Rabu, 15 Desember 2021

karuhun

Ari hartina karuhun teh 
nya-eta anu jadi lantaran ngasalkeun "ayana" 
jas-mani jeung getih (rohaniah) urang, 

nya kitu deui ti Nur Ruhun 
(Wujud anu Maha Suci = nu murba) 
urang geus kasifatan 
ku kamurahan jeung kaasihan Anjeunna, 
buktina :

Roh urang kasifatan ku Kudrat (Pangawasa) 
nya tuluy boga Kabudayaan (kunst) ?

Roh urang kasifatan ku Iradat (Pangersa) 
nya tuluy boga Kadaek.

Roh urang kasifatan ku Ilmu (Uninga) 
nya tuluy boga Kanyaho.

Roh urang kasifatan ku Hayat (Hirup) 
nya tuluy boga Hurip.

Roh urang kasifatan ku Sama (Ngarungu) 
nya tuluy boga Ngadenge.

Roh urang kasifatan ku Basar (Ningali) 
nya tuluy boga Nenjo.

Roh urang kasifatan ku Kalam (Ngandika) 
nya tuluy boga Ngucap. 

Naha hiji bangsa bae 
anu ngabogaan JAS-mani jeung Roh 
anu kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan 
Nu Ruhun (Gusti) teh ? ? ? . . . . . .

Ih, henteu ! 
Cindekna sakabeh kaayaan 
jeung anu ngajamannana 
estu kajadian ("ayana") teh 
make lantaran ti "Karuhun" bae . . . . . . 

Katerangannana kieu :
Moal urang jadi jelema, 
lamun karuhun urang lain jelema ! !

Moal jadi tangkal cau, 
lamun Karuhunna lain tangkal cau ! !

Ngan lebah kabudayaan, 
kadaek, 
kanyaho, 
hurip, 
denge, 
tenjo jeung 
ucapna 
eta asal kasifatan ku Nu Ruhun, 
nya Gusti nu Maha Suci tea .

Keur naon gunana eta 7 sifat ti Nu Ruhun teh ?

Ari gunana mah nya-eta 
sangkan sakabeh mahluk 
nu geus ngarasa ngabogaan (diparabotan) 
ku ayana Jasmani nu ti Karuhunna 
jeung ROH-MANI-ROH-HIM (Kawelas-Kaasihan) 
ti nu Ruhun 
pek daraek netepan dina enggon-enggona 
jaradi mahluk, 
nyarumponan kana adegan 
sarta ngaran anu geus diaraku ku maranehna, 

saperti Kangaranan :

Tangkal cau, 
tangkalna, daunna, kembangna, buahna 
jeung sagala-galana kudu tetep "cau" . . . . . .

Kangaranan jelema, 
nya kitu keneh !! 
Geura netepan dina ngaraning jelema !!!! 
Geuning saur Karuhun aya kieu : 
"Geura pigawe pagawean sa-JATI-ning Manusa (nu tulen-tulenna ngaran manusa), 

Upama kieu :

Kecap :
"alawi nginum" . . . . . .

Sa'adatna, 
anu di-inum teh inumeun

Sah'adatna, 
nginumna kudu di kasungutkeun

Saha'datna, anu nginum ? . . . . . .
alawi

Kakara nginumna teh nyumponan kana kecap "Mangeran kana bener 
sarta manutan kana rasa anu bener !!!

Ageman manusa oge 
ari samistina mah kudu kitu, 
nya-eta : 
"Syah-adat-ing Manusa tea". 
Nya-kitu deui pikeun 
"Mangeran ka Wujud anu Maha Suci 
jeung matut ka Rasa Nu Maha Suci", 
atuh kudu sing nyumponan kana kecap 
anu geus diucapkeun ku maranehannana 
da ari kecapna mah eta ngan beja ti batur . 
waktu urang keur tatanya !!!. . . . . . 

Ayeuna tinggal geura prak-keun ! 
Bisi kafiran !!! . . . . . .
Naon ari kafiran teh?..... 
Ari kafiran, nya-eta : 
Kapan tadi geus diterangkeun 
"Urang ti Nu Ruhun jeung ti Karuhun 
geus dimodalan parabot : 
Kabudayaan, Kadaek, Kanyaho, Hirup, Denge, Tenjo jeung Ucap, 
tah eta parabot geura gawekeun, 
sangkan ngawujud sarta nyumponan kana kecap anu geus diucapkeun ku urang tea. 

Lamun teu digawekeun mah 
atuh tangtu kafirannana 
"kapan hayang jati naha atuh teu daek digawe ???"
Ku lantaran eta, 
loba conto dina waktu ieu 
loba anu ngaharamkeun 
kana kabudayaan Karuhun urang, 
sedeng eta anu ngaharamkeun teh 
lolobana bangsa urang keneh, 
sedeng maranehannana enggon-enggoning ngaharamkeun kana kabudayaan karuhunna teh kalolobaannana teu puguh ujung puhunna, 
naha pang disebut teu puguh ujung puhunna ? 

Pangna disebut teu puguh ujung puhunna teh 
ku lantaran maranehannana ana ditanya 
naon maksudna karuhun urang urang 
boga kabudayaan kitu ? 
Saperti : "Ngawayang, Wawacan, Mantun jeung sajaba ti eta" anu ngandung siloka 
baris hartikeuneun ahli warisna ...... 

Maranehannana tuluy ngajawab 
"euweuh dina hadisna" !!! 
jeung teu meunang ku agama ! 

Nya ari babakuna mah 
teu nyahoeun kana kabudayaan karuhunna !

Har, kutan aya agama atawa dirigama 
anu ngalarang kana kabudayaan (kunst) karuhunna salah sahiji bangsa 
anu nuju kana kahadean 
pikeun kasalametan sakabeh bangsa 
jeung ngarukunkeun kamanusaannana ?

Bener aya larangan waktu K.N. s.a.w 
ka urang Arab ! 

Baheula anu sok daraek nyarembah 
kana A-allahan, Arca, jeung sajaba ti eta, 
nepikeu anu ngabogaan gambar oge cenah dilarang lantaran tina kasaean Kanjeng Nabi ....... 

Tapi di urang mah tara nyembah kana wayang, jeung eta teh kapan dadamelan Wali 
anu ngislamkeun tanah Jawa cenah, 
sarta ngandung siloka anu parenting pisan 
keur hartikeuneun bangsana 
anu resep nyungsi kasucian batinna 
sarta keur kasalametannana mahluk 
kalawan teu mandang basa jeung bangsana !!! 

Tah ku lantaran eta sok asa teu kaharti sanggeusna nyaraho kana kitab 
anu dianggap hade bet tuluy loba cekcok, 

mending mun tara sok 
kitu haram kieu haram mah. 

Padahal anu haram mah, 
nya-eta anu kafiran, 
nu tara daraek marake nu asal ti karuhunna 
jeung ti Nu Ruhun tea 
pikeun nyarungsi sarta sing nepi ka bisa ngawujudkeun beunangna tatanya 
ti bangsa sejen atawa bangsana sorangan.

Kumaha Syahadat teh? 
Kumaha Jatina Syahadat teh ? 
Sing sa-adatna kumaha nu nekadkeun 
Mangeran ka Allah jeung nu nekadkeun 
Manut ka Rasullulah teh ? 

Naha arek putus ku ngalimahna bae ? 
Moal di Syah-keun ti nu diucapkeun ku urang teh sing nepi ka ngawujudna ?  

Saha datna anu kudu Mangeran jeung manut teh ? Lain urang ? 
Geura prak atuh, 
da ngan ayeuna, 
waktu urang keur di dunya, 
anu kudu daek migawe pagawean anu harade pikeun kasalametan mahluk sakabeh teh ? .............
Solatna, 
sajabana ti nu biasa dijalankeun, 
nya-eta nu lima waktu tea, 
naha teu pantes lamun urang heug daek nurutan kabudayaan karuhun ? 

Geuning bejana ari karuhun sok aya kieu : 

Lahirna urang dikudukeun daek sumembah 
ka indung-bapana, guruna jeung ratuna". 

ari pangna kudu daek nyembah, 
teu aya lian lantaran urang kudu rumasa, 
kapan jas-mani jeung roh urang 
ari lantaran mah ari lantaran mah 
asal ti Anjeunna.

Sarta sabalikna 
ulah umangkeuh geus jadi wong alim, 
sarta ka indung-bapa nganggap wong dolim, 

kapan ari nyaho mah boga kolot teh dolim,  
pang-Mijahankeun atuh ! 
jeung omat ulah rek Mijah boga hayang ditukeuran ku dunya baranana . . .

Sumembahna ka Pangeran, 
atuh anu puguh ! 
Wujudkeun beubeunangan urang tatanya teh, 
ti bangsa naon bae, 
asal anu harade sarta kaharti, 
anu nyarungsi kana sifat ka-Allahan ! 
Pikeun neangan Jati-ning Solat 
dibarengan ku migawe laku lampah anu harade sarta nyumponan kana kecap 
anu geus diucapkeun ku urang 
sangkan merenah dina enggon-enggoning nyebut (ngaku geus bisa nyembah ka Allah), 
dibarengan deui ku daek ngarasa 
asal lantaran ti indung-bapa, 
geus kitu 
geura daek nembongkeun karumasaannana . . .

Wuluna: Leungeun 
ulah dipake ngawujudkeun laku lampah 
anu goreng, 

sungut 
ulah dipake ngomong anu teu pantes, 
beungeut sing manis, 
ceuli kudu dipake ngadenge jeung 
panon geura dipake nenjo, 

ana geus kadenge sarta geus katenjo 
geura pake milih mana nu hade 
geura lampahkeun, 
anu goreng keur tundaeun, 
ari ngadenge goong parunggu atawa 
nenjo babi mah meureun moal haram, 

sugan anu haram teh pangrungu anu goreng (carita tukang tipu) 
nu maksudna arek usaha wungkul ! 

Jeung lamun urang nenjo babi mah 
sugan moal haram-haram teuing, 
haram soteh lamun urang jadi jelema 
anu laku lampah jiga babi ! 

Embun-embunan 
sing katetepan ku pamilih anu bener, 

suku ulah dipake migawe jeung sabangsana.

Tah eta nasehat karuhun !!! 
Naha ulah dipake ??? 
Naha beresih kalakuan teh 
putus ku beresihna cai bae ? 

Meuereun ari beresihna jas-mani 
nya bener ku cai, 
jeung kawelas kaasihan Pangeran mah 
kudu ku laku lampah anu berdasar welas asih 
ka papadana deui ...... 
Nya hadena mah “hade lampah, beresih cai”.

Zakat-fitrahna, 
sajabana ti anu lumbrah; 
turutan deui bae karuhun, 
nya-eta cenah karuhun mah 
sok daraek tutulung ka nu butuh, 
tatalang ka nu susah, 
nganteur ka nu keu’eung jeung 
sok nuduhkeun ka nu teu nyaho 
kajeun ka bangsa naon oge, 
kajeun ka nu tara sambeang oge, 
kajeun anjing budug ti jarian oge, 
asal ulah rek nyilakakeun bae; 
komo ari ka indung-bapa mah : 
Ulah abong-abong sok sambeang 
ka indung-bapana oge 
sapedah ku tara sambeang tea 
mani teu daek ngaku-ngaku acan, 
pajar teh anjing cenah ! 

Samrukna sapedah kahalangan 
ku teu sambeang teh ulah (teu kudu ditulungan), 

malah saur karuhun mah : 
Eta nu sok kitu ngaranna “akal koja” 
(ulah mere, hayangna dibere bae) 
jeung cenah jaman karuhun mah 
ana tutulung teh 
tara agul jeung tara dina hiji bulan bae, 
malah salawasna bae, 
satungtung gumelar dilahir kuduna kitu.

Puasana, 
sajabana ti nu lumbrah; 
karuhun mah ana fa’na kana per’elmuan 
(kana pamanggihna) 
nepikeun ka lali kana dahar lali sare, 
lali kana sagala-galana, 
estu junun ka nu hiji, 
tapi lain lali owah akal, saperti ngaco, 
lain poho ka indung-bapa, 
ngomong lain cara anu kasurupan, 
cara si Dadap kasurupan ku sukma si wau, lain; 

tapi ku fa’nana tea, 
estu jauh tina sipat anu teu difanakeun, 
deukeut rasana jauh sareatna, 
paingan cenah tara jauh ti rasana, 

beda deui jeung si Dadap anu kasurupan tea, 
ana puasa teh samemehna “pek” 
sok gancang nanyakeun bukana heula. 
Cindekna rarasaannana teh 
geus deukeut jeung kadaharan bae. 

Atuh ana kitu mah paingan si Dadap jauh rasana. Alias teu pati eling. 
Atuh moal bisa “Salim soleh” (sabar-tawekal). Atuh moal nyaangan batur (mamaleman). 
Moal boga rasa rumasa ka Karuhun jeung 
Nu Ruhunna? 

Naha moal lebaran kituh ? 
Naha arek munggah jadi hiji jeung si wau 
anu aya dina tangkal palem bae.

Munggah Hajina ? 
Sajabana ti nu biasa; 
urang oge kudu munggah jadi hiji 
jeung sifat-sifat anu harade, 
da urang oge kasifatan ku sifat-sifat anu harade, nya-eta: Roh urang kapanjingan (kapurba) 
ku sifat : 
Kudrat buktina geus boga kabudayaan, 
ku Iradat bukti boga kadaek, 
ku Ilmu bukti boga kanyaho, 
ku Hayat bukti boga hurip, 
ku Sama bukti boga ngadenge, 
ku Basar bukti boga nenjo jeung 
ku Kalam bukti boga ucap ..... 

Keur naon eta teh ? ..... 
Kapan cenah hayang ngawujudkeun hade, sangkan engke bisa nyentraal 
kana sagarana hade? .... 

Geura prak atuh digawe, 
meumpeung parabot cukup keneh, 
anggahota meumpeung kumplit, 
nasehat pikeun nyungsi kahadean 
saeutik-eutikeun enggeus nyaho, 
meujeuhna geura prak digawe, 
naha arek iraha deui atuh ? 
lamun henteu arek ayeuna ? 
sugan mohal ari arek dipupusti keretas 
jeung tulisannana bae mah, 
da henteu rek nyembah 
ka keretas jeung tulisannana. 

Tadi mah diajar nulis jeung maca soteh 
nya-eta kuhayang nyaho sarta ngaharti 
kana kitab-kitab anu cenah nerangkeun katerangan Agama jeung ngudukeun kumaha 
para Nabi ka umatna teh ? 

Ku lantaran kitu atuh ari geus ngarti mah 
wajib tea dijalankeunnana 
ari matak mawa kana kasalametan mah, 
jeung wajib deui ongkoh daek ngabejaan 
ka nu acan nyarahoeun, 
saperti : 

“Nu lantaran kamiskinan 
heug teu bogaeun ongkos keur tatanya, 
anu jarahat, anu disebut kafir tea 
jeung sabangsana” 
ulah dipojok, 
tapi lamun nyaho geura pek omekeun. 
Kapan sok “Kul Hu”, 
bejakeun kanu teu nyahoeun atuh, 
ari urang geus nyaho mah !

Katerang pribadi nu ringkes : 
“S a n g k a n  h a d e”

Sa-adat-na : 
Nu rek kumawula parabotna kudu aya, 
kudu ka saha nya kumawula teh, 
kudu kumaha prak-prakannana jeung 
ka saha nya manut teh ?

Sah-adat-na : 
Migawe sagala pagawean ku anggahotana nurutkeun nanaon (sagala) parentah panutannana jeung ulah ngalelewe, 
sabab eta sarua jeung ngahinakeun 
kana rasana sorangan.

Saha-datna ? 
Sakabeh mahluk, anu ngarasa kudu rumasa.

Syahadatna : 
Nekadkeun Mangeran ka Wujud nu Maha Suci jeung Manut ka Rasul nu Maha Suci.

Kudu Solat, 
Sabab eta padamelan Rasulullah 
ari sababna 
anu uninga kana Wujud anu Maha Suci 
anging Rasul Anjeunna.

Kudu Netepan ...... 
Sing saha anu rumasa ka-aya-an rasa 
nu asal ti Rasulullah, 
daraek netepan, 
mun manusa kudu katetepan 
ku ka-manusa-annana 
sabab mun manusa laku lampahna nirca, 
eta sarua bae jeung henteu netepan 
(mun tangkal cau tea mah buwahan kadu)

Kudu Sembah-hyang ...... 
Sembah Karuhun urang ! 
Karana mohal aya urang 
lamun teu dilantaranan ku ayana karuhun! 

Saha nyatana Karuhun teh! 
Tah indung jeung bapa!!! 
Tah eta guru, 
tah eta raatu, 
nya-eta wong attu, 
nya-eta wong atua karo! 
Nu ngayuga ka urang beurang jeung peuting! 
Nu ngawarah urang! 
Nu hese cape, malah loba nu teu bisa netepan, lantaran ku ngurus urang tea, 
ulan ngahina atuh ka kolot 
upama kolot urang teu bisa netepan! 

Anggur fijahan kadinyah! (pang-nobatankeun!) Kurbankeun kahewanan urang, 
peuncit kasatoan urang, 
waktuna tuluy pake migawe kamanusa-an, 
kolot teh tangtu sukaeun jigana 
sanajan geus aya di aherat oge 
anu tangtu milu bungahna! 

Sindirna : 
Ngarukunkeun ramo lima 
nu ti kenca jeung katuhu, 
diacungkeun bari tungkul aya di aherat oge 
anu tangtu milu bungahna! 

Sindirna : 
Ngarukunkeun ramo lima 
nu ti kenca jeung katuhu, 
diacungkeun bari tungkul tanda ayaanda 
aya panghormatna 
sanggeus ngacung eta panghormatna 
sanggeus ngacung eta ramo 
dibalikkeun kana tungtung irung 
mawa harti yen dina diri teh 
estu kapurba ku anu Ruhun 
(Gusti=Hyang Agung?), 

kade ulah dianggap sanghyang Dewa 
bisi aya nu ngaharamkeun! ....

Tadi oge aya cenah 
“Saha anu daek sumujud ka kolotna 
eta sarua jeung sumujud kana dirina, 
saha nu sumujud kana dirina 
(lamun manusa ngagem kamanusa-an) 
eta sarua jeung sumujud ka Wujud-Na”

Kudu Sambiyang : 
Sugan cageur kudu bageur. 
Sugan ngeunah kudu genah, 
lamun hade eta kade (ati-ati) 
lantaran ayeuna lamun arek nyiar hade 
sok manggih goreng, 
kitu oge “lolobana” ......... 

Mun urang cukup kudu nyukup. 
Elingkeun salawasna ceuk Jawana : 
Heneng-hening-hawas lan heling.

Ulah salah paham, 
ieu katerangan pribadi 
“sajabana” tina Solat biasa.

Zakat-Fitrahna : 
Tulung anu butuh, 
Talang anu susah, 
Anteur nu keueung, 
Tuduhkeun anu teu nyaho.

Puasana : 
Sing bisa ngarasakeun

Beubeunangan sakola, 
beubeunangan masantren, 
beubeunangan tatanya ti bangsa sejen 
sumawon ti bangsa sorangan 
geura prak atuh parigawe sangkan ngawujud sacara anu geus diparentahkeun 
pikeun nyungsi ngaranin, 
hade sagala-galana. 

Sarta sabalikna 
ulah nepi ka jadi loba nyieun goreng 
kasasama hirup ............

Sing Munggah Haji jadi hiji dina Kahadean 
nya-eta sangkan ka purba ku nu Maha Suci.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar