Ari neangan kapercayaan
ayana WUJUD Pangeran mah kieu:
"Teangan heula disakuliahna badan urang,
aya naon nu asalna ti Wujud Pangeran?" . . .
karena urang upamakeun kieu bae geura:
Pangna urang percaya kana "ayana"
nagara Walanda teh
nya-eta lantaran di nagara urang
aya urang Walanda,
nya kitu deui lamun urang hayang nyaho
kana kaayaan di nagara Walanda
nya kudu nanya ka manehna,
ari sababna nya-eta lamun nanya ka urang dieu (nu acan ka nagara Walanda) mah
najan nu umurna geus ratusan tahun oge
atuh lapur, moal nyahoeun ! . . . .
Kajaba lamun manehna
sok nanya kanu wajib ditanya . . . .
Naon atuh nu asal ti Wujud Pangeran ?
Ari anu asal ti wujud Pangeran,
kahartina ku katerangan alawi mah,
nya-eta : "Pangawasana"
atawa anu disebut 'KUDRAT' tea.
Ari "Pangawasana"
(Kudrat) mun tumrap dina badan
sarta walagri anggahota,
nya-eta :
uteuk kaayaan elingan
panon kaayaan tenjo
cepil kaayaan denge
sungut kaayaan ucap
irung kaayaan ambeu
hate kaayaan pikir/angen-angen saraf-saraf kaayaan rasa (saraf-saraf
leungeun kaayaan obah
suku kaayaan ngalangkah
tah jadi nyata yen eta kabeh teh
Pangawasa (Kudrat) Pangeran
anu tumerap dina wujud Kamurahan nana (kaayaan lahir), sarta tambah tetelana yen Pangawasa Pangeran anu aya dina badan urang teh beunang oge diibaratkeun Walina Pangeran pikeun nyumponan kana tekadna mahluk,
jeung palebah dieu kudu inget
yen anu ngadaya-ngupayakeun teh
lain Pangeran ku Anjeun,
tapi ngan Pangawasana wungkul ! . . . .
Numatak urang ulah nganyar-nganyari
rek nyebutkeun sagala lampah jeung
Pangeran saperti :
"Puguh-puguh urang nu keur dahar,
make hayoh ngakukeun Pangeran nu tuang" -- "Puguh-puguh urang nu ngadu hayam,
hayoh nuding-nuding majar Pangeran
anu ngadu hayam",
ari sababna nya-eta
Pangeran mah tara tuang, tara maen, tara ngadu, ulah disasaruakeun jeung urang anu sipat anyar !
Jadi sagala lampah mahluk mah
eta tergantung kana tekadna masing-masing, malah tinimbang jeung tudang tuding
kagorengan ka Pangeran
leuwih hade urang daek tumarima ka Anjeunna, kapan tekad urang teh di daya-upayakeunnana
ku Pangawasa Anjeunna,
sarta kajadiannana sagala lampah teh
ku Pangersa Anjeunna !
Kapan sok aya ucap kieu :
kudu "N a d a r" hartina nya-eta :
geura "ngahaturkeun nuhun
kalawan "tekad nu saenyana"
ka nu ngagaduhan sakabeh Kodir (Kudrat)
anu tumerap di mahlukna,
nya-eta ka nu jadi asalna sakabeh Kudrat
(sulukna nya Abdul Kodir), kieu :
"Geura tumamprak lir bakakak, sarta sing rumasa henteu daya jeung upaya" --
"Rumasakeun adat urang cara :
cabe, tarasi, bawang jeung angeun kelor ,
sarta sing bisa ngarasakeun yen
dina sajroning jirim urang aya jisim anu asal tina Karahiman Pangeran
(sulukna:
Sangu nu bodas diwadahan daun remong") --
Ari endog nya-eta silokana patekadan urang ,
mun endogna endog hayam anu tangtu tea megarna nya jadi hayam,
mun soang nya jadi soang,
karana Pangeran mah teu ngahalang,
teu ngajurung, ngan urang nu kudu aya pamilih . .
Jeung-na Nadar teh mun inget mah
kudu bae salawasna,
da Pangasih Pangeran oge ka urang
beurang peuting estu teu aya pegatna.
Nu matak ulah boga rasa punjul,
ari masih hirup dina
Pangawasana Allah keneh mah !
Tumarimakeun atuh Kamurahan Allah teh !
Sarta ulah sok ngaku geus Suci,
lamun badan urang huripna
masih make barang kotor !
Anggur geura biasaan sugan laun-laun jadi bisa, kilangbara mun bisa nepi ka faham na.
ka 1 : Ulah poho ka Pangeran (Wujud) ---
ka 2 : Sing era ku Pangawasana (Kudrat) ---
ka 3 : Boga rasa ku Pangersana (Iradat) ---
ka 4 : Rumasa sanggeus Uninga (Ilmu) ---
Kumaha tuluyna ari urang geus terang
yen dina badan urang
aya anu ngadaya jeung ngupayakeun ?
Sanggeusna urang nyaho,
atuh kudu boga pamlih,
nya-eta pikeun nyetir (ngamudi)
tekad, lampah jeung ucap urang,
sangkan Ki Rasa nu aya di urang
jeung di sasama mahluk
ulah nepikeun ka pinanggih
jeung kateungeunahan,
da ari Pangawasa Pangeran
nu tumerap di mahlukna mah
tara sakawenang-wenang,
salawasna nurutkeun sakumaha anu ngabogaan tekad bae . . .
Ngan buahna (hasilna) goreng-hade,
ngeunah teu-ngeunahna
tanggungan rasana nu ngalampahkeun.
Jadi palebah katerangan anu di luhur
tina hal Kudrat geus netelakeun saeutik-eutikeun yen Pangawasana Pangeran teh
gede pisan gunana pikeun "hurip" jeung "hirupna" mahluk, atawa keur "ngumbara" jeung "balikna", ngan bae sing waspada ngamudiannana,
pikeun ngumbara di alam dunya
urang kudu boga "ilmu kahuripan",
ari hasilna nya rupa dunya,
jeung pikeun "hirup" hasilna kasalametan.
Nu matak beuki tetela
ayana Karamat teh nya ti Para Wali,
hartina ayana Rahmat Pangeran teh
tina sabab urangna daek ngagawekeun Pangawasa Pangeran (Wali'ulah atawa Kudrat),
jadi lain ti kayu, ti batu , lain ti astana,
tapi tarekah urang sorangan keneh bae !
Anu matak ulah rek salah faham
rek Mangeran ka kayu, ka batu,
persasat ka barang anyar ! ! !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar