Senin, 06 Desember 2021

JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG I)

JARAH : 
NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG 
NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG I)

Kecap jarah umumna 
dipake nerangkeun pagawean 
ngadatangan makam-makam / 
kuburan kuburan boh makam kolotna, 
dulur / anakna, batur / luluhur / karamat 
nepikeun ka jarah ka tanah suci - 

disunda mah ibadah haji 
sok disebutna jarah, 
“Nyuhunkeun du’ana ti sadayana”, 
misalna, ‘bade jarah ka tanah suci” 
meureun salah sahijina pedah 
di deukeut imah pasagi 
di mekah aya makam,…
makamna Sang Khalilullah 
Sayidina Ibrahim.

Maksud ieu tulisan mah 
seja ngaguar jarah dina harti 
nyusud tina dua hal:

kahiji, 
nu umum, nyatana jarah ka batur 
nyusud tapak batur 
alam batur 
makam batur jaman baheula 
nu jadi susudeun urang. 

Nu kaduana, 
nu utamana, nu teu lumbrah, 
nyatana jarah ka sorangan 
nyusud tapak sorangan 
kaasup haji di sorangan 
nu bakal jadi makam sorangan 
di ayeuna tur pijagaaeun.



I. JARAH KA BATUR 
NYUSUD TAPAK BATUR 
ALAM BATUR


1

Kabiasaan jarah ka tapak jalma jalma baheula geus jadi kabiasaan sabagian urang sunda. 
Tapak/
makam baheula pisan 
di sunda mah biasana 
ngarupakeun hiji kabuyutan/
mandala tempat suci, 
atawa tapak panungtunganna luluhur, 

malah aya tapak keur tapana 
atawa keur metakeun kamampuhna baheula 
nu masih keneh aya di clipboard dunya 
tug tepi ka ayeuna. 
Tempatna loba pisan, 
biasana ngarupakeun hiji lingkungan tatangkalan nu dicirian ku batu (guha, lingga, tumpukan batu) jeung aya cai. 
Iwal ti aya sababaraha tempat 
nu disamarkeun 
nu muka lamun aya nu bisaeun 
nga triggerna wungkul.

Cara ngabukana tapak baheula 
di hiji makam biasana,
lamun aya, sok meleum menyan 
jeung babawaan sarupaning 
nu bisa nga trigger tapak baheula. 

Menyan teh aya unsur seuneu 
jeung seungit (hawa) jadi bisa nga trace 
awasna hate 
bareng jeung robahna 
saat di eta lingkungan. 
(Kadieunakeun aya oge hasil panalungtikan 
Prof. Kusnaka A, Phd, 
yen haseup menyan teh 
bisa maehan virus disabudeureunana). 

Baheula mah bari ngawaskeun seuneu 
jeung haseup menyan 
ku rasa teh dikuatan 
ku rajah pangbuka 
ayeuna mah ku alfatihah 
pedah artina alfatihah teh 
pembukaan qur’an 
sarua jeung rajah nu mukakeun 
sabagian kitab dunya - 
lain kitab kertas.

Kajadianana….
Lir situ nu ditepak, 
mimiti leutik lila lila lamun 
fasena sarua resonansi jadi gede riakna. 

Matak nu apal mah 
sok nunggu nunggu wayah 
dina jarahna (tiap tempat beda karakteristik ‘kordinat’na), 
ameh unsur unsur alam 
keur pareng silih kuatkeun 
dina mukakeun tapak baheula 
di jaman ayeuna.

Kajadianna….
Lir informasi nu sakilat/
ilham tea.
Tapi lamun aya wadah 
nu bisa nahan faktor acakna resonansina 
jadi leuwih lila. 
Nya bisa jadi “corong”.
Lewih loba nu kabukakeun 
leuwih undak nu ngarasakeun…
sok jadi babasan 
tos aya pituduhna…
tos aya ilapatna…
dadasar ngahening 
di alam yakin.

Kajadianana …
Lain kasurupan 
tapi kaselir. 

Kasurupan mah kudu jadi pacaduan 
sabab jadi teu eling,
ari teu eling pantangan jalma waras. 

Ari kaselir jalmana tetep sadar 
ngan naek makam ka pangkat nu nyelirna 
sanajan budak ngora 
kaselir ku ‘wali anu” harita, 
nya harita pisan keuna “pangkat kawaliyan” 
geus lepas mah biasa deui…
kawas…Mashudi, 
solihin Gp, 
Aang kunaefi, 
Yogi SM, 
Nuryana, 
Dani Setiawan, 
Ahmad Heryawan 
kabeh kaselir jadi gubernur 
lain kasurupan gubernur.

Lamun kaselir jalmana sadar 
jeung beda beda 
tapi pangkat/makam na gubernur jabar saharitaeun (saperiode/dua periode)..
geus teu kaselir mah 
nya biasa deui jalma biasa. 

Ku kaselir eta 
kakarek bisa dipake keur nohonan kabutuh. 
Kawas keur kaselir gubernur 
pan titahan teh diturut 

tah keur kaselir karamat 
denge 
ucap 
deuleu 
angseuna 
matih sakumaha pangkat makam sinelir.

Ku kaselir eta 
nu jadi hiji udagan 
keur nu nyusud tapak, 
sabab ku kitu teh 
jiwana jadi bisa ngahontal rasa 
rasa jalma luhung baheula…

lain ihdinasirotol mustaqim 
nu terus dibaca teh, 
hartina hayang siga jalma luhung baheula para shalihin, 
shidiqen jeung 
nabiyyin 
(tukang nganepikeun beja ti langit), 
katut syuhada 
(An-nisa:69)?
 Lain jalma jaga.

Eta nu diluhur…

bisa kahontal kunu ngulik 
kunu henteu mah bororaah, 
nya kumaha alamna bae. 
Alamna nu jarah alam dunya..
nya panggihna teh 
jeung nu kasarad ku dunya deui…

sok loba nunyarita 
euleuh mani muriding, 
mani muringkak, 
panggih jeung jurig anu 
jin anu 
maung anu 
onom anu. 

Aya nu ngabelegedeg 
aya nu ngabeletrak 
jeung loba loba deui. 

Lamun ditempat karamat mah 
nu kitu teh tapak karamat baheula 
keur mageuhan lingkungan 
memeh ninggalkeun buana panca tengah 
ku teknis ctrlx-xtrlv.

Nu jarah alamna alam sunda (Nur) 
panggihna jeung nu di alam sunda deui 
karamat para wali 
para solihin 
para nabi 
jeung loba loba deui. 

Kajajadianana ge tara 
pupuringkakan 
gegerebegan 
tapi estuning caang padang 
meta di sagara hurip.

Kadieunakeun teuing kuncenna 
geus boga skill marketing, 
pedah jarah nu umum mah 
jarah ka kuburan 
nu dimeunangkeun ku agama 
sabab supaya inget ka paeh tea,

jadi we eta kabuyutan/mandala teh
 disulap kawas kuburan 
atawa teuing pedah teu ngarti 
nu ahirna jadi ngarusak otentisitas situs, 
loba kabuyutan/mandala 
nu tutunggul batuna 
hayoh di tembok dipadungan 
siga kuburan, 
tata carana ge kawas tahlilan kanu maot, 
ongkoh ngahadiahan 
ongkoh menta berekah. 
Padahal makam sayidina Ibrahim ge 
di baitullah 
ngan saukur tapak dua dampal suku
kawas di kawali atawa 
kakantuna Sang Purnawarman 
titisan Wisnu.

2

Kabeh ge, 
jarah aprak–aprakan
ka makam batur, 
ngarupakeun salah sahiji metoda 
keur ngundakeun tangtung 
lamun niatna 
nyusud tangtung mah,
jadi mangfaat keur 
pilih pilih rabi 
pindah pindah rasa
undak luhur pamangkatan 
di kamanusaan.
Sabab
batur batur tingkat tingkat karamahna/makamna,
nya sok jadi karesep jeung dongeng ka barudak ngeunaan jarah yen: 
“euy… ti anu mah meunang anu, 
naha nya ari ari ti anu bet asa anu,… 
mun hayang anu kudu ka anu 
geura hasil maksud 
” warnaning papanggihan tangtung.

Ku tingkat tingkat teh
nya nu kaselirna jadi undak, 
mun bener tahapanana. 
Pan kongas nabi ge mi’rajna 
undak undak ka tiap langit 
nu beda beda eusina…
siloka bawaning jati..
ka prawirasasmitaan bujangga 
nu medal 
ti qun fa yakun.

Matak enya ....
loba nu ngaprak 
jarah ka kuburan batur baheula 
aya wali anu syech 
aya nabi anu;
anu batara anu, 
hyang anu, 
karamat anu, 
luluhur anu 
karuhun anu;

Aya nu mulan malen 
di hiji makam nepikeun 
ka puluhan poe mawa bekel sacukupna.
Aya nu sapoe terus balik;
Aya wae nu karek balik 
sanggeus meunang ilapat.
Aya nu indit tiap kaliwon, 
Terus pindah deui ka makam nu lain;
Aya nu dititah guruna 
aya nu cenah meunang pituduh;
Aya nu datang ngarepkeun impian…
cara panggampangna 
tapi pang teu puguhna.
Aya nu wirid bae 
aya nu yasinan wae 
aya nu puasa wae 
rupa rupa polahna….;

Aya oge nu ah duka..
ngan pokonamah nyuhunkeun 
berkahna wae.

Kabeh ge nyubadanan 
kana kahayangna jeung 
alamna sorangan.

3

Husus kanu arek nyusud tapak batur
pang muhungna 
pang ahirna 
pang puncakna
jarah ka makam batur teh
ka baetullah 
nu saampar 
makam sayidina Ibrahim. 

Naha? 
Sabab cenah tepi ka imah Allah 
nu murbeng alam 
nyatana ka’bah baetullah,
nu siloka didunyana 
ngan saukur pasagi jeung hideung. 

Jadi sanggeus kaditu kadieu jarah teh 
ahirna ka baetullah tea …
lantaran eta nu geus nepi kadinya 
sok disebut 
elmuna geus masagi 
sabab kabah teh 
hartina pasagi.

Sanajan kudu jadi catetan
yen dina sareatna mah, 
indit jauh jauh ka mekah ge 
papanggihan na warna warna weeee….
kumaha alamna memeh indit 
jeung keur aya diditu.

Alam nu jarahna alam dunya 
panggihna ge jeung ‘kadunyaan’ deui 

alamna alam yakin 
panggihna jeung yakin deui 

alamna alam sunda 
benangna sunda deui. 

Enya di dunya mah 
kabeh nambahan ngaran 
aya Haji 
aya Hajjah, 
eusina mah wallahu ‘alam. 

Kawas boga uwa –isteri-
jarah ka tanah suci,.. 
pas mulih nu kerep didongengkeun teh 
sieun diculik terus diperkosa 
ku urang arab cenah 
da carios namah nyaksian pisan, 
atuh rerencanganana nu bade jarah ge 
(sami tos nyorangan) jadi murengked da sieun kawas jeng uwa, 
ahirna rerencangannana waleh 
‘engke we upami tos langkung siap”. 
Ari ditaros teh ka anjeuna 
“naha bet nyarios kitu kanu bade jarah”, 
walerna teh bari imut 
“ih enya kitu salah sahiji pangalaman aheng teh…
jeung hayang mecak we 
sa alam teu jeung kami manehna teh”.

4

Naha hayang ngundakeun tangtung sorangan teh 
ku cara aprak aprakan 
nyobaan ngarasaan 
nyusud makam makam batur mungkul?

Enya bisa…. 
bari resep kaditu kadieu 
tapi enya bari cape kaditu kadieu. 
Enya bisa jeung resep…. 
dongeng anu dongeng anu, 
enya cape sabab sok barieukeun 
bari dongeng sorangan teuing kumaha.
Ngan…
kade loba nu agul ku payung butut. 
Loba nu jarah ka baetullah 
ari balik jadi arab 
padahal manehna teh 
cicing balikna ka sunda deui.

Kade loba nu teu pindah pindah 
sabab kaburu betah 
ningali pangkat makam batur 
nu loba loba jeung geus biasa 
lamun sagala nu aya dibatur 
sok siga alus 
ngan alusna saukur dugaan… 

cik kumaha mun jadi batur? 
Can tangtu resep 
komo ari leungit urangna!!… 
Ahirna alam makam Allah 
teu kasusud 
komo 
makam sorangan.

Matak jarah ka makam batur 
tong kajongjonan 
saukur bekel keur 
di sorangan bae. 

Pan Sayidina Ahmad ge 
keur anom madep ka makam batur-
baitul makdis- 
kasepuhnakeun ngalih madep ka makam 
di nyalira –ka’bah- 
nu jadi bali geusan ngajadina. 
Tah eta nu diteangan 
nyusud ka urut indit.

SALIAN ti nu diluhur…….

Aya deui caritaan sejen 
pikeun nu hayang nyusud tapak …
kongas lamun hayang ka mekah (baetullah) tinggal asup ka sunyaragi 
kamarna leutik teu bisa nangtung nangtung acan; 
oge geus pada terang Syech abdul Muhyi 
ka mekahna asup ka guha 
nu sarua pendek sempit 
(keur lawang ka mekah mah)…. 
Malah-malah Teureuh Qurais 
Sayidina Ahmad bin Abdullah bin abdul muthalib mah jarahna teh 
ngan dihiji tempat nya gua hira tea –
nu pendek tur sempit- 
teu aprak aprakan 
tapi gening kongas 
tiasa janten khataman Nabiyyin 
nepikeun ka pasir keusik 
tempatna khalwat ge katelahna 
gunung sunda (jabal Nur) .

Eta kabeh 
siloka jarah ka sorangan…
dileutikan dileutikan 
di bulu manukeun 
ahirna jembar buana.
Nu Mulya Kean Santang ge 
nyungsang nyungsang 
nyakra buana tangtung 
sabab hayang terang di getih sorangan 
jarah ka sorangan –
lain getih batur 
makam batur- 
hartina 
nganyahokeun jati sorangan. 
Kongas jadi muslim saukur ku ‘case’ 
ngangkat iteuk. 
Angkatna ka mekah 
saukur numpi di masjid luar batang… 
enya 
ajian luar babatang 
lain hartikeueneun budak. 
Tapakna nepi ka ayeuna araya keneh…

Tapi..tapi….

Keukeuh keur urang ayeuna 
eta tapak luluhur teh 
tapak ‘batur’… 
da kudu kaalaman sorangan 
kawas aranjeuna garaduh tapak nyalira…
karek jadi milik diri bagja awak.

Ngan pedah ieu jarah luluhur 
nu kasebut diluhur mah…
teknik na 
lain ngaprak ka luar 
tapi nyusud kajero.
Singketna:

Nu hiji asruk asrukan 
nu hiji sasaliksikan, …
nu hiji ngajajah lampah 
nu hiji ngarucat awak. ….


Kumaha 
cara jarah ka sorangan 
nyusud tapak asal sorangan 
nyatana ???

Tidak ada komentar:

Posting Komentar