Selasa, 07 Desember 2021

ELMU NA NGELMU

ELMU NA NGELMU

gunem catur na
Ahmad jeung alawi

Ahmad... 
…. ku jalaran dina waktos ieu rame 
jalmi2 anu nyarioskeun tina “agama”, 
ku margi eta abdi bade tumaros, 
naon ari hartosna agama teh?

alawi: 
Ari “agama”, 
kahartina ku alawi mah eta teh: 
“patokan, angger-angger atawa ugeran” 
pikeun nyungsi kana jalan salamet.

Ahmad: 
Naha ari urang, bangsa Sunda (Jawa) ngagaduhan agama?

alawi : 
Ih atuh puguh, entong sariganing urang 
bangsa manusa (Sunda-Jawa) 
kapan tuh itu oge, 
eusina alam dunya, 
sato hewan, tatangkalan nepi ka pager-pager 
aya patokan nana saperti: 
nu weuteuh bakal bututna, 
nu pageuh aya longgerna , 
kembang ngajadi buah, 
reuneuh aya ngajuruna, 
jeung sajaba ti eta, 
jadi cindekna katerangan alawi mah 
kabeh ge aya patokan nana.

Ahmad: 
Leres….. 
jadi kahartosna ku abdi ayeuna, 
agama teh patokan anu tetep, 
sapertos sakabeh anu aya mimitina, 
kedah bae aya panganggeusan nana.

alawi : 
Enya kitu …. 
ngan bae ari agama anu diterangkeun ku alawi ayeuna mah ngandung maksud 
ngajawab kana pertanyaan ahmad 
tina hal agama anu kudu dipigawe ku manusa, ulah rek disamakeun 
jeung agamana sato hewan, atawa tatangkalan, da eta mah pada boga patokan 
sewang-sewangan.

Ahmad : 
Kumaha atuh ari pikeun patokan urang manusa supados tiasa salamet teh?

alawi : 
Keur waktu di dunya, 
euweuh deui nu jadi patokan alawi mah :

Badan      kudu   cageur
Adat         kudu    bageur
Kanyaho  kudu    bener
ahmadna kudu    pinter
                 jeung   singer

Ahmad : 
Ngarah naon pangna urang kudu mageuhan : Agama, patokan atawa angger-angger teh?

alawi : 
Kahartina ku alawi, 
lamun badan urang cageur, 
kalakuan bageur, 
kanyaho bener sarta pinter oge singer 
eta teh matak salamet, 
sarta sabalikna, mohal jadi jelema nu gampang ditipu atawa jadi jelema mubadir.

Ahmad : 
Nu kumaha ari nu kasebut mubadir teh?

alawi : 
Ari nu kasebut mubadir ku alawi mah nya-eta 
jelema nu euweuh gunana, 
keur mah teu cageur 
tambah teu bageur 
euweuh kanyaho 
katambah bodo, 
sok cul kana patokan sorangan 
ngudag-ngudag beja 
patokan anu ti batur (cenah), 
eta anu kitu anu kasasar (teu jeung kahartina) 
sok aya matak ngaruksak dunya 
katut pangeusina, jeung mun cara penyakit tea mah eta sabangsa jeung penyakit anu sok tepa (menular), sarta hese ditambaan nana.

Ahmad : 
Upami alawi kersa sareng aya waktos, 
mugi ka abdi ayeuna mang dongengkeun 
sakedik-kedikkeun mah, 
tina hal 
asal usulna aya agama 
di urang.

alawi : 
Hade ….. tapi ngadongeng oge, 
ngan sakadar ngadongengkeun 
“a g a m a 
alawi 
nya”.

Ahmad : 
Sawios …. mung disuhunkeun anu kahartos 
ku akal pikiran abdi.

alawi : 
Atuh puguh, 
keur naon ngadongeng keun anu teu kaharti mah, 
da urang teh lain barudak, 
malah lamun aya kecap anu teu kaharti, 
kudu daek “nanya”, 
mun aya nu teu mufakat, 
kudu daek ngamufakat keun, 
ulah rek sagala enya bae, 
da lain munding 
ulah rek asa-asa; 
bisi kahareup aya pikir penasaran, 
atuh matak naon   datang ka imah atawa ngondang alawi ari rek ngabadami keun 
pi salameteun mah; 
da ari urusan agama mah 
euweuh nu matak teu kaharti 
jeung moal aya nu matak jadi pasea (rugi), 
ari anu aya matak pasea atawa 
nu aya matak nga renggang keun baraya mah 
eta lain urusan agama, 
tapi marebutkeun urusan 
nu henteu kaharti 
(neangan kauntungan sorangan).

Ahmad : 
Mangga, namung sae na mah ti mimiti heula.

alawi : Kieu geura:

Badan urang 
asal lantaran ti indung 
(lain badan urang bae anu asal ti indung teh, 
tapi sakabeh badan anu nya’reat 
di alam mana bae eta aya asalna, 
indungna) 

taneuh tina bumi, 
napas tina angin, 
seuneu tina panon poe, 
cai ti laut).

Adat urang 
asal lantaran ti bapa 
(lain adat urang bae nu asal ti bapa teh, 
tapi sakabeh adat di alam mana bae eta aya asalna/bapana)

Kanyaho urang 
asal ti guru 
(guru nu 
tara sili bantah 
tara sili lainkeun, 
ti jaman kanjeng Nabi Adam tug nepi ka urang ayeuna, 

tenjo, 
denge, 
ambeu, 
ucap jeung 
ingetan 
estuning papak sarua).

Kuringna 
asal ti Gusti: 
anu matak lamun urang enggeus nyaho 
sarta rajeung geus nyaksina :

yen 
badan 
enya ti indung , 
sok piraku urang 
teu nyaho 
ka indung ?

yen 
adat 
enya ti bapa, 
sok piraku urang 
teu nyaho 
ka bapa ?

kanyaho 
enya ti guru, 
sok piraku sakitu ayeuna dianteur 
ku guru, 
di nyaho keun; 
mana gula mana amis; 
mana cuka mana haseum, 
jeung sajaba ti eta, 
masih keneh 
acan nyaho 
ka guruna ?

kuring 
enya ti Gustina, 
sok piraku urang 
can nyaho 
ka Gusti ?

ari Wujud 
anu aya, 
apan ieu 
badan urang

ari Wujud anu euweuh, 
apan ieu 
adat urang

ari Wujud anu gaib, 
apan ieu 
kanyaho urang,

ari Wujud anu teu aya dat-sipatna 
nu teu arah, 
teu enggon, 
kapan 
kuring 
tea.

Lamun urang geus 
ngaharti, 
tangtu urang 
bakal 
ngaku 
yen :

badan      
urang sarerea teh 
sa’asal 
(saindung)

adat        
urang sarerea teh 
sa’asal  
(sabapa)

kanyaho  
urang sarerea teh 
sa’asal 
(saguru)

kuringna 
urang sarerea teh 
sa’asal 
(sa-Gusti)

anu matak ceuk agama: 
urang kudu mandang 
ka diri batur 
sacara 
ka diri pribadi. 

Nya ari ringkesna katerangan alawi mah, 
lamun ahmad 
hayang 
migawe agama , 
geura prak 
bae :

Pikanyaah 
barang nu jolna 
ti indung 
(badan sing cageur, 
cukupan kaperluan nana, 
ulah disiksa, 
da eta teh sanes nu ahmad, 
malah upami ahmad geus tamat ngalakon 
di ieu dunya nu gede, 
kudu sing bisa 
mulangkeun kana 
asalna 
deui).

Pikanyaah 
barang nu jolna 
ti bapa 
(adat sing bageur ulah murka 
da tuang rama 
teh sanes 
buta).

Pikanyaah 
barang nu jolna 
ti guru 
(kanyaho sing bener, 
ulah ngagugulung cenah bae, 
da ahmad teh 
enggeus 
baleg).

Pikanyaah 
barang ti 
Nu Maha Suci 
(kuringna/
dewekna 
sing pinter
tur singer).

Ahmad : 
Ari nu disebut 
pinter 
teh kumaha ?
.
alawi : 
Ari pinter teh, 
geus teu loba omong, 
nenjo ka nu labuh hudangkeun, 
nenjo ka nu aus bere nginum, 
lain bae ka badan batur, 
ka badan sorangan 
ge kudu kitu, 
sabab lamun ahmad
tara daek barang dahar reujeung nginum, 
tangtu ahmad moal cageur, 
sarta lamun ahmad henteu cageur 
tangtu ahmad moal bisa bageur. 
Geuning jaman Karuhun mah, 
ku pinter-pinterna, 
samemeh ngala teh sok melak heula, 
acan aya nu ngaliwat (aus) sisi jalan 
geus disadiaan gentong cai 
jeung sajaba ti eta, 

sabab anu masih ngocoblak mah, 
eta kakara kasebut ngapalkeun, 
ari prakna mah 
duka teuing 
(kalobaan nana mah 
ngan wungkul 
popoyok).

Pikeun migawena di ahmad 
enggeus komplit, 
ngan tinggal ngagawekeun bae 
dibarengan ku 
hartina, 
saperti :

lamun ahmad 
arek barang cokot, 
naha sok gegeroan 
ka leungeun? 
Kapan terang ari 
leungeun anu cageur mah 
kakara ku karentegna hate oge 
geus jung indit nyokot naon nu di pikarep 
ku ahmad
Jeung ari leungeun 
anu bageur mah 
tara nyokot anu lain-lain, 
sarta leungeun anu nyaho mah 
geus tara nyalahan – 
tah eta nu kitu disebutna pinter  ! 
sarta sabalikna, 
anu ngagero keneh mah 
eta sidik 
yen masih keneh jauh 
(aya keneh antaraan nana), 
anu matak baheula mah aya sindir kieu :

Lodong nu kosong, ngalentrung ! ….

Tapi inget mad, 
jaman ayeuna mah 
ulah kaget, 
mun teu loba omong 
sigana  moal aya 
nu mercaya 
(tapi kitu soteh ceuk nu hayang dipercaya !)

Ahmad: 
Sanes alawi, 
eta cariosan teh anu bieu, 
naha ngabantun hukum ti mana? 
Sareng hukum teh aya sabaraha rupina?

alawi : 
Ari babaku nu dipake ku alawi, 
upama nyaritakeun hal 
sareat 
hukumna kudu hukum sara, 
jeung anu jadi hakim na
nya-eta kudu sare’at (sara) 
deui.

ari hartina hukum teh nya-eta 
putusan
ari hartina hakim 
nya-eta 
nu mutuskeun.

Ari 
sare’at 
(sakabeh anu gumelar) 
anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
ti baheula tug nepi ka kiwari estu 
tetep 
(netepan kana ka ayaanna), 
saperti : Baheula 
tangkal kalapa 
buahna kalapa, 
ayeuna oge 
tangkal kalapa teh 
buahna kalapa keneh.

Di Amerika tangkal apel buahna apel. 
Di Sumatra oge tangkal apel teh buahna apel keneh 
jeung sajaba ti eta, 
jadi ceuk alawi mah 

sakabeh anu gumelar 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
mah ti baheula nepi ka kiwari beunang disebut bisa ngahukum (mutus) 
jeung ngahakiman nana 
(sara jeung hukum sarana 
teu papisah).

Hukum Adatna :

Ari 
adat 
(sakabeh adat nu gumelar) 
anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
ti baheula tug tepi ka kiwari, 
oge estu tetep 
(netepan kana ka-ayaan-nana). 
Saperti :

Baheula 
adatna gula teh 
amis.
Ayeuna oge 
gula teh 
amis 
bae.

Di Eropa 
adatna cuka teh haseum.
Di Jawa oge 
adatna cuka teh haseum 
bae jeung sajaba ti eta.

Jadi ceuk alawi mah .
sakabeh 
adat 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
ti baheula nepi ka kiwari, 
beunang disebut bisa 
ngahukum 
(mutus) 
jeung 
ngahakiman nana 
(adat jeung hukum adatna teu papisah).

Hukum Akalna :

Sakabeh nu 
nyare’at 
katut 
adat-adatna, 
ku akalna nu 
berakal 
(boga kanyaho) 
ti baheula  tug nepi ka kiwari geus di 
“ngaranan”, 
saperti aya 
ngaran seuneu 
jeung 
ngaran panas, 
aya 
ngaran cai 
jeung 
ngaran tiis, 
jeung sajaba ti eta, 
ari maksudna taya lian supaya 
nga-gampang-keun 
cumarita, 
geusan campur jeung nu sejen, 
nurutkeun basa 
kabangsaan nana, 

ari

Hukum Allahna:

Ti baheula nepi ka kiwari,
Saha nu nenjo gunung 
nya siga 
gunung.
Saha nu nyagap 
seuneu 
nya 
ngarasa panas.
Jadi lamun ahmad geus nyaho 
ka eta 
4 hukum, 
meureun ahmad teh 
moal ngomong nu bakal teu kaharti 
di hareupeun alawi, 
saperti:

moal nyebut kalapa 
buahna nangka,
moal nyebut ka cuka 
adatna 
amis,
moal jeruk 
dingaranan 
gedang, jeung
moal rek nyagap seuneu ayeuna 
ari panasna 
engke.

Cindekna ahmad teh meureun moal wani ngabohong 
(ngawadul) 
ka alawi, 
sumawon-na ka anu sejen, sabab 
ku ahnad oge 
tangtu 
kaharti, 
geuning 
ngabohong 
ka anu sejen teh 
eta sarua bae jeung ngabohong ka diri ahmad pribadi.

Tapi palebah dieu mad 
sing harti 
anu dicarita-keun ku alawi bieu teh 
“hukum sara” 
“hukum adat” 
‘hukum kala” jeung 
“hukumulah” 
nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci, 
nu ti baheula tug nepi ka kiwari 
estu 
teu aya robahna.

Ahmad : 
Naha aya deui hukum 
nu sanes ti eta ?

alawi : 
Atuh puguh aya mah, 
nya-eta 
hukum 
meunang nyieun jelema nu berakal, 
ari maksudna taya lian 
supaya jelema-jelema 
nu aya di dunya 
daek nurut kana aturan 
nu ditetepkeun 
ku jalema deui, 
sa kaum-kaum na , 
saperti :



Hukum Sarana

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema
ayana di kaum-na

Hukum Adatna

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana


Hukum Akalna

nu ditulis dina kertas
ditulisna ku mangsi
basana nurutkeun kabangsaan nana
dihakiman ku jelema, 
ayana di bangsa
tukang hukum 
akal deui

Hukumulloh na

sabagian gede 
loba cenah
Cenah ti pada jelema
Cenah lamun urang maling
Cenah engke urang di akirat disiksa
Cenah lamun urang bageur,
Cenah engke di akirat urang diganjar.

Tah kieu 
katerangan hukum anu opat , 
ari maksudna mah taya lian 
mere nyaho kanu bodo 
(nu can nyaho ka dirina) 
da ari 
katerang alawi 
lamun jelema geus : 
cageur awakna, 
bageur ka batur, 
bener kanyahona jeung geus 
pinter tur 
singer 
geus nyaho kana hukum sara 
ti Gusti, 
geus nyaho kana hukum adat 
ti Gusti, 
geus nyaho kana hukum akal 
ti Gusti, 
jeung geus nyaho 
kana hukum Allah ti Gusti, 

sok piraku teu nyumponan 
kana hukum jieun jelema, 
sa-kaumna, 
sa-bangsana 
nurut adat 
ka-sopanan 
nana.

Ahmad: 
Dupi alawi 
bade nurut kana aturan 
jieun jelema 
anu 4 
bieu ?

alawu : 
Atuh puguh,……
sakabeh jieun jelema 
anu lumbrah dipake  
dina jaman ieu 
ku urang kudu dipake 
sabab lamun teu make, 
urang teh jiga kumaha? 
Tara-kadang 
bisa cilaka.

Ahmad: 
Cilaka kumaha ?

alawi : 
Saperti kieu bae, 
dina waktu ieu jelema 
di nu rame marake baju, 
bajuna jieun jelema, 
naha ahmad 
arek wani buligir 
(teu dibaju) 
di nu loba jelema ?

Ahmad : 
Moal 
da ngaraos 
isin.

alawi : 
Era kusaha ?

Ahmad : 
Ku jelema.

alawi : 
Tah kitu mad, 
anu matak ayeuna mah sakabeh jieun jelema 
ku ahmad ulah rek dilain-lain , 
teu dipake dina waktuna make; 
sabalikna ari ahmad keur nyorangan mah 
teu dibaju oge teu aya pi-kaeraeun, 
da diri mah tara ngera-ngera, 
ari era nu dipake ka-era ku diri mah 
ti dunya nepi ka akirat, 
nya-eta lamun urang ngalanggar kana agama tea. 
Di dunya urang teu cageur, tambah teu bageur 
katilu teu boga akal, bodo alah batan bodo, 
nga enya-enya nu lain, nga-lain-lain nu enya; 
nu matak ari ceuk alawi mah :

KAHIJI :

Ulah rek poho ka 
indung, 
sangkan badan urang cageur, 
karana ti alam manaoge moal aya 
anu ngaleuwihan kana kanyaahna 
indung ka anak, 
tapi dasar dunya geus ti balik 
ayeuna mah loba jelema 
nu geus ngaku 
tukang ngelmu 
tukang nyaritakeun 
lampah deungeun sing-rariungna teh 
euweuh deui ngan nyaritakeun jeung muji-muji bae deungeun 
nu teu aya hasil 
ka maranehna, 
ari indung na mah 
sigana geus kaluli-luli bae, 
malah loba nu ngarasa era (hina) boga indung 
bangsa urang Sunda (Jawa), 
malah mun bisa mah ngarana ge 
hayang make ngaran bangsa deungeun, 
teu ingetan waktu indung na ngakandung, 
salapan bulan lilana, nepi ka ngajuruna pisan, 
susah payah dilakonan 
nya-kitu enggeus di dunya, 
nyatu, 
nginum 
dihuapan 
disusuan, 
leutik nepi ka gede, 
ti hirup nepi ka paeh, 
kanyaah indung 
teu pegat.

KADUANA :

Ulah rek poho ka 
bapa, 
sangkan 
adat 
urang bageur, 
karana di alam mana oge 
moal aya anu ngaleuwihan kana ka-nyaahna 
bapa ka anak, 
tapi nya-eta atuh 
dasar loba pamanggih 
nu tibalik tea, 
jelema teh ngan 
muji-muji deungeun bae, 
nu estu teu aya 
pihasileun nana, 
leuheung lamun nyahona bener mah, 
da ari kalobaan nana 
ngan sa ukur beja wungkul, 
jeung mending lamun diturutan kahadean nana 
anu dicarita keun ku maranehan nana teh , 
da ari kalobaan nana ngan kakara tepi 
kana agulna wungkul, ku sapedah bisa maca, 
bisa ngomong make basa deungeun atawa 
bisa ngadongengkeun lampah deungeun tea, 
teu ingetan ka 
bapa 
anu sa kitu paeh posona, 
pagawean nu kumaha oge dilampahkeun  
taya liyan ku-nyaahna 
kanu jadi anak, 
jadi cindekna 
ka-nyaahna bapa ka-anak 
ti hirup nepi kapaehna 
estu teu aya pisan anggeusna 
jeung estu taya pangarahan nana
anu matak rugi ka anak.

KATILUNA :

Ulah rek poho ka 
guru, 
sangkan kanyaho urang bener, 
sabab moal manggih 
guru 
nu leuwih pinter 
ti guru urang, 
nu nuduhkeun 
mana gede 
mana leutik, 
panjang pondok 
sumawonna, 
amis peuheur, 
beureum koneng, 
mana indung 
mana bapa,, 
dunya katut 
adatna, 
wujud nu aya nu euweuh, , 
alam gaib kitu deui, 
tapi nya-eta atuh 
dasar teu dasar, 
ayeuna mah nu dijieun 
guru 
teh babaku 
jelema nu JIGA, 
ngomongna jiga, 
pakean nana jiga, 
nu karesepna jiga 
jeung sagalana jiga.

Jadi urang mah 
bangsa Sunda atawa 
Jawa anu henteu jiga 
(da enya!!). 
Di jaman ayeuna mah geus euweuh nu nanya sumawonna aya nu mercaya, 
nu matak alawi mere 
nyaho ka ahmad 
upama arek 
ngelmu 
ulah waka rek 
ingkar 
ti 
diri 
Ahmad heula, 
kapan 
barang na 
ku alawi 
tadi geus diterangkeun : 
badan ti indung, 
adat ti bapa, 
kanyaho ti guru jeung 
kuringna ti Gusti Nu Maha Suci.

Tapi lamun ahmad hayang jadi tukang ngobrol, ngobrolkeun ka ayaan dunya gede atawa 
hayang jadi tukang tembang ngalagukeun 
lagu-lagu dunya, ngarah jiga tea 
geura guguru bae ka jelema anu ayeuna, 
sabab jelema mah 
loba rupana, loba bangsana loba karesepna, 
anu dipikaresep (di-pikabutuh) ku maranehna tangtu diparandangna “ALUS” , 

tapi lamun ku maranehna teu di-pikaresep  
(teu dibutuhkeun) sok dipandang “GORENG”, 
ceuk jelema inten teh alus , 
ceuk hayam anu alus mah “sangu” , 
padahal anu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci 
geus 
tetep 
hukum sarana suci 
sagala galana.

KAOPATNA ;

Ulah rek poho ka 
Gusti, 
sangkan urang 
pinter, 
di dunya moal sabaraha lilana, 
sing bisa : 

nyumponan badan sing cageur
nyumponan adat sing bageur
nyumponan kanyaho sing bener
nyumponan kuring sing pinter,singer

Ari Gusti teh 
Nu Maha Suci 
bibitna sakabeh Nu Suci, 

ari Nu Suci teh 
nya-eta sakabeh  nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci.


Nu Maha Suci teh 
nu ngagaduhan sifat 
welas jeung asih 
(Rohman Rohim ?),
ari nu welas nu asih di alam badan 
nya ti indung

ari nu welas nu asih di alam adat 
nya bapa

ari nu welas nu asih di alam gaib 
nya guru

ari nu welas nu asih di alam kabeh 
nya Gusti Nu Maha Suci (Robil-Alamin?)

Nu matak ceuk alawi mah 
saha2 anu ngalainkeun ka indungna, 
sarua jeung ngalainkeun ka lemah-caina.

anu ngalainkeun ka bapana 
sarua jeung hiji bangsa nu teu boga adat/
teu boga kasopanan.

anu ngalainkeun ka guruna 
sarua jeung nu geus teu boga akal/
sato !

anu ngalainkeun ka Gustina, 
sarua jeung penghianat /setan !

Nu matak mad 
tina hukum jieun jelema oge kudu nyaho 
hukum sara sa-kaumna, 
hukum adat sa-adatna, 
hukum akal sa-akalna, 
hukumuloh sa-Allahna, 

tapi lebah dieu, sa-geusna ahmad 
nyaho jeung nyaksian, 
omat ulah rek popoyok, 
da dunya mah beda-beda, 
kaumna kitu keneh, 
kaum cuka mah haraseum, 
kaum kina parahit, 
kaum gula aramis, 
seuneu panas 
cai tiis, 
kabeh ge ngaraku bener, 
ngan benerna teu ngahiji, 
kahalangan ku sara-na, 
kahalangan ku adat-na, 
kahalangan ku bener-na, 
kahalangan ku pinter-na: 

ka-lolobaan-nana 
pinterna pinter sorangan, 
benerna hayang bener sorangan, 
adatna murka sorangan jeung 
sara-na siga-na teh bet hayang 
keur sa-sorangan-eun, 

nu matak alam ayeuna 
loba nu pa-unggul-unggul, 
unggul saur, 
unggul tincak, 
mun teu unggul 
boga rasa henteu luhur, 
padahal saur sepuh urang baheula mah 
ulah arek luhur saur, 
ulah arek luhur tincak, 
da anu rumasa luhur teh 
estu jalma pang-hina-na, 

ayeuna mah geus pageuhan bae 
patokan diri sorangan, 
sabab baheula aya saur sepuh 
anu kira-kira kieu :

“Engke di jaman ahir, 
bakal loba jalma di dunya anu ngaraku 
ku ucapna geus SUCI, 
kanyahona ngan semet TEJA, 
tapi ari angkeuh asa pang-luhurna. 
Ari hartina teja teh nya-eta 
cahyana dunya 
beureum, 
koneng, 
bodas, 
hideung 
jeung sajaba ti eta), 
pagawean nana ngan nyiksa diri sina teu cageur, 
ngajak-ngajak henteu bageur, 
sok ngaku bener sorangan 
ngalain-lain ka batur, 
ngaran Suci di dunya enggeus diaku, 
tah nu kitu ulah arek di-guru-an, 
bisi diri badan jeung banda ruksak 
dipake tawajuh, jeung baraya patelak, 
benerna ngan be-beneran, 
pinterna nya kablinger, 
teu ngaraksa 
ka barang ti indung 
nu dititipkeun ka manehna, 
teu nyaho eun indungna mah nenjo anakna 
teu dahar atawa-na  henteu nginum teh 
sok tuluy ceurik, 
mun nenjo anakna gering, 
indung mah luas ngorbankeun nyawa 
asal boga anak cageur deui, 
anu dititah tirakat soteh manehna 
lain jas-na 
tapi ari ieu badan-na 
disiksa sina teu cageur 
teu dibere nyatu nginum, 
marukana ari badan teh manehna, 
anu dititah tirakat tea, 
hih lain, ari badan mah 
titipan ti indung, 
salilana manehna ngumbara di dunya gede 
nya make badan 
eta nu kakuatan nana numpang/make ti dunya 
nu gede, sarta lamun enggeus, 
atuh geus pulang keun deui ka-asalna, 
ari tirakat keur manehna 
nya-eta 
boga kanyaho teh geura pake, 
sing bisa ngajaga badanna 
ulah aya ka-kurangan-nana 
sangkan cageur, 

sing bisa ngajaga adatna 
ulah aya ka-kurangan-nana 
sangkan bageur! 

bisa ngurus badan jeung teu nyieun 
teu ngeunah ka batur, 
sakitu oge 
bener jeung pinter!

Tapi dasar dunya geus tepi ka dasarna, 
eta jelema nu kitu, ana nenjo ka jelema 
nu sok ngurus kana kasehatan badanna, 
make hayoh nyebut Fir’aun sagala 
(eta ku sapedah sok dahar jeung nginum?), 
kawas nyaho ka Fir’aon teh, naon 
ari Fir’aon teh? 
Kuhayang-hayangna dipercaya, 
make hayoh make basa nu teu kaharti ku urang, 
ngarah euweuh tuluyna, 
ari Fir’aon teh nya-eta jelema nu teu cageur 
tambah teu bageur, owah akalna, 
ngaku suci ku ucapna, 
nepikeun ka teu nyaho kana getihna pribadi 
nu ngocor di na badanna  
beurang peuting teu aya eureun-na, 
bisi ahmad acan nyaho :

ka-nyaah ti indung 
salawasna ngocor 
dina badan na

ka-nyaah ti bapa     
salawasna ngocor 
dina adatna

ka-nyaah ti guru     
salawasna ngocor 
dina kanyahona

ka-nyaah ti Gusti    
salawasna ngocor 
di alam kabeh, 

kade lain 
ngocor kawas cai mad ! 
getih ngocor. 
Tina ngocorna getih 
jadi kakuatan (magnet). 

Tina kakuatan 
jadi nyaho = terang (licht). 

Tina terang 
jadi nyaho ka kabeh !

Ku gebleg-geblegna 
eta jelema anu euweuh kanyaho 
kana stroom nyebutkeun nana oge “sihir” 
(marukana usik malikna teh teu make stroom?), 
tapi ari nyarita mah 
mani kawas jalma anu leuwih, 
panon poe, 
bintang, 
bulan 
sagala ditata-an, 
siga nu heu”euh 
tapi electrileit  (listrik) 
anu di badan na henteu nyaho 
naha kitu ?

Cindekna katerang alawi :

Nu poho ka badan 
sarua jeung poho ka indung – 

nu poho ka indung 
sarua jeung nu tani poho ka bumi.

Nu poho ka adat
sarua jeung nu poho ka bapa – 
nu poho ka bapa sarua jeung 
nu dagang teu boga kasopanan.

Nu poho kana kanyaho 
sarua jeung nu poho ka guru – 
nu poho ka guru sarua jeung 
nu boga kahayang (karajinan) euweuh  akalna 
(benerna).

Nu poho kana dirina
 sarua jeung nu poho ka Gusti – 
nu poho ka Gusti sarua jeung 
nu rek kumawula euweuh kapinteran nana !

Ahmad : 
Sadaya omongan alawi ti tadi ku ahmad 
dicatet dina ieu buku, mung bae tadi alawi 
aya saur kieu :

badan ti indung – 
adat ti bapa – 
kanyaho ti guru – 
kuring ti Gusti, 

jadi kahartos-na ku abdi; 
Nu Maha Suci teh 
bibit anu saruci, 
anu saruci 
teh nya-eta 
anu dijadikeun ku Nu Maha Suci 
nya-eta:

“Sare’atna 
nya dunya katut pangeusina; 

Tarekatna 
nya adat dunya; 

Hakekatna 
nya kanyaho; 

Marifatna 
nya kuring/”

Ku margi eta sae alawi kersa nga-dongengkeun deui sakedik mah tina hal patokan kuringna.

***

alawi nga-dongeng-keun pamendak tina hal 

KURING
    
Ari kuring asal timana ?
Ari asal mah ti Pangeran.

Atuh lamun kuringasal ti Pangeran mah 
meureun anu tangtu “nyaho” ka Pangeran-Na ?

Atuh puguh ….
da moal pati-pati kuring keur waktu kawin 
ka pamajikan kuring, di payuneun 
wakil Pangeran (Halifatuloh) ? 
sarta disaksi ku sarat-sarat kaum kuring, 
dina Adeganana Pangeran (Baitulaoh?) 
geus ngucapkeun:
“Kuring “NYAHO” sarta “NYAKSIAN” 
yen euweuh deui Pangeran nu wajib dikawulaan 
ku kuring anging Gusti kuring Anu Maha Suci”. 
lamun kuring henteu nyaho.

1. Saha “asmana” Pangeran teh ? 
     jeung saha ari “ngaran” kuring ?

2. Kuring mah teu arek wawanianan nyebut 
     asmana Pangeran, da kuring “yakin” 
     Pangeran kuring mah teu aya bangsana 
     (laesa kamislihi?) 
     ari anu sok dingaranan mah, eta nu tangtu bae 
     aya bangsana, 
     jeung pangna dingaranan teh taya lian ngan 
     supaya gampang dicaritakeun nana 
     jeung inggis atawa bisi pahili; 
     saperti pangeran-pangeran anu di dunya.         

      Kuring ge nya kitu keneh; 
      sakalieun boga ngaran ,,abdi” oge 
      lamun kuring geus bisa ,,ngawulana” 
      ka Pangeran (Gusti kuring) tea.

1. Naha ari ahmad’teh lain ngaran kuring ?
2. Ih, ari ahmad mah ngan sakadar ngaran 
     jieun jelema (jieun batur) 
     nu nganga-ranan karana adegan kuring 
     di dunya, 
     nya-eta ku lantaran loba bangsana, 
     ku supaya ulah pahili tea jeung ari nu 
     dingaranan ahmad mah eta 
     aya indung bapana (kolotna) …..
     Kitu oge eta ngaran ahmad teh 
     henteu gampang-gampang diaku bae , 
     da lamun kuring dhohirna migawe:  
     kahewanan teuing, 
     kadunyan teuing, 
     karobanan teuing, atawa 
     kasetanan mah, 
     ngaran “ahmad” teh teu beunang (teu pantes)
     dipake, da ahmad teh keur “ngaran” manusa 
     nu geus bisa “migawe” kamanusaan nana.

1.Ari Pangeran kuring teh lain Nu Maha Suci ?

2. Enya…..

1. Atuh lamun kuring asal ti Nu Maha Suci mah, 
    kuring oge mereun suci, 
    da itu geuning cai nu aya dimana-mana 
    nu asalna ti laut (sagara cai) bet disebut 
    tunggal cai keneh?

2.Atuh puguh, da lamun kuring teu suci mah, 
   di dunya teh kuring anu tangtu moal bisa nyaho: 
   mana anu disebut salah jeung bener, 
   hideung jeung bodas, 
   panjang jeung pondok, 
   amis jeung pait, 
   goreng, hade, 
   jeung sabangsana 
   nu dijadikeun ku Pangeran kuring.


1. Ayeuna kuring sanggeusna ngarasa aya 
    dina badan nu dipake ku kuring satungtung 
    aya di alam dunya (pamajikan), 
    naha masih keneh eling ka kuringna 
    jeung kana kawajiban kuring pribadi ?

2. Atuh puguh, eta mah kieu geura, saibarat
    kuring keur ngawayang uwong, di-dangdanan          jeung di jieun naon bae, naha Erjuna atawa.    
    jadi. Buta, kapan ari kuringna mah eling, 
    yen kuring mah lain Erjuna jeung lain Buta, 
    ngaku ngaran Erjuna (Buta) soteh dina keur 
    ngawayang uwong bae; 
    nya kitu deui keur waktu kuring di alam dunya, 
    dina adegan jeung ngaran manusa, 
    dina satungtung ngigelkeun jeung ngalagukeun 
    lagu kamanusan teh, kuringna mah kudu tetep.      elingna kana asal kuring pribadi, 
    jeung oge dibarengan bari migawe kawajiban 
    kuring sacara nu asal ti Gusti nu Maha Suci.


1. Naha boga kawajiban naon 
    jeung kudu kumaha cara-carana 
    ari anu asal ti Gusti Nu Maha Suci teh ?


2. Haarr …. 
    kapan samangsa-mangsa 
    asal ti Nu Maha Suci, 
    anu tangtu eta teh Suci, 
    nya kitu deui lamun kuring 
   geus nyaho mana nu disebut salah jeung 
    mana.nu disebut bener,
    kuring diwajibkeun ngarukunkeun 
    dlohir jeung bathin 
    (anu jadi pamajikan kuring, 
    sok komo lamun nepi ka bisa ngarukunkeun.          saluareun diri kuring dunyakatut pangeusina          mah).


1. Ngarah naon sina rukun teh ?

2.Ari anu disebut rukun ku kuring mah kieu: 
   Sakabeh mahluk Pangeran anu araya di dunya, 
   sing baroga perasaan kumaha cara-carana nu.       kumawula ka Pangeranna nurutkeun adegan 
   jeung ngaran manehna da ari picontoheun mah     kabeh oge picontoheun, sanajan anu teu 
   ngomong oge, saperti tuh panon-poe, geuning 
   panasna, cahyana, keur sarerea, ngahasilkeun       ka sarerea, pagawean nana bukti ! 
   Tuh laut nyaian ka sarerea, niisan ka sarerea, 
   pagawean nana bukti ! 
   Tuh angin nganapasan ka sarerea, mindah-             mindahkeun hawa ka sarerea, pagawean nana.       bukti
   bumi  ge kitu

Cindekna: 
seneu, 
cai, 
angin  
bumi 
geus jadi conto; 
malah badan jeung kasehatan nu dipake kukuring 
ayeuna, ayana teh ku rukunna eta nu opat, 
ayeuna ari kuringna nu ngaku asal ti 
Nu Maha Suci, 
tur geus ngaku leuwih mulya ti sakabeh mahluk, 
dina waktu nyekel rol (ngalakon) di dunya, 
mun cara dina ngawayang uwong mah, 
di dunya teh keur nyekel lalakon jeung pakean Bathara Guru, 
naha pantes ari igel jeung lagu 
cara igel -parigelna buta hejo bae  ? 
Atuh lamun kitu bae mah dunya katut pangeusina teh moal aya beresna (kusut). 
Jadi hartina rukun anu dicaritakeun ku kuring 
mah kieu : 
Kajeun pabarencay sumawonna ngumpul, 
asal sing rukun! 
silih ome keun 
dina kasalahan nana, 
silih turutan dina kahadean deukeut sumawonna jauh ulah rek migawe pagawean atawa 
omongan nu temahna matak teu salamet ka 
dirina atawa ka nu sejen, 
sabab: sanajan henteu ngocoblak ngomong, 
tapi, ari migawe pagawean nu hade mah, 
eta leuwih gede mangpaatna ti batan nu wungkul ngomongkeun atawa ngapalkeun keneh salob kitab papatah (tirakat ngosongan beuteung!) 
timana jalanna rukun jeung batur lamun 
di jero beuteung na 
ribut bae.

1.     Ari geus rukun kumaha ?
2.     Nya ari geus kitu mah, anu tangtu 
dunya katut pangeusina teh surup disebut 
bener jeung salametna.

1. Ngarah naon ari geus balener kabeh ?

2. Kapan ngarah paruguh surupan nana deui, 
tuh geuning itu nu nyontoan mah 
mani teu aya eureunna; 
cai ka laut deui, 
seuneu ka panon poe deui, 
napas ka angin deui, 
taneuh ka bumi deui, 
estu teu matak hese ka kuring 
mun tas ngawayang uwong tea mah pakean teh bet beberes ku maneh (otomatis?), 
jeung ari kuringna mah hayang balik ka asal kuring deui, 
da ari dunya mah lain asal kuring, 
bener ayeuna mah kuring teh keur ngalakon di 
dunya 
sing surup dina adegan dunya soteh, 
cageur jeung bageur; 

tapi ari geus tamat lalakon mah 
kuring teh sing surup ka asal kuring deui, 
malah ari kahayang mah nu nurutkeun kawajiban, 
dunya katut pangeusina teh meujeuhna 
babalik sing surup ka kuring 
(dunya sing surup ka kuring, 
kuring oge sing surup ka Pangeran kuring), 
da lamun acan sucimah sok asa moal bisa, 
“pulih ka jati pulang ka asal kuring deui, 
nya ka Gusti Nu Maha Suci”
 (inna Lilahi wa inna Lilahi Rojiun?).

1.Lamun kuring geus bisa ngarukunkeun diri, 
komo lamun tepi ka bisa nga-rukun-keun nu sejen, naon pingaraneun kuring ?

2. Ari nu geus bisa nga-rukun-keun mah, 
eta pantes dingaranan 
“abdi” sabab geus bisa ngawulaan nana 
ka Pangeran.

1.Cing carita keun, 
kudu kumaha kuring di dunya ngawulaan nana 
Pangeran, tepi ka tutgna boga ngaran abdi teh ?

2. Lamun dicarita-keun mah, kieu 
kuring teh : Kudu mangeran ka 
Gusti Nu Maha Suci, 
ari pagawean nana nya-eta urang di dunya sarerea kudu maranut ka : sakuring-kuringna 
nu asal ti Nu Maha Suci tea, 
sabab tadi oge geus diterangkeun da kuringna 
nu aya di aranjeun teh asal ti Pangeran kuring keneh, henteu beda cara cai dimana-mana, 
asalna ti laut keneh. 
Urang di dunya pada karumawula ka Pangeran 
pada harayang jadi abdi-na (abdi Gusti) = 
ngalimah kalih; 
mun keur waktu urang baheula di pasantren 
(pamuridan mah eta teh disebutna “{Syahadat”): 
Kudu mangeran ka Gusti Nu Maha Suci, 
Kudu manut ka utusanna Nu Maha Suci.

1.Kumaha ari mangeranna  ka 
Gusti Nu Maha Suci teh? 
Jeung kumaha ari manut ka Utusan nana teh? 
da mustahil 
ari cukup ku ngomong wungkul mah, 
da ari ngomong na mah budak leutik oge mun diajar mah meureun bisa-eun.

2. Ari mangeran ka Gusti Nu Maha Suci 
urang kudu migawe pagawean nu Suci 
(ngawujudkeun pagawean anu hade) 
jeung ari manut ka Utusan Nu Maha Suci 
urang kudu daek mere pituduh ka sakur nu 
teu nyaho-eun kana jalan anu bener, 
dibarengan ku tekad anu henteu rek ngarah ngarinah, sabab urang kudu :
Sembahyang

Ngiblat kana adegan Nu Maha Suci, 
(ka sakabeh nu dumadi), kudu ngarti sarta surti, 
bisa nangtung, ruku, sujud jeung lungguhna 
sakabeh mahluk teh 
ana kacukupan 
seuneu, 
cai, 
angin, 
bumina, 
anu matak lamun urang enggeus harti sarta 
lamun nenjo mahluk anu kakurangan 
(teu cageur atawa teu bageur) 
urang kudu bisa nyalametkeun, 
geuning dina panutupan solat, 
aya kecap aweh salam 
(mere salamet = nyalametkeun) 
ka sakabeh Rahmatna Allah 
nu geus diberkatkeun ka urang sarerea 
(asalamu alaikum warahmatulohi wa barkatuh?)


Zakat – Fitrah

Nulung ka nu butuh – nalang ka nu susah, 
nganteur ka nu keu-eung, nuduhkeun ka nu teu nyaho; lamun urang acan nyaho ka nu butuh atawa ka nu susah 
(anu kakurangan dahareun atawa inumeun) 
urang kudu :



Puasa

Tah dina puasa urang bakal nyaho kumaha ari 
rasana teu dahar? 
kumaha ari rasana teu nginum ? 
jeung sajaba ti eta. 
Lamun urang geus kaharti sarta ka surti, 
naha henteu leuwih hade lamun urang sarerea 
(dunya katut pangeusina) 
pada rukun sing:
Munggah jadi Hiji dina Adegan Nu Maha Suci
Ku nyumpumponan kana Rukun anu 5 bieu ? 
sabab eta nu Rukun teh Suci, 
jeung ari nu hayang Suci, 
pagawaean nana kudu Rukun !

Hukum Sarana 
geus pada baroga, sakaumna-sakaumna !

Hukum Adatna 
geus pada baroga, sa-adatna-sa-adatna !

Hukum Akalna 
geus pada baroga, geusan ngahijina/Rukunna !

Hukum Allahna 
nu geus tetep dina Adegan Nu Maha Suci :

Saha nu nyagap seuneu : Panas 

Saha nu melak bakal ngala buahna

Saha nu resep ngabobodo ka batur 
(nga-wirid-keun bohong ka nu sejen) 
sabetah kabita ku dunyana atawa hayang diesebut jelema pinter, awal-akir anak incuna 
bakal milu kabobodo ku pelak manehna ayeuna !

Saha-saha nu nyebarkeun elmu salingkuh, 
awal-akir anak incuna oge bakal jadi jelema bodo !

Saha-saha nu sok tuturut munding 
anak incuna oge alamat teu beda jeung munding!

Kuring percaya : Gusti Nu Maha Suci 
geus ngajadikeun dunya katut pangeusina 
ku ayana dunya katut pangeusina teh geus ngajadikeun lantaran kuring sarerea.

Sareatna badan ti Indung

Tarekatna adat ti Bapa

Hakekatna kanyaho ti Guru

Ma’rifatna kuring ti Gusti

Ayeuna kasebut ku lumbrah :

Badan teh nya badan kuring

Adat teh nya adat kuring

Kanyaho teh nya kanyaho kuring

Kabeh diborong ku kuring

Nu asih ka badan kuring nya indung

Nu asih ka adat kuring nya bapa

Nu asih ka kanyaho kuring nya guru

Nu asih di alam kabeh nya : Gusti Nu Maha Suci 
(Robbil Allamin)

Nu matak lamun kuring geus baleg, 
geus boga kanyaho, tur kuring mah 
estu nu MIBUTUHNA ku badan cageur, 
ku adat bageur, jeung kanyaho nu bener, 
atuh mistina mah tikel rebu milu nya’ah ka badanna, milu nya’ah ka adatna, jeung milu nya’ah kana kanyahona teh, malik nya’ah ka alam 
jeung pangeusina kabeh nu dijadikeun ku 
Nu Maha Suci nu dipikabutuh ku sarerea.

Sakabeh badan 
ulah disiksa/sina teu cageur
.
Sakabeh adat 
ulah dipake ngasut/sina teu bener ulah kurang (min), jeung ulah leuwih (plus) bisi jadi jelema anu teu jejeg (abnormal)

Kanyaho 
anu aya matak teu hade ulah sok disebarkeun bisi nular ka nu sejen jeung euweuh deui puntanganeun kuring ayeuna (dina waktu ieu) mah ngan wungkul kuring pribadi,

Kuring anu nyagap seuneu , 
batur moal milu panas
.
Kuring anu dahar, 
batur moal milu seubeuh

Kuring anu goreng, 
batur moal milu dosa jeung sajaba ti eta.

Jadi ringkesna kuring teh kudu tetep mageuhan agama (patokan) kuring pribadi,
Jeung kuring teu dikudukeun pipindahan agama 
atawa moyok nu batur,

Nu hade wajib diturut, gorengna kudu di jauhan/ mun bisa kudu ngomekeun,

Sabab ari goreng teh ka kuringna matak jadi karugian anu pohara gedena, .
sareatna badan ruksak, 
tarekatna jeung dulur oge patelak, 
hakekatna guguru ka Teja cahya, 
ma’ripatna lain Suci lain pinter, 
tapi jadi bebeakan beresih sagala-galana (0=nol).

Badan kuring 
sanajan dipolas-polis, 
diruruba ku carita atawa ganti dangdanan, 
ganti sipat, 
ganti adat, 
kanyaho nurutan batur, 
kuringna mah teu panglingeun

Adat kuring 
sanajan digosok unggal waktu moal luntur, 
da boga bakal sorangan, saibarat kopi susu, sakitu geus dihijikeun ku cai panas nu ngagolak, rasana mah teu pahili, susu – susu, gula – gula, nya kitu deui kopina; ngan raosna nu ngahiji soteh, kitu oge lamun salah sahiji barang teu aya nu leuwih atawa aya nu kurang, jeung kitu oge lamun anu ngarasakeun nana boga kanyaho (cageur bageur).

Kuring teu arek era disebut bangsa Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era make kasopanan Sunda (Jawa)
Kuring teu arek era nyaritakeun hal patokan Sunda (Jawa)

sabab kuring percaya Gusti kuring Anu Maha Suci 
ngajadikeun nana mahluk teh moal kakurangan atawa moal kaleuwihan.

Kuring percaya bangsa Kuring teh 
jelema aya kamanusaan nana.
Kuring percaya .bangsa Kuring teh 
boga adat, aya kasopanan nana.
Kuring percaya bangsa Kuring teh 
boga kanyaho, aya kawruhna.
Kuring percaya bangsa kuring teh kudu iman, 
aya kukuhna da mustahil ari kayu-batu,sato-hewan, dunya katut pangeusina boga kukuh, 
ari kuring henteu ?.......
nya ari rupa mah puguh bae beunang dipolas-polis saperti : 
“Kai ku pamaksa jelema, dituar, di ku di kieu  nepi ka geus jadi meja, disirlak atawa di cet, tapi kai na mah teu leungit-leungit nya kitu deui sirung nu jadi dina tunggulna, nya kai deui kai deui.

“Naha bisa Suci lamun teu make Iman”?

Kaharti kukuring mah lamun :

teu iman ka nu Wujud = teu cageur
teu iman ka nu Karasa = teu bageur
teu iman ka nu Bener = teu boga kanyaho
teu iman ka nu Pinter = bodo
teu iman ka nu Pasti = tangtu
teu iman ka nu Salamaet = cilaka

Lamun palebah dieu acan masih kaharti keneh geura ngalieuk atuh ka kenca ka katuhu kilang bara daek nenjo tincakeun ka hareup mah, atuh anu ka tukang-tukang ……..

balikeun awak teh sugan inget ka wiwitan :

Tah Indung Anjeun
Tah Bapa Anjeun
Tah Guru Anjeun
Tah nu “wawangina disilih ku anjeun”.

Palebah dieu, teu aya menak teu aya kuring, henteu beunghar henteu miskin, saha bae nu nyebarkeun cucuk, awal akir eta cucuk  teh bakal jadi, lobana tikel puluh batan anu disebarkeun (leuweung?), sarta anak incuna (turunan nana = tironan nana) anu nyebarkeun tea age, nya bakal kacugak ku pepelakan nana.

Anu matak lamun urang nya’ah ka anak incu nu hirup pandeurieun urang, omat ulah rek wani-wani migawe pagawean anu goreng (nu teu pantes), malah kudu dibere nyaho jeung sina mikanya’ah ka bangsana, mika cinta kana adat sorangan nana, da ari elmu akalna mah jolna ku campur tea, sarta tuduhkeun Hukum-mulohna nu lain jieun jelema (disingsieunan atawa dibibitaan).
--------------------------------



lagu Kinanti buhun :

Sir ati ngajadi gulung,
lila-lila jadi kuring, 
anjaclang di alam Padang, rus ras sok rea ka eling , katineung reujeung kamelang, 
melang mangmang 
beurang peuting.

Nunggu nunggu cunduk waktu, 
nganci-nganci nitih wanci, ngadagoan datang mangsa, henteu kendat beurang peuting, 
sanajan nepi ka ajal, bulak-balik mo’ katilik.

Mungguhing nu jadi mahluk, tuna harta sepi harti, 
henteu bodo-bodo acan, surup jeung unggeling dalil, nyebut enya puguh enya, nyebut lain puguh lain.

Mahluk mung darma lumaku , Gusti nu ngusikkeun diri, ibarat dalang jeung wayang, nya kitu mahluk jeung Gusti, aya maneh aya kula, 
teu pisan pisah saeutik.

Paur lamu seug dicatur, 
ketir lamun dipikir, 
moal lancar ku di talar, 
Gusti lain dina biwir, 
di dunya henteu gumelar, amung mahluk anu lahir.

Lamun mukir anu saestu, moal kalis ku ka inggis, susah lamun nincak salah, 
ati henteu weleh ngait, 
lamun emut sok sumuat, beuki lila beuki muhii.

Ninggang di jalma takabur, umangkeuh reujeung sumingkin, 
samar kana bisa nyasar, 
ari tetep moal lilir, 
nyekel iman ngan salancar, da ngukuhan elmu nu dir.

Nu puguh ngan matak linglung, 
muru bukur malar bukti, ngudag-ngudag nu teu guna, kira-kira teu kasungsi, bongan tekad anu salah, nguntit-nguntit anu lain.

Mun kitu tangtu kaliru, 
misil moal jadi hasil, 
malah malah tambah susah, pinanggih reujeung kasedih, ubarna ngan kudu sabar, pasti anu tangtu jadi.

Kukuh pengkuh kudu puguh, cengeng ati masing pasti, sanajan lempang salengkah, ulah henteu jeung dipikir, poma arek tinggal bismilah, sangkan rahman-rahim panggih.

Dunya mung saukur ngaku, henteu beunghar henteu miskin, menak kuring sakabehna , 
teu diwincik wiji-wiji, 
pasti kapurba-wisesa, 
ti lahir nepi ka bathin.

Mungguhing anu linuhung, lantip ati tur berbudi, nyoreang taya karingrang, tebih marganing kasedih, ca’ang padang narawangan, dumeling ngagem ka-eling.




“Kasinoman

Neda ageung pangaksama, ka pramitra jaler istri, 
anu sami ngalu’uhan, 
ka ieu riungan wengi, 
muga karesa  nyakseni, 
reh numut galur karuhun, budak kedah disunatan, 
boh awewe boh lalaki, 
malah mandar rahayu dipawenangan.

Salametan ieu budak, 
yakin ti nini ti aki, 
katut ti indung bapana, 
malah ti kadang ti wargi,jembarna ti Maha Suci, jumunjung Nu Maha Agung, kumarga eta sumangga lenyepan ku sanubari, 
wincik budak malah mandar jasa mekar.

Baeu banget anak bapa, ujang sarawuh si nyai, Fatimah Mamunah Dayat, anak bapa sing prihatin, ujang teu nini teu aki, 
ngan bapa jeung ema wungkul, 
tur aya di pangumbaraan, ngan bae enung anaking, mangka janglar tumarima kana kadir.

Rumasa ema jeung bapa, 
ti mimiti enung lahir, 
taya tandana ka anak, 
nyipat kawelas-ka’asih, 
ngan sugan baring supagi , ginanjar Gusti yang Agung, barisa ngajaga awak, 
mingpin sanubari batin, anging ieu bekel di Pawenanngan.

Pertanda bapa ka ujang, 
Ema nya’ah ka si nyai, 
lain uwang lain barang, 
ngan bapa ieu ngawaris, malah mandar jadi eling, 
keur jimat enung ka payun, mun pareng paranjang yuswa, bekel gumelar di lahir, baris modal ngumbara di Pawenangan.

Poma poho ka wulangan, 
cai lali awit bijil, 
henteu nyaho ka sagara, 
ulah kaya memeh miskin, poma tonggoy kana lahir, sing emut enung ka puhu, conto Batara Surya, 
sumorot kadia tatit, 
ngempur pamor sumirat ti beulah wetan.

Hegar rahmating Pangeran , mahluk Gusti sami muji, 
kana kajembaran nana, 
pecat sawed nema wanci, rumangsang anu ngagilir,mipit menit muru waktu, ceg anceg wates manceran, ditema ku waktu lingsir, tunggang gunung kawas anu ngawawa’as.

Jeg anu ngahiap hiap ngajak sumujud ka Gusti, muja ka yang Maha Mulia, layung koneng nu ngaganti, nyilokaan mahluk Gusti, candra wetan anu cunduk, tah ujang hirup di dunya, masing sasihna ti Gusti, wincik bapa teangan masing kapendak.

Mun bapa aya hadena, conto ku ujang ku nyai, anu goreng mah ulah, ujang nyai masing eling, nu ingkar ti laku Suci, kajeun bapa kajeun indung, ari goreng laku na mah, ulah diturut saeutik, mikolot mah poma ujang ulah robah.

Sing tumetep poma robah, pahing soteh adat iblis, bisi ngaruksak turunan, anggur ujang mangka nyangling, sing caringcing ulah cicing, anggur sipuh laku sepuh, ujang teu aya salahna, mun kolotna beuheung munding, geuwat rawat ku tekad jeung kalakuan.

Tembongkeun lampah si ujang , contokeun karintih nyai, ari ku lisan mah ulah, poma dek nyiduh ka langit , kajeun di wali di nabi, taya nu miwulang sepuh, tah ujang matak doraka, anu lancang kumawani, kajeun hina kajeun laip bapa urang.

Pangeran di pawenangan, Gusti ujang di lahir, nu jadi marga lantaran, pang ujang jeung nyai lahir , digelarkeun Maha Suci, sababna bapa jeung indung , nu matak ceuk caturangga paribasa nini aki, indung bapa di dunya nu leuwih mulya.

Kajeun jelema beurat beunghar, sugih harta loba harti, mun teu rumawat ka sepah, temahna matak balai, nu matak sing jadi eling, meungpeung bapa sareng ibu ayeuna masih gumelar, kadongdora ujang eling, geus euweuh mah geuning sok dikarorehan.

Di tareang ka kuburan, nyai ujang mah anaking, ayeuna bae ayeuna, sing ngesto na sanubari, meumpeung cukup saksi diri, wawakil yang Maha Agung, ari jalan rumawatna, waris bapa nu ngabukti, ku si ujang poma kudu dipiara.

Lain waris harta benda, wujud diri sanubari, geuning ujang boga badan, boga tangan boga kuping, kumplit anggahota diri, warisan ti rama ibu, cing coba bapa rek nanya, kira-kirana ka-uji, sabaraha eta pihargaeun nana ?

 Pamenta ema jeung bapa, kade ujang mangka lali, pangajina diri ujang, modalna keur nyungsi batin, mun teu nyaho harga diri, temahna sok jadi bingung, sok lieur lolong dunyana, batinna mah komo deui, indung bapa sok dijieun ponakawan.

Cangcaianna ti sepah mah, ujang masing jadi eling, karasa pisan ku bapa, nu matak enung anaking, poma masing jadi eling, di anak mah kantun mulus, sangsara mah geus ku bapa, ngan saeutik ka si nyai, pesen bapa geura regepkeun ku ujang.

Mun bapa ninggang ka mangsa, tepi kana titis tulis lain rek sungkan rek baha, teu tarima kana takdir , kabeurat teu aya deui , kajaba ngan anak wungkul, kainggis sieun minculak, ingkar kana hukum diri, ngan sakitu ka bapa anu jadi beurat.

Kawasna moal sampurna, bapa mo pulih ka jati, mo bisa pulang ka asal, kahalangan ku kaeling, sukma ngalayang di lahir, anak anu jadi galur, tah lamun ujang nyai nyaah, tandana rek males pulih, ka bapa mah lain sipat kadaharan.

Mungguhing lelembutan mah, basa lembut eta latip, basa latip eta laesa, mo bisa dibanding lahir , anging kudu latip deui, kakara tiasa terus, ka sukma bapa teu wiat, ku jalan pijah si nyai, jeung si ujang pijahna ku kalakuan.

Nu nyumponan ka sampurnaan, nu cocog sareng agami, nya-eta lampah utama, nu pantes tata karami, jeung deui ujang sing eling,, pagulung soteh jeung indung,, jongok ayeuna jeung bapa, bukti soteh ku jasmani, basa jasad baju nu keuna ku ruksak.

Teu langgeng mungguh ayana , keuna ku owah ku gingsir, mungguhing enggeus ruksak mah, ujang susah nya milari, hayang papanggih jeung bukti, tepung jeung rama jeung ibu, bukti jeung kurungan nana, kajeun ka cai ka leuwi, ka sampalan ka leuweung ka pajaratan.

Taya panginten kapendak, biasana mungguh jalmi, ngarasa inget ka bapa, ka indung nya kitu deui, lamun geus euweuh di lahir, tah kitu mungguh di mahluk, babari eleh ku hawa, ujang mah kasep anaking, sing tiasa langgeng dina patekadan.

Peupeuriheun eyang ujang, ngan kantun asma dilahir , susah najan diteangan, wayahna bae anaking, pang bapa bisa merwincik, karasa ku bapa enung, hirup teu indung teu bapa, kaburu pahatu lalis, karasana taya gunung pananggeuhan.

Ka saha geusan nya muntang, geusan bapa titip diri, euweuh deui ngan ka anak, nitipkeun lahir jeung batin, lahir bapa tilis ceuli, batin henteu unggut-unggut, nu matak ujang teangan, tunggalna ti Maha Suci, sangkan bisa nyumponan ka tineung manah.

Sing beunang sarining kaca, geura tilik marga diri, nyai ujang siga saha, geura padeukeun nya diri, tilik sing gemet sing rintih mangkade enung kasaru, lepat ngabandingkeun nana, boh bilih lali ka awit nyai ujang kade salah nya terima.

Mun ujang memper ka bapa, aya ciri nini aki, eta mah kantun ngamanah, ka saha ujang nya eling, ujang bade titip diri, geusan umangken jumunjung, da bukti tos di cacandak, kantun ngajangjian diri, geura talek dek ka saha tumarima?

Piraku ka nu lainmah, kapan sidik marga diri, ujamh nyai siga bapa, bapa kawas nini aki, nini aki kawas umpi, umpi ujang kawas uyut, uyut ujang urang mana, tah sakitu sing kapanggih, mun geus pendak tah tanda ujang tarima.

Kadar ngan jadi “panyelang”, nyelang bongan tadi nyilih, nginjeum ceuk basa Sundana, ka Gusti kuring anu Asih, INDUNG, BAPA, GURU KURING, nu matak ulah rek linglung, ka nagara nu baheula, siloka di Pajajaran, kapanggihna lamundaek nga-Bandungan.

Bogor ceuk basa baheula, eta basa ngandung harti, koropok mungguh jatina, beak ku nu ngadon nyilih, anak anu kumawani, patokan bapa digempur mikaresep ka nu anyar, karasana nya eyeuna, lolong torek nu jadi hukuman nana.

Satamatna nu pakawulaan nya lajeng didu’aan, maksadna:
Salamet Sunat Putrana
Salamet Nu gaduh wajib (ibu ramana)
Salamet Nyaksian (guru-guru sadayana)
Salamet abdi sadaya; mugi-migi tiasa ngawulaan ka Gustina, nya.


Gusti Anu Maha Suci

anu welas anu asih di alam kabeh !!!!!


cag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar