[20/12 08:17] aji rasha: sing kaharti, sing ka elmu sabab Allah ta’ala teh,
ceuk saksina
Dzat Laesa, Kamislihi
hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.
[20/12 08:23] aji rasha: dawuhan Jeng Nabi,
Illa anna awallanafsah,
fardu ‘ain,
kieu eta sundana,
mimitina hal ibadah,
sing terang jatining hirup,
masing tepi ka ‘aena.
Sasat kudu katinggal,
sifat hirup sing kapendak,
jatining sahadat eta teh,
bibitna sagala rupa,
hahekat Muhammad,
awalna Muhammad
nya eta Sagara Hayat.
[20/12 08:27] aji rasha: sategesna hurip hirup,
hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa,
rasa teh nya Rasulullah.
Tah kitu hartina,
bilih tacan ngarti,
lain urang ceuk nu anyar,
nu anyar mah damelan gusti, nu anyar moal tinggali,
tangtu gusti anu weruh,
anu Dzat laisa tea,
bila haiffin makanin,
nya eta sategesna Ahadiyat
[20/12 08:30] aji rasha: upami kitu mah jadi
sasat nu uninga,
nya gusti Rasulullohi,
leres bener kitu,
mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi,
rasa Allah eta moal salah.
[20/12 08:33] aji rasha: Saha-saha anu terang,
kana dirina pribadi,
tangtu nyaho ka Pangeran,
saha nu nyaho ka gusti,
bodo dirina pasti,
unggel Hadist kitu,
naha diri nu mana,
nu kudu dipilari,
naha ieu nu ngajentul
badan badag.
[20/12 08:36] aji rasha: naha tacan nyaho,
kana diri nu satuhu,
pan ieu mah jasad,
ngarana oge jasmani,
ngaran diri
anu sabener-benerna.
[20/12 08:42] aji rasha: Narun
Hawaun,
Turobun
Ma’un
bilih tacan harti,
eta badan rohani,
tah eta nu kudu,
ku urang masing kapendak,
ari nu ngaran jasmani,
kudu ilang tapi papada
ilangna.
Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti,
kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi,
mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum,
kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani,
sing kagenti
ku badan rohani tea.
Sabab hartina Jas eta,
piraku hanteu kaharti,
kapan baju ceuk sundana,
ari hartina teh mani,
nyaeta badan rohani,
sasatna baju teh bungkus,
bungkusna rohani tea,
anu mawi moal hasil,
lamun urang
nganyahokeun badan nyata.
Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna,
ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci,
mun teu ilang heula wujud,
eusina moal kapendak,
[20/12 08:44] aji rasha: menggah di jalmi ge,
mun hoyong ma’rifatu,
kana dzat Allah ta’ala,
kudu sing ngarasa pasti,
sing ngarasa
hanteu ngabogaan jasad.
[20/12 08:46] aji rasha: Dina keur waktu tarekat,
sing ilang rasa jasmani, kagenten kuRasulullah,
rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali,
kana dzatna Maha Agung,
tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani,
ceuk babasan
sarangka manjing curiga.
[20/12 08:54] aji rasha: Mun manusa
ma’rifat mutajilah eta pasti ngajirimkeun Allah,
katinggal ku panon bukti,
ku mata anu buncelik,
atuh saperti engkong,
papanggih jeung alawi,
sidik aya dua jirim,
aya itu jeung
aya diri manehna.
pan Allah Nafi Isbat,
aya Isbat euweuh Nafi,
aya Nafi euweuh Isbat,
kalem timbul
Isbat ayana pasti,
diri manusa geus tangtu,
nya ieu sifatna urang,
Nafi ayana rohani,
mun keur Nafi Isbatna
kudu teu aya.
atuh saha,
nu ma’rifat ka Yang Widi,
ari sanes manusa mah,
mun teu harti,
anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup,
nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik,
eta sareatna nu ma’rifat.
Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa,
awas paninggali ati,
eta nu bisa tinggali,
ma’rifat ka Maha Agung,
ari tinggal manusa mah,
nu make panon buncelik,
eta kitu katerangan nana.
[20/12 09:11] aji rasha: SIFAT DUA PULUH
Wujud, Qidam, Baqo,
Mukholafah Lilhawadist Qiyamuhu Binafsihi
Wahdaniat.
Qudrat Iradat,
Elmu Hayat.
Samma Bassar
Qalam.
Qodiran,
Mudiran.
Aliman
Hayan.
Sami’an,
Basiran
Mutakalliman,
jejeg eta dua puluh sifat.
nya dibagi opat,
1. Nafsiah
2. Salbiah.
3.Ma’ani
4.Ma’nawiyah
nyatana anu puguh,
sifatna di urang,
Nafsiah teh,
pangambung nyatana,
Salbiah nyaeta
paninggal urang sifatna.
Ma’ani
pangdangu sifatna,
Ma’nawiyah
Nyatana pangucap
sifatna baham
nu matak disebatkeun Ma’nawiyah.
[20/12 09:23] aji rasha: 1.Wujud,
hartina teh aya,
Allah mohal euweuh tangtos, tanda aya
kusabab ayana nafas.
Mohalna teh
pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna,
samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip
teu salah.
Mangsa-mangsa aya hirup geus tangtu,
mohal euweuh Allah,
sabab sifatna hirup teh,
tina dzatna sifatna Allah ta’ala.
2.Qidam
hartina teh
Allah ti heula teh,
mohal enya Allah kapandeurian.
Sareatna
nyata dibadan sakujur, sifatna teh soca,
awas soca ti heula teh,
sabab eta
nu ngabuktikeun sifat.
katerangannana kieu rasakeun baheula,
waktu urang goib keneh,
memeh gelar ngumbara
ka alam dunya.
Kangjeng Rama sinarengan Kangjeng Ibu,
Rama masih bujang,
Ibu ge parawan keneh,
barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.
Saparantos pada awas
Rama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset,
jadina teh ngajodo geus
moal lepat.
Sanggeus nikah
geus disahkeun ku kaum, parantos nikah mah,
tangtos bae sapatemon,
dua rasa jadi hiji moal lepat.
Saparantos rasa rama Ibu gulung,
gerentel beh urang,
eta geuning geus eces,
pang disebut
panon pangheulana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar