[17/9 16:23] aji rasha:
1.IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN,
DIMANA LEBAH LEBAHNA ?
1. IBADAH
Ibadah hartina :
" ngabdi tumut turut bakti tug tutuhu
ka nu mahasuci
Allah swt
lain ka salian ti eta."
Tangtu geus pada dikanyahokeun,
sakabeh ajaran ti para ‘ambiya’
(jalmi jalmi nu ngadugikeun beja/ajaran
ti pangeran,
lain ti hawa nafsuna)
dimana wae ayana
naon wae sesebutana,
kacatet dina Mushaff Utsmani,
ngabogaan cecekelan
yen ayana/diciptakeuna jelema
jeung sakabeh mahluk teh pakeun/euweuh deui salian ti ibadah,
nyatana ngabdi bakti tug tutuhu tumut turut
ka nu maha suci
Pangeran nu ngamurbeng
(Allah/Hyang/God
kumaha wae nyebutna
asal alus –asma al husna)
‘wa maa khalaqtul jinna
wal insa illa liya’buduuni’
(Angin puyuh (51):56).
Jeung nya ibadah
ka Hyang Maha Agung iyeu
(lain ka salian ti eta)
nu disebut shiratal mustaqim -
jalan hirup nu lempeng bener menceger
tur meunang ni’mat
‘wa ani buduunii haada shiraatum-mustaqiim’ (yaasiin (36): 61)
najan beda beda
teu kudu sarua sareatna/jalana/metodana.
Kusabab usik malik hirup
jeung sakabehna keur ibadah ka Maha Suci,
nya atuh tara/teu meunang sekuler,
misah misah, atawa beda beda:
Ulah ari shalat (ngado’a) karana Allah,
puasa (ngeureunan/nahan nafsu kajelemaan) karana Allah
sedengkeun ari kawin karana bogoh,
dudunya sabab butuh keur hirup,
dahar karana beuki jeung lapar,
kiih ngising sabab kabelet
hayang kahampangan kabeuratan,
dibaju sabab tiris sabab resep,
nulis nyarita saukur hayang.
Ulah susundaan
hakekatna sabab karana luluhur
atawa pedah jadi urang sunda;
iislaman sabab dititah ku indung bapa
atawa ku ustad/kiai
tapi kudu kabehanana
sabab jeung keur ibadah tug tutuhu
ka nu maha suci.
Nepikeun ka, ngerejet mireungeuh tur ambekan kaluar ka jero, malah ketugna jajantung tur usik malikna hate mantengna angen angen mikir jeung ngucap ngadenge kudu mangrupa ibadah ka nu maha suci teu meunang henteu jeung teu meunang ka salian ti eta.
Eta kabeh, teu meunang misah misah teu meunang beda beda sab kitu kuduna matak diciptakeun diayakeuna mahluk jeung sakabeh usik malikna teh. Nya kusabab hirup jeung usik malikna malah paehna keur tutuhu ka maha suci, boh di arab boh di sunda nu lampahna aslamtu sumerah ka gustina mah, sagala lampah teh kudu wae aya do’a/rajahna nu nyambungkeun jeung nu ngamurbengna
–dina hadis kasebut yen do’a uteukna ibadah
- Copelna make bismillah atawa saeutikna sanduk sanduk heula ka Maha suci.
CECEKELAN DINA IBADAH
Pakeun cecekelan
atawa kaperluan ngaturna
anu leuwih jentre
dina prak prakan kahirupan sapopoe,
aya patokan dina ushl fiqh:
Al-ashl fi al-ibādah al tahrim,
illā mā dalla al dalil alā khilafihī;
Al ashl fi al-asy’yā (ghair al ibādah)
al ibahah illā idzā mā dalla al-dalil alā khilafihī.
Sundana:
Sagala hal ulah dilakukeun
iwal ti aya titahna/tuduhna;
Sagala hal meunang dilakukeun
iwal ti nu diulahkeun
atawa nu dicaram/dihulag.
Kaidah kahiji nu dicutat diluhur,
Al-ashl fi al-ibādah al tahrim,
illā mā dalla al dalil alā khilafihī,
loba kapanggih contona
dina ibadah ritual formal:
Ulah sahadat rasul
‘Ashadu anna Muhammad Rasulullah’
ditambahan nyaksi
ceuk cenah/
ceuk guru/
ceuk agama
najan jalma ayeuna can panggih
sareng /teu nyaksian langsung
ayana Sayidina Muhammad saw oge;
ulah migawe salat fardu
6 kali atawa ngan 4 kali
da tuduhna 5 kali sapoe sapeuting
najan beuki ge;
ulah puasa wajib sabulan pinuh dina ramadhan diganti di bulan mulud najan resep oge;
Ulah keur haji/umroh thawaf
ngurilingan makam Nabi Muhammad
najan magpang meungpeung di madinah oge
jrrd hal nu ulah dilakukeun
iwalti aya titahna/tuduhna.
Nu kaduana,
Al ashl fi al-asy’yā (ghair al ibādah) al ibahah,
illā idzā mā dalla al-dalil alā khilafihī
loba kapanggih
dina ibadah ‘in/non formal’
nu ambahana leuwih jembar,
misalna wae:
ibadah Gawe
rek dagang
rek tani
meunang asal ulah milampah nu dicegahna,
rek susundaan
rek aaraban
rek kawas bule meunang wae
malah ngabeungharkeun rasa jiwa
asal ulah milampah nu dicaramna.
Rek hitut ditarikeun
rek dipelepeskeun meunang wae eta oge
(sing jadi) ibadah (ka maha suci)
asal ulah milampah nu dicegahna.
Rek diuk
rek nangtung
rek ngajengjehe
rek lumpat
rek puasa
rek ngabeuti
rek ngabuah
rek ngagugulung keris nyorendang kujang ngeukeuweuk HP
keur urusan elmu
atawa kahirupan sapopoe meunang wae
(ngan kudu pisan jadi ibadah)
bari/asal ulah milampah nu dicegahna
jrrd
Jadi sakali deui,
Rek nanahaon wae oge meunang
(tapi kudu mangrupa ibadah
ka maha suci)
bari/asal ulah ngalakukeun
nu diulahkeun/dicaramna.
Ngeunaan dua kaidah diluhur
lamun ku urang diudag
nepikeun kana hakekatna/kanyataana
yen sagala usik malik
keur ibadah ka maha suci,
boh dina ‘formal’ atawa ‘in/non formal’
da euweuh bedana
sarua sarua kudu manjing ibadah,
tangtu barisaeun ngajawab
ngeunaan/tarapis dina hal,
misalna saperti kieu:
Kumaha nyahona
lamun urang keur kababayan/kabelet
hayang kabeuratan/kahampangan
harita teh keur ibadah,
lain nu diulahkeun ku nu maha suci?
kumaha nyahona
ibadah urang harita lamun keur ngambekan
kaluar kajerona nafas,
keur nulis keur nyarita,
keur facebookan
lain nu keur diulahkeun/dipiwarang
ku nu maha suci-atawa
saukur bakti kana nafsuna sorangan?
Tuluy,..
Kumaha ngabuktikeunana
keur urang ayeuna pagawean maehan anak batur, ngarusak parahu alus batur,
ngomean imah butut batur,
nu dipidamel ku Nabi Khidir as
mangrupakeun hal nu dipiwarang
ku/ibadah ka maha suci;
kitu oge Sang khalilullah
bade nelasan putrana
cenah piwarangan maha suci
sasat ibadah ka maha suci?
Malah dilembur tangtung oge,
aya kolot kolot nu legok tapak nyarita
matak helok ka nu beda alamna:
‘teu acan atos moyan teh aki,
ayeuna parantos tabuh 10?’
jawabna
‘ Acan nunggu titahan ti Allah
da dewek mah tuhu moal indit
lamun can dititah
(kaidah ka hiji),
ayeuna mah kieu we da teu dicaram
(kaidah ka dua).
Beu,
kumaha rupa kitab rengkol ayatna?
Ari urang,
leuleutikanana dina lembut lembutna,
naon tuturkeuneun
lamun keur mireungeuh miharsa
ngerejet TARIMA
supaya jadi ibadah ka Maha suci
manjing ayat
wa’bud rabbaka hattaa ya’tiyakal yaqiin
(Batu (15):99)
bakti tugtuhu nepi ka yakin enyana?
Embung kasebut nu teu boga rasa rumasa
ukur bakti kana rarasaan
pangrasa nafsu sorangan.
Keun heula ulikan
dina hakekat/nu saenyana,
ayeuna urang ngoraan deui
ka nu sok kapanggih sapopoe
di alam ‘relative’
pada jalma heula yen tangtu
lamun boga kasadaran/
pamahaman/
kamampuh
yen usik malik sakabehna teh ibadah,
Moal aya bijil caritaan nu mungkul kawas kieu:
‘Dahar heula maneh
meh kuat shalat ibadah ka Allah’
padahal dahar teh
nyatana ibadah,
shalat ge (sarua) ibadah.
Jigana maksudna mah
dahar heula sing jadi ibadah
jeung supaya oge engke bisa/kuat
ngalakukeun ibadah nu lain
nyaeta shalat.
Jadi kuduna aya oge titahan lain
ka barudak teh:
‘shalat heula maneh
ameh engke bisa ibadah baranghakan’ –dahareun/bisa dahar sabagian rijki nu dipasihan ku pangeran mun pareng do’ana
dina keur diuk waktu shalat –
warzuqni-
dikabul ku pangeran.
Ari dahar sing jadi ibadah,
misalna, sok diajarkeun ku kokolot kokolot lembur tangtung mah ngaliwatan ‘obrolan‘
teu siga kawas kieu:
‘ieu kadaharan hareupeun maneh keur naon?’ dijawab ‘kanggo dituang/diteda’,
‘Naon sabab rek didahar?’
‘salian ti hoyong/lapar teh,
nyaeta supados janten kiat sehat wareg’.
‘Tah lamun kitu maneh ulah asal dahar
tapi kudu bisa nyampurnakeunana
sabab ari asal ngahakan mah
can tangtu jadi kulit jadi daging,
sok jadi panyakit,
sok jadi mawa nafsu goreng,
sok jadi teu nangan kateluh kukejo,
Sok atuh program/do’a-an
supaya kadaharan nu asup teh
jadi kaalusan ti maha suci (razaqtanaa) ngajauhkeun maneh tina siksa
(panyakit naraka jrrd adzab)’.
Tuluy ditanya deui, ‘
Tah lebah mana ibadahna maneh
ka nu maha suci
lebah dinya/mun keur dahar kawas kitu?
(jarang aya nu bisa ngajawab
pananya nepi ka kieu –
komo bari jeung prakna-
najan kalimat saencana
geus mere tuduh pakeun jawabna).
Satuluyna,…
Tangtu moal aya nu nyarita/ngado’a
‘gusti pasihan abdi rijki/
harta banda dunya barana
ameh tiasa/bade ibadah ka gusti’.
Ieu tanjakan ti jalma
nu keur poek hate
atawa bisa jadi ukur keur hayang harta,
nyarita kitu na teh
ameh kasebut alus sungut mungkul.
Naha?
dumasar kana ayat diluhur
tangtu neangan harta/rijki nage
geus (kudu manjing) ibadah;
pas kabeneran boga harta,
hartana teh nambahan ka manehna
jadi pagawean/hal nu kudu diibadahkeun;
Kateubogana harita ge (kudu jadi) ibadah,
riweuh gawe (kudu) jadi ibadah jrrd nu aya.
Jadi,
nanahaon masih make tanjakan
yen karek lamun boga rijki arek ibadah.
Nu kitu kasebut oge
nu keur samagaha pikir.
Hayang ibadah nu manehna
teu bisa/keur teu daek,
atawa nyahona meureun
ibadah teh ukur nu sok idek liher di masjid, kaayaan manehna sorangan
NU AYA di manehna harita
pasihan ti maha suci
ditambelarkeun
teu diibadahkeun
teu jadi ibadah
kalahka ngalamunkeun nu euweuh.
Kitu oge kekecapan2:
‘Engke lamun geus salse/pensiun
rek husu ibadah’,
meureun rugi pisan
kangoraana
kasibukanana
sama sakali lain ibadah/
teu jadi ibadah keur manehna;
‘Boro boro tahajud euy
ieu teh da kudu nyupir sapeupeuting’,
meureun bingung pangrasana
yen nyupirna lain ibadah
da kumaha ngaibadahana
nyupiran mobil hayang gancang tepi ka nu dituju tapi kudu mangrupa ibadah ka maha suci-
jadi nu maha suci teh
kawas nanahaon atuh?;
‘Engke mah lamun libur/cuti
arek puasa
arek ngelmu nambahan/ngaleketkeun ibadah,
da ayeuna mah kumaha atuh euy riweuh’
pohoeun
yen gawena/sakolana
kariweuhna teh
(kudu mangrupa/sing jadi) ibadah oge;
‘Tong nyanyi wae atuh
maca maca qur’an ameh jadi ibadah’
pohoeun yen maca qur’an ge
sok dilagukeun/
aya ‘iramana’
jeung deui nyanyi ge ibadah-
kudu jadi ibadah
najan tangtu beda kelasna
henteu pacorok;
‘Ah da kumaha atuh sakieu kakolotana
teu bisa ibadah kawas baheula’.
Justru kitu geus kari ngeunahna
teu loba teuing nu kudu diibadahkeun;
‘Atuda gering ripuh
rek kumaha bisa ibadah,
padahal aya ngeunahna batur mah
kudu nangtung ruku sujud
ieu mah cukup ku ngagoler/diuk wae
cukup rindat matana
usik hatena mungkul pakeun dibaktikeun
ka maha suci
jrrd …..
Moal euweuh
tuliskeuneun
lampahkeuneun
sasat kabeh usik malik
salila hirup jeung paehna
kudu sarua jadi ibadah.
Nu penting mah
tinggal daek tatanya
bari jeung prakna ka nu geus tapis
kumaha sangkan sakabeh manjing ibadah
ka tukang/ahli ibadah tug tutuhu
ka nu maha suci
lain ka salian ti eta.
CARA NGANEPIKEUN/
NGALAMPAHKEUN
IBADAH
DI LEMBUR
Sajalan jeung kaidah ushl fiqh diluhur,
luluhur luluhur sunda
nu bijaksana para satmata
ulama nu seubeuh mikiran agama
anu aya dilembur lembur
tangtung dina prakna,
nu kapanggih mah,
tara nyamputkeun
elmu ulikan kasundaan/kaislaman
(wilayah in/non formal)
jeung sareat ritual formal
nu geus mapan
najan bari rupa rupa madzhabna.
Tapi kabehana ge
kelas harkatna euweuh bedana
nyata mangrupa ibadah -
kudu mangrupa ibadah-
ka nu maha suci
Allah swt
tara ka salian ti eta.
Nuhiji mah tara dipigawe
naon wae salian ti nu geus aya tuduhna-
mun dipigawe sok diseut bid’ah
nu diulahkeun tea,
nu kadua mah wenang
naon bae oge asal teu milampah nu dicegahna.
Biasana pola na teh:
Digedekeun/diasakeun heula
kana ibadah ‘formal’ –
kayaning rukun islam & iman
dina sareat-
nu geus kabukti sareatna/jalana/metodana proven keur ibadah ti babaheula,
nu dipamrih kabukti engkena
bisa nyaangan
jadi tuduh kana lampah ulikan ulikan/
lampah lampah nu laina dina kahirupan
sangkan kabehanana jadi ibadah
tug tutuhu ka maha suci Allah swt;
Aya nu bareng periode/’yaum’-na
ngan sok beda waktuna,
beurang beurang di masjid
ukur ngobrolkeun/lampah ‘sareat’,
kapeutingnakeun sanggeus waktu sareureuh budak karek kana ulikan ulikan nu laina
meh leuwih nyaangan lampah hirup hurip nohonan bakti diri ka maha suci
di luar ibadah ‘formal’.
Aya nu geus shalat fardhu berjamaah,
tuluy ngabahas jeung meraktekeun eusi
eusining qur’an dina pangkat ibadah
nu leuwih jembar kayaning dina:
silat,
ngubaran,
parijkian,
panorahan,
padikiran
jrrd.
Aya oge nu di masjid ngobrolkeun sareat;
di imah,
dikabuyutan,
di leuweung,
di gunung,
di nu suni suni,
sepi tinu pagaliwotana kahirupan sapopoe milampah/nyaritakeun/ngajarkeun
ibadah ibadah lain
kayaning katasaufan kasundaan jrrd
make bekel sareat
tur pakeun ngeuyeuban sareat.
Kabehanana tara sugan nitah /nyontoan ninggalkeun sareat/formal
atawa misahkeun
ngabedakeun
nganafikeun
ibadah nu luar/salian ti ritual formal.
Matak di jalma jalma wijaksana baheulana
(jeung tangtu ayeuna katut kahareupna) mah
tara aya pasariwut pasea
nu susundaan jeung iislaman
da ibadah ibadah keneh
asal ulah pacorok pacampur.
Tara ngiruhan sareat
tara nganafikeun ulikan ulikan susundaan/iislaman
(misalna kasundaan katasaufan jrrd).
Kabehana bareng
silih bantu
silih awaskeun
silih ingetan
selaras harmonis
shaleh ibadah tutug tutuhu
ngan ka nu maha suci.
[17/9 18:49] aji rasha:
2. IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN,
DIMANA LEBAH LEBAHNA ?
2. PAMUSRIKAN
Kaayeunakeun
kusabab ‘misah’na
cara nganepikeun ngeunaan hal
”sagala ge ulah iwal ti nu aya titahanana/tuduhna; Sagala ge meunang iwal ti nu diulahkeun/dicaram,
loba kapanggih dina kahirupan sapopoe
utamana lamun urang keur susundaan
kayaning:
manggihan
neangan
ngulik
ngaekspresikeun
nganepikeun
ngaapresiasi
numuwuhkeun
nyeungitan
milampah nu aya hubungana
jeun kasundaan
boh budaya boh, utamana, kapribadian
ulikan elmu sunda
(kitu oge kana ‘modernitas’
nu dibawa ku ‘munding bule’)
sok dinafikeun ku disingsieunan
jeung di/kabebegigan ku caritaan
nu dipahingkeun
tina pamahaman ibadah ritual formal/’sareat’ nyaeta :
utamana pamusrikan/
ibadah Lain ka maha suci Allah swt
atawa bid’ah migawe
nu euweuh tuduhna/titahanana
(kaidah ka hiji)
nu ngajadikeun aya,
lamun teu kasebut loba,
urang sunda nukeur susundaan
jadi:
Ngajauhan ‘masjid/sareat’,
ngewa/
anti/
teu paduli kana islam
atawa misahkeun maneh tina kaislaman mopohokeun
yen sababna islam ditarima/dipake baheula
ku luluhur teh sabab
sareatna pangparatan hakekat
bari teu kudu jadi arab/
tetep nyunda/
teu kudu anti ‘modernitas’,
matak tara/tong daek nurut kana fiqih-fiqih (pamahaman jalma dina ngahartikeun agama)
nu lain pangparatan hakekat,
kudu wae ninggang hakekat/kanyataanana
tara ngandelkeun cenah :
Naon sabab islam dipake di sunda,
na teu boga cecekelan sorangan?).
Sabalikna,
aya nu Embung,
sieun atawa
susulumputan milampah kasundaan
da nyaeta sok/bisi/ngajaga
tina dicap/dianggap musrik
jeung milampah bid’ah poyokaneun/kamarginalkeun
ku ‘urang masjid/sareat’
jadi we jati diri
nu enya ngeunaan ulikan kasundaan teh
hese neanganana
da nyumput tara nembrak
atawa kasundaan jadi barang aneh
sabab geus lila tara dipake
sabab sieun jeung embung tea
mimitina nepikeun ka hese nyusudna
salaku ulikan.
Ari pareng aya/bijil nembrak,
remen pasariwut jeung nu sada sunda
tapi sundel da poekeun
rumpu rampa keneh
pikir jeung atina jajauheun
kana moncorong gumiwang caang
sampurna pikir ucap jeung lampahna
salaku nu tug tutuhu tumut turut ka maha suci,
kawas nu sada islam
padahal eusleum
jajauheun tina aslamtu
numawa kasalametan
karahayuan
kaharmonisan
kasampurnaan
najan ngakuna mah (ukur tepi ka ngaku) abdi/tukang ibadah ka Allah-
Kawas nu siga ‘educated’ luhung elmu
padahal setan logika mungkul.
Sabenerna mah teu kudu aya dua kajadian diluhur, tapi memang kudu enya enya jeung ati ati pisan ulah nepikeun ka tigebrus
kana pamusrikan jeung bid’ah.
Matak ayeuna urang semplakeun deui
waja tina ageman teh
boh dina ngalakukeun ibadah ‘formal’,
dina susundaan,
dina naon wae lampah dunya
nepikeun ka paehna
kudu jadi ibadah
bakti diri tutuhu
ka maha suci
lain ka salian ti eta
ulah milampah nu dicegahna.
Nepikeun ka lembut lembutna oge,
dina ngerejet
mireungeuh
miharsa
ulah asup kana pamusrikan
sabab eta teh dosa nu pangede gedena
jeung euweuh ampuna
saencan ditinggalkeun/
teu dilakonan deui/
taubat (balik deui)
ka ngan ibadah
ngabdi bakti diri
tug tutuhu ka nu maha suci (tauhid).
Jeung lamun geus musrik teh
kacida pisan sasar sasabna
(Awewe, 4:116).
NA KUMAHA NU DIMAKSUD
SYIRIK/MUSYRIK
TEH ENYANA?
SYIRIK
umumna nyaeta
ngaduakeun (leuwih ti hiji) Pangeran.
Nganggap pangeran boga /
ngabogaan atawa
butuh/mikabutuh batur (syarik),
jeung nganggap pangeran boga/
ngabogaan ‘saingan’ nu satara/
nu ngaleuwihan (andad).
Saliwat mah keur urang urang
lamun ngadenge kekecapan
syirik atawa musrik teh
sok langsung kainget kana caritaan
ka budak
yen nu musrik
(nu ngalakukeun syirik) teh
Nu ibadah
bakti ka berhala
kawas patung arca jeung sarupa ti eta
(Para Nabi (21):52-65).
·Sujud
ka sarangenge ka bulan
(diwincik, 41:37)
sawarna jeung eta
tangtu kaasup sujud bakti nyembah –
migusti- kana barang barang
nu dianggap ‘aheng’.
Ngajadikeun jin-nu gaib gaib-
jadi sarekat Allah
(ingon-ingon, 6:100).
Mangerankeun ka jelema2
nu dianggap aheng jeung luhung
(Awewe, 4:171)
kaasup - boh nu hirup keneh atawa geus maot.
Tapi tangtu ngeunaan pamusrikan
nu disebut diluhur mah
gampang ngabedakeunana
dina lampah bakti tutuhu sapopoe.
Kitu deui anggapan
yen Allah/pangeran
boga anak boga pamajikan
terus konsekuensi logisna
pangeran jadi tilu jrrd
(5:116; 6:102; 16:57; 19:82-92)
oge geus jelas beda/ulahna-
malah diurang mah teu kagok,
teu riweuh nyebut aya batur nu jadi Anak Allah, sorangana we ngaraku jadi Allah -
kawas fir’aun baheula-
meureun leuwih ngeunah lieurna,
teu bakti/ibadah/migusti deui ka batur
saluaraeun manehna.
Najan tiap jalma ayeuna
nu masih keneh siga nu dicaritakeun diluhur
mun ditanya naha laku kitu
pasti ngajawabna eta mah saukur simbolis, pengarah, ngagampangkeun hiji abstraksi, perantara, ’sareat’mungkul,
’membumikan tuhan nu abstrak’, manifestasi/perwujudan (jrrd)
tina bakti ka nu murbeng alam.
Embung disebut bodo bodo teuing
ngaduakeun pangeran jeung patung,
panonpoe, bulan atawa jin, nu gaib gaib,
nu boga sifat basariyah jrrd.
Jadi, teu pati guna teuing dibejer beaskeun
kitu kieuna kacape cape.
Ayeuna urang ome pamusrikan
nu rada leuwih hese –
mun teu kasebut hese pisan-
nyingkahanana ku sorangan
tapi bari rada gampang nangenanana/
gampang mere labelna
mun kalampahkeun ku batur
nyaeta:
Jalma musrik teh
nu ngajadikeun ulamana/guruna
jadi Pangerana/gustina
(9:31).
Nu karieu barakti turut tumut tutuhu
ka ulamana/guruna
jeung kana naon wae
ti ulamana/guruna
ngaenyakeun nurut teu minge.
Tuluy,
Jalma musrik teh
nyatana jalma jalma nu ngabengkahkeun agemanna nepikeun ka jadi golongan2/
aliran2/
isme2/
brotehrhood2
masing masing reueus
agul ku nu aya di paguron/
aliran/komunitas maranehna
(30:31-32; 23:52-53)
tah pan di urang ge
boh nu iislaman
boh nu susundaan
pasariwut loba loba golongan/
aliran bari misah misahkeun maneh
aragul rareueus ku ageman
nu aya di manehna
nu beda/asa leuwih alus leuwih enya
ti nu aya di batur.
Malah-malah, sok kasebut loba loba
Jalma nu ti gebrus
dina syirik teh
nyaeta
nu leuwih mikacinta harta,
pagawean,
dulur,
pamajikan,
anak,
kolot,
oge naon naon nu dipikameumeut ku maranehna, sasat leuwih mikacinta nu lain (andad)
ti batan mikacinta pangeran
(9:24).
Ngan lamun ka batur
ku urang disebut laku kitu teh pamusrikan,
najan aya caritana dina qur’an numutkeun Allah, meureun wera malah boa moal tuluy hahadean, papaseaan, musuh saumur umur.
Tapi hal hal saperti nu disebut diluhur
mun keur kaalaman ku sorangan
hese sadarna
beurat leupasna
najan nyaho
yen musrik teh moal dihampura
ku Pangeran
jeung siksana teh
perih pisan nyelekit enya.
Nu panuntungna mah,…
Pamusrikan nu samar ipis bedana
hese pisan ditinggalkeuna
nu tuluy wae ngilu kababawa
ngukuntit salila usik malik
jadi jelema najan
susundaan,
iislaman,
shalat rajin,
puasa leket
ceuk rarasaanana atawa
nu ceuk batur geus di pangkat ulama luhung Satmata oge komo keur urang jalma biasa. Nyaeta:
Nu ngajadikeun
hawa nafsu kajelemaanana
jadi pangeranana/gustina/ALlahna.
ara’aita manittakhada ilaahahuu hawaahuu’ (Pamisah (25):43).
Hartina
nu bakti tumut turut tug tuhu
kana hawa nafsuna sorangan,
ngajadikeun hawa nafsuna jadi gustina(andad). catetan:
Pangeran/Gusti teh
nu kudu diturut piwaranganana/cegahanana
jadi mangeran/migusti bisa ngandung harti
nurut tumut bakti tuhu kana piwarangan/cegahanana.
Naha?
Nyatana apan
kajelemaan teh nafsu,
pikir akal teh bijil ti nafsu,
Qalbu teh pan owah owah dina sir kanafsuan.
Moal lampah
moal usik malik
mun teu nafsuan,
dahar
nginum
sahwat
kiih
ngising
nafsu,
moal mikir
moal ngakal
moal boga angen angen
mun lain di kanafsuan,
moal jadi jelema mun teu boga nafsu kajelemaan. Jadi pagiling gisik terus jeung nafsu
moal pisah pisah satungtung aya
dikajelemaan
jadi jelema.
Cobaan shalat teu nafsuan
moal meta moal usik usik acan,
jadi shalat teh
hasil/pagawean nafs kajelmaan
ku jelema mah -
beda lamun nu shalatna
Allah atawa malaikat.
kusabab eta
coba saliksik sing telik
ka sorangan di sorangan,
Naha migawe shalat harita
sabab nurut nafsuna nu hayang shalat?
atawa nafsuna nurut kana titahan pangeran supaya shalat/puasa.
Nu kahiji nurut-
sasat mangeran/migusti-kana nafsu sorangan.
Nu kadua
nafsuna nurut kana titahan pangeran.
Ngan didieu beuratna/samarna,
Kumaha ngabedakeunana
nganyahokeunana
dina waktu ngan sababaraha ‘detik’
owah owahna sir dina ati,
lamun can meunang perbuka ebreh wajahNa (wajhilah)?
Matak bisa kaharti
dina shalat fardhu ge
kudu wae aya niatna/itikad heula,
kudu wae khusu ngado’ana,
make formulasi basa/kecap kecap
nu geus proven tibaheula
dipake ku Rasul Allahna -
ulah nyieun sorangan,
kudu bener peta petana
ulah meta sakahayang sorangan,
ibadah nu pantang migawe
lamun euweuh tuduhna.
Ameh bener ngalelempeng kanafsuan
ulah mangerankeun/nurut kana nafsu sorangan
(di lembur mah kabedakeun ku isitlah antara make/numpakan nafsu jeung
kagugusur nurut mangeran kana nafsu).
Biasana pamusrikan henteuna teh
leuheung ngeunaan hayang shalat fardhu-pagawean alus,
kumaha lamun dina angen angen?
dina sahwat?
dina dahar?
Ngaroko - ‘
Addicted Narkoba mah meureun leuwih jelas’-?
Gawe?
neang elmu?
Keur parebut pagetreng
jeung batur dina dudunya?
Ngabaktikeun kasusah kasenang Jrrd
Kumaha lamun kawas Sang Khidir as
dina maehan & ngarusak keur urang ayeuna,
jaba urang mah jalma biasa?
Mana nu nurut make nafsu
mana nu kagugusur bakti kana nafsuna?
Mana nu mangeran kana/ngajadikeun nafsuna jadi pangerana dina usik malik,
mana nu usik malikna
dumasar kana titahan/tuduh Pangerana?
Lain jawabeun/sangkaan/penilaian
nu harung gampung sungut mungkul
lain hasil tilikan nu deet deet
sabab ieu mah
pamusrikan patohidan
nu pagiling gisik
dina jajaten jajatian sorangan.
Kitu oge
ngeunaan pangeran nu jadi kakait ati/pikir,
tujuan shalat/do’a
bakti sumembah dina usik malik
salila hirup jeung/ tug nepika paehna.
Pangeran nu kasebat
nganggo basa arab
Allah-nu cenah
jadi pamsurikan urang Arab jahilliyah.
Allah teh dzat
nu euweuh upamana
Suci sareng Agungna teh
maha pisan bari gaduh asma alhusna ngaratus katut af’alna nu tanpa wilangan.
Eta hasil nu kabaca/kadenge
tina kitab mushaff utsmani/
ti guru/ti ulama-
ku nu parinter dina agama Allah teh
dipasihan ‘gelar’ SWT
ameh ngingetan/puguh bedana
nu kumaha Allah teh.
Nya ku katerangan eta
dilakukeun ‘conseptualised’
pemodelan anggapan
pemahaman nu jadi kayakinan disorangan ngeunaan eta katerangan.
Bisa bener bisa salah ngahartikeuna -
komo nu ukur aya dina nyangka
ngaduga ngira ngira/meureun
ngeunaan Allah
dumasar kana katerangan tina ayat
(nu ngaduga ngira ngira Allah baladna setan).
Najan kitu,
ari ngahartikeun,
pamahaman,
kayakinan,
konseptualiasasi,
nyangka ngaduga ngira ngira
bijil ti nafsu kajelemaan.
Dina salahna
jadi mangerankeun kanu lain pangeran,
mi Allah lain ka Allah
najan asa enya.
Tapi, leupas tina bener salahna
mi Allahna ka ‘Allahna’ teh
sabenerna nurutkeun kajelemaanana
da jelema sasat bakti tug tutuhu nurut tumut mangeran kana nafsu kajelemaanana
pangrasana sorangan ngeunaan Allah,
lamun can meunang perbuka ebreh wajahNa (wajhillah) .
Jadi Mana nu mangerankeun nafsuna
ngeunaan Pangeran (syirik)?
mana nu ku nafsuna mangeran ka Pangeran?
Lain jawabeun/sangkaan/penilaian
nu harung gampung sungut mungkul
lain hasil tilikan nu deet deet
sabab ieu mah pamusrikan patohidan
nu pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan.
Kusabab katerangan diluhur,
teu salah lamun nu mangerankeun
nurut tuhu migusti kana nafsuna sorangan
ieu nu ngajadikeun ayana syirik syirik nu laina.
Jadi nyembah berhala teh
nyatana berhala dina nafsu sorangan,
leuwih micinta dunya
tibatan ka pangeran
sabab mangerankeun hawa nafsu sorangan,
nurut mangeran ka guru/ulamana
sabab nafsu sorangan,
ngabengkahkeun ageman
agul ku ageman sorangan
sabab mangeran kana kaagul nafsu sorangan, nyieun pangeran keur manehna sakahartina
sabab jijieunan pamahaman hawa nafsu sorangan,
lain saukur dina nangenan aya
nu susundaan atawa
nu iislaman mungkul,
nu kitu moal leupas salila di kanafsuan
hawa kajelemaan
lamun lain ku perbuka.
Ieu ge nuliskeun papanggihan
nga upload ngaguar guar naha sabab:
make nafsu numpakan nafsu
da kudu ku nafsu ameh jadi tapak
salaku nu katitipan
ngagolangkeun nafsu kajelemaan
titipan ti maha suci, atawa
ukur nurut mangeran kana nafsu sorangan
pedah hayang/kudu nuliskeun ngaguar guar
sabab perlu atawa ngandel kana nafsu jamak
bisi ‘perish’ lamun teu ‘publish’?
Ana kajawab kaburu lain
da lain dina alam susundaan iislamanana mungkul tapi pagiling gisik
dina jajaten jajatian sorangan
unggal usik
unggal ngetug
unggal ngarenghap.
Jadi mending dianggeusan
bisi keuna ku poho ireug katalingeuhan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar