Selasa, 14 Desember 2021

BUDI DAYA - MAMA MEI KARTA

 
BUDI DAYA


Naon ari artina Budi Daya
BUDI teh hartina gerakna badan lemes (batin) 
nu hade, 
DAYA nya eta gerakna badan badag (lahir) 
nu kagerakeun ku badan lemes tea,
sarta anu bisa kasaksi Ku Pancadria

Ari karuhun urang aya budi dayana ?
Puguh bae………..Karana budi dayana karuhun, 
Ku urang moal bisa di pungkir;
Kubukti Salamet na ti mimiti urang dikandung 
Ku indung nepi ka waktu ieu pisan 
(maca ieu buku) teh
wungkul (gegedena) jasa indung –
indung bapa urang
karana moal aya hiji Mahluk pangeran 
di alam dunya ieu anu boga jasa 
keur Kasalametan anak nu leuwih 
ti Indung bapana. 
Kulantaran kitu sok sageuy anu ngarasa mah 
arek kanu budi dayana indung bapa, 
enya oge aya nu mikanyaah dialam dunya ieu teh arit tapi leuwih[ bisa ngaleuwihan] 
ti idung bapa mah, moal aya.

Lamun geus karasatauwajiurang rumasa 
sartngaku yen enja na moal Urang kumelendang ngumbara dialam dunya ieu lamun euweh 
budi daya idung bapa

Ngan palebah dieu urang kudu nyaho
moal aya indung bapa lamun euweuh 
budi dayana nini-aki- moal aya nini jeung aki 
lamunewuh buyut jeung saterasna 
nepi ka ayana budi daya ti karuhun urang 
anu oge dijadikeun ku kersana anu Maha Mulya.

Ayeuna ge bisa dibuktikeun Budi Daya 
karuhun teh,
saperti keur kaperluan hirup jeung hurip diurang 
estu euweuh kakurangan nana. 
Keur tatali hurip(dahareun-inumeun)  
lamun kaharti mah,asa moal kudu nguyang.
Keur hirup? 
kapan anggota badag-lemes sakieu cukupna, 
asa moal kudu nanya atawa nginyeum 
ka hirup batur.

Lamun urang teu percaya atawa acan harti keneh, geuning aya sindir kieu: 

Loba anu nyukcruk leuwi neangan cai, 
hartina keur aya dina tempatna, 
naha make diteangan? 

Neangan kejo, mawa sumbul dieusi sangu, 
hartina: kari prak-naha ngamprak ? 

Neangan seuneu kundang damar, 
hartina: terang-Na geus aya dina dirina, 
Tapi hayoh masih nanya (butuh) ku katerangan batur (cenah )!

Ari butuh ku dunya ulah nanya kanu miskin !

Ari nanya lahir batin, ulah nanyakeun ka jelma 
nu teu nyahoeun kana dirina ! 

Nukumaha anu miskin teh ?
Ari anu miskin teh nyaeta anu salawasna 
ngarasa kurang jeung butuh bae 
( euweuh kaseubeuhan nana ), 

ceuk jawana 
Pandita ora wareg denning ilmu
Sodagar ora wareg deniing dunya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar