis ka 1-
terus usik malik dina beuteung indung…

Sedengkeun, 
NYAWA mah 

mimiti kapimilik marengan hirup na 
sanggeus si janin gubrag ka dunya 
ditampa ku indung beurang/bidan/dokter 
terus di buka ‘selaput’na.. antel jeung hawa dunya 
nya terus ceurik..

nya jadi bareng 
hirup (hayat) jeung nu hirupna (hayan) 
aya nyawaan.
---

Asupna/nitisna 
ieu ‘bangke’ 
kana kuburan beuteung teh jeung ruh/jiwana, 
lantaran asalna 
can hayang dahar nitis eta jadi 
hayang/bisa dahar 
da saacana sato mah nyatu; 
asalna 

can hayang/bisa sahwat 
jadi hayang/bisa 
da saacana sato mah 
sahwat mungkul; 

asalna can hayang maehan/bisa gelut 
jadi hayang/bisa 
da samemehna 
tukang sesebred 
tukang ngahakan, jst 

Wah maenya?..

cobaan tong dahar rada lila..
komo mun daek mah nepikeun ka kurang gizi/
gizi buruk …. 
Moal hayang dahar,…
moal resep ningali bujur oge 
moal timbul sir resep/bogoh ka nu gizi buruk 
sabab teu nyampak anaSIR ‘sato’na nu 
jadi daya tarikna)….
moal mikir 
hayang burger 
hayang boga leuit gede 
hayang korupsi 
pasea maehan, 
shalat dzikir tafakur 
ge embung, …
diuk nangtung bener ge moal bisa. 
Eta kabeh sabab geus euweuh/
teu jadi/teu boga deui 
sir tina sari kadaharan, 
sari na ilang/kurang… 
sagala jadi teu nyari..
kalahka dipikaresep 
laleur (bangke).

Jadi sir teh ku sabab sari,… 
sir ku sari… 
sur ser kaditu kadieu 
ana piur jadi 
nafsu nya ngumpul ngawarnaan/
ngaribriban rasa dina hate –
dua kakuatan ngumpul 
dina pikir/akal bijil jadi pamilihna, 
patunggalan loba jisim kapirasa jadi hiji 


Beuki lila,… 
tina ngagoler 
jadi nangkuban 
jadi diuk 
jadi nangtung, 
hulu saluhureun jajantung,..
akal leuwih luhur/
gede pangaruh/ dominan tibatan hate. 
Hate nu mimiti mah ka limpudan/
awas ka hirup mungkul, 
jadi leuwih kasorot/narima/
kapangaruhan ka loba loba warna warna nu hirup/
nyawa titisan sato. 
Matak antukna 
bagian hirup 
saukur jadi hate leutik 
jeung bari hese diteangana 
da nu lobana ngabengbreng. 
Nu leutik ieu teh 
nu caangna (nurani) 
jeung nyaangan lampah….
tapi jadi kalimpudan 
ku nyawa …
meureun apal 
kanu ngulik sunda=nur kapanggihna ATI teh 
nyatana sunda 
nu lir pulo leutik 
ditengah sagara.


Jelema… 
basariyah.. 
jadina kumaha nu nitis kana awak....
you are what you eat. 
boga 
sir 
nafsu 
akal 
kabeh pangaruh nu nyukmana… 

gening di china mah jelema 
jeung jaman ge dicirian ku sato ..
tingal kalender jeung SHIO china. 
Ku pangaruh nu nitis 
dina mangaruhan 
sifat/
karakter 
jelema lamun dilajur, 
Jelema bisa 
leuwih ti sato – 
da kumpulan ti rupa-rupa sato nu nitis. 
Matak kongas aya dongeng 
cenah malaikat kantos ‘protes’ 
naha jelema dijantenkeun khlalifah..
generasi pengganti nu dominan ngalifahan 
di buana…
sabab jelema mah tukang ngarusak jeung ‘ngaluarkeun getih mungkul’ (sapi bikang:30).

Tapi, lamun euweuh nu nitis....
jelema moal aya di dunya-kadunyaan. 
Lamun teu make nu nyukma ka jelema 
basariyyah moal bijil…. 

Kongas Siwa 
ti argadumelah ka dunya ‘naek’ sapi 
sapatemon dina nandini 
naha teu tiasa hiber nyalira?…

Wisnu ti utara segara 
hoyong ka pertiwi ‘jadi’ bagong, 
naha wisnu goreng rupa?; 
ari ka dunya kedah wae nitis, 
ka awak batur 
(misalna: ka Krisna Rama Arjunawijaya)?…

guruminda ka purbasari 
nganggo ‘acuk’ lutung?

Nu naritis nyukma… 
diperlukeun ku jelema 
guna sangkan boga ka jelema-an….

kasebutna ayeuna mah 
maraneh na teh ibadah 
mantuan ka jelema 
ku jalan nyukma. 

Ari ka jelemaan 
dipake keur ngajadi nu hirup 
ameh nyawaan. 

Ngan bedana 
araranjeuna mah –
Hyang Siwa, 
Hyang Wisnu, 
Sang Patanjala- 
saukur dina peryogi mungkul kasukmaan teh 
teu katutuluyan… 

tiasa ulah alih sukma. 
Hiji resi 
dina mahabarata mah 
gening sapatemon ‘jadi‘ sato..
tapi…
nepika tiwas ka panah 
pandu.

Eta sabab…. 
teu kendat kendat 
ajaran/nasehat/pangwewedi 
tinu karenging hidayat 
nyatana nu pareng 
hate leutikna/
nuranina 
kapanggih tuluy nguatan caang - 
jadi meunang tuduh ti nu 
Maha Suci, 
para nabi 
para rasul 
para batara nu linewih 
marasihan ‘lilinggeran’ 
supaya teu jadi sato teuing 
teu jadi sato tuluy…. 
meh aya bijil kamanusaan 
nu bisa jadi wawakil kasimpenan/katitisan/
tempat mancur mubyarna HIRUP 
nu bijil ti 
hate leutikna/
nuranina 
sorangan 
memeh kaanglipudan nyawa…

Eta sabab…
sok loba nu harayang balik ka fitrahna 
lir orok karek lahir..
kaayaan nu jiwana can kapinuhan nyawa 
masih keneh gede Hirup…
kanyataan nu 
Maha hirup.
 
….Nya mulya pisan 
kanyaho tapak geus loba 
awak kuat keneh 
ari jiwa geus balik deui ka wiwitan 
dina sagara hirup… 

genah pisan.. 
eta kabeh dipigawe ku jalan nahan 
teu kaasupan nu nitis 

nu gening tara puasa (bulan puasa) tutuluyan…kudu wae ahirna mah buka dahar nginum sahwat deui…

muka deui lawang patitisan… 
jadi wadah nu nyukma… …. 
dadasar prawira sasmitaning 
Sang Uswatun hasanah rahmatan lil alamin…..


Sabab teu tuluy-tuluyan puasa 
nahan teu kaasupan, 
dina pas usik malik teh 
kumaha petana sangkan maranehna 
teu jadi gustina dewek? 

tapi saukur ngaulaan 
ibadah kanu boga awak…….

kami (mah) hayang 
jadi titisan para kaula mungkul. 
Kami (mah) daek soteh narima reinkarnasi 
para kaula nu daek mantuan 
pedah eukeur jadi jelema …

…Kumaha carana?.... 
Naha enya sare 
hiji kajadian hirup paeh 
tuluy dihirupkeun deui? 
Kumaha wae kajadian keur sare?

Sare - hudang 

hirup paeh tuluy dihirupkeun deui 
kajadian nitis 
sukma sinukma 
nu tuluy tumuluy….
satungtung boga awak..
[26/9 15:26] aji rasha: 

Sare - Hudang 

Kajadian Nitis 
Sukma Sinukma 
Nu TuluyTumuluy….
Satungtung 
Awak Kuat



Nu nyukma 
ngareaan nyawa 
nguatan awak 
ngagedean. 

Gawena…
di lahir awak (jasad/badan) jadi kaula nyawa; 
di batin nyawa ngaulaan awak.

Sir anu piur jadi nafsu nyawa, 
dilahirna, awak nu nurut nandangan. 
Suku lempang 
leungeun ngaragamang 
mata neuleu 
ceuli ngadenge 
sungut engab 
biwir seuri nyengir 
sabab 
nyawa nu hayangna. 

Ti dieu, 
bijil babasan kampung…..
nafsu nu matak kaduhung 
badan (awak) anukatempuhan… 
(duhung =peso; 
kaduhung =pegat, misah, 
putus, eureun, anggeus ).

Kitu na teh enya pisan sabab….

kahayang nyawa lamun diturut mah 
anggeus kaluar 
tinggal badan nu ngarasakeun narimana; 
dahar kahayang nyawa…diturut…
kaduhung hayangna..
da dahar di turut..
tinggal seubeuh, bunghak, gembrot, kuat, jagjag, 
nyeri beuteung, pantes jrrd 
awak nu nampa nyimpen mamawa;
 
Sahwat..diturut..
kaduhung hayangna….
tinggal leuleus, reuneuh, relaxed, .sehat……
kabeh awak nu katempuhan

Diajar ngelmu 
kahayang nyawa 
duhungna ti kirik nepi 
ka jadi anjing 
awak kahese hese.


Ngan kade tong templang sabeulah…


Kajadian di batin 
beda deui…

jasad/awak mangaruhan nyawa. 
Nu ditampa disimpen 
dibabawa jeung sakabeh 
nu geus dipigawe awak/badan 

di batina engkena mangaruhan nyawa; 
awak caharaan aya dangiang 
sabab hasil ngelmu ngulikna nyawa;

Nyeri huntu sapeupeuting 
nyawa nu nandangan ceurik/
ambek ambekan teu bisa hees. 

Pernah ngadek nyarekan nipu batur ku sungut kahadean ku leungeun..
kasimpen…
dina awak….
isuk jaganing geto sok nembongan 
mangaruhan deui kana nyawa 
sanajan sungut teu nyarita 
awak-awak nu lain nyaritakeun 
pagawean nu enggeus. 
Ka batur mah gampang bisa nutupan ku sungut, kapribadina mah moal bisa 
sabab marengan bawa jeung mawa sorangan.


Beuki lila nyawa beuki kapangaruhan 
tapak tina jasad….
pon kitu deui sabalikna 
jasad awak kapangurahan nyawa….
 
Naon-naon amal nyawa dilahir 
kabeh dicatet dina awak/jasad/badan, 

engkena di batin 
naon naon nu geus katarima ku awak 
mangaruhan deui nyawa…- 
nyawa mangaruhan awak…. 
awak mangaruhan nyawa…
lahir batin…
lahir jeung batin… 
kitu jeung kitu.. 
kitu jeung kitu… 
Kitu jeung kitu...
kitu jeung kitu…





Untungna,….

Nu Maha Hirup…
maha suci 
welas asih 
ngamurbeng reujeung ngauban saenyana, 
kaayaan 
‘causa effect’ 
karma 
catetan kitab tingkah laku amal 
dina jasad 
dina nyawa teh 
dibere lolongkrang... 
aya eureuna 
aya reureuhna….
aya dioemeanana… 
nyatana 
dibere sare….. 

PAEH nyawana… 
Jeung deui, saencan rusak awakna 
kasempetan PAEH 
terus nyawaan deui… teh tuluy tumuluy dibikeun ka jelema - 
henteu sakali – sigana, 
ameh daek mikir 
(lila lila mah sugan ngarti) 
pakeun manggihan jalan nalutur…

Atawa…

Sugan we 
kengeungeunahan kaedanan 
resep tuluy di dunya resep ka nyawa 
nu saukur bobogaan 
hese paeh teu daek leah ngaleupaskeun nyawa. 

Nu karitu teh pohoeun 
ka caritaan urang lembur 
nyawa gagaduhan/bobogaan banda sasampeuran….
enya ukur narima nu nararitis 
nu nyarukma sabab eukeur jadi jelema 
da samemehna mah 
henteu boga …
nyampeur banda raja kaya 
didunya meungpeung eukeur.


1. Lamun Leutik keneh

Leuwih loba sare, 
sarena leuwih loba ngimpi  bari poho.. 
Ngimpi keur “restorate” awak. 
Pules keur ‘restorate’ nyawa….
tah kahayang hirup… 
nyawa keur meujeuhna dipikabutuh keneh…
nyawa ngadominasi….
da memang perlu 
meh engkena lengkep jadi jelema…
meh kasebut jelema. 
Dipepende di do’an ku indungna..
sing “mimpi indah”.. 
lila sare…tibra… 
enya da indungna jelema.. 
hayang kabaturan engkena ku jelema deui.

2. Kagedenakeun 
(ti sawawa ka dewasa)-

Waktu sare ngurangan, 
ngimpi + poho 
“kaimbangan’ ku eling; 

Pili genti gumantung mana nu kuatna… 
Matak sok aya nu inget tadi peuting geus ngimpi..
matak sok loba nyarita 
rupa rupa ngimpi teu puguh/teu runtut,..
asa ngimpi tapi teuing 
naon/poho deui, 
aya nu kebluk hese hudang, 
aya nu keuna ku eureup eureup 
(pangaruh sukma ti luar nu hayang asup…
tapi dina arek ‘beresonansi’ 
awak nyawa nolak/kurang cocok frekuensina)…
aya nu keuna ku teluh/gendam/wisaya/hipnotis, 
aya nu meunang tuduh (ngimpi 1/6 ka nabian)…matak aya nu hese sare..
matak aya nu sare lila tapi teu seger 
sare sakerejep tapi cukup…

Tuluyna, 
rebutan/perang di jero kurungan 
antara poho jeung eling. 
Perang sajero kurungan…....
tah kahayang hirup …
jelema didunya asup ayakan 
dipilih mana nu 
enya-enya ;






Kumaha ari kajadian kana 
jasad/awak/badan…..


Salira sare…
sabab hirupna masihaya….
Jutaan sel dina awak/badan/jasad 
robah… 
aya nu diomean 
aya nu nambah 
nu ngagedean 
nu ngajauhan . 

Kukituna sanajan nu kaciri gampang mah

robahna awak 
jadi ‘bentuk’ anyar teh 
ngan saukur: 
orok, 
budak, 
sawawa, 
dewasa, 
kolot. 
Sabenerna tiap peuting ngalaman robahan ditingkat sel nu sakitu lobana.

Kukituna 
pas hudang teh 
geus lain awak 
nu samemeh sare….
tapi awak nu anyar 
(beda)...
nu ngalaman robahan jutaan sel 
ti nu samemehna. 
“Fungsi integral” nu 
hirup sabenerna 
sabab aya obahan jutaan “increment”. 
Orok, budak, sawawa, dewasa, kolot mah 
ngan tilikan ‘pengamatan’ sababaraha ‘milestone’ mungkul.

Jadi,… saluyu jeung nu ditepikeun diluhur….

Dina hudang deui 
sanggeus sare teh 
nyawa nyukma nitis deui kana awak nu anyar- 
jeung terus anyar tiap nitis. 
“the rebirth of a soul in a new body”; 

jeung kusabab sare hudang teh 
terus tuluy tumuluy saacan awakna rusak….
nya sukma sinukma 
jadi tutuluyan 
“Passage of the soul through successive bodies”… 
ka awak nu anyar deui… 
anyar deui…
anyar deui…
itung we..
lamun umur 63 tahun 
aya 
63X12X30=22680 kali re-incarnate… 
sukma sinukma.

Tangtu lamun imeut ngararasakeun 
ku sorangan,….
kasaksi yen..’kualitas’ patitisan saenggeus sare (paeh tadi peuting) ditangtukeun ku kualitas 
amal-tapak samemehna (samemeh sare),.:

Geus diajar elmu motivasi kamari…
nyerep kana awak kana jiwa…
isukna jadi jelema anyar nu pinuh sumanget 
(teuing isukna deui mah); 
meunang stress kasusah trauma kamari…
isukna gering nangtung stroke maag gelo  

nu dizkir asal dikir…
kasarean (paeh)… 
pas hudang nitis 
jadi nu lain (gelo)- 

loba conto jaradi gelo sanggeus dzikir rebuan kali bari teu bener nu ngajarna; 
nu dzikir bener migawe 
jeung mursidna ..
sare..
isuk na 
(bisa sakali atawa sanggeus ratusan kali nyukma) 
nyukma tawadlu  
kaalusan…;

Tilikan urang gedean (rentang waktu tilikan)…

Leutikna geringan 
awak goreng cicing di kampung….
kabeneran tuluyna kacukupan 
daek olahraga/
kadidik elmu luhung cicing di kota…

gedena…
amal/tapakna jadi alus.. 
eta awak/nyawa ‘menjelma’ 
jadi titisan anyar nu mulya luhur darajat 
dangong menak…
pada ngaharomat….
moal nyarangkaeun baheulana 
ti kampung bau lisung-
urang kotana nyahona lir titisan kusumah..
nyahoeun soteh batur sakola 
keur SD-SMP na di lembur…
eh gening si eta teh baheulana mah anu..anu  

oge sabalikna….
asal menak … 
goreng amal…
isuk (jaga ning) getona kakolotnakeun 
patitis jadi jalma rujit 
awak euweuh nu ngambeuan 
tingggal ngambeuan padung… 
sukma sinukma 
causa effect 
amal tingkah laku…
loba conto moal 
beak picaritaeun…

Kitu jeung kitu..
kitu jeung kitu..
kitu jeung kitu …


Moal anggeus anggeus.. 
moal aya eureuna muir muter di dunya kadunyaan –sanajan 
dina engkena diajar 
(kudu diulik heula) 
nitis ka awak batur 
 
Tah dihandap ieu caritaan qur’an…

Nu Ngamurbeng 
geus nangtukeun : 
Qaala Fiihaa tahyauna 
wa fiihaa tamuutuuna 
wa minhaa turjauna…….
jelema mah di dunya (bumi) hirup, 
di dunya (bumi) paeh, 
didunya (bumi) keneh dihirupkeun deuina…
(QS. 7:25)…..

Matakna 
SATUNGTUNG JADI JELEMA 
hirup paeh dihirupkeun 
tuluy teh didunya…
sukma sinukma reinkarnasi tuluy di dunya (bumi)…
moal bisa ka aherat.

Matak lamun masih keneh jadi jelema nyawaan…
nya tuluy di dunya. …… 
kitu jeung kitu..kitu jeung kitu….
Satungtung can bisa(ngadeg) 
yaomil qiyamahkeur manehna 
(bisa sorangan kalawan tulungna nu Ngamurbeng). 

Bongana deudeuieun 
ka bobogaan 
(nyawa)…

…ari kuduna….

Atuh sing bisa ngaleupaskeun nyawa 
meh teu jadi jelema…
moal keuna ku kurungan dunya..
Ieu kabeh kudu diulik disaliksik 
waktu awak jagjag keneh dikeureuyeuh…..
sing keuna babasan di sunda 
yen nu ngulik dina kapribadian …
usik malik teu asa ngumbara 
sanajan ceuk batur kawas jelema 
da KIAMAT SAPAPANJANGNA 
(jelema jeung lain jelema ukur sabarabat nyawa geus tapis pulang anting sakarat …

..mun teu kitu mah lapur moal leupas 
ti sukma sinukma…
sok asaan… lain eukeur??? 
…..





Ti dieu ….
nuhun rebu rebu nuhun…
di sunda di wariskeun 
turun tumurun ti babaheula 
ti rebuan taun katukang….

atikan tuntunan ajaran ti nu marulya 
-kongasna -
conto Sang Uswatun Hasanah….
rahmatan lil alamin …

teu eureun eureun 
aya wae nu nerus nyambungkeun, 
ahlak anjeuna, 
apik ka diri nyaah ka badan/awak,….
diantarana:

1. Ari bade kulem anjeuna mah mrogram anjeun:

Bismika Allahumma Ahyaa 
wa bismika Ammutu…..

Nyawaan sareng henteuna 
lillah ku asmaNa. 

Tah ari sare teh paeh..
hudang hirup deui 
nyawaan deui ..

tara was was antara 
paeh jeung hirup... 
komo teu paeh teu hirup..
laa yammutu fiiha 
wa laa yahya…

sare henteu hudang henteu ge 
kumaha rasana??

Diwincik deui di sunda:

Memeh sare….
ngado’a mrogram heula…... 
meh enya enya ngalaman sare paeh nyawana…
bari merenahkeun 
pantes saperluna jeung leuwih specific….
badan (awak) nu sarena,…
ari ati tanghi 
(nyaring-eling henteu keuna ku poho)… 
sukma (nyawa tinu nyarukma kana awak)…
muji

Lamun paeh nu nyesa hirupna…
ari hirup tarakeuna ku poho…
eling terus…

Lamun sare (keur) euweuh nyawaan, 
nya (keur) paeh tea ngarana. 
Disebut eukeur da hirupna aya keneh di jasad … 
Nafasna kaluar kajero keneh…
atawa jajantungna 
ngetug keneh; 
kaayaan kitu teh bisa paeh tuluy…
bisa hudang deui.

Kajadian kieu teh saluyu jeung nu diingetkeun 
ka urang rebuan taun katukang 
dina qur’an 
yen saenyana Allah nu ngamurbeng 
“yatawafa anfusa hiina mautiha 
wallatii lam tamut fii manaamihaa, 
fa yumsikul latii qadaa alaihal mauta 
wa yursilu ukhraa ilaa ajalin musamma…
inna fii daalika la aayaatnin liqaumi
yyatafakkaruun. 

Nu maha asih tur nyaah 
nyabut nyawa /maehan jelema 
dina keur maot sarua jeung kanu keur sare, 
(bedana) nu sare mah 
dihirupkeun/diasupkeun/dibikeun deui 
(ka na jasad), 
ari nu maot mah henteu, 
nepi ka mangsa nu ditangtukeun…..
saenyana eta teh tanda-tanda 
keur nu daek ngalenyepan 
(abrulan, 39:42).

Sok ngado’a memeh sare?....
lamun geus ngado’a bener bisa sare?... 
enya jampe teh di sorangan 
bareng jeung pamakena?...

2. Hudang ti peuting-..
assolatu khairum minanaum…

Nu masih keneh di ka-jelema –an 
‘sare’na 
ngalaman sababaraha panta 
nu bulak balik 
tiap 1,5 -2 jam. ….
Singgetna rek les,pules,..
ngimpi 
balik deui kitu jeung kitu. 

Lamun sare 8 jam 
ngalaman 3-4 cyclus. 
bijaksana asih nyaahna 
Maha hirup…
jelema dibere kasempetan….
sabagian keur ngaalusan nyawa 
sabagian keur ngaalusan awak 
da nyawa awak kudu diibadahan….
sabagian keur ngabdi ka hirup.

Matakna …gening…

Sabagian di pake keur awak (REM-ngimpi), 
sabagian keur nyawa (pules-deep sleep), sare…
(2/3 peuting) da keur jadi jelema…
sabagian deui keur hirup (1/3)….

tibatan di program ku bobogaan -
nyawa tina sukma nu nitis terus (ngimpi)..
mening leuwih alus mrogram sorangan 
bari nyaring ..
matak aya tahajud,.. kasubuhnakeun 
aya nu ngingetan ..eusina 
assolatu khairum minanaum 
(mening ge shalat ti batan hees tuluy)….

ieu panggeuing tara disada waktu isa.. 
. tara rek sare diguyah guyah salat..
tapi ulah kajongjonan 
tuluy hees kawas bangke atawa kababawa impi… 
mening solat mrogram sorangan 
supaya teu ditulisan 
ku nu nyukma…
sageuy ari ku sorangan mah.

..Dadasar kawijaksanaan Sang Rahmatan 
lil alamin…. 
nyaho pernahna ngabagi bagi 
kumaha kabutuh Sakawayana…



Kumaha nyaliksikna leuwih jero….
kumaha cara nitis ka awak batur 
(reinkarnasi ka awak batur –
kumaha cara ka orok, 
ka nu geus boga ingetan jrrd,…; 
naha eta teh ulah –nunjukeun kabodoan?...
kumaha nu disebut kasampurnaan? 
Sampurna ning sampurna?......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar