katerangan sareng saksi kitab ?
Lamun hayang katerangan sareng saksi kitab, atuh taroskeun bae kana kitab,
ieu teh urusan agama,
sedeng jaman ayeuna mah kedah tiasa milih
nu sah.
Hal urusan sah henteuna eta urusan kitab,
ngan sing emut bae, naha saha
nu nge-sahkeun kitab ?
atawa kitab nu ngesahkeun na ?
kahusuan agama .
Naha husu kumaha.
Hayang husus kana solat,
supaya entong sok utrak-atrok.
hayang bisa babarengan
sareng jirim sareng jisim ?
Ari maksud nu disebut solat teh naon ?
Sumembah ka Maha Suci.
Geus bisa can sumembahna ?
Nya-eta kapan disebatkeun utrak-atrok,
sulaya tina adegan sembah,
cindekna teu acan tiasa,
tah ku margi teu acan tiasa,
ayeuna kedah kumaha supados tiasa tauhid.
Samemeh nerangkeun patauhidan solat,
kedah ngartos heula, kana wincikannana,
naon nu matak urang sok ngalakonan waktu, sembahyang di saban-saban mangsana.
Ari emutan mah kalawan gelarna agama
disebat pagawean.
Tah yaktos pisan disebatna pagawean,
tah urang teh rek ngagugulung pagawean
atawa arek digawe.
Kapan eta oge digawe ku kalimahna
kalawan prak nangtung, lungguh, ruku, sujud, jeung paneda anu nyumponan cara-carana.
Ngaugkeun digawe,
cing kumaha wincikan na
Mimiti nu diaos naon ?
Adan,
Muji ka Allah nu sifat Akbar.
Naon hartina Akbar ?
Agung,
jadi teu aya deui nu agung
salian ti Maha Suci.
Naha parantos terang kalawan percayana
yen Allah teh Agung ?
Kantenan terang kalawan percanten 100 %
yen Maha Suci teh kalintang agungna.
Tah ning parantos terang kalawan percaya mah parantos bae tong di omomg-omong keun diapalkeun unggal solat,
da puguh Maha Suci mah geus tetela
agungna,
jembarna,
kawasana, geus teu kedah deui di puja-puji
da sadaya puji oge kagungannana,
urang oge kapan usik malik pupujian oge
ku pangawasa Anjeunna keneh,
tah parantos kitu ngaos naon,
tapi ulah salah paham,
lain nyarek make kalimah eta,
ngan gera prak kalimah anu diucapkeun teh
geura lampahkeun !
Parantos kitu urang ngaos
yen teu aya deui anu disembah anging Allah . . . . . . . . .
Parantos terang ayeuna mah
yen nu wajib disembah anging Allah,
atuh geura prak, sagala ulah tuturut munding,
ari prak mah teu acan keneh,
ceuk tadi taya deui nu wajib disembah
anging Allah,
kumaha eta parantos nyembah ka Allah ?
Numawi kacida lieurna
sugan teh sumembah ka Allah teh
biasa bae ku omongan jeung pupujian.
Enya kapan eta mah ngan ngabejaan,
tegesna nitah soteh kana prakna
lain nitah ngalelewe,
eta pang pentingna (voornaamste)
kalimahna naon ?
Alfatihah,
sabab teu aya deui kalimah anu pang pentingna lian ti fatihah.
Naon Sundana ?
Atawa surahna ?
Ari maksudna mah
urang teh nyuhunkeun kanu Maha Suci,
supados ditungtun kana jalan nu lempeng
sarta suci,
ulah ka jalan nu sasar sarta masiat.
Jadi urang teh nyuhunkeun ditungtun
kana jalan lempeng
ulah nu sasar ?
Sumuhun.
Nahs geus terang jalan-jalanna
ka sifat nu lempeng
jeung nu sasar ?
Pamendak abdi mah,
jalan nu lempeng tangtos ka sifat kabeneran atawa kahadean,
nu sasar tangtu kana kagorengan.
Tah geuning geus ngartos,
anu sasar anu lempeng,
tegesna sasar lempeng geus aya di urang
ngan kantun urang nu milihna
tegesna nya ngalakukeun,
naha atuh , unggal waktos menta ditungtun, kapan hade goreng geus aya di urang.
Eta bae supados tiasa ngambah jalan
anu lempeng tea,
numawi mindeng nyuhunkeun oge.
Naha kira-kira lamun hantem nyuhunkeun ditungtun kana jalan nu lempeng,
tapi kalakuan ngadatkeun kalakuan goreng
naha tiasa dijabah ?
Nu tangtos moal.
sing kahartos,
kiyeu kapan Allah mah geus kun pa yakun,
hade goreng geus aya di urang
ngan urang nu kudu boga kanyaho (Elmu)
anu matak kudu bisa ngelmu oge,
nya-eta pigeusanneun milih-milihna,
elmu nu dipake tahapan pakeun
nincak jalan hade,
kalawan prak nunda gorengna.
nu gorengna urang tobatan.
Tobat ka saha rayi ?
Nya kanu Maha Suci.
Naha da Allah
mah moal ngaganjar moal deuk nyiksa,
ari tobat mah eta kudu ka diri sorangan ,
tegesna kudu eureunan kalakuan
anu karasa goreng,
sabab anu ngaganjar jeung nyiksa mah
buah-buahna kalakuan urang keneh bae.
ari sumembah ka nu Maha Suci kumaha ?
Kieu geura,
ari sumembah ka Maha Suci mah
teu kenging ku lisan bae, tapi kedah prak, kalakuan urang wujudkeun nu sifat suci,
tobatna nunda kalakuan nu goreng
anu geus kasorang ulah deui-deui dipilampah, malah geuning talari sepuh-sepuh mah
kudu korban meuncit sipat bangsa hewan
sarta urang teu meunang ngakan deui dagingna , eta hartosna sifat-sifat ka hewanan
nu aya dina kalakuan urang kudu di peuncit, tegesna sina paeh atawa leungit,
sarta urang ulah ngakan deui dagingna,
hartosna ulah ngicip-ngicip deui,
sarta ceunah ceuk kasauran mah
unggal Mulud kudu indit neukteuk buntut
ka Cirebon
hartina sing inget urang ngarereb di dunya
keuna basa owah gingsir,
bisi poho sang hewan buntutan deui
tegesna ulah nyorang deui, kalakuan anu goreng geura teukteuk,
mukedaskeun dina wedal Kanjeng Nabi,
tegesna kalawan Rasa Sejati,
nu aya dina balumbang timurna Rasa Caang
sing cara somorot bulan tanggal 12 Mulud,
tah kakara solat eta mah sumembah kalawan husu, Iman, Tauhidna, Marifatna kalawan Islamna, gumulung ngajadi hiji,
nyungsi bibit kasucian,
ngudag arah ka Allahan,
moal keuna ku hama haram jeung batal
da eling salamina.
Jadi teges ari ngaran-ngaraning sumembah mah kudu kalawan prakna
tegesna kalakuan ?
Enya pan,
mun jelema keur resep di sifat goreng ,
sarta sabalikna mun keur milampah kahadean, hartina keur sumembah kana wujud Suci.
Tapi lebah dieu kade kaliru ku kasareatan,
loba jalma nu ibadahna getol,
tapi kalakuannana sulaya tina sembahna
tegesna tekad ucap lampahna paaing-aingan, jajauheun kana bener nu kitu jalma kafiran,
tapi tetep ari martabatna mah kolom kasasar, kasasar oge lain kasasar karampa,
tapi sasar teu boga ageman
ceuk basa arab mah ba'id.
Tapi kumaha urang dina cara-cara umum,
kapan dina lumbrahna
pada kaula mah ibadah teh
loba nu ngan semet lisan.
Naha urang tergantung ka lumbrah,
eta urang boga rumasa
tekad sumembah ka Maha Suci,
lain tergantung kana persoonlijk ?
Ari patekadan mah tergantung ka persoonlijk ngan eta bae kumaha keur lumbrah ?
Naha urang milu ambil pusing
ka lumbrah nu salah,
nu sarare keneh teges tacan hudang
ka bagian ka Allahan ,
tapi urang sorangan geus beunta,
teges geus awas ka nu di maksud,
naha rek sare deui bae ?
atawa terus berjalan.
Eta bae panginten
ari teu nyumponan kasare'atan mah,
jadi omong pada kaula.
ari jadi omong mah tangtu,
da kaayaan nu kitu pagaweanana manusa,
goreng ku gorengna, hade ku hadena teu weleh jadi tutur catur, buah carita, goreng dipojok
hade dipojok,
mana palebah dinya kuatkeun Iman urang,
sing bisa tirakat ngetan,
lain ngetan ngakan ketan, atuh eta mah
matak mejen,
tapi siloka ngetan hartina sing kuat
ku kapanas hate,
tapi umum oge ari beunang mah
geura tungtun bae, pecak-pecak elmu urang
geura tembongkeun ibarat konci, pecak asupkeun, tapi lamun sakira sereg mah entong dipaksa , temahna matak rujad duduluran,
sing emut ka saurna Dewa Brahma
ka Sidarta Kapilawastu nyebutkeun
kana tujuan Buda Sidarta,
yen lamun kabeh manusa cara manehna,
tangtu alam dunya moal rame,
sarta kumaha jawab Sidarta ?
Kuring teu rek ngomean nu embung,
tapi arek soteh ngomean nu daek
kalawan anu geus hirup akal pikirannana
katut perasaannana.
saha ari Guru mursid, nu aya di badan urang.
Ari nuduhkeun mah teu bisa,
da sa-enyana oge susah,
ka ngaranan boga Guru mah
kudu geus bisa guguru.
Kiyeu geura,
ari sa-enyana guru mursid mah
taya lian anging sifatna Allah,
sabab ngan sifatna Allah anu bisa akrob
jeung Allah jeung Rasullulan teges
bisa lumebet lahirna ka Baetullah,
batinna Baetal ma'mur.
Sifat nu mana tea ?
Nya-eta
Kudrat, Iradat,
Ilmu, Hayat,
Sama, Basar,
Kalam
atawa Sara jeung Rasa,
atawa Rahman jeung Rahim,
atawa Jirim jeung Jisim,
jadi kanyataannana mah nya ieu,
Muhammad Majaji jeung Muhammad Hakeki. Lahirna urang diajar ku majaji
kalawan pangawasa Pangeran,
urang jadi loba kanyaho, guna pangartina;
batinna diajar ku hakeki
kalawan Kudrat, Iradat Pangeran,
urang jadi boga perasaan
guna kaluhuran budi.
ibarat jeung isarah supados jelas ngartina.
Kiyeu ,
hiji ewe salaki,
upama ngumbara ka negri Walanda,
diditu cunduk ka waktu ninggang ka mangsa
eta jelema teh boga anak, anakna geus tangtu adat tabeat kalawan basana
nu ilahar dipake didinya,
malah kadaharannana oge tangtu kadaharan
nu aya didinya,
tah ku rarasaan eta budak mah
manehna teh bibit urang Walanda,
kabetahan karasa taya wates wangena.
Tapi sanggeusna akir baleg
sarta geus boga kanyaho,
manehna kakara ngarti yen manehna teh
asal urang tanah Jawa,
ngajuru salebet ngumbara ayeuna eta budak
salin perasaan, keukeuh cumantel hayang bisa mulih ka Jati mulang ka Asal
tegesna hayang bisa balik ka nu diibaratkeun tanah Jawa tea.
Tah ku margi eta,
ku ka mistian mah anu baris ditanya
ku eta budak teh, teu aya deui
anging Indung Bapana,
da ngan eta nu wajib dicukcrukna ,
ngan eta nu jadi Guru Mursidna,
urang ge nya kitu geura kanyahokeun bae "Rohmani Rohim" da eta nu asal tina Datna Gusti.
Ngan ayeuna etang-etang panutup carita ,
gampil kapayun urang teraskeun deui . . . . . . . . . .
Ibarat cai,
ku kaayaan geus jadi (es),
upama disidikeun es teh bet cai wungkul,
kitu deui badan urang,
upama di sidik-sidik mah
Jas-mani teh Rohmanian, Roh-himna
berguna keur ngarasakeunnana . . . . .
Atuh ayeuna mah ibarat keur jadi es,
ulah resep dibungkus ku tai raga ajian bae,
jeung ulah ngahayoh neangan raga-jieun bae
bisi urangna
(es teh caina ngahiji jeung RAGA-JIEUN).
Hartina mah
sukma teh ulah akrob jeung raga-jieun (stoffen), tapi samistina upami
palay ngahiji sareng Allah
nyalindung bae atuh ti ayeuna keneh
kana wujud anu sarae,
moal salah deui lugayna jasmani teh ROHMANIROHIM (sifat nu nyipatan) ka urang bakal kana Dat-na deui . . . . .
Es nyalindung ka cai, leungit es jadi deui cai . . . . TA'UDZ atuh, anu tangtu bakal aya
di-nu di-salindungan . . . . . .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar