nu Maha Tunggal
Tunggal sarasa ,
tunggal sa-pangawasa,
Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik,
anu tara daek nga-bohong,
jeung di bohongan.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa
Hurung tanding dammar hurung.
Siang tanding dammar herang.
Anu hurungna, kurungan anu herang,
eusi rasa kadi bulan,
kadi sarangéngé ngahing medal.
Remet menteng dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit
Buka ini
buka rohani
Buka sintung,
bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya
ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.
Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna...
Saha anu apal nu linggih lungguh lénggah
dina diri, tinangtu apal kana sajatina diri
Dalam keadaan sadar atau tidak sadar
akan Jati Diri anda,
Jati Diri anda tidak akan kehilangan identitasnya dan juga integritasnya ..
jika anda mengidentifikasi Diri
dengan tubuh dan pikiran anda
maka
Diri berada dalam keadaan khayalan,
dan proses identifikasi anda
berada pada delusi dan palsu
dan ini membuat Anda menderita.
Diri adalah saksi murni.
Namun, Anda perlu menyadari hal ini.
Agar benar-benar bahagia,
Anda perlu mengalami makom Diri
( melepas makom kemelekatan).
Kemudian mengerti dan menyadari
bahwa diri adalah kesadaran murni,
saksi hanya melalui pengetahuan murni
yang Anda ketahui tentang
Jati Diri Anda sendiri.
Mustikana ngancik jadi pamatri,
dina galih anu wening,
ati anu suci
jembah manah dina rasa nu rumasa,
jiwa nu wiwaha,
kalawan pikir anu ngarti.
Teges cirina sipat
anu ngaJati diri.
Kajembaran rasa
tara kapolés ku rasa hayang témbong diri,
lain ucap anu gelar,
lain lisan anu nyora
tapi témbongna jadi rasa,
anu bisa dirasakeun
ku rasa-rasa anu sarasa.
KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan,
kahadé ngan ukur popolésan (basa – basi).
Tapi kahadéan anu gelar
ku laku jeung lampahna ,
Nyata teges
Sarining kajembaran diri
anu ngajati.
Ka jembaran Rasa,
ti nangtu, bakal teges buktina,
nyata aya salaku anu jadi cirina,
ku kapribadianana,
nyata mancerkeun cahaya budi jeung basana
anu katata.
Kajembaran rasa,
usik sajero ning cicing,
obah sajeroning dada,
usikna , maranti diri,
obah na maranti rasa.
Nu nganteur ka lemah
sungka nyangkaruk
geusan kapuluk.
Pasir liuh peupeuntasan.
Ajrih ning rasa panggalih.
Milih rabi minda rasa
Rabi na ka sang gumati.
Rasa na sang guruh minda
guru na weruh pituduh.
Japa na Aji ning diri geusan midiri!
Japa na Aji ning rasa geusan mirasa!
Japa na Aji ning harti geusan ngarti !
Japa na Aji ning kersa geusan ngersa !
Nyumput buni
nembrak caang.
Buni sotéh niat ati anu suci,
Nembrak caang ku laku lampah nu nyata.
Nu di teundeun di handeuleumkeun,
geusan paneuleuman nana.
Nu di tunda dina hanjuang.
Geusan diri ngadaya juang.
Nya hamo luntur ku waktu.
Kapan tapak dina tindak,
kapan galur dina catur,
mun di téang tangtu panggih
mun dipénta tangtu mikeun.
Nya hamo laas ku jaman)
Leuwina pangasalan diri.
Tapa di sagara rasa.
Geusan nga balungbung timu.
Jalan gedé sasapuan.
Tapak geusan pangeunteungan.
Ku semu, jembarna rasa.
Galeuh bitung haté kangkung.
Hurung nangtung siang leumpang.
Pangjugjugan, alam caang poé panjang.
Nagara tunjung Sampurna.
Ngirim rasa kanu kawasa
Ka Allah ta’alla
ka Pangeran
Pun sampun tabe paralun,
ka Gusti nu ngawidi,
ka Pangeran nu ngawasa,
anu ngawiati tungkebing langit,
anu ngaraksa tangkaring jagat,
kula seuweu siwi Pajajaran,
seuja mukakeun turub cupu nu karuhun”
Sanduk sanduk ka
para Rosul,
para Nabi,
para Wali,
para Karuhun sadaya,
Neda widi ka Gusti
Seja nyukcruk galur kapungkur
Mapay laratan baheula
Nu natrat dina tutulisan
Nu ka campa ku rasa
Nu ka toel ku hate
Katepi ku pikir
Kajeueung ku panempo
Pang wuwuh na basa lisan
Nu tumuwuh turun temurun
Teu ju’uh ku ci ibun
Teu luntur ku waktu
Teu laas ku jaman
Dina jiwa manusa Sunda
Pang tepungkeun jeung para lelembutan,
wireh kuring kawakilan ku ...
Atuh deui
Seja amitan
ka para lelembutan
Nu ka kurung ku wawangunan
Bisi ka geuleuh, ka keumeuhan,
ka tajong, ka koer,
kagandengan,
ku prilaku manusa
Kaula rek nyandak warisan manusa
Kudu runtut, paut, anut, patut ka manusa
Ulah hiri, ulah dengki, jail, kaniaya ka manusa
MULIH KA JATI MULANG KA ASAL
Niti wanci nu mustari...
nincak dina waktu anu munggaran...
sakabeh kudu ampih kana kandangna...
embe ampih kanakuwungna...
anjing eureun ngabaung...
jangkrik peugat sorana...
gaang pareum katincak...
sakabeh hayam jago eureun kongkorongok...
kyai bungkem sarebu basa...
akal beak kahayangna...
damar beak caangna...
lauk eureun ngojayna...
sawang balik kana suwungna...
pasrah teu aya deui nu diharep...
asal teu nyaho naon naon...
balik ka euweuh naon naon...
teu ngaboga boga...
teungaku ngaku...
lain kaditu lain kadieu...
teu aya daya teu aya upaya...
teu bisa itu jeung ieu...
mugi jeuler teu kasaatan...
mun bagong bakal sesegrok.
mun anjing bakal ngaguik...
mugi ulah siga kitu kieu...
da asalna ge teu kieu teu kitu...
gubragna urusan Gusti...
balikna ge masrahkeun ka Gusti...
pasrah sapasrah-pasrahna.
mugi ulah kacolongan...
kagoda ku betahna hirup didunya...
ku loba baranghakan
pikeun nunda umur nunda paeh...
manjangkeun hirup
jeung lalakon di gelar
jeung ngumbara di alam dunya...
mugi moal pahili...
meuntas jalan nu pamali...
da geus di cicil ti kamari...
nyorangan paeh samemeh paeh...
nyaho balik samemeh balik...
ya Robbi...
ingsun ngawiyatkeun diri...
mugi sampurna dunya...
sampurna akherat....
da tos dicumponan
ku elmu kasampurnaan...
sampurna ning sampurna..
sampurna ning sampurna
kamal mukamil...
Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar