Japun!
Awaking kiwari
Deuk make pasang pasaduan,
Pasaduan guru.
Ahung!
Pak sampun!
Majar ahung tujuh balen
Ahung deui,
ahung deui!
Ahung manglunga,
Ahung manglingeu,
Ahung mangdegdeg,
Ahung manglindu.
Paksi kangkayang
Basaning angka,
Hayam beureum puti kukang,
Anjing belang sina tawe,
Mapay paksi ka hilirkeun,
Rempuh bayu ti galunggung,
Mapag bala ti Jasinga,
Sasakala Indra Baya.
Ambuing sira mangumbang,
Bapa ing terus mangambung,
Pang jungjungkeun,
Panglawungkeun Sora awaking.
Ka luhur ka nu di manggung,
Ka nu wenang mucuk ngibun,
Ka atina sukma langlaung,
Gurit leungit cakra mega,
Wekas tuang ka hineban,
Korejat milepas manten.
Reuwas teuing ku impian,
Ngimpi ngadu picis di langit,
Totolan di awang-awang,
Ditujah tuang tilepan,
Diwaca henteu kawaca,
Taya panca aksarana.
Tujahkeun
Ka lautna,
Ka harusna,
Ka sagara leuleuy,
Ka sagara ireng,
Ka sagara lolopangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar