ELMU NA KAPALA DESA
Ku sae ngurus sareng metakeun
nu janten Lurah katut
punggawana ka Rahayat.
eta desa estu janten pamujianana sadaya Pangagung waktos harita;
malah seueur Lurah lurah ti sanes desa anu ngahaja naros ka eta Lurah tina rupi-rupi hal
anu perlu dijalankeun di desana,
ngumaha supados desa tiasa subur,
beres roes sapertos nu parantos kajantenan
di iyeu desa na.
Hiji waktos saparantosna beres nguruskeun
ieu sareng itu di bale desa,
Ki Lurah Desa ngadeheus ka kasepuhanana
nu linggih di Waruga-jati,
nya eta
Sang Pandita Jati Rasa,
padesan Karang Desa keneh.
Waktos ngadeuheus Ki Lurah parantos ditaros rupi-rupi pertarosan nu ngait kana kaayaan padamelan Ki Lurah.
Desa sareng Rahayatna,
nya kitu deui Ki Lurah parantos nerangkeun kasalametannana, oge disarengan ku ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka sang Pandita, wireh nu karaos ku Ki Lurah sadaya nasehat
ti anjeunna anu parantos dijalankeun
estu seueur pisan mangpaatna.
Saparantosna tuang leueut,
Ki Lurah dicandak ngalih ka bale-kambang,
nyaeta tempat kalangenan Sang Pandita ngaheningkeun panggalihna…….
Didinya Sang Pandita ngawitan naros
sajabina ti urusan nu parantos diterangkeun
ti payun kieu:
“Isun
(Isun teh jenengan Ki Lurah keur waktos alit tea, ku jalaran teu aya asa sareng jiga deui,
Sang Pandita nyebat ka Ki Lurah teh Isun bae, henteu nganggo jenengan anu anyarna .
Mama arek nanya, lantaran geus leuwih ti sataun lilana maneh mawa binih ti Mama,
tah kumaha ku maneh diditu,
naha geus dipelakkeun , jeung
kumaha buah-buahna?”
Isun :
Perkawis binih anu kapungkur pasihan ti Mama, ku sim abdi sapalih-paliheun parantos dipelak sareng Alhamdulillah buah-buahna mah
sarae pisan,
buktos anu parantos dihaturkeun ka Mama
ku sim abdi tadi.
Pandita : Lamun ktu mah atuh sukur karana …..
ari cara Mama mah teu weleh melang bae
ka maneh teh sok komo maneh geus kapilih
kunu jadi Rahayat dijadikeun Lurah,
ari Lurah teh ngaran pangkat, tur eta pangkat sajabana diangkat kunu jaradi Rahayat,
oge disahkeun kunu jadi Pangagung,
jadi lamun maneh teu nyumponan kana ngaran kapangkatan ku pagawean maneh sacarana
jadi Lurah , eta matak meunang bebendon ti Pangagung,
jadi salawasna maneh kudu inget
yen maneh teh estu beurang reujeung peutingna disaksi ku nu ngarangkat jeung ngesahkeun maneh.
Isun :
Sacariosan anu disaurkeun ku Mama bieu
ka raosna ku sim abdi anu yaktos pisan,
salami sim abdi janten Lurah,
elingan sreng pikiran teh meh taya tentremna
cus cos kaditu kadieu sieun sareng risi
gulung ngajadi hiji,
sieun desa teu kaurus kalawan beresna,
risi aya kalepatan ka Pangagung
sareng rupi-rupi deui.
Pandita :
Tah nya-eta kitu, nu matak Mama teu weleh ngelingan ka maneh, ngan ayeuna kieu,
geura kanyahokeun bae heula
kaperluannana Rahayat
supaya Rahayat anu aya di desa maneh oge barisaeun nyumponan kana ngaran Rahayat,
supaya maneh babari ngaluluguannana ,
kieu geura:
ari hartina Lurah teh
Luluguna Rahayat anu aya di desa,
ari hartina Rahayat
nya-eta jalma anu aya di desa tur nyumponan kana ngaran karahayatannana,
jadi palebah dieu maneh kudu ngarti,
dimana aya jalma anu sok ngumbar nafsu
tur temahna matak ngajadikeun cilaka ka desa katut pangeusina ku maneh ulah rek diluluguan, angger kudu buru buru pasrahkeun
ka nu wajib nguruskeunnana,
ari cirina jalema anu teu nyumponan kana ngaran Rahayat tur aya matak ngusutkeun desa katut ngaran Rahayat nya-eta:
1. Nu sok ngumbar nafsu hewan (roh hewani),
eta henteu nyumponan kana ngaran Rahayat,
sabab gawena ngan resep nyiar panyerewedan,
ari badan manusa,
ari adat cara sato
nu sok resep diadukeun.
2. Nu sok ngumbar teuing nafsu dunya (duniawi), adatna hawek tara malire ka batur
asal ngawungkul keur manehna,
ari badan manusa,
tapi adat cara buta.
3. Nu sok ngumbar nafsu iblis (robani),
adatna resep ngarusak rumah tangga batur,
sahwat nu diatur-atur,
sifat cinta geus teu aya,
wungkul ngudag pangabogoh,
ari badan manusa,
tapi adat cara siluman.
4. Nu resep ngajalankeun eta anu tilu hal
nu kasebut di luhur,
nya nu kitu nu sok ngaruksak
ka tentreman Rahayat ,
negara katut eusina,
disebutna adat setan.
Ari anu disebut Rahayat
mah nya-eta:
jalma-jalma nu daraek usaha keur kaperluan
rah (getih)- na
jeung oge ngulik keur kaperluan hayat (hirup)-na, karana ku maneh oge tangtu kaharti:
yen rah teh eta jadi nyawana Jasmani (cageur)
jeung hayat eta jadi nyawana Rohani (bageur),
nya kitu hartina Rahayat teh
jalma-jalma anu migawe kalakuan
keur cageur jeung bageurna ,
sabab ku kayakinan Mama lamun pangeusi desa geus carageur jeung bageur,
nu jadi lulugu (lurah) teh moal hese nguruskeunnana.
Ku hal eta
maneh kudu
nganyahokeun
jeung
ngelingan
ka Rahayat maneh,
supaya maranehannana daraek migawe pagawean nu matak ngahuripkeun desa jeung ngahirupkeun kamanusaannana.
Isun :
Sadawuhan Mama ku sim abdi kahartos pisan, malah sim abdi moal bade ngabantah,
margi yakin upami Rahayat parantos tiasa marigawe kana pisanggem Mama bieu,
Lurah teh moal sesah nguruskeunnana ….
mung bae sakalian bade tumaros
naon deui anu kedah dikanyahokeun ku sim abdi sajabina ti eta?
Pandita :
Di desa aya kokolot,
ari hartina kokolot teh nya-eta jalma
nu geus dipikolot ku Rahayat
tina hal ngurus kaperluan cageurna desa
katut eusina ….
Nyieun (aya) Lebe
nu jadi pamanggulna tina hal urusan Agama
di desa,
pagawean Lebe teh
wajib ditiru nu hadena
ku Rahayat nu rek ngahirupkeun kamanusaannana.
Lebe geus mere conto ku lahir (carita)
boh ku prakna ,
geuning ti gubragna orok, salametannana (nyunatan, ngawinkeun, warisan jeung sajaba ti eta) diurus ku Lebe,
kitu deui papatina,
serah, ruju nepi ka maotna diurus ku Lebe keneh, nu matak pantes Lebe teh ku tukang Agama mah dibere ngaran Amil
nu pihartieunnana
tukang amal (lain tukang amal-amalan wungkul), malah sajaba ti eta,
Amil teh geus ngabantu nu migawe pagawean
nu diparigawe ku sasama ponggawa desa…
Ari polisi
nya-eta pikeun ngajaga kaamanan desa
jeung negara…
Ku ayana aturan nu sakitu beresna,
oge di desa aya sakola
pikeun ngamajukeun Rahayat
pikeun ngudag kamajuan nurutkeun jamanna (sangkan calageur)….
Pasantren ngajarkeun aksara jeung basa Arab ,
supaya rahayat ngarti kana tujuan Agama
(supaya balageur)…
Ari maneh lurah ,
sajabana nganyahokeun jeung ngahartikeun
kana sakabeh urusan ponggawa
jeung kaayaan desa,
oge maneh kudu nganyahokeun
naon nu wajib dipigawe ku maneh,
karana lamun nurutkeun kanyaho Mama ti luluhur urang baheula mah
Lurah teh jadi wawakil Kanjeng bupati di desa,
ari Bupati jadi wawakil Ratu di nagara,
ari Ratu minangka jadi wawakil Allah di Dunya…..
Lantaran kitu atuh Lurah teh
nya kudu ngaharti kana jalan ka Allahan,
da maneh teh leutik-leutik oge
jadi wawakilna Allah
di desa,
kitu soteh ceuk Mama.
Isun :
Menggah kangge sim abdi mah
pangna tumaros ka Mama oge
nya-eta
rumaos kirang kanyaho,
ayeuna ku Mama bade diwasiatan,
atuh nu teu kirang-kirang nya kaatohan,
mung bade tina pertarosan Mama tadi
“kapake atanapi henteuna ku sim abdi”
eta mah kumaha engke,
sae bae ku sim abdi diturut,
awon bae atuh moal.
Pandita :
Mama boga kanyaho
warisan ti luluhur maneh,
nu jenengannana
Ki Buyut Sunda,
nya-eta Aji Dipa (elmu papak),
ayeuna rek didongengkeun ka maneh,
ku lantaran eta salah atawa benerna
dongeng Mama, ku maneh catet,
ari nyatetna kieu :
lamun ku maneh
teu kaharti sarta
teu kasaksi ku rasa,
eta geura sebut salah;
tapi
lamun kaharti
sarta kasaksi ku rasa,
geura sebut bener.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar