Percaya kana kitabna Allah
Ayeuna dina rukun Iman nu ka 3 ,
urang kudu Percaya ka Rasululoh ,
ari Rasul Allah
nya-eta anu jadi asal ayana perasaan
anu tarumempel di mahlukna Pangeran tea, kalawan perantaraannana "Safa'at" Anjeunna ! !
Ari katerangan ama kieu :
"Rasululoh" teh nya-eta
anu ngagaduhan "Rasa anu Sejati"
anu tiasa manggon tur ngaraos
sakabehna rasa dina Alam Kalanggengan,
ceuk cohagna mah : di "Swarga",
anu dieusi :
Kasehatan,
Kani'matan,
Kasucian,
Hak sagala maksadna tinekanan
jeung hirup anu sajatina
(inget ari hirup lain hurip),
sarta eta Rasa nu 5 ku ahli ber-elmu mah
rajeun oge sok dipangkatan ku :
Adam Halifatuloh --
Noch Nabiulah --
Ibrahim Halliuloh --
Musa Kalamuloh --
Isa Rochuloh -- jeung di kumkeun nana ku Muhammad Rasululah.
Beuki tetela,
ku ayana rasa-rasa nu tumempel di mahluk,
urang bisa nyebut sarta ngarasa
yen eta rasa-rasa teh asal tina safa'atna
para Rasul anu kasebut di luhur tadi
anu araya di Alam Kalanggengan ,
ngan bae lantaran urang ayana
dina tempat kajadian anyar (Dunya),
tur badan jeung hurip oge tina dunya,
anu ngandung kracht-krach
(kakuatan reujeung adat lembaga)
nu nimbulkeun "Hewani"
(Amarah, Luamah, Sawiah, Mutmainah)
anu kaperluannana oge pikeun dunya deui ,
jeung tina sifat (rasana) nimbulkeun "Haelafi"
nu mibutuh kurasa nu sampurna,
eta safa'at teh katarimana
jadi papasangan,
buktina kieu :
cageur jeung gering --
tina Kanikmatan nya nimbulkeun kanyaho : ngeunah jeung teu ngeunah --
tina Kasucian nya nimbulkeun kanyaho :
hade jeung goreng --
tina Hak sagala maksad nya nimbulkeun kanyaho : kacukupan jeung kakurangan --
tina Hirup nya nimbulkeun kanyaho :
eling jeung poho . . .
eta safa'at ti 5 Rasul nya jadi Kitab.
Ibarat anu geus dicaritakeun tadi,
ari dihijikeunnana dina rasa (Hakeki),
dijilidan ku badan urang sakujur (Majaji) --
ari Kitab nu Nyare'at nya-eta :
Pangasihna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w.
ka umatna , geus masihan piwuruk
anu kacida berfaedahna pikeun jalan kasucian
nu ngadung jalan-jalan Agama Nabi.
Jadi enya, sarta urang kudu rumasa,
yen lamun urang teu percaya
atawa teu make kana eta pangajaran
jeung ka Rasul Allah,
atuh urang teh bodo (euweuh kanyaho) ,
sababna ?
- Sanajan boga badan,
- Sanajan bisa daya,
- Kumaha ari euweuh kanyaho ?
Atuh lapur !!!
meureun sarua bae jeung nu owah.
Ana kitu urang kudu percaya ka Rasululah teh !
Nu kumaha nu bisa nyaho
ka nu ngagaduhan Rasa Sejati ?
Ari anu gaduh Rasa Sejati teh
nya-eta anu aya dina bagian
"Salbiah" :
- Nu Kidam (tiheula),
- Nu Bako (langgeng),
- Nu Muhalafatulilhawadisi (beda),
- Nu Kiamuhuta'ala - binafsihi (ngadeg ku anjeun),
- Nu Wahdaniat (nunggal),
nya-eta urang kudu make jalan
ti bagian
MA'NAWIAH :
- Urangna nu cukup katerapannana Pangawasa tea atawa nu jejeg tur panceg panggahotana (KODIRAN), sabab mun teu cukup panggahotana mah atuh bororaah nyaho kana Rasa Sejati, da sidik rasa sorangannana oge kurang keneh.
- Urangna nu daek iradat atawa daek ngulik boh lahir sumawonna batin (MURIDAN), da lamun teu daek iradat mah sanajan ngaku luhur panemu oge, moal aya buktina.
sanajan urang rek neangan Rasa nu saenyana oge babaku kudu :
- Kodiran --- anu kawasa
- Muridan --- anu kersa
ku lantaran geus boga kanyaho tea (ALIMAN) atawa Anu Uninga.
Ngan bae dina enggon-enggoning
neangan eta Rasa,
urang kudu make saksi anu 4 deui,
sabab lamun teu kasaksi
ku rasa urang pribadi mah
eta matak disebut tuturut munding deui,
sarta tangtu matak jadi ngaham-hamkeun
kana kapercayaan urang.
Naon saksina ?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar