Taneuh, Seneu jeung Cahaya
========================
Jaman kuno baheula
unsur utama di dunya teh nyaeta
taneuh,
cai,
angin
seuneu.
Boh dina ka elmuan,
boh dina carita kasaktian silat
anu bisa manipulasi unsur teh
nya manipulasi unsur nu opat eta:
taneuh, cai, angin jeung seneu.
Sok jadi jurus silat ngagunakeun eta unsur,
terus hiji kelompok ngabogaan
pangabisa ngendalikeun/ngamanipulasi
salah sahiji unsur.
Terus pakuat-kuat.
Tah, ari jaman ayeuna geus loba pisan
pan unsur teh.
ngaran-ngaran jeung golongan unsur
aya 108.
Teuing ayeuna aya sabaraha loba,
nu pasti gues nambahan.
Sim kuring oge teu apal
da lain sakola
jurusan kimia unsur.
Coba bayangkeun lamun jaman baheula
boh saencan jaman Masehi atawa
di abad-abad awal masehi,
misalna aya jelema anu ceramah/khotbah kalawan nerangkeun unsur kimia modern meureun moal aya nu ngarti.
Moal nyambung.
Tapi jaman ayeuna oge
lamun ngobrol jeung ahli kimia
terus urang ngomongkeun cai,
misalna dipotong wae tah omongan urang teh
ku ahli kimia:
ke heula, cai naon heula ieu teh,
cai walungan, cai destilasi, cai alkohol, cai uap, atawa cai naon.
Heu heu cape ngobrolna oge moal tamat-tamat...
Tah tulisan sim kuring di handap ieu
anggap weh ieu mah pamikiran ringan.
Bahan obrolan ngadu bako we lah
Ari seuneu,
sifatna ngalentab, ngabakar, ngancurkeun.
Jiwa anu gampang amarah,
jiwa anu gampang hasud jeung dengki,
jiwa anu labil; poe ayeuna kieu isukan kitu;
ngalentab kaditu kadieu nyieun issue;
eta jiga seneu.
Ari bangsa jin teh dijieun tina seneu.
Geus kabayang meureunan tah karakter
bangsa jin jiga kumaha.
Loba wadul jeung mancla mencle.
Lamun sim kuring nonton
film Lord of The Ring atawa the Hobbit,
aya tokoh wangsa Gollum
anu kepribadian nana peupeus
Sim kuring jadi sok inget kana wangsa jin.
Meureun jiga kitu.
Belegug pisan jelema
anu menta-menta ka wangsa jin.
Ari cahaya,
eta stabil pisan.
Ku sabab eta media internet ayeuna loba ngagunakeun 'optical media',
misalnya serat fiber optic.
Signal/pulse anu dikirim lain deui strum,
tapi cahaya ngalibatan serat fiber.
Cahaya teu kaganggu
ku interferensi elektromagentik.
Jadi stabil pisan,
bisa ngarambat sacepat kilat
tur mawa informasi anu loba.
Pokokna cahaya mah taat,
teu kaganggu ku interferensi elektromagnet.
Makana coaxial cable loba diganti ku fiber optik dina dunia information technology.
Tah malaikat teh diciptakeun dina cahaya.
Jadi meureun kabayang sifat-sifat malaikat
anu taat teu goyah ku godaan.
Ari manusa (Adam) diciptakeun tina taneuh. Taneuh mah bisa numbuhkeun sisikian
tur binih nu lian.
Binih anu antel kana taneuh teur kacaian
bisa tumbuh subur jadi tatangkalan, bungbuahan, kekembangan.
Taneuh ngahasilkeun.
Dina film Water World geningan dunya tilelep; taneuh teh jadi berharga pisan.
Kabeh jelema hayang manggihan dunia impian mangrupa daratan.
Taneuh teh sumber mineral.
Naon anu kakubur dina taneuh bakal diurai beak terus digunakeun deui
pikeun kahirupan ku tatangkalan,
terus ku sato jeung manusa.
Jadi taneuh boga potensi kahirupan anu gede lamun dipiara, kacaian, teu diruksak.
Tah janten sumangga
upami tiasa janten bahan tafakur
mudah-mudahan manfaat.
Upami teu berkualitas,
nyuhungkeun maklumna weh panginten :)
Wallahu'alam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar