Kalawan asmana Pangeran
nu ngagaduhan sipat welas jeung asih.
Ieu kalimah oge cara nu disebut tadi di luhur,
nya-eta pokna sakabeh ajian,
sarta jadi patokan katauhidan ka Allah ta'ala sabab dina ieu kalimah oge netepkeun
kana ayana asma jeung sipat nu Maha Suci (asmana nya-eta Allah sipatna Welas Asih),
ieu kalimah oge kudu dibeuli
ku tekad, ucap jeung lampah nu nyipatkeun
kana sipat Gusti tea,
nya-eta salawasna urang kudu milampah pagawean nu berdasar welas jeung asih
ka sakabeh mahluk nu kapanjingan
sipat ka welas kasihan Gusti.
Contona:
nyaeta mandang kana adegan nu sejen
kudu saperti mandang kana dirina pribadi,
boh ka manusa atawa ka sato-sato,
kana tatangkalan oge
urang kudu neundeun eta persipatan,
mun bisa mah, nenjo tangkal kagaringan oge urang kudu daek kalawan rido nyebor ku cai, supaya manehna sehat deui,
malah dina putak petik bubuahan oge
ceuk elmu galeuh (agama pohaci) mah
kudu mipit amit ngala bebeja,
da sanajan tatangkalan oge
kajadian tina sipat
Rohman-rohim Pangeran keneh,
ngan bedana mah
manusa boga pangawasa jeung kanyaho leuwih
ti batan anu dicaritakeun di luhur,
tah kulantaran eta sameujeuhna lamun urang leuwih berbudi tibatan mahluk anu sejen,
atuh ulah nyieun talajak kakejeman,
saperti nenjo sato anu lintuh
hayang geura kop ngadahar,
nenjo barang alus anu dipiboga ku batur
sok hayang ngabogaan,
atuh lamun kitu tetela urang leuwih hina
ti batan anu jadi sato,
nya kitu deui kecap
Bismilahirohmanirohim teh
sulaya jeung kalakuannana,
sok komo ana nenjo nu sok bari mergasa
nyawa batur ngucapkeun :
"Kalawan asma Allah anu sipat welas jeung asih". Naha ongkoh nyaho yen kudu welas jeung asih, tapi ieu kalimah dipake maehan nu martabatna sahandapeun manusa?
Naha teu leuwih hade
lamun mergasa nyawa batur
bari make kecap kalawan asmana ijajil
anu sipatna luas jeung kejem?
Tah ku sakituna katerangan
bedana kecap jeung lampah Ta'udz
(rek nyalindung ka Allah
jeung ngajauhan kalakuan setan) jeung Bismilahirohmanirohim
(muji kana asmana Gusti nu Maha Suci
anu sipat WELAS jeung ASIH).
Cindekna kieu :
mun Ta'udz
"Abdi Gusti bade nebihan laku anu awon" ari Bismilahirohmanirohim artina :
"Abdi Gusti bade welas asih
ka sasama mahluk Gusti".
Jadi ayeuna urang bisa nimbang
naha jaman anu bohong ? (Wereld is bedrog?) atawa anu ngajamannana anu bohong?
Komo ceuk dongeng anu bohong mah,
bejana arek neluh atawa ngaganggaong oge jampena teh mimitina sok make kalimah
Ta'udz jeung Bismilah heula,
kupantes anu karitu lamun enya mah
ayana naraka, pantes pieusiannana teh
yen kalakuan sulaya tina maksudna kalimah,
atuh geura mangga upama geus areling ,
prak atuh pilampah kalakuan nyalindung ka Allah sarta ngajauhan lakuning setan
supaya bisa nyumponan muji
kana asmana Wujud nu Maha Suci,
sarta ngaenyakeun yen Pangeran teh sipatna welas jeung asih,
nya kitu deui nu rumasa jadi umatna Allah
pada daek mangeran ka anjeuna
ku ngalakukeun laku lampah nu mikawelas jeung mikaasih
ka sasama mahluk Allah
anu babarengan pada ngumbara di alam dunya supaya bisa salamet ti dunya nepi ka akheratna,
karana geuning kakara urang hirup
dina rohman rohimna oge,
tur kajasmanian ku sipating dunya
(beureum, hideung, koneng, bodas)
jeung lamun urang bisa nyingkah-an
napsu setan sok tara jauh jeung katumaninahan,
sok komo lamun urang bisa tunggal di anjeuna (Inna Lilahi Wa Inna Lilahi Roji'un),
karana ku pamantesna rasa
yen dina Wujudna Pangeran
estu pinuh ku sagara rasa kani'matan (Rasullulah).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar