PERINGETAN KURING KEUR KURING !
Ari harti Agama nya-eta
patokan nu tetep, nu teu beunang dirobah deui, mun dina basa Arabna nyaeta takdir
ti nu Maha Suci nu geus teu bisa
diongget-ongget deui.
Seuneu sarerea asalna ti Panon-poe.
Cai sarerea asalna ti Laut
Napas sarerea asalna ti Angin
Taneuh sarerea asalna ti Bumi
Acina seuneu ngajadi daging
Acina cai ngajadi balung
Acina angin ngajadi kulit bulu
Acina bumi ngajadi saeusina badan
Daging-balung-kulit bulu
saeusina ayeuna geus ngajadi badan.
Badan teh nya badan sarerea bae,
jadi sidik yen enyana Badan urang teh
urang Dunya,
sabab badan jeung sapuratina asal tina Dunya.
Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci.
Anu matak ceuk ilahar mah kuring teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.
Badan teh aya badan sarerea bae,
jadi sidik yen enyana badan urang teh
urang dunya, sabab badan jeung sapuratina
asal ti dunya.
Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci.
Anu matak ceuk ilahar mah kuring teh
di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.
Ari Pangumbaraan nya ieu dunya!
Dunya gede (dunya kabir).
Ari pamajikan (pangcicingan kuring)
nya dina diri nu asal ti dunya tea,
anu matak diri teh disebutna
dunya leutik (dunya sagir).
Ari diri teh nyaeta parabot
atawa nu nganteur kuring
sapanjang aya di dunya gede,
nepikeun ka waktu ieu kuring bisa boga kanyaho jeung nyaksina sakabeh nu kapanggih
jeung karasa di dunya ku panganteurna diri,
anu matak lamun kuring teu bisa mikanyaah
ka diri nu geus nagnteur kana kahayang
jeung nganteur salawasna ngumbara
di dunya gede,
atuh kuring teh kacida pisan erana,
era ku dunya,
era ku diri,
komo kuring teh asal ti Gusti Nu Maha Suci,
sok asa piraku mun talajak kawas
anu asal ti setan.
Kuring ayeuna geus nyaho jeung nyaksi
(Isun angawruhi lan Isun anakseni) :
yen di dunya mah geuning disebutna oge
alam papasangan,
da bukti lamun aya kecap
panjang, aya pondok,
aya gede aya leutik,
aya awewe aya lalaki,
jeung satuluyna,
anu matak pantes lamun keur waktu kuring aya
di dunya mah kudu make kana kalimah kalih (kecap dua),
cindekna bisa nyaho jeung nyaksina,
nu kumaha nu disebut panjang
jeung nu kumaha anu disebut pondok,
jeung satuluyna.
Lamun kuring geus bisa misahkeun
anu kumaha anu panjang
jeung kumaha anu disebut pondok,
eta hartina geus boga pamilih.
Lamun geus boga pamilih,
sarta milihna keur kasalametan diri jeung umum, kakara kuring disebutna
geus bisa nyekel kalimah kalih,
warisan ti luluhur urang baheula.
Ari keur milihna?
nya-eta diri tea !
Lamun kuring geus ngarti
yen parabotna keur milih teh,
nya Diri kuring,
atuh wajib kuring sarerea daek ngaraksa
jeung merlukeun kaperluannana diri,
sabab anu nyaho kaperluannana diri,
boh laparna, ausna, nyeuri peurihna,
genah jeung ngeunahna
ngan kuring.
Tah sakur nu daek mikanyaah ka dirina
eta hartina sarua jeung Nyembah ka Hyang Widi,
ari nyembah ka Hyang Widi,
eta ngarana Sembah-Hyang.
Lamun kuring geus nyekel
Kalimah-kalih (boga pamilih) sarta
Sembah-Hyang (mikanyaah ka diri)
anu tangtu bakal ngarti
yen salamet teh jalanna lain wungkul
ku diri sorangan, tapi ku sarerea,
atuh kudu daek nulung kanu sejen (diri batur) sabab lamun euweuh diri batur,
kuring di pangumbaran teh moal sugema.
Lamun kuring geus nulung ka nu butuh,
nalang ka nu susah, nganteur kanu keu’eung, jeung nuduhkeun ka nu teu nyaho
eta hartina sarua jung Ngaji Rasa.
Lamun kuring jeung diri sarerea
geus marigawe kitu,
di Dunya teh tangtu Rukun,
munggah jadi hiji di Pangumbaran
(Duna Gede = kabir)
Baeth-ulah nu dijadikeun ku Kersana
Pangeran Nu Maha Agung.
Tah kitu agama Para-Hyangan
anu asalna ti Hyang agung!
Hyang Widi nya
Hyang Suksma,
nya hyang Manon, tea.
PARA hartina Sakur (sakabeh)
HYANG hartina Nu asal ti Gusti.
Jadi hartina Para-Hyangan teh,
sakur/sakabeh nu asal ti Gusti,
anu ayeuna baroga pamajikan (patempatan)
dina diri (Sunda).
Sunda (dunya sagir)
nu asalna ti Pasundan (dunya kabir).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar