[23/8 16:19] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
BAB II
Maot Jeung Rukun Islam
Ari rukun Islam téh apanan ukur aya lima-limana sakumaha baheula basa urang keur budak ogé geus dipapatahan, naon waé atuh?
nyaéta:
[23/8 16:21] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: molahkeun kurungan
nu tangtu aya wawakilna.
Nu di jero ogé nya kitu
ngawakilkeun deui
henteu molah ku manéh,
tapi ku ATI
nu disebut
Muhammadiyah.
Dina badan geus rumaket,
gumulung jadi hii,
raosna daging jeung tulang,
digerakkeun, dipolahkeun
nya éta ku ati téa.
Geura mangga intip,
lamun aya salah sahiji
pancaindera anu tuna
tangtu anu gerak téh ati.
Ari nu nyaré’at
nyerep jeung kurungan
bagéan Muhammadiyah.
Tah di dinya coba raraoskeun
gerakna ati ka mana léosna?.
Luar-jerona sing sidik,
mana nu sok ngarawatna.
Masing ngarti ka Allah swt.
pisah tunggal sing kaharti.
Lamun nyaho kana diri,
tangtu nyaho ka Islamna.
Upama urang teu ngarti,
coba taroskeun ka nu geus kasebat
Guru pasualan perjalanan batin.
[23/8 16:21] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
nu Kalima).
Éta anu ngarawat pikir
nu geus deukeut kana Islam.
Ari nu di luar mah yakin,
nyaéta nu ngaran ‘caang’
nu ngarawat ka sakabéh.
Lamun caang kabéh surup,
ati jalma kabeh ngampih,
sabab layanna geus surup.
Nu di urang tangtu ngumpul ngahiji
dina tempatna.
Lamun keukeuh nu aya di urang
nyaring nepi ka bray beurang
tara paciweuh pipikiran,
raos teunangan, leuleus.
Malah ingetan sok ngurangan,
dahar teu pati mirasa
sabab teu babarengan.
Cobi ayeuna raraoskeun,
mana nu ngarawat pikir urang?
Upama nuduh kana panon poé,
lapur da lain.
Ngaku kana panon urang,
éta oge salah,
da kudu ka nu caang,
margi dina kekecapan ‘caang’
kedah ‘yakin’.
Di mana ayana éta
anu ngarawatan pkiran urang téh?
[23/8 16:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Saenyana mah deukeut,
tapi jauh!
Sok patepung
tapi tara papangih!
Reureujeungan
tapi teu ngahiji!
Ana tepung di nu suwung.
Sabab sanajan panon poé
pang bisana disawang mangpaatna
ari tepung jeung cahaya nu aya dipanon urang. Kitu deui panon urang,
bisa diarah gunana
upama tepung jeung cahaya panon poé.
Da ana teu tepung mah lapur sok poékeun.
Bisana digunakeun téh kudu babarengan.
Bisa tepung di nu suwung!
Geura ayeuna raraoskeun,
upama nu caang di urang
jeung cahaya nu aya di alam Kabir
henteu babarengan,
éta tangtu salah sahiji pancadria
atawa pakakas nu aya di urang
sok aya robahna,
upamana: dina waktu saré ,
cobi éta nu saré laan calanana,
sanajan nepi kana oratna témbong ogé
sigana moal ngarasa éra,
lantaran teu babarengan jeung layanna.
Kitu deui, upama nu caang di urang nyaring,
tapi nu aya di alam Kabir
surup atawa pareum,
éta oge lapur moal beunang digunakeun,
sabab teu babarengan jeung caang
nu aya di urang.
[23/8 16:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Tah nu sok bisa ngampihkeun pikir urang téh nyaéta ku gumulungna nu caang di urang
jeung nu caang di alam Kabir:
“Bisa tepung di nu suwung!”.
Numatak,
urang kudu daék nyaring,
nyaéta ngarah milu ka nu caang,
napsu tungtut ised-sed
sing kabawa ku nu caang,
ulah milu ka nu poék.
Margi gawéna nu poék
sok ngajak salingkuh,
ngabohongan kanu caang.
Ari gawéna nu salingkuh
ngabongohan anu caang,
keresepna jeung nu poék.
Geura mangga sing kahartos,
“Alam padang, poé panjang”.
Ari pihartieunana ‘padang’
nyaéta caang.
Ari ‘poé panjang’
nyaéta tanggal ‘opat-welas’.
Beurang disambung ku peuting,
panon poé surup,
diganti ku bulan pada-pada sami caang,
jadi caangna panjang,
béda ti sasari.
Kitu pihartieunana ‘alam padang poé panjang’.
[23/8 16:22] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Di urang sok aya babasan “ngabungbang”,
ti peuting sok nyegah saré,
nu dimaksud nyaéta,
hayang milu ka nu caang,
lain aleut-aleutan ka kuburan.
Tapi sing nyaho gunana
‘nyaring bari babacaan’
tur geus di ilaharkeun ku ulama.
Dawuhan Allah:
Sundana:
Jeung dina sabagéan peuting
anjeun kudu shalat tahajud
minangka hiji ibadah tambahan keur anjeun; pamuga Pangéran anjeun
ngangkat anjeun
ka tempat anu pinuji.
(QS 17:79)
Jeung éta roh
upama rek bijil anu tinangtu nyeri heula,
tapi lamun kanyerina dipikanyaho
sarta dipikawanoh nepi ka wawuh
sugan baé aya hampurana ka urang.
Ari tarékahna
supaya ulah pohara teuing nyerina,
urang kudu wanoh jeung ‘nu sok ngarawat
kana pikir’.
Hijikeun Imanna jeung Islamna
sing dalit jeung gumulung.
Dalitna antara angin jeung caang.
Éta nu sok narik Roh jeung Sukma,
anu caricingna di antara
“teu napel jeung itu,
teu napel jeung ieu”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar