Rabu, 08 Desember 2021

Pepeling Hyang Niskala

Pepeling 
Hyang Niskala
   
Ieu Darma Pamulih 
Hyang Niskala
  Ku aci darma pamulih
  Ku aci nusya sakti
  Ku aci nusya larang
  Ngageugeuh nusya seda
  Ngageugeuh nusya sakti
  Ngageugeuh nusya larang
   
Aci putih herang jati
Di jero ning jembawasa salira
Salawasna dimanikan
Mangka datang ka bulanna
Mukakeun kowari manik
   
Sawetuna ti tan hana
Salawasna dimanikeun
Mangkana nepi ka mangkana
Dongkap ka mangsa
Pulang deui ka tunana
   
Bayu tan metu
Sabda tan muwah
Hedap tan ngaruan
Kurungan tan keneng tumuwuh
   
   
  Sampurasun
   

   
Ayana wujud jalma 
nyaeta:
    
Diturunkeun 
ROH ti Gusti 
ka Nabi Adam  
Ayana ROH 
bisa aya dinu diantara :
  -   2 sapta pangdangu
  -   2 sapta paninggal
  -   2 sapta pangambeu
  -   1 sapta pangucap
  -   2 sapta pamiceun
  -   1 sapta pusereun agung
    
   Ragana dijieun tinu :
  -    Cai paling bersih
  -    Taneuh paling bersih
  -    Seuneu paling bersih

Datangna SIR 
ti bapak 
anu BODAS 
nyaeta tulang jeung Sum-sum

SIR ti indung 
anu Beureum nyaeta Getih, Daging oge Kulit.
   
Jadi jalma kudu 
suci, 
sabar, 
eling 
aya dina ikhlasan 
sabab:
    
ayana sumpah 
samemeh dijieun jeuleuma 
nyaeta, 
Kaula nyaksian hirup-hirup 
nyaksian teugeus 
kaula anu hirup 
nyaksian jeung nyata, 
sumpah kaula anu hirup 
disaksian ku hirup. 
Keucapkeun ku ati nu suci, 
sabar jeung eling 
adeugkeun ku ka Ikhlasan. 
Lamun nya anjeunna 
jadi Manusa, 
ieu pagawean manusa, 
keucapkeun sumpah ka Alloh 
wujud hirup  moal bengkok sineumbah. 
Malah hirup saumpama 
bengkok sineumbah kana hirup, 
hak nyeumbah kaula 
menta jadi sato 
anu teu manfaat dahar ku manusa. 
Hirup nyaksian nu hirup 
di saksian sakumaha 
anu geus 
dirag-ragkeun cara pangawasa manusa “
Kaula Sanggup Ngajalankeun”.
  
Singsaha jeuluema 
anu geus kenal kana dirina 
tangtu nyaho ka nu nyiuen nu nyiptakuen na.
Jeung sing saha 
anu nyaho kana anu nyieuna 
tangtu nyaho kana dirina (Syahadat).  
Lamun jeuleuma ngahina 
ka sasama sarua jeung ngahina 
kanu nyiptakuenana.
 
Lamun ngahina 
ka Indung Bapa, 
sarua jeung ngahina 
kanu diri sorangan. 
Soalna Gusti alloh 
ayana di hate manusa sewang-sewang.
  
Jadi jeuleuma ulah adigung, 
sabab pinteur jeung bodo 
teu ngabogaan, 
soalna 
Gusti Alloh moal ngarobah tingkah laku Manusa iwal ti Manusa eta sorangan
(Tingkah lakuna).
 
Kumargi kitu keudah 
jadi jeuleuma WISESA 
(diri jeuleuma anu geus bisa mawa dirina)
  
Syahadat Manusa, 
jleug Langit, 
jleug Bumi, 
Jleug Manusa – 
Sajatining Manusa 
anu sajatina.
   
Seja mapagkeun diri, 
ku teutep anu geuget 
ku raray hegar marahmay 
sangkan diri miboga 
kaluhungan elmu 
kajembaran manah 
anu geus ngancik kiwari”
   
Tabe Pun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar