Godog Suci.
[7/9 05:47] aji rasha:
Eta saestuna elmu Kasampurnaan
hirup jeung huripna,
elmu Maut Qabla maut,
konci syurga firdaus ngarana.
Laa ilaha illallah,
Subhanallah,
Alhamdullillah,
Allahu Akbar,
Laa Hawla wala Quwwata illa bilahil aliyil adzim
[7/9 05:48] aji rasha:
Poma kudu diregepkeun
ku Katurunan jeung murid Kula sakabeh,
keur kakuatan Silat Kujang Campuh Gagak Lumayung
Sakali deui sing inget,
Ari Kujang teh hartina
Kudu Jang Ngariksa diri
euweuh cara ngariksa diri
sa-acan make Kitab Al-Qur’an,
sahingga diri bisa campuh kuat taya bandingna, boga Cakar Gagak Lumayung,
oge boga Cakar Maung Lodaya,
dua sato kanya’ah Kian Santang jeung
Rama Prabu Siliwangi
Eta sanjata Padjadjaran
anu ku Kula di Cekel deleg,
kuat euweuh bandingna
di sawatara jagat Nusantara,
pon kitu deui sakabeh katurunan jeung murid kula, tong poho kanu purwadaksi arandika sorangan, jadikeun modal kakuatan keur ngaronjatkeun ajen harga diri keluarga, nagara jeung agama,
ieu silokana :
[7/9 05:48] aji rasha:
Cahaya Kula Raden Wijaya
Sirah kula Lingga Buana
Beuheung Kula Wastu Kancana
Getih Kula Siliwangi
Sumsum Kula Kian Santang
Kumis Kula Maung Lodaya
Kaulinan Kula Bedog Ciomas Sadeupa,
anu neukteuk beuheung Raja Iblis Blambangan
Sanjata Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, Al-Qur’an ngarana,
anu jero kacida ngancik
Weda,
Tripitaka,
Dzabur,
Taurat,
injil
jeung sakabeh kitab suci anu aya di ieu dunya.
[7/9 05:49] aji rasha:
Ku jalan Al-Qur’an,
sahingga Kula apal sampurna,
hakekat fatamorgana hirup manusa.
Koncina, apal dzat jeung gerakna dzat
Dzatna raga manusa anak incu Adam a.s.,
taneuh,
Dzatna Roh Suci,
Cahaya anu nya’angan Jiwa,
Dzatna jiwa aya tilu unsur
nyampur jadi wujud,
nyaeta
Seuneu dzatna Nafsu,
atuh kudu apal
Cai dzatna Rasa,
jeung sambrani
bumi dzatna pikiran.
[7/9 05:49] aji rasha:
Tinu apal dzat bakal naek
jadi apal gerak dzat
[7/9 05:50] aji rasha:
Apal gerak Jiwa,
Apal gerak Raga,
Apal Gerak Nafsu,
Apal Gerak Pikir,
Apal Gerak Parasaan, jeung
apal Roh Suci anu Ngagerakkeun Jiwa Raga
Gerak Nafsu hakekatna
Hayang Untung Embung Rugi,
Hayang Puji Embung Hina,
Hayang Meunang Embung Eleh,
Hayang Senang Embung Susah
Gerak Pikir Hakekatna,
Bener jeung Salah,
Hade jeung Goreng,
Gede jeung Leutik,
Lila jeung sakeudeung
Gerak parasaan hakekatna,
ngeunah jeung teu ngeunah
anu abus tinu sakabeh indera,
panempo,
panguping,
letah rasa,
kulit rasa jeung
pangambeu.
Apal rasa hate
jero kacida, anu kasebut
Cinta jeung Ijid Ngewa (benci)
ngarana
Apal Roh Suci,
anu ngagerakkeun
eusi jiwa,
nafsu,
pikir, jeung
rasa
[7/9 05:50] aji rasha:
Apal Roh Suci
nu di Ciptakeun,
ku saha deui salian kunu
Maha Suci Allah Swt.
Anu Laysa Kamitshlihi Syai’un,
anu Ahad,
anu Gho’ib bil Gho’ib,
anu Lam yalid walam yulad, jeung
anu Walam yakulahu kufuwan ahad
Nu Murbeng Alam,
Sang Maha Mulya, Allah Swt.,
anu wajib unggal usik di sembah sujudan
ku sakabeh manusa
Apal Roh Suci,
sahingga moal katipu
ku Fatamorgana Kahirupan Dunya,
ayatna
Wal hayatu dunya illa mata’ul gurur.
[7/9 05:51] aji rasha:
Fatamorgana kahirupan timbul tinu
Rasa, Pikir jeung Nafsu kamanusa-an.
[7/9 05:51] aji rasha:
ALLAHU AKBAR
JALANA gerak roh Suci manusa,
kudu panceg tong kabengbat,
tong kaluar tinu ihdinashiratal mustaqim,
salapan tangga Syorga :
Ka-hiji,
Apal kasadaran nafas jeung
nu Nyipta nafas,
jadi apal nempo diri,
Ka-dua,
apal nempo diri
jadi apal khusu (konsentrasi),
Ka-tilu
apal khusu
jadi apal jiwa,
Ka-opat
apal jiwa
jadi apal eles jiwa,
Ka-lima
apal eles jiwa
jadi apal ucap bijak,
Ka-genep
apal ucap bijak,
jadi apal laku bijak,
Ka-tujuh
apal laku bijak
jadi apal polah laku bijak,
Ka-dalapan
apal polah laku bijak
jadi apal muhasabah (introspeksi)
Ka-salapan
apal muhasabah
jadi apal kasampurnaan hirup jeung huripna.
Tah eta salapan tangga jalan syorga,
kudu bisa kahontal sampurna hirup jeung huripna, nepi ka ngajadi Jiwa anu Nafsul Mutmainah,
Raga anu Sehat wal Afiat,
insan kamil anu sajati ngarana,
anu ngajadi khalifah fil ard, jeung
anu rahmatan lil alamin,
manfa’at keur balarea.
[7/9 05:52] aji rasha:
Euweuh Jelema nepi ka Syorga
sa-acan katempo tatapak sucina
Tatapak suci sampurna
hirup jeung huripna manusa,
pasti apal tilu unsur bijaksana,
inyana meberkeun
BEBENERAN,
KAHADEAN jeung
KAINDAHAN
[7/9 05:53] aji rasha:
Pedaran Siloka Buhun ieu
Inyana digjaya luhung Jawara Padjadjaran.
Lain keur kasombongan anu euweuh guna
Lain keur senopati anu teu boga ponggawa
Lain keur wiku anu teu boga catrik
Lain keur ajengan anu teu boga santri
Tapi kula digjaya keur balarea,
ngabela kulawarga, bangsa, nagara jeung agama
Sing Inget, sapu nyere sahiji,
ngan bisa dicepretkeun,
tapi sapu nyere saiket,
bisa digebugkeun
Guru rejeng muridna,
Ajengan rejeng santrina,
kacai jadi saleuwi,
kalebak jadi sadarat,
kokoh kuat sabeungkeut saiketan,
jadi pasukan perang anu kokoh rongkah
digjaya di ieu dunya
Tah eta inyana pasukan perang Kula
anu Kuat taya bandingna
Moal gedag ka-anginan
Moal mundur satapak,
bakal maju lima deupa
Keur Nanjeurna luhung Padjadjaran
anu dipikacinta,
karajaan tatar priangan,
lembur agung sakabeh urang Sunda.
Kula rejeng pasukan Kula,
bisa negakkeun bebeneran rejeng ka-adilan
di ieu dunya,
kusabab teu kabita ku dunya,
teu ka goda ku Iblis anu nyiliwuri,
ku syeitan anu newo-newo,
anu bisa abus kana ati,
anu bisa sumarabah kana bayah,
Kula jeung pasukan teu weleh inget,
teu weleh ati-ati dinu satiap lengkah barisan,
dinu satiap lengkah perang,
tara poho,
clik putih clak herang
timbul tinu hate sanubari anu suci,
di taudzan rejeung dibismilahan,
eta konci kakuatan,
lain saukur caringcing pageuh kancing,
caringcet pageuh iket,
baroga kakuatan awak rejeng pakarang,
bedog ciomas, tameng waja jeung baju wesi,
oge taktik perang
[7/9 05:53] aji rasha:
Tapi sakali deui
satiap lengkah ditaudzan jeung dibismilahan.
Eta Inyana konci Kaunggulan
anu nyata Kula jeung pasukan Kula.
[7/9 05:54] aji rasha:
CUKUP sakitu anu bisa ditepikeun
ku Kula ka arandika sakabeh
katurunan jeung murid kula,
mangkahade kudu di cekel deleg
wasiat kujang campuh gagak lumayung
ageman elmu Kanuragan Kula,
entong nepi ka salah lengkah
bisi arandika jadi suluh Naraka.
[7/9 05:54] aji rasha:
Salam Rahayu Kanya’ah Kula
ka sakabeh turunan rejeung murid Kula,
sing saha wae anu nuturkeun elmu Kula
Kujang Campuh Gagak Lumayung,
sing kuat lahir batin
bakal di godog keut kasucian,
eta hartina tempat Kula Maku Bumi,
di Godog Suci.
Panembahan Godog Suci, cing cirining Kula geus ngaleupaskeun dunya, cindekna ngaleupaskeun Mahkuta Tahta Raja Padjadjaran, ulah kaget, ulah heran kusabab udagan Kula lain hayang jadi Raja Dunya, tapi udagan hirup Kula leuwih hade jeung leuwih mulia tibatan jadi Raja, takdir hirup Kula Alhamdullillah jadi papatok jalan pikeun nyalametkeun sakabeh rahayat Padjadjaran bisa arabus agama Islam, ku jalan iyeu In Shaa Allah, yakin tur pasti hirup Kula leuwih rea manfa’atna keur balarea, oge tangtu ku takdir jalan iyeu Kula pribadi bisa meunang Ridho tinu Maha Kawasa Allah Swt. Eces jenterena mangsa tilem Padjadjaran, ku Kula bakal di buka dina Silib Kian Santang Bab baban Kakawasaan.
[7/9 05:55] aji rasha: Allahu Akbar
Cunduk waktu ninggang mangsa di tutup ku ucap Rampes, hartina rarampe beres, sing inget rarampe Kula lain rurujakan, lain sasajen, lain parupuy menyan, tapi rarampe Kula leuwih Hade jeung Sampurna, ku Tauhid, Iman Islam, di iket ku Sajadah, Tasbe jeung Minyak seungitna.
Alhamdullillahirrabbil Aalamiin.
Pun Sapun. Cag. Rampes
Tidak ada komentar:
Posting Komentar