aji rasha:
Neuleuman kasajatian:
1.Nafsu,
nyaéta cahaya beureum tangtungan seuneu kasajatian juhud,
nu hirup rumingkang
di sakur alam
nu jadi tangtungan jati diri sareng wangunan
kasajatian adam (akma–sukma).
Jadi amparan lampah, ngumpama nu
ngabuahkeun tanaga ngalahirkeun kakuatan, numutkeun adab lampah kasajatian dina kajuhudan.
2.Akal,
nyaéta cahaya bodas tangtungan cai kasajatian tuhu,
nu hirup rumingkang
di sakur alam
nu jadi tangtungan jati diri sareng wangunan
kasajatian adam
(akma, sukma).
Jadi amparan lampah, ngumpama nu
ngabuahkeun kabersihan, ngalahirkeun kasucian numutkeun adab lampah kasajatian dina katuhuan.
3.Waruga,
nyaéta cahaya hideung tangtungan bumi
kasajatian rusiah.
nu hirup rumingkang
dina jati diri sareng wangunan kasajatian adam (salaku manusa/jalma),
jadi tutunggangan lampah, ngumpama nu
ngabuahkeun darma ibadah ngalahirkeun amalan lampah karusiahan.
4.Kinasihan,
nyaéta cahaya kalangkang hérang tangtungan wening kasajatian Alloh,
nu hirup rumingkang
dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngumpama nu
ngabuahkeun kadeuheusan ngalahirkeun kacintaan,
numut adab lampah nyawa dina kasanggupan
élmu sajatina.
5.Karahayuan,
nyaéta cahaya ngeplak tangtungan bodas
kasajatian Rosul,
nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun darma agung
ngalahirkeun asah, asih-asuh simbul wawangi sajati
basta silih wangian, numutkeun adab lampah mimpin (ngakhalifah).
dina kasanggupan
élmu kasajatianana.
[18/12 20:12] aji rasha: 6.Khalifah,
nyaéta enggon gumilang, tangtungan nabi
kasajatian mimpin,
lampah tapané
sajatining hurip,
Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuah lampah ngangon diri ngawuluku sakur kasajatian,
Jadi amparan lampah ngangon diri nu ngabuah laku ngatik ngadidik,
ngasuh ngabimbing,
ngabina.
Jadi amparan laku ngawuluku kasajatian diri, ngabuah lampah ngaji diri neuleuman kasajatian
ngolah diri
ngalampahkeun kasajatian.
7.Ibadah,
Nyaéta darma nu hirup rumingkang dina hirup sareng kahirupan adam (salaku manusa/jalma),
jadi dandanan kasa-jati-an khalifah
nu ngabuahkeun darma ngalahirkeun amalan, numutkeun adab lampah kasanggupan dina ngawurkeun wawangi sajatina.
Kautamaan adam
salaku khalifah bumi :
Lain sawates
kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis,
lain saukur
katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat,
tapi aya dina
kasanggupan mimpin, kasingeran ngangon sakur kasajatian nu aya dina diri (bumi) sareng
kasurtian,
katalitian sareng
ngarti kana wawangi sajati dina wujud adab–adaban sareng panarat
nu jadi tatali paranti kasajatian Gusti Mahasajati, para sajati,
diri sajati jeung
makhluk sajati.
Kautamaan manusa
dina lampah ibadah ka Gusti :
Lain dina
kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis,
lain dina katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina
kaweningan-
kasajatian élmu sajati.
Nu ngalahirkeun kadeuheusan ka Gustina (manunggal
sajatining abdi kaula Gusti) sareng kacintaan
ka makhluk-Na.
(manunggal sa jati ning abdi kaula makhluk),
Nu ngabuah laku lampah cageur,
bageur,
bener,
pinter sareng
singer.
jembar manah -
asak hampura,
handap haté/asor -
syukur nikmat,
pasrah sumerah -
luhur tarékah
Kasampurnaan darma adam salaku khalifah bumi sareng adam salaku manusa
ibadah ka Gusti
[18/12 20:17] aji rasha: Nyaéta :
Di jero
Maha sajatina(Alloh) ,
di tengah kasajatiana-Na (Muhammad),
di luar makhluk.
Di jero
Kitab Suci Maha sajati,
di tengah
Kitab Diri Maha sajati,
di luar Kitab diri sajati.
Di jero nitis ngama’rifat,
di tengah nyukma ngahakékat,
di luar ngusumah nyaré’at.
Di jero ruh/nyawa,
di tengah akma sareng sukma,
di luar jiwa sareng raraga.
Di jero
kalbu - akal - nafsu,
di tengah hate-pikir,
di luar indra - pangawakan.
Di jero
élmu sajati,
di tengah élmu kasajatian,
di luar pangarti sajati.
Di tukang kalbu,
di tengah akal,
di hareup haté.
Di tukang akal,
di tengah pikir,
di hareup darma.
Di jero haté,
di tengah pikir,
di luar pangawakan - indra.
Di jero ngaji diri,
di tengah ngagali diri,
di luar guyang diri.
Di jero ngadorong,
di tengah nyampur,
di luar ngaluluguan.
Di jero dzikir,
di tengah mikir,
di luar singkil.
Di jero asah,
di tengah asih,
di luar asuh.
Di jero kajuhudan,
di tengah katuhuan,
di luar kacintaan.
Kajuhudan
ka-sa-jati-NA,
katu-HU-an
kana ka-sa-jati-an-NA,
kacintaan ka makhluk ciptaan-NA.
Manunggal sajatining
abdi kaula,
sampurnaning adam numutkeun adab kasajatian salaku manusa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar