Kamis, 16 Desember 2021

8 papagon karuhun sunda akur

DALALAPAN CEKELAN HIRUP KI SUNDA
SUNDA AKUR



Sim kuring seja midangkeun 
papatah para luluhur ki Sunda 
anu dianggo minangka rangkuman 
ti sagemblengna 
palasipah paripolah anu hadé.



Sim kuring masih émut papagon ti sepuh  
kieu unina:



“Mangkadé mun urang ngajalankeun 
hirup kumbuh kudu cageur, bageur, bener, pinter, singer, tata- titi, nastiti jeung surti”



Naséhat sepuh ieu kacida leresna 
janten salah sahiji cepengan hirup 
umumna urang Sunda. 
Kacida hadena ageman hirup ieu, nya:

1)       Cageur

2)       Bageur

3)       Bener

4)       Pinter

5)       Singer

6)       Tata-Titi

7)       Nastiti

8)       Surti



Ayeuna urang bandingkeun jeung 
naon anu didawuhkeuh ku Allah swt ngalangkungan ajaran Islam nu 
dipedar dina Al Qur’an.



CAGEUR

Cageur nyaéta séhat. 
Tangtu dina ngajalankeun 
kahirupan,
ibadah – 
saluyu jeung tujuan utama manusa diciptakeun 
ku Allah s.w.t. – 
nyaéta supaya ngajaga kaséhatan, 
boh lahir atawa batin. 
Urang moal  bisa ngajalankeun  pancén (ibadah) lamun henteu séhat. 
Kacindekanana manusa diwajibkeun 
“nganjaga diri” anu sahadé-hadéna.



Dawuhan Allah:
Jeung adegkeun shalat sarta bayar zakat. 
Jeung kahadéan naon baé anu anjeun usahakeun keur diri anjeun, tangtu anjeun bakal meunang pahalana di sagédéngeun Allah. 
(QS-Al Baqarah: 110)

Tengetan ayat=ayat ieu:  

Jeung pulasara diri anjeun tina siksaan 
anu henteu khusus tumiba ka jalma-jalma 
anu zalim wungkul  di antara anjeun. 
(QS- Al Anfal: 25)

Hé jalma-jalma anu ariman, 
pulasara diri anjeun jeung kulawarga anjeung
tina seuneu naraka….. 
(QS- At Tahrim: 6)


Ngajaga kaséhatan ogé ngafahar kadaharan jeung inuman anu hadé (halal) 
jeung henteu kaleuleuwihi:

Dawuhan Allah: 
Jeung geura dalahar kadaharan anu halal 
tur hade tina naon anu ku Allah direzekian 
ka anjeun,...
(QS- Al Maidah: 88)



 Dahar jeung nginum , 
Jeung ulah kaleuleuwihi.  

Satemenna Allah henteu mikaresep 
ka jalma-jalma anu kaleuleuwihi. 
(QS- Al A’raaf: 31)



Kitu deui ngajaga diri jeung cukup reureuh, ngagunakan waktu saluyu jeung sunatullah, beurang keur usaha, 
peuting keur reureuh (saré).

Dawuhan Allah:
Anjeun na anu ngadamel peuting keur anjeun (minangka) pakéan, jeung saré sangkan reureuh, Jeung Anjeunna ngadamel siang 
keur hudang usaha. 
(QS- Al Furqan: 47)


2. BAGEUR.

Bageur, hartina jujur. 
Hiji jalma kudu miboga sifat anu jujur 
sarta kahadéan ditanjeurkeun, 
paripolah anu  jujur téh 
kaasup nanjeurkeun kaadilan jeung bebeneran.

Dawuhan Allah:
Hé jalma-jalma anu ariman, 
lamun anjeun mu`amalah henteu sacara langsung dina waktu anu ditangtukeun, 
supaya anjeun nyatet. 
Jeung hiji juru tulis di antara anjeun 
nuliskeunana kalawan bener….
(QS-Al Baqarah: 282)


Jeung lamun anjeun cangcaya bakal (kajadian) khianat ti hiji golongan, 
mangka serahkeun baé kasaluyuan éta 
ka maranéhanana kalawan jujur. 
(QS- Al Anfal: 58)


3. BENER.

Bener atawa balég, bebeneran 
nyaéta modal utama keur jadi manusa anu hadé. Lamun paripolah urang bener pasti hadéna, 
tapi maripolah kahadéan can tangtu benerna. Bebeneran ieu anu kudu ditanjeurkeun, bener, 

bebeneran (hak) ditekenkeun 
dina mangpuluh-puluh ayat dina Al Qur’an, malahan Al Qur’an téh 
sabenerma sumber bebeneran.

Dawuhan Allah:

Bebenran  téh nyaéta  ti Gusti anjeun,….  
(QS-Al Baqarah: 147)



Jeung Kami geus nurunkeun Al Qur'an 
ka anuen bari mawa bebeneran, 
menerkeun naon anu saméméhna , …….
Jeung kadé anjeun ulah nurutkeun hawa nafsu maranéhanana anu ninggalkeun bebeneran 
anu geus tumiba ka anjeun…….. 
prak geura paheula-heula dina bebeneran 
(QS-Al Maidah: 48)


4. PINTER.

Pinter, sabalikna tina bodo. 
Manusa ditungtut keur ninggalkan kabodoan, nungtut élmu jeung nyiar pangaweruh 
nu saloba-lobana. 
Al Qur’an kacida nganjurkeunana ka kaum Muslim keur nungtut élmu pangaweruh sarta ngagunakeun akalna. 

Kecap mikir jeung ngakal  
kacida lobana ditekenkeun dina Aya-ayat Allah.  

Dawuhan Allah:

Satemenna dina midamel langit jeung bumi, 
jeung silih gunta-gantina peting jeung beurang aya cicirén keur jalma-jalma anu mikir ,
(QS-Ali Imran: 190)

pasti Allah bakal ngangkat darajat 
jalma-jalma anu ariman di antara anjeun 
jeung jalma-jalma anu dibéré élmu pangaweruh sababaraha darjah . 
(QS-Al Mujadilah : 8)

  
Sabenerna hiji ka kaliruan lamun aya 
kaum agamis anu ngéwa kana élmu pangaweruh. 
Lain ngan wungkul kangéwa éta sarua 
jeung nyegah manusa keur ngagunakeun akalna. 
Anu saterusna manéhna bakal leuwih atoh 
lamun manusa henteu syukuran kana kanikmatan anu dipaparinkeun ku  Allah s.w.t. 
anu geus ngaéedakan manusa leuwih mulya tibatan sato, 
tapi kangéwa éta jadi cicirén 
kumaha kaom agamis henteu syukuran kana hasil tina Élmu Pangaweruh. 
Élmu anu geus manggihan rupa-rupa pakakas modern tur canggih anu geus loba dipaké ku kaom agamis sorangan.

Di sagigireun éta, jalma anu nolak kana nungtut élmu pangaweruh teu aya bédana jeung tukang hasut supaya manusa ulah  syukuran (bersyukur) ka Allah swt., 
sabab lamun manusa henteu nganggap kana paparinan Allah s.w.t. 
anu disenut akal anu kacida  “mahal” hargana, sarua baé jeung ngahina ka Allah s.w.t.

Manusa teu kudu cangcaya 
yén Élmu Pangaweruh bakal ngurangan  
ajén agama, malahan bisa ngaruksak. 
Masalah ieu geus katohyan dina guaran di hareup anu ngarupakeun hiji kamustahilan.  

Sabenerna élmu pangawerh jeung kamajuan 
di dunya ieu lain jadi cirri yén manusa téh 
beuki ngarti, 
tapi beuki jéntré kabodoanana.

 Lamun para teknokrat-teknokrat kulon (Barat) mindeng nyiar pangaweruh ngeunaan 
élmu ghaib jeung dzat-dzat lemes 
ti bangsa India (Hindu), 
ému anu henteu gampang ditiru ku sing saha baé lamun tacan nalungtikna, hal ieu ngandung harti yén  manéhna henteu wani nnganggap énténg 
ka bangsa wétan (Timur).

Ku urang wajib diaku yén bangsa urang 
geus katinggaleun jauh ku bangsa Barat dina hal teknologi, tapi ieu lain jadi bukti yén jalma Timur Kuna miboga élmu anu leueih handap ti kamajuan Barat jaman ayeuna.

Kumaha baé ogé, henteu bisa dibantah yén bangsa Timur ngabogaan rarasaam jeung ajén anu urang sorangan henteu ngarti, 
nyaéta rarasaan henteu sugema 
lamun mopohokeun Dzat Anu Maha Kawasa 
nu teu dipikaharti ku urang.

5. SINGER.

Singer, hartinya “terampil”, binangkit, produktif dina “berkarya”, loba kaahlian, 
dina prinsipna manusa Sunda ditungtut 
keur digawé. 
Dina basa Sunda aya istilah “rancagé”, 
hartina “terampil”. 
Dina hal ieu luluhur Sunda nganjurkeun 
supaya  Ki Sunda miboga kabinangkitan (skill) keur ngajalankeun hirupna anu pinuh 
ku tangtangan jeung tungtutan nu henteu babari. 

Kabinangkitan mémang salah sahiji jalan 
keur ikhtiar dina raraga ibadah ka Allah s.w.t. Saban jalma dianjurkeun keur usaha jeng digawé.



Dawuhan Allah:
Keur kaunggulan anu sarupa kieu 
sakuduna usaha jalma-jalma anu digarawé.
(Q.S. Ash Shafaat:61)

Anjeuna anu midamel peuting keur anjeun (minangka papakéan, jeung sare sarta reureuh, Jeung Anjeuna  ngadamel siang keur hudang sarta usaha.
(Q.S. Al Furqaan: 47)

Jelas, ayat di luhur nganjurkeun ka urang 
kudu terus ihtiar sarta usaha,teu aya deui 
konci keunggulan téh 
nyaéta “singer” alias “terampil”.



6. TATA-TITI.

Tata-titi, nyaeta tata-krama atawa sopan-santun, jalma anu séhat, jujur, bener, pinter 
jeung binangkit lamun seug poho kana 
sopan-santun (etika) antukna hirupna 
bakan teu dipikaresep ku batur. 
Palasipah ieu sagemblengna mah: 
TATA-TITI, DUDUGA PERYOGA, 
sagala paripolah ngagunakeun sopan-santun jeung etika anu bener.

Dawuhan Allah:

Jeung maripolah sopan téh 
leuwih hade keur maranéhna. 
(QS-An Nur: 60)

Lapun anjeun dihormat ku hiji panghormatan, terus bales éta panghormatan ku anu leuwih alus, atawa bales (ku anu sarupa).
(QS-Anisaa: 86)

  

Jeung nyieun kahadéan ka indung bapa, 
kaom kerabat, budak yatim, jeung jalma-jalma miskin, sarta  ucapkeun kekecapan alus 
ka manusa,
(Q.S. Al Baqarah: 63)



7. NASTITI.


Nastiti hartinya tartib. 
Tartib dina maripolah, tartib dina pagawéan 
jeung ngajaga katartiban téh salah sahiji 
modal utama keur ngahontal kaunggulan 
dina digawé. 
Migawé kalayan tartib hartina 
tumut kana aturan anu bener 
jeung henteu ngalanggarna.

Dawuhan Allah: 
Terus Kami ngajadikeun anjeun aya dina syaréat (aturan) tina urusan (agama) éta, 
mangkana sing tumut kana éta syaréat. 
(QS- Al Jaatsiyah: 18)

Kami geus nurunkeun Al Qur'an itu 
minangka aturan (anu bener) 
(QS- Ar R’ad: 37)


8. SURTI.

Surti hartina wijak, 
ngarti sarta gancang imeut kana maksud jalma, sanajan ngan ku isyarat wungkul, 
antukna manéhna bakal maripolah kalayan wijaksana jeung mampuh mutuskeun hiji hal kalawan bijaksana jeung adil.

Dawuhan Allah:
Jeung (miwarang anjeun) lamun nangtukeun hukum di antara manusa supaya anjeun netepkeunana sacara adil. 
(QS- An Nisa: 58)

Satemena Allah miwarang (anjeun)ngajalankeun kaadilan jeung maripolah kahadéan, 
méré ka kaom karabat, 
Jeung Allah melarang tina perbuatan keji, kemungkaran Jeung permusuhan. 
(QS- An Nahl: 90)

Jeung akhirna tengetan ayat ieu:

Allah  henteu nyaram anjeun keur 
nyieun kahadéan jeung ngajalankeun kaadilan 
ka jalma-jalma anu henteu merangan anjeun alatan sarta henteu ngusir anjeun ti nagara anjeun.. 
(QS- Al Mumtahanah: 8)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar