GUSTI KAWULA – KAWULA GUSTI
Sebagian gede
anu ngaruku sarta percaya ka Pangeran,
ana disebut Gusti
tujuan (maksud) caritana teh
nya eta nuduh kana Wujud nu Maha Suci.
Jeung dimana nyebutkeun
Kaula nya eta nuduh
kana tekad, lampah jeung ucapna nu jadi mahluk,
jadi palebah dieu mah tetela pisan
cacak nuduh ngaran kaula oge geuning
teu beunang dituduhkeun bungkeuleukan nana
nu ngaku bae.
Ana kitu terang pisan samemeh urang nganyahokeun kana Wujud Gusti teh,
atuh leuwih hade tiheula mah
kudu nganyahokeun kana kaulana,
ari sababna
nya-eta lamun acan nyaho ka kaulana
asa mohal nyaho ka Gustina,
tadi geus dicaritakeun yen
nyatana kaula teh
nya-eta nu geus puguh nekadkeun nana , ngalampahkeun nana jeung ucapan nana
sacara nu kumawula ka Gustina.
Ari parabotna pikeun kumawula teh nya-eta kaayaan anggahota mahluk
anu kasipatan
ku pangawasa jeung pangersa Pangeran ,
ari nu kudu dipiconto pikeun angger-angger
nya-eta sakabeh Rukun nu geus ditetepkeun
dina ka-Imanan jeung
dina ka-Islaman –
sare’atna
kudu prak digawe sacara make a’dat – patarekan nana geura tarek nafsu urang ku sorangan sangkan ulah mamawa ka nu teu urus
nyengcang tina kawajiban kumawula –
hakekatna
kudu iman ka nu wajib di imankeun,
Islam patekadannana –
marifatna
nyaho mana anu enya jeung mana anu lain.
Ari hartina kaula
eta teh kecap kapangkatan
ti sakur nu geus bisa kumawula,
jadi lamun acan bisa ngawula mah
urang teh acan boga pangkat kaula.
Jadi anu bisa kumawula teh,
nya-eta :
1. nu kasipatan ku Kodiran (nu kawasa)
hartina geus walakaya metakeun. anggahota na guna
kumawula ka gustina.
2. nu kasipatan ku Muridan (nu kersa),
hartina geus daek migawe parentahan
ti Rasulna guna Gumusti.
3. nu kasipatan ku Aliman (nu uninga)
hartina geus digawe kalawan nyaho
kana kawajiban sacara nu kumawula.
4. nu kasipatan ku Hajan (nu hirup)
hartina geus ngahirupkeun parentah,
nya-eta ngimankeun kalawan prak migawe. sakur nu geus ditetepkeun ku rukun
rukun Iman jeung Islam.
Sare’atna
kudu sa-adat jeung aturan
nu menurut hukum Sara di dunya,
Tarekatna
kudu narek maneh,
nya-eta nyegah napsu nu goreng
ulah nepi ka ngalanggar
kana hukum Agama sumawon Drigama.
Hakekatna
henteu ngabeda-beda
yen anu araya di sakabeh Alam
jeung Jaman teh ayana,
pangawasana,
kadaekna, jeung
kanyahona teh
asal tina kamurahannana Pangeran,
Marifatna
nya-eta lamun enggeus nyaho
yen Wujudna Pangeran teh
ku ayana sifat Rohman jeung Rohim,
welas jeung asih,
atuh ngawujudkeun nana titel (pangkat) kaula oge teu aya deui kajaba urang anu kudu kumawula
ka Gusti ku jalan ngadatkeun sarta af’alna
hartina sah tina rukun
anu ditetepkeun ku Rasulna.
Nyipatkeun welas jeung asih ka sasama,
hartina lamun mangeran kanu sipatna
welas jeung asih,
atuh nu mangeran na oge
kudu ngadatkeun welas jeung asih
ka sakur nu dipiwelas jeung dipiasih ku Gustina,
sangkan boga asma
atawa ngaran kaulaning Gusti.
5. nu kasipatan ku Samian (nu ngarungu) , hartina suhud migawe parentah,
nohidkeun kumawulana ka Gustina.
6. nu kasipatan ku Basiran (nu ningali),
hartina geus waspada kana pagawean
nu wajib dipigawe ku kaula.
7. nu kasipatan ku Mutakaliman (nu ngandika), hartina geus prak nekadkeun, ngalampahkeun jeung ngucapkeun
sarta enya Islam (suci) ngawulana teh.
Tah gulungna eta 7 kasipatan
anu geus prak ngadatkeun kumawula sarta af”al dina wujud sacara ngawulana ,
nu kitu pangkatna
atawa asmana
nya-eta Kaula ...
sabab
1. geus kawasa ngadatkeun ngaula
2. geus kersa ngadatkeun ngaula
3. geus uninga kana elmu ngaula
4. geus hirup , iman dina sajero ngaula
5. geus ngarungu, tohid dina ngaula
6. geus ningali, ma’rifat dina ngaula
7. geus ngandika, tegesna geus Islam
patekadan nana nyungsi kana kecap
“Kaula nekadkeun
teu aya deui Pangeran anging Gusti Allah ,
jeung nekadkeun Kaula
satemenna Rassululah teh Utusan nana”
Jadi ana kitu lamun urang hayang boga
“ngaran” Kaula
sarta sanggeus ngarasa yen ayana
pangawasa,
kadaek,
kanyaho,
hirup,
ngadenge,
nenjo jeung
ngomong teh
asal tina kasarengan ku sipat kamurahan Gusti atuh eta 7 parabot teh
kudu di Imankeun sarta jeung Islamna
supaya nga-Wujud kana patekadan Kaula tea.
Katerangan panutup tina hal kecap kaula
nya-eta
urang kudu prak ngawula heula,
ari parabotna
nya-eta lamun urang keur kasipatan
ku sipat Ma’nawiah:
nu kuasa,
nu kersa,
nu uninga,
nu hirup,
nu ngarungu,
nu ningali jeung
nu ngandika.
Tah eta nu 7 perkara
lamun di Imankeun keur kumawula ka Gusti
sarta Islam,
hartina
enya kumawulana teh
menurut kana pangersa Rassulullah,
teu sulaya jeung rukunna,
nu kitu mah kakara boga ngaran kaulaning Allah ..........
Tapi sabalikna
lamun eta kasipatan tadi
diimankeun kana goreng
sarta rukuna ka nu goreng ,
eta ngarana kaulaning goreng,
sabab tetelana ngaran eta
gumantung kana sifatna nu ngaadatkeun ,
ari af’alna sanggeus sanggeus
ngawujud pagaweannana.
Kaula nu pantes diturut,
nya-eta:
nu tara nyumputkeun elmu nu hade –
nu tara sirik jeung pidik –
nu tara upat simuatan –
atoh mun manggih nu hade –
daek ngomekeun nu salah –
tegesna nu teu nyalimpang tina papagon Agama,
Sareatna
nya-eta
daek ngadatkeun cara prak-prakannana
nu ber-agama dina alam ieu –
Tarekatna
nu nyegah hawa napsuna
nu sok ngajadikeun matak teu ngeunahna batur sumawona kana rasana sorangan –
Hakekatna
geus nyaho kana kawajiban sorangan
dina sapanjang ber-agana,
rajeun oge usil ka batur lain nyieun kagorengan tapi rek ngabenerkeun kasalahannana
atawa nanya sakur nu dikira berguna,
tegesna jauh tina siksik-melik, --
Mari’fatna
lamun geus ngawujud
sakur nu geus diomongkeun,
nu dibaca,
nu diuji
tegesna Iman jeung Islam (suci).
Sanggeus ngarti kana katerangan anu di luhur , sarta sangkan ulah meunang
panyebut bohong ucapan,
geura prak atuh
adatkeun sangkan nga-WUJUD.
SYAHADATNA
SOLATNA
PUASANA
ZAKATNA
MUNGGAH HAJINA
Tidak ada komentar:
Posting Komentar