Gunung jiga anu ngariung,
pasir jiga nu diukir, ngayuh semu ka nu wuyung, narik resmi nu prihatin, kagagas ku hawa alam, langit lenglang taya nu ngahalang-halang,
sinar layung mani hibar,
hurung ka unggal lulurung, malah hegar kana pikir, gumebyar lir sutra jingga,
lir kaya direngga-rengga, ngahiliwir angin leutik, nebak kana kekembangan
nu keur meujeuhna ceuyah beukah,
munggah ngadalingding, siga katur ku panglipur, siga bakti panglelejar,
mintonkeun wawangen alam,
ciri wanci nu sajati, ciciren sifat nu tulen, pangaruh anu keur ngayuh ,
nyembah maunat mujijat,
dina hiji lamping nu lempeng,
di tutugan suku gunung Banjar Panemon,
aya hiji bumi resi, aturan nu magelaran,
jiga karang pangtapaan, panglungguhan anu husu, pangcalikan nu semedi, anteng sifat ka eling, nyusul panemu rahayu, ngudag babaran waluya, ngimeutan kasalametan, muji ka jatina diri,
muja kanyataan rasa,
nyifat tunggaling kawula
jeung anu kagungan sifat,
nyata ngudag tunggaling kawula Gusti,
geus husu mareuman napsu, iklas nilar kawiwitan, teu ti belat ku duriat teu katarik ku nu luis,
iklas sagala-galana,
geus teu tolih kana sifat napsu dunya,
wungkul tohid ka yang Sukma,
ngaraoskeun gumelar dina "panalar"
heunteu daya upaya.
Saha nu kitu teh ?
Eh, geuning pangeusina bumi eta,
nu di lamping suku gunung ,
jenengan alawi tea,
nu harita nuju ngalantung dina lulurung,
kairut ku waktu alus, kapelet ku poe hade, kabengbat ku paningal
kana sugri kekembangan nu tumuwuh didinya,
lir basa dipatamanan, pamipitan para ipri, pangulinan para dewa,
ngabarak kembang ermawar pacampur
jeung sumarsana,
Alawi ngahuleng,
kagagas ku kawaasan,
ras ka diri nu keur nyungsi,
ras ka badan nu keur ngudag
jatining kasampurnaan,
teu weleh maca Alhamdulilah
muji ka Rohman-rohimna Pangeran.
Kaayaan kitu teu sabaraha lami,
waktos anu ngajurung undur,
burit nu ngajakan balik,
geus meujeuhna wanci magrib,
lajeng angkat ka tajug, di tengah empang ayana.
Henteu dinyanaan yen harita aya tamu, ti kota jenengan ^engkong,
nya lajeng bae pada sembahyang di tajug.
Sabada sembahyang lajeng lalinggih
di tengah bumi paduduaan
bari ngaleueut kopi na sunda akur.
mudakarah ilmu,
geusan bawaeun bekel nyungsi kasampurnaan.
ciri manusa anu sah kamanusaannana,
kudu kersa ngamudakarahkeun pamendak,
ari agama teh naon ?
sareng mana anu rada ewed,
ceuk kaum ahrul sara:
biasa bae nya-eta aturan-aturan
anu dikudukeun ku kitab-kitab;
demi ceuk ahrul Haq:
eta mah lain agama tapi drigama,
ari agama mah
nya-eta elmu panyungsi diri
pakeun jalan kasampurnaan.
pamendak ahrul Sara bener,
pamendak ahrul Haq bener.
Ngan ari pamendak alawi mah kieu :
Agama teh asalna tina kecap Adin,
hartina: "peraturan"
tapi naha kong rek ngagugulung peraturan bae, atawa rek terus ngaturna,
tah dina ngaturna mah,
tegesna peraturan teh kudu dipigawe,
ku aturan eta urang tangtu boga kapercayaan, tegesna tarekatna Agama = nya kapercayaan; sanggeus urang boga kapercayaan
nya tangtu urang boga cecekelan atawa ageman, tah haqna agama teh ageman,
kantun ngawujudkeun patekadan urang
kalawan prak kana ngalakukeun kabeneran,
tah dimana geus ngawujud eta ma'ripatna agama, tegesna geus Suci tea atawa geus Islam tea.
ari agama naon gunana ?
lahirna supaya dunya beres
sarta batinna supaya manusa bisa sampurna mulih ka jati mulang ka asal
nyumponan dalil :
Inna lillahi wa inna illahi rojiun.
naha lahir tergantung ka batin ?
Duanana sami,
ngan panuhun ulah tumaros
urusan lahir heulaanan,
enya urang teh aya dina lahir tea mah,
mung engke deui eta mah.
naon ari lahir sareng naon ari batin ?
lahir
sifat nu kasar nu katingal ku panon kapala, demi batin nya-eta
sifat nu gaib;
anu aya tapi euweuh;
anu euweuh tapi aya;
karasa sareng katingal
ku awasna per elmuan.
Naha sanes ku panon Qolbi ?
Upami urang ningal barang Qodim
tegesna gaib ku panon Qolbi,
eta sanes anu saleresna,
amung ku ciciptan bae,
da panon Qolbi mah tergantung ka panon lahir,
awasna qolbi nurutkeun awasna panon,
geura mangga awasna qolbi
ayeuna awaskeun ka Mekkah
tangtos kana teu awasna
da urang acan jarah ka ditu.
kantenan bae moal katingal mah
da awas qolbi mah tegesna awasna qodim
kapan paranti ningal nu qodim
tegesna nu maha Suci,
anu ceuk dalilna
Ru'yatulahi ta'ala fie dunya biaenil qolbi.
urusan dalil ru'yat enya henteuna eta
tergantung ka pamanggih pangarangna,
ngan mangga akal pikiran geura bukakeun
sina hirup, ulah percaya kana pangreka jelema kapan ceuk tadi ulah taqlid,
kudu karasa
kudu kaharti,
ru'yat qolbi salawasna
tergantung ka pamanggih ru'yat panon,
geura eta tingal nu gumebyar beureum,
tangtos ru'yat qolbi
guguru heula ka panon kapala,
tegesna ari uninga yen beureum,
meureun bae da geus terang rupa beureum, nyakitu deui anu koneng, bodas sareng hideung,
geura mun tacan uninga sifat di lahir,
kapan ka barang nu diaku qodim
moal tiasa ngareka rupana;
mangga nyandak jalmi lolong,
tapi ulah nu lolong anyar;
kedah nu lolong ti barang gubrag ka dunya,
cik pek mangga titah tajali atawa tarekat,
naha qolbina tiasa awas sareng terang
kana sifat-sifatna ?
urusan ru'yat qolbi
mangke ditaroskeun deui
kana kapentingan agama.
atuh ru'yatna perelmuan oge engke deui bae,
da kedah berhubungan sareng ru'yat qolbi.
jalaran urusan ru'yat jadi seuhna perelmuan, engke urang pandeurikeun,
ayeuna aya saur kieu :
"Maraneh kudu mikir kana dadamelan Allah,
tapi ulah mikir kana Zat Allah,
lantaran maneh moal bisa ngukur watesna",
(duka bener, duka henteu, dalilna kieu :
Tafakkaru fie chalqilahi wal tatafakaru fa inna kum lan taqdiru qadrahu).
ari dalil mah kudu kana kitab bae;
surahna, sundana, malayuna, walandana, Inggrisna didinya aya kabeh.
peraturan teh kudu bisa jadi kapercayaan, lantaran kapercayaan anu berhubungan urusan
ka Allah an aya 2 tingkat ceuk ahrul Sara : Tafakkaru fie chal qilahi
wala tata fakaru fa inna kum lan takdiru qadrahu,
tah dalil eta nu dikuatkeun,
ari ku elmu Haq, dalil ieu nu dikuatkeun :
Awalahu wajibin allal insanu ma'rifatulohitaala bistiqoni (awalu dini marifatulohi)
eta mana anu leres ?
Sara leres,
Haq leres.
eta dalil parantos kasaksi ku kitab-kitab.
upami ngabantun tina kitab,
disaksian ku kitab,
disahkeun ku kitab,
meureun benerna ge bener kitab eta mah,
mana ari bener keur urang,
cing atuh sing emut naha kitab
nu neangan kasampurnaan teh?
atawa urang ?
kantenan urang ,
ngan ngabantun jalan-jalanna tina kitab.
lupami ngabantun tina kitab
sareng nu dianggap sah tina kitab
geus bae ulah sok nyarita jeung papada manusa, kitab bae ajak mudakarah,
meureunan sagala aya,
da mudakarah jeung manusa mah kudu terang elmuning manusa,
eta kapan urang kapungkur geus jadi mu'alim, kapan lain mu'alim buaya .........
geuning ari pangakuan mah kapan
jadi "mu'alim manusa" ,
tapi kakara jadi mu'alim kitab,
da ku dumeh tacan terang elmuning manusa tea, tapi ayeuna mah sugan geugeuy.
nu dianggo saksi ku urang upami sanes tina
hadis dalil atanapi kitab
anu mana atuh ?
anu jadi saksi-saksi
pikeun ngaenyakeun perelmuan oge ku tilu rupa : hiji akal
dua pikiran
tilu perasaan.
tah eta 2 urusan,
nya-eta Sara jeung Haq pamanggih
geusan nerangkeun kaayaan Allah,
anu kasaksi ku saksi-saksi diri,
.
jadi saksi rasa, akal jeung pikiran
ayeuna rek milu nyaksian
ka nu geus kasaksi
ku saksi-saksi tea ?
urusan dalil tafakkaru
nu dikuatkeun ku ahli Sara,
eta oge bener,
margi ngabantun saksi kitab,
nya kitu deui dalil Awalu wjibin,
eta oge bener
da kasaksi ku kanyataan pamanggih manehna, kalawan kasaksi ku imanna keur waktu tajali,
ayeuna nerangkeun elmuning nu kapanggih
sarta kasaksi ku kana dadamelannana
ku percaya jeung ma'rifat oge kudu,
tapi papada ma'rifat oge
lain ngajinis kasaksi ku pancadria urang mah, ngan ma'rifat ka ayana Allah
ku awasna elmu tea,
"Saha-saha nu ditanya tina hal elmu
tapi manehna teu nerangkeun,
tangtu manehna dina poe Qiamat
dikadalian ku kadali seuneu".
(Man su ila an ilmin fa katamhu uljima yaumal qiyamatibi lijamin min-naar?)
tah geuning sanajan kitab oge sakitu nyarekna ulah sok nyumputkeun kanyaho,
ngawitan nerangkeun dalil :
Man arofa nafsahu faqod arofa robahu,
sareng
Man arofa robahu, faqod jahilan nafsahu.
Sundana :
saha-saha nu nyaho ka dirina,
tangtu nyaho ka Pangeranna,
sareng Saha-saha nu geus nyaho ka Pangeranna tangtu dirina ngarasa bodo.
tah eta kang dalil pang pentingna
anu matak urang kudu ma'rifat teh
geura kanyahokeun jatining ingsun,
tangtu engke ma'rifat ka Allah,
sareng engke upami parantos marifat ka Allah, tangtos urang salamina ngaraos
teu daya teu upaya usik malik
anging ku pangawasa anjeuna
anu ceuk dalilna deui :
wahua ma akum aenama kuntum.
Saha-saha nu nyaho kana dirina,
tangtu nyaho ka Pangeranna,
tah eta bahasa Sunda
nu eces nu nyata kalawan tetela,
nerangkeun yen upami nyaho kana diri,
tangtu nyaho ka Pangeran,
ari diri teh
lain urangna,
lain Ingsunna,
diri mah jirim jeung jisim,
ceuk bahasa Walanda mah :
stoffelijke lichaam en astraal lichaam,
jadi tegesna yen "urangna"
disifatan ku jirim sareng jisim (rohman-rohim) tangtu terang ka nu kagungan eta persifatan, nyatana nya Maha Suci tea.
Sanggeusna urang terang ka nu nyifat ka urang, kakara urang sing rumasa
Lahaula tea,
tah nu Lahaula mah jatining ingsun tea.
dina kitab ditulis, yen Kj Nabi Muhammad
teu pupus, sabab lamun anjeunna pupus
alam dunya oge moal aya,
pupus soteh majajina nu Sumare di Madinah
tapi Hakekina mah aya di urang,
nu matak wajib dikanyahokeun.
Jadi tegesna maksud eta kitab
majajina aya di Mekkah,
hakekina aya di urang ?
ari akrobna Majaji jeung Hakekina
dina naon ?
Dina Wujud !
ari majaji akrobna sareng hakeki dimana ?
dina wujud
lajeng diasmaan
Tah geuning piraku bisa jadi,
majaji aya di tanah Mekkah,
ari hakekina di Pulo Jawa,
kapan majaji tara jauh ti hakekina,
majaji tunggal jeung hakeki, piraku pipisahan, komo ieu nu lain-lainna deui,
beda bangsa beda martabat,
ceuk cohagna mah pamohalan
aya majaji onta hakekina kuda,
jeung deui
ari elmu di urang enya oge
make ngaran Muhammad majaji,
Muhammad hakeki,
enya make ngaran Muhammad tea mah,
tapi ulah nyabit-nyabit ka Muhammad Kj. Nabi,
ieu mah Muhammad lalandihan tukang elmu bae, tegesna teu patali jeung itu.
sifat anu 20 -- l
dipecahan 4 bae.
Nafsiah,
Salbiah,
Ma'ani,
Ma'nawiah.
nafsiah nyatana napas
salbiah nyatana panon (heherangna)
ma'ani nyatana lelegok ceuli
ma'nawiah nyatana sungut,
Ari pecahan 4 dina sifat 20 teh
ngawincik sifatna Allah ?
Atawa ngawincik pancadria ?
Ari sifatna mah sifat Allah,
mung bae kapan lamun milari Pangeran kaluar tina diri tangtos kasasar.
Naha lamun parantos terang kana
napas, panon, ceuli, sungut,
naha parantos ngaraos panggih sareng Allah ?
Kapan didinya ayana tarekat jati,
saparantos terang sifat nu 4.
teu naroskeun gumulungna sifat nu 4
dina keur waktu tarekat,
naros soteh sifat-sifatna,
piraku aya sifat Allah
dina ceuli, dina sungut,
kapan sifat 20 mah kaayaan Allah 20 sifat,
kapan ceuk tadi oge sifat 20 mah katerangan, tegesna katerangan geusan neangan Allah
kudu make sifat 20,
jeung deui lamun ngawincik sifat nu 20
dina ceuli, mana atuh langgengna ?
Dina Qodimna.
Naon Qodimna teh ?
Qodim napas angseu
Qodim ceuli denge
Qodim panon awas
Qodim sungut ucap,
anu matak didinya aya puji Qodim alal Qodim, hartina :
Sumembah ka sifat Qodim mah
kudu ku Qodim deui.
Sumuhun nu langgeng mah sifat "Qodim".
Kamal : Kang ulah lepat faham pang nyebatkeun aya Allah di badan, tegesna Allah angliputi urang kalawan Kudrat, Iradat, Ilmuna, jadi sategesna mah aya sifat hirup di urang.
Naha henteu 20 hannana ngaliputan salira bet Qudrat, Iradat Ilmu wungkul ?
Sadayana oge ngaliputan.
Ari Kiamuhuta'alabinafsihina,
saha nu ngadeg ku anjeun ?
Allah !
Ari urang ngadeg ku anjeun ?
Kantenan ti sabarang emut oge geus kieu
da buktina teu inget ka alam asal.
Har, kumaha
ari ngangken geus marifat ka Allah,
tapi luak leok ka alam teu inget,
ana kitu engke ngangken ka Allah ka kaula-Na.
Sumuhun raos kalawan katerangan tina sifat 20 kaulana tea nu dianggap Pangeran, jalaran kapan dina seuhna perelmuan geusan nyungsi jatining rasa, sedeng kapan ceuk dalil oge, rasa isun ya rasa gusti (al insanu siri waana siruhu).
Sing inget
kapan parantos seseepan dina buku taudz nerangkeun yen sakadang isun mah sagirna
tina idajil,
sareng deui mungguh kaayaan isun sareng kaula tea teu kinten bentenna,
ari isun mah nya nu parantos diterangkeun tea,
ari kaula mah hiji titel (asmana) si ingsun
anu geus kumawula,
tapi kade dina enggon-enggoning kumawula
sing emut, sanes kumawula ka dunya,
atuh eta mah kaulaning dunya,
tapi kedah kumawula ka gusti
kakara jadi kaulaning Gusti,
sareng deui ari pecahan sipat 20 mah bagian Nfsiah, Salbiah, Maani, sareng Manawiah
teu kenging disalang surupkeun
kana napas, ceuli, sareng sungut,
da eta mah wincikan Jasmani,
da sifat Pangeran mah sifat Goib,
jadi nu diwincik teh kedah goibna bae,
kitu oge upami parantos af'al kana kaayaan goibna diri ulah ari diaku sifatna Pangeran mah, kudu ngaku soteh af'al kana sifat Pangeran
anu nyifat di urang,
geura urang terangkeun saeutik tina bagian pecahan nu 4 sareng nu 2 Tina Nafsiah,
tegesna Wujud nu Maha Suci teh tetela ayana,
eta Datna; tina Salbiah nya saksina nu Maha Suci, teu kenging ditandingkeun sarta di cita-cita kalawan diadegkeun ku urang, tah eta sifatna.
Demi af'alna, lantaran nu Maha Suci murahna
ka kaayaan dunya miwah nu ngeusiannana
ku Rohman Rohim Pangeran,
nyakitu deui tumibana ka urang
eta Rohman Rohim, ngajadikeun af'alna
ku gelarna sifat Ma'ani.
tina rohman Kudrat jadi Anggahota
tina rohim Kudrat jadi Pangawasana
tina rohman Iradat jadi Jajantung
tina rohim Iradat jadi Kadaekna
tina rohman Elmu jadi Uteuk
tina rohim Elmu jadi Elingannana
tina rohman Hayat jadi Napas
tina rohim Hayat jadi Hurip
ku katerangan di luhur
urang tetela pangakuan kana ayana Pageran teh da sidik sifat rohman rohimna
geus nyifat sifat Ma'ani ka urang,
ari dina pecahan 2 tea
nyaeta istiqor sareng istigna,
geuning ari keur waktu tarekat
bakal ningali cahaya lir kaya sumorotna
panon poe ti pukul 9 dugi ka 11,
kapan sidik siloka anu maksudna
urang kudu terang yen anu bisa tunggal
jeung wujud (11) nu Maha Suci
anging nu geus bisa nunggalkeun (Wahdaniat) atawa 9 tea,
jadi seuhna.
9 -- Wahdaniat = tunggal
seuhna 11-- Wujud = aya
tapi awas nu tunggal jeung nu Maha Suci teh kudu sifat nu Suci,
lain Wahdaniat wadahna niat,
ngan niat jeung niat bae,
ari ngawujudkeun Suci mah tacan keneh,
nggeus bae angkeuhan ngaku sajero tarekat nuggalkeun (akrob) jeung sagara ning Suci,
puguh si isun,
mun boro-boro sasifat kapan kumawula oge
can bisaeun,
dibawa solat oge sok ngatrok bae,
cing mangga lenyepan,
enya aya puji "Qodim Alal Qodim" tea mah,
da gaib si isun mah sanes gaib Pangeran
kapan gaib billa haefin tea,
nu sok nyuwungkeun sifat nu aya,
nya terus Asmauli Jinsi,
ngajiniskeun Allah dunya tea, alias ........
Nur Cahaya.
Sareng deui keur waktos
ngagulungkeun sifat nu 4,
ulah rumaos nyumponan dalil:
Al Insanu Siri,
enya lali ka diri hilap ka badan tea mah,
atuh da eta mah pagawean si isun
ana fana osok kitu sareng
sanes antal maotu deuih,
geura si isun ana boga kahayang sok tauhid, upamana nu bahari kaharti ku akal bae,
lalakon Mi'radna si isun,
upamana pareng urang jalan jalan di jalan gede, lar nu tumpak motor, leng bae si isun ka bengbat, terus mi'rad,
ngimpi sajeroning rasa ngabogaan ata motor anclong-anclongan ka Pasar Baru sagala,
kapan eta geus lali ka diri tega ka badan,
kapan suku mah terus leumpang
tapi si isunna keur tumpak motor
panggih jeung nu wawuh oge tara patanya,
mun teu di gebah, tah kitu kaayaan miradna
si isun,
tapi maaf lain nuduh
mirad sajero tarekat
osok kitu,
ngan ieu mah tadi ge ibarat.
naha unggal nerangkeun pamendak wungkul
nu kahartos ku akal bae, sedeng dalil-dalil
nu tina kitab mah sok di ludat-ledot,
kapan nu bener mah anging kitab ?
Bener kitu Sumuhun.
Pamendak mah sanes kitab
ngan saukur bebeneran.
Sumuhun, geura mangga candak kitab,
naha nu baris maca teh urang,
atanapi kitab nu maca urang?
Kieu geura,
ieu urang ngabantun cau,
meureun nu di arah teh rasana.
Tah lepat eta teh,
kapan rasa mah parantos aya dina raos urang, ngan amisna dina cau tegesna rasa amisna cau,
nya kitu deui kana kitab,
benerna aya di urang,
bebeneran aya dina kitab.
Tah leres upami hayang bener
kedah ngabantun bebeneran.
Teu kedah,
da bener mah teu tergantung ka bebeneran,
sing emut, bener mah sanes bebeneran,
lumpat mah sanes lulumpatan.
ari alawi percaya henteu kana kitab ?
eta bae, ari salira alawi teh ahli elmu,
sedeng rupina ngalainkeun ka kitab,
kapan nu matak ngelmu teh
ngaku Islam panginten.
Ari ngaku Islam mah henteu,
da diajar keneh,
mun ngaku keur nyungsi alawi rumasa.
Sumuhun sawios keur nyungsi oge
ngan eta percanten kana kitab teh
atanapi henteu ?
Samemeh nerangkeun percanten henteuna
alawi tumaros heula
naon henteunna percanten,
sareng kapercantenan ?
Kapercantenan mah padamelan,
dupi percanten mah parantos didamel.
Tah nuhun upami ngartos mah,
upami alawi digawe teh
naon tah nu dipigawe teh?
nya pagawean ?
upami percaya ?
nya kapercayaan !
kapercayaan saha ?
nu tangtos
kapercayaan jalmina anu percaya.
tah geuning ngartos
kapan percaya teh kana kapercayaan pribadina, sanes kanu sanes,
atuh ulah tumaros,
percanten henteuna kana kitab,
kapan kapercantenan teh sanes keur batur,
da persoon teh sanes persoon ,
Lieur kang, pan urang teh palay sampurna,
na naon atuh ari sampurna teh ?
jalaran alawi teu acan sampurna,
jadi upami engkong hayang terang sampurna taroskeun bae ka nu sampurna.
teu terang saha nu parantos sampurna.
eta alawi uninga basa sampurna timana ?
mun kenging tina buku-buku.
tah atuh taroskeun bae kana buku.
cing atuh lain sing leres bae ngawaleran teh, kapan saur na keneh
pang ngelmu teh
pigeusaneun nyungsi kasampurnaan.
sumuhun da kasampurnaan mah
sanes sampurna.
naon atuh ?
Geus diterangkeun pang ngelmu teh
pigeusaneun nyungsi kasampurnaan,
samangsa-mangsa geus uninga kasampurnaan tah kakara nembe sampurna.
Kapan ayeuna mah boro-boro sampurna
kapan kasampurnaan oge nembe dipilari.
kapan aya deui basa Insan Kamil Mukamil,
hartina sampurnaning sampurna,
bakal beak rasana jasmanina,
jadi dat laesa kamislihi,
naon ari eta teh ?
eta mah sampurna beak
ari pamendak alawi mah
kecap sampurna teh Compleet;
kieu geura:
keur jaman orok urang teh eling,
ayeuna geus akir baleg urang ngarasa eling,
tah dina eling na ulah hayang teu eling deui,
tapi kedah gaduh tekad nyungsi sagaraning eling, kapan seueur paguron anu nekadkeun
hayang teu eling deui ,
eta teh sampurna cenah,
jadi Qamislihi deui;
benerna mah nyungsi sagarana,
tah sagarana nu pantes disebut sampurna mah, tapi lain eling wungkul,
da tadi ge diterangkeun
yen sampurna teh compleet,
tegesna ari nu kagungan sifat sampurna mah anging Pangeran,
ari eta Insan Kamil Mukamil
bakal manjing kana Dat laesa qamislihi deui,
eta oge leres teu aya lepatna,
namung saha tea ?
Si isun atanapi jirim jisim ?
Jirim, jisim mah
pantes manjing kana Dat laesa deui oge,
da sifatna itu,
tapi urang nu kajadiannana tina sifat itu.
Naha geus jadi insan ?
kapan ngigelkeun kamanusaan
maka lagu Islam teh sakieu hesena,
sok saliwang bae,
boro-boro nincak laguna,
nincak kecrekna oge salah bae,
Komo, Kamil,
Komo deui mukamil
wah anggur ge jeung lalamunan
jadi insan kamil mukamil mah
mending diajar semedi,
supaya ulah kabengbat ku pangreka
paguron palsu,
tapi semedi ge awas lain semedi
ngeningkeun cipta, ngagedekeun cita-cita,
atuh lapur deui
eta mah kaasup kana elmu
"Meditatie en Gedachten Concentratie" ,
gawena ngagulungkeun tekad,
ari tekad-tekad si isun komo kitu digulungkeun, sasat lamun kuda teah mah dilepaskeun,
nya terus nyebrut ka dunya deui bae,
hayang mulya,
hayang pinter,
hayang maju,
malah mun lugay ti Jasmani tea mah
hayang nitis kanu leuwih senang ti batan ayeuna,
ari ngaku elmu Allah,
tapi gawena cedihan,
embung mingpin anu miskin,
embung nungtun nu dusun,
tapi oborna mah Liefde (welas asih ka sasama) ngan sasamana
lain sasama gumelar,
tapi sasama saharkat,
sasama samartabat,
da ari kanu hina mah teu daek ngaku sasama,
tara nulung kanu butuh nalang ka nu susah,
ari manggih nu prihatin teh teu milu sedih
anggur nyered ka papasten,
kieu takdir kitu takdir,
nuding kana pambalesan,
welas asihna teh ngan saukur nyebut paingan:
"De oorzak en 't gevolgd"
tuluy semedi pagede-gede ciptaan,
nlik takdir nyawang kadar,
mugi-mugi ulah pinanggih prihatin ,
nyorang sagaraning lara,
anggur hayang wuwuh-wuwuh dilahir
ginanjar rahmat
tah nu kitu kaliru keneh,
benerna nyifat pasifatan Allah mah
enggon-enggoning miwelas miasih teh,
teu pandang bulu teu pandang rupa,
teu pandang kaya teu pandang miskin,
teu pandang bangsa teu pandang agama,
kasifat nu papada Gumelar mah welas asih bae, jeung teu pandang pamuji, teu pandang pamojok, estu iklas kumawulana ka anu dikawulaannana, geus iklas kana nafsu dunya,
wungkul tauhid ka Yang Suksma,
ulah cara ieu pangakuan mah
teu takluk kana kahayangna nafsu (begeerteloos) tapi si isun anu kabur,
diangon di tegal angkeuhan
dirungruman kamulyaan alam dunya.
Tah kumargi eta,
ku pangrasa alawi mah,
tinimbang urang seueur miceun waktu
anu percumah,
anggur eta waktu teh geura anggo keur ta'udz (salindungan kahadean, anggangan kagorengan),
da sanaos urang
seueur elmu,
seueur aosan,
seueur jampe sareng kitab-kitab oge,
upami urang teu kersa Ta'udz mah
tetep Batal-na,
hartosna moal soheh (sah)
pangajina teh,
sareng sabalikna sanaos urang
teu tiasa maca,
teu tiasa ngobrol oge,
tapi ana kersa Ta'udz mah
eta mah sami bae urang teh
geus bisa nyumponan kana ngaraning manusa
nu katetepan ku kamanusaannana
sareng moal keuna ku batal jeung haram
sanaos aya di tempat mana oge;
sakitu bae heulaanan ,
etang-etang bantuneun ka diri
oleh-oleh ti alawi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar