SASTRA JENDRA AYU NINGRAT
Mei Kartawinata
Tulisan Nu Maha Agung,
tegesing bahan salamet di sakabeh Alam
jeung Jaman katut anu ngajamananana,
lamun bener migawena.
SASTRA
Hartina tulisan,
sakabeh anu dumadi, anu kumelip di Alam dunya, estu geus hurup teu aya cawadeun-nana,
sarta kabeh kersana Nu Maha Agung,
anu matak bangsa urang ti jaman Karuhun mula geus percaya sarta muji ku milampah kahadean sangkan diri jeung lianna (pangeusina dunya) pinanggih jeung rahayu.
JENDRA
Hartina wujud ayana Nu Maha Agung
teu bisa dipapandekeun sanajan jeung naon-naon oge,
ari bangsa urang percaya
yen ayana Wujud Nu Maha Agung (Hyang Agung) nya eta ku ayana Para Hyangan
anu teges asalna ti Hyang Agung tea.
HYANG
Hartina Abdi Gusti (nu asal ti Gusti).
Para Hyangan hartina
Abdi-abdi Gusti nu arasalna ti Gusti.
Gusti teh asalna Abdi Gusti sadaya.
Nu nyaho sarta nyaksi
yen Gusti teh Wujud anging Abdi anu wujud
tur tetep Wujud di WujudNa.
Nu nyaho sarta nyaksi yen Gustina teh :
henteu dat,
henteu sipat,
henteu arah jeung
henteu anggon,
(laesa kamisilihi?).
Anging Abdina anu
teu dat,
teu sipat,
teu arah jeung
teu enggon
(billa haeffin billa makanin ?)
Saha ari Abdi teh ? . . .
Nu ngabdi ka Gustina !
Saha ari Gusti teh ? . . .
Nu Maha Agung !
Saha anu nyaksi sarta nyaho
yen Gusti teh Wujud ? . . .
Abdi-Na !
Saha anu uningaeun ka Abdina ? . . .
Gusti !
Kumaha nyatana yen Wujud-Na ari Gusti ?
Ari kanyataannana mah di Abdi-Na
(nu wujud di Gusti).
Ari Wujud-Na mah kunyata Murba-Na !
Kumaha nyatana jeung kumaha Murbana teh ?
Gusti teh Hyang Agung,
nu jadi asal Para Hyangan
Hyang Agung teh nya Hyang Widi (Anu Kuwasa) bukti: Kawasana dimana-mana !
Hyang Widi teh nya Hyang Suksma (Anu Kersa) bukti : Kersana di Hirup.
Hyang Suksma teh nya Hyang Manon
(Anu Uninga)
bukti: Uninga sakarep-karepna!
Nya Hyang Agung asalna Para Hyangan,
Hirup-Na hanteu nganggo napas,
Rungu-Na hanteu nganggo cepil,
Ningali-Na hanteu nganggo soca,
Ngadika-Na hanteu nganggo baham.
Anu matak Para Hyangan mah :
tara mi-Allah ka: Pangeran
anu diuk dina korsi.gading
tara mi-Rasul ka Nu sok maot
tara mi-Kitab ka Nu sok soeh
tara mi-Malaikat ka Nu jangjangan
tara mi-takdir ka Nu alah-alihan
tara mi-Milu ka Nu sok paeh (rusak)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar