Rabu, 22 Desember 2021

nyutat ti layang MUSILIMIN MUSLIMAT 1

[20/12 08:17] aji rasha: sing kaharti, sing ka elmu sabab Allah ta’ala teh, 
ceuk saksina 
Dzat Laesa, Kamislihi 
hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.
[20/12 08:23] aji rasha: dawuhan Jeng Nabi, 
Illa anna awallanafsah, 
fardu ‘ain, 

kieu eta sundana, 
mimitina hal ibadah, 
sing terang jatining hirup, 
masing tepi ka ‘aena. 

Sasat kudu katinggal, 
sifat hirup sing kapendak, 

jatining sahadat eta teh, 
bibitna sagala rupa, 
hahekat Muhammad, 
awalna Muhammad  
nya eta Sagara Hayat.
[20/12 08:27] aji rasha: sategesna hurip hirup, 
hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, 
rasa teh nya Rasulullah. 

Tah kitu hartina, 
bilih tacan ngarti, 
lain urang ceuk nu anyar, 
nu anyar mah damelan gusti, nu anyar moal tinggali, 
tangtu gusti anu weruh, 
anu Dzat laisa tea, 
bila haiffin makanin, 
nya eta sategesna Ahadiyat
[20/12 08:30] aji rasha: upami kitu mah jadi 
sasat nu uninga, 
nya gusti Rasulullohi,
leres bener kitu, 
mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi, 
rasa Allah eta moal salah.
[20/12 08:33] aji rasha: Saha-saha anu terang, 
kana dirina pribadi, 
tangtu nyaho ka Pangeran, 

saha nu nyaho ka gusti, 
bodo dirina pasti, 

unggel Hadist kitu, 
naha diri nu mana, 
nu kudu dipilari, 
naha ieu nu ngajentul 
badan badag.
[20/12 08:36] aji rasha: naha tacan nyaho, 
kana diri nu satuhu, 
pan ieu mah jasad,
ngarana oge jasmani, 
ngaran diri 
anu sabener-benerna.
[20/12 08:42] aji rasha: Narun  
Hawaun, 
Turobun 
Ma’un 

bilih tacan harti, 
eta badan rohani, 

tah eta nu kudu, 
ku urang masing kapendak, 

ari nu ngaran jasmani, 
kudu ilang tapi papada
ilangna. 

Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, 

kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi, 

mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, 

kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, 
sing kagenti 
ku badan rohani tea. 

Sabab hartina Jas eta, 
piraku hanteu kaharti, 
kapan baju ceuk sundana, 

ari hartina teh mani, 
nyaeta badan rohani, 
sasatna baju teh bungkus, 
bungkusna rohani tea, 

anu mawi moal hasil, 
lamun urang 
nganyahokeun badan nyata. 

Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna, 

ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, 
mun teu ilang heula wujud, 
eusina moal kapendak,
[20/12 08:44] aji rasha: menggah di jalmi ge, 
mun hoyong ma’rifatu, 
kana dzat Allah ta’ala, 
kudu sing ngarasa pasti, 
sing ngarasa 
hanteu ngabogaan jasad.
[20/12 08:46] aji rasha: Dina keur waktu tarekat, 
sing ilang rasa jasmani, kagenten kuRasulullah, 
rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, 
kana dzatna Maha Agung, 

tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, 
ceuk babasan 
sarangka manjing curiga.
[20/12 08:54] aji rasha: Mun manusa  
ma’rifat mutajilah eta pasti ngajirimkeun Allah, 
katinggal ku panon bukti, 
ku mata anu buncelik, 
atuh saperti engkong, 
papanggih jeung alawi, 
sidik aya dua jirim, 
aya itu jeung 
aya diri manehna. 

pan Allah Nafi Isbat, 
aya Isbat euweuh Nafi, 
aya Nafi euweuh Isbat, 

kalem timbul 
Isbat ayana pasti, 

diri manusa geus tangtu, 
nya ieu sifatna urang, 
Nafi ayana rohani, 
mun keur Nafi Isbatna 
kudu teu aya. 

atuh saha, 
nu ma’rifat ka Yang Widi, 
ari sanes manusa mah, 

mun teu harti, 
anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup, 
nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, 
eta sareatna nu ma’rifat. 

Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa, 
awas paninggali ati, 
eta nu bisa tinggali, 
ma’rifat ka Maha Agung, 

ari tinggal manusa mah, 
nu make panon buncelik, 
eta kitu katerangan nana.
[20/12 09:11] aji rasha: SIFAT DUA PULUH 


Wujud, Qidam, Baqo, 
Mukholafah Lilhawadist  Qiyamuhu Binafsihi 
Wahdaniat. 
Qudrat Iradat, 
Elmu Hayat. 
Samma Bassar  
Qalam. 

Qodiran, 
Mudiran. 
Aliman
Hayan. 
Sami’an, 
Basiran 
Mutakalliman, 

jejeg eta dua puluh sifat. 
nya dibagi opat, 

1. Nafsiah 
2. Salbiah. 
3.Ma’ani   
4.Ma’nawiyah  

nyatana anu puguh, 
sifatna di urang, 

Nafsiah teh, 
pangambung nyatana,   

Salbiah nyaeta 
paninggal urang sifatna. 

Ma’ani  
pangdangu sifatna,   

Ma’nawiyah 
Nyatana pangucap  
sifatna baham 
nu matak disebatkeun Ma’nawiyah.
[20/12 09:23] aji rasha: 1.Wujud, 

hartina teh aya, 
Allah mohal euweuh tangtos, tanda aya 
kusabab ayana nafas. 

Mohalna teh 
pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna, 

samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip 
teu salah. 

Mangsa-mangsa aya hirup geus tangtu, 
mohal euweuh Allah, 
sabab sifatna hirup teh, 
tina dzatna sifatna Allah ta’ala. 

2.Qidam  

hartina teh
Allah ti heula teh, 
mohal enya Allah kapandeurian. 

Sareatna 
nyata dibadan sakujur, sifatna teh soca, 
awas soca ti heula teh, 
sabab eta 
nu ngabuktikeun sifat. 

katerangannana kieu  rasakeun baheula, 
waktu urang goib keneh, 
memeh gelar ngumbara 
ka alam dunya. 
Kangjeng Rama sinarengan Kangjeng Ibu, 
Rama masih bujang, 
Ibu ge parawan keneh, 
barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.

Saparantos pada awas 
Rama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset, 
jadina teh ngajodo geus 
moal lepat. 

Sanggeus nikah 
geus disahkeun ku kaum, parantos nikah mah, 
tangtos bae sapatemon, 

dua rasa jadi hiji moal lepat. 
Saparantos rasa rama Ibu gulung, 
gerentel beh urang, 
eta geuning geus eces, 
pang disebut 
panon pangheulana.
[20/12 10:43] aji rasha: Sipat Cai
[20/12 10:43] aji rasha: Fakta metot jeung Sipat Cai

Cai téh molekul paling ngaleuyah dina beungeut Marcapada jeung salah sahiji molekul pangpentingna pikeun diajar kimia. Di dieu hiji katingal di sababaraha fakta ngeunaan kimia cai.

Naon Dupi Cai?
Cai ngarupakeun hiji sanyawa kimiawi. Tiap molekul cai, H 2 O atawa HOH, diwangun ku dua atom hidrogén nu kabeungkeut ku hiji atom oksigén.
[20/12 10:43] aji rasha: Sipat Cai
Aya sababaraha pasipatan penting cai anu ngabedakeun tina molekul lianna sarta nyieun sanyawa konci pikeun kahirupan:

Kohési mangrupa sipat konci cai. Kusabab tina polaritasna tina molekul, molekul cai nu katarik unggal lianna. Beungkeut hidrogén ngabentuk antara molekul tatangga. Kusabab kakohésifan anak, cai tetep cair dina hawa normal tinimbang vaporizing kana gas. Kakohésifan ogé ngabalukarkeun tegangan permukaan luhur. Hiji conto tina tegangan permukaan anu katempo ku beading tina cai dina surfaces na ku pangabisa serangga leumpang dina cai cair tanpa sinking.

Adhesion nyaeta sipat sejen cai. Adhesiveness nyaéta ukuran kamampuh cai urang pikeun narik tipe séjén molekul. Cai téh napel ka molekul bisa ngabentuk beungkeut hidrogén jeung eta. Adhesion jeung kohési nuju kana aksi kapilér , nu katempona lamun caina naék nepi pipah kaca sempit atawa dina batang pepelakan.

Panas spésifik tinggi jeung panas luhur vaporization hartosna loba énergi anu diperlukeun pikeun megatkeun beungkeut hidrogén antara molekul cai. Kusabab ieu, cai resists parobahan suhu ékstrim. Ieu penting keur weather sarta ogé survival spésiésna. Panas luhur vaporization hartina evaporating cai miboga éfék cooling signifikan. Loba sato make kesang tetep tiis, maké éfék ieu.
[20/12 10:43] aji rasha: Cai meureun nu disebut ka pangleyur universal sabab geus bisa ngaleyurkeun loba zat béda.

Cai téh molekul polar. 
Tiap molekul téh ngagulung, jeung oksigén boga muatan négatip dina hiji sisi jeung pasangan molekul hidrogén positif-muatan dina sisi séjén molekul.

Cai téh hijina sanyawa umum nu nyampak dina padet, cair, jeung fase gas dina biasa, kaayaan alam.

Cai téh amfotérik , 
nu hartina bisa meta salaku duanana asam sarta basa. 

Timer ionisasi cai ngahasilkeun H + jeung OH - ion.

És URANG SUNDA 
hampang batan cai cair. Kanggo sabagéan ageung bahan, fase padet nyaéta denser ti fase cair. beungkeut hidrogén antara molekul cai nu jawab dénsitas handap és. 

Hiji konsekuensi penting nyaéta yén situ jeung walungan freeze ti luhur ka handap, jeung és ngambang dina cai.

Fakta cai
Ngaran séjén keur cai nyaéta: dihidrogén monoksida , oxidane, 
asam hydroxylic, sarta hidrogen hidroksida

rumus molekul cai: H 2 O

Massa molar tina cai: 18.01528 (33) g / mol

kapadetan 1000 kg / m 3, 
cair (4 ° C) atawa 
917 kg / m 3, padet. 

Ieu naha és floats on cai.
lebur titik: 0 ° C, 32 ° F (273.15 K)

titik golak: 100 ° C, 212 ° F (373.15 K)

kaasaman (pKa): 15,74

basicity (PKB): 15,74

indéks réfraktif: (nd) 1.3330

viskositas: 0,001 Pa s dina 20 ° C

Struktur kristal: héksagonal
Bentuk molekul: ngagulung

cai cair murni dina suhu kamar téh euweuh bauan, hambar tur ampir teu warnaan. 

Cai boga warna biru suri, 
anu janten langkung katempo dina jilid badag cai.

Cai boga enthalpy husus kadua pangluhurna fusi sadaya zat (sanggeus amonia). 

The enthalpy husus tina fusi cai téh 333,55 kJ · kg-1 dina 0 ° C.
[20/12 10:43] aji rasha: Cai boga Kapasitas panas pangluhurna kadua husus sadaya zat dipikawanoh. (Amonia boga panas spésifik pangluhurna.) 

Cai ogé ngabogaan panas luhur vaporization (40.65 kJ · mol-1). 

Panas spésifik tinggi jeung panas tina hasil vaporization ti gelar luhur ti beungkeut hidrogén antara molekul cai. 

Hiji konsekuensi ieu anu caina henteu tunduk kana fluctuations hawa gancang. 

Di Bumi, ieu ngabantos pikeun nyegah parobahan iklim dramatis.
[20/12 10:43] aji rasha: Vayu (angin atawa hawa)
Ap (cai)
seuneu Agni)
Prithvi (bumi)

Akasha
Tibét 5 Unsur (Bon)
hawa
cai
bumi
seuneu
aether
[20/12 10:43] aji rasha: abad pertengahan Alchemy
Jumlah elemen tradisional 
di alchemy abad pertengahan beda-beda ti 4, 5 atawa 8. 

Kahiji opat nu salawasna kapanggih. Kalima, aether, penting dina sababaraha tradisi.

Walirang, 
raksa, sarta 
uyah anu elemen klasik.

hawa
seuneu
cai
bumi
aether
walirang
raksa
uyah

Yunani 5 Unsur
hawa
cai
seuneu
bumi
aether
[20/12 10:43] aji rasha: Naon Nare di 5 Unsur

Loba philosophies jeung tradisi di sabudeureun dunya percanten sarupa elemen . 

Aranjeunna condong difokuskeun ngeunaan 
5 leuwih husus. 

Di dieu téh katingal 
di 5 elemen di 
Cina, 
Jepang, 
Budha, 
Yunani, 
Babilonia sarta 
alchemy.

Babilonia 5 Unsur
angin
seuneu
bumi
sagara
langit
[20/12 10:43] aji rasha: Hindu jeung budha 5 Unsur

Akasha teh sarua jeung aether Aristoteles urang, 
dina tradisi Yunani. 

Bari Hindu tradisional sadar 
5 elemen, 
Budha ilaharna ngan 
kahiji opat 
"hébat" atawa "kotor" elemen. 

Sanajan ngaran anu béda, anu opat unsur kahiji 
kasarna narjamahkeun salaku mahluk 
hawa, seuneu, cai jeung bumi.
[20/12 10:43] aji rasha: Cina 5 Unsur - Wu Xing
kayu
cai
bumi
seuneu
logam

Japanese 5 Unsur - Godai
hawa
cai
bumi
seuneu
kakosongan
[20/12 12:36] aji rasha: Baqo 

hartina langgeng Gusti Allah, teu keuna ku ruksak,teu owah teu gingsir Allah ta’ala. 

Baqo 
nyaeta dzat Allah, 
nu langgeng 
hirup eta kagungan 
Allah ta’ala. 

Mukhalafatuhul ilhawaditsi  

hartina eta 
beda Allah sareng nu anyar mohal enya Allah 
sami jeung nu anyar. 

kumaha bedana, 
Allah sareng nu anyar teh, 

bilih tacan mafhum, 

Gusti Allah 
ninggal teu kalawan soca. 
Ngadanguna teu kalawan cepil 
nyaurna teu kalawan 
lambe, 

kitu ari bedana teh. 
Seueur deui bedana 
lian ti kitu,  

Qiyamuhu Binafsihi, 

Gusti Allah 
jumenengna ku anjeuna. 
Mohal aya nu ngistrenan  

cacakan nu anyar, 
ning betteu ngaraos, 
badan urang didamel 
ku Ibu Rama. 

Najan Ibu Rama ge 
dna waktu, rek patemon rasa, teu boga tekad rama teh, 
ku sangaja niat 
rek midamel putra. 

ning sidik jumeneng 
ku anjeun 

ngan ari urang mah, 
jeung kalawan kersana, 
Gusti Allah 
ngalantarankeun ka Rama. 

kitu sareatna mah ti Ibu, 
ari hakekatna, 
estu kersana Yang Manon, 
nya eta wenangna Allah
ta’ala. 

Wenang pisan Gusti 
nu Maha Agung, ngajadikeunnana, 
jeung wenang henteuna oge, 

tatapina maot mah 
geus wajib pisan. 


Wahdaniat 

sah Dzatna 
sah Sifatna 
sah Asmana 
sah Af’alna.
[20/12 13:06] aji rasha: pasal Wahdaniat 
tumerapna dinu opat, 
baham 
soca 
cepil, 
pangangseu

wincikna kieu 

Upami dina pangambung, dzatna teh pangngseu  
sahna moal rek cidra, 
mun ngangseu minyak 
nu seungit, 
tetep seungit diakuna, 
moal bet pahili deui. 

sah sifatna kitu, 
naon nu diangseu pasti, 

sah Asmana, 
boh bau boh ngaran seungit, moal sulaya ngarana, 
bau hangru pahang seungit. 

sah Af’alna, 
sasat sah gawena deui, 
ning pangangseu teh nyata, tara daekeun pahili, 
nu bau tetep bauna, 
mun seungit tetep seungit. 

Misah- misah bae tangtu, 
tah kitu sahna teh 

sanajan munguh di soca, 
sah dzat teh awasna pasti, sah sifatna oge nyata, 
naon anu katingali. 

Boh hideung beureum 
boh wungu, 
sakur sifat anu bukti, 
sah asmana oge sidik, kumaha dina sifatna, 
bet tara sulaya deui. 
Saterasna oge kitu,  

Qudrat,
qudrat Yang Widi. 
Qudrat teh kawasa 
tatapi kawasa Gusti, 
teu kalawan pakakas, 
teu jeung parabot deui, 
 
kumaha pangawasana, 
pang teu jeung parabot teh kieu mun can harti. 

Upami urang keur nuju, 
boga maksad hiji rupi, 
naon bae nu diseja, 
saperti rek nyieun bumi, samemeh prak dipilampah, tangtu ku urang dipikir. 

Kumaha kahayang kalbu, rupana eta si bumi, 
boh panjang pondokna, sumawon majuna deui, 
ka kaler boh ka wetanna, kamarna pon kitu deui. 

Diatur-atur ku qalbu, dicipta-cipta ku ati, direrengga ku kahayang, 
sangkan sieup eta bumi, upami enggeus kacipta, 
kana pisaeeun eta bumi. 

mun kitu tangtu luyu, 
da geus kacipta ku ati, 
ning eta nyata, 
geus ngadeg dijero ati, 
kana pirupaeun nana, 
sae awon eta bumi.
[20/12 21:35] aji rasha: yaktos samemehna jadi, bumi mah enggeus kacipta, enggeus ngadeg dina ati. 
 
ngadegna teh eta bumi, 
na kunaon parabotna, 
bol-bol geus jleg katingali. 

teu make parabot deui,na itu diyah, ayeuna meureun harti, kitu kawasana Allah, 
yakin eta katerangan, 
moal bisa dirobih deui, 

Iradat

Allah teh sifatna kersa, 
kapan bukti anu tadi, 
eta bumi geus katinggal, 
nu ngadeg na jero ati. 

Kantun ayeuna mah atuh, jadikeun kersa urang, 
rek midamel bumi tea, 

hakekatna mah geus jadi, ayeuna kantun sareat, buktikeun Iradat urang na. 

Tapi urang mah kudu, 
rek midamelna teh bumi, moal cara Gusti Allah, 
teu kalawan parabot deui, 

urang mah kudu sadia, nyadiakeun bahan bumi. 
Tihang kenteng jeung pamikul, palang dada cemped bilik, usuk 
darurung jeung sarang, sumawon bedog ragaji, 
tatah baliung jeung 
rimbas, palu gegep sugu deui. 

jadi iman beurang peuting, kitu ngahartikeun nana, qudrat jeung iradat Gusti. 

Ilmu  

Ilmu eta, ngahiji jg Hayat  
sabab hartina Ilmu teh  nyaeta kanyaho 
ari Hayat caang pasti, 
tah eta kitu sundana, 
numawi pasti ngahiji. 

Sabab kanyaho teh 
tangtu, dina caang , 
da moal aya katerang, 
lamun poek buta rajin, 
sabab ari kanyaho mah, 
dina caang bae sidik. 

Dohir batin oge kitu, 
moal beda tangtu sami, dohirna lamun di dunya, 
kumaha bisa ninggali, 
lamun hanteu aya caang, piraku boga pamanggih. 

Aya kanyaho teh tangtu, 
ku caang eta geus pasti, caang katinggal ku soca, soca ieu anu jirim, 
bagian kajasmanian, 
caang tina matahari. 

Elmu batin oge kitu, 
sing sidik ‘ainal yakin, 
sing tepi kana caangna, 

caang ilmu sing kapanggih, tapi lain caang beurang, caang dina jero ati. 

Katinggali na teh kudu nyata ku panon ati, 
dina keur waktu tarekat, 
mujasmedi ka Yang Widi, sidakep sinuku tunggal, nununggu sihing Yang Widi.
[20/12 21:38] aji rasha: Samma Basar
[20/12 21:53] aji rasha: Kalam   
kieu hartina, nu kasebut 

Samma

Hartina Allah ngadangu, 
tapi teu kalawan cepil, 

Bassar  

Allah uninga, 
teu kalawan soca deui, 

Kalam 

Allah ngandikana, 
tapi teu kalawan biwir. 

sangkan kaharti,
jeung karasana, 
jen Allah lamun ninggali, hanteu kalawan ku soca, 
ngadanguna teu ku cepil. 

mun hayang ngarti, 
udag anu tujuh basa, 
sifat dua puluh tadi,  
1.Qadiran  
2.Muridan  
3.Aliman 
4.Hayan  
5.Sami’an, 
6.Basiran 
7.Mutakalliman, 

tah eta masing kaberik. 
eta anu tujuh, 
hartina sahiji-hiji, 
 
Qadiran, 
hartina kawasa Gusti, 

Muridan Kersa Allah, 

Aliman uninga Gusti. 

Hayan teh hartina hirup, nyaeta hirupna Gusti, 

Sami’an ngadangu Allah, 

Basiran Allah ninggali, 

Mutakalliman, Allah nu ngandika  

Sabab eta anu tujuh, 
aya nyatana di diri, 
aya dibadan sapata, 
mun kapanggih tangtu hasil, kabuka hijabna Allah, kabingung tangtos leungit. 

malah mun, kapanggih 
nu jutuh tadi, 
sifat-sifatna kapendak, 
dina sakujuring diri, 
tapi sanggeusna kapendak, tarekatna pek pilari. 

Mun tarekatna kasusul, tanwande Ma’rifat jati, 
kana dzatna Gusti Allah, 
nu caang sajero ati, 

carek babasan jawa mah, teangan sajero dzikir. 
Nu kaya dilah gumantung, kaya sarangenge bijil, gumantung tanpa cantelan, 

kitu ceuk babasan jawi, 
tatapi lamun kapendak, jasmani tangtuna sepi. 
Rasa moal boga wujud, 

kagenten ku warna rupi, nyaeta nu tadi tea, 
nu kaya sarangenge bijil, kaya lintang karahinan, jeung kaya emas sinangling. 

mun enggeus kitu, 
kakara tangtu mangarti, 
kana Nafi sareng Isbat, 
karasa sareng kapikir, 
mun teu acan kapendak, kumaha bisana harti. 

Malah dalil 
Antal Mautu, Qoblal Mautu kapanggih, 
hartina bisa ngarasa, 
paeh samemeh mati, 

Aya paeh memeh pupus, naonnana anu mati, 
mun nyawana anu wafat, atuh moal balik deui, 
gumelar deui ka dunya, 

 kade kaliru, 
sanes nyawana anu mati, sategesna rasa nyawa, 
nu paeh sama sakali, 

ari rasa nyawa eta, 
sategesna nafsu dohir. 

Dina waktu eukeur kitu, 
teu inget ka anak rabi, sumawon ka harta banda, 
diri ge teu kapieling, 
wungkul cengeng 
ka dzat Allah, 
ninggal ku sajero ati. 

Kitu mun teu mafhum, 
eta anu saperkawis, 
nu kadua perkawisna, 
kudu ngersakeun misti, 
dina nyerina sakarat,
jalan paeh ke diakhir.
[20/12 22:05] aji rasha: ning ceuk basa karuhun, 
ka anakna ngaweweling, 
he barudak kudu bisa, nganjang ka pageto misti, supaya maneh waluya, sangkan lampah ati-ati. 

Geura pek emutan, 
eta saur sepuh tadi, 
nu bener kabina-bina, 
ning ayeuna kapanggih, 
bet aya dina hadistna, babandingan basa tadi. 
Nyaeta 
Antal Mautu, Qoblal Mautu kapan teu beda maksudna, kudu paeh memeh mati, sihoreng sangkan baroga, kasieun engke di ahir. 

mun geus ngarasa pupus, sasat geus ngarasa nyeri, ngarasa rasa sakarat, 
piraku rek liwar teuing, ngajujur laku ma’siat, 
da aya kasieun mah pasti. 

Jeung nambahan 
kana suhud, 
milampah parentah Nabi, rukun Islam anu lima, 
tah kitu jadina , 
Nagara ge tangtu aman, sabab geus boga pamilih. 

Mun geus junun 
ka Yang Agung, 
laku dohir ge dipilih, 
moal sagala disorang, memeh prak tangtu dipikir, tangtu dianjangan heula, dicipta-cipta ku ati. 

Ibaratna karep nafsu, 
niat hayang maling duit, barang-barang upamana, 
mun urang inget tadi, 
kana saur sepuh tea, 
yen kudu inget di ahir. 

Nganjang kapageto kudu, tangtu ku urang dipilih, 
naha kumaha jadina, 
lamun nurut nafsu tadi, maling banda anu lian, salametna jeung balai. 

bener mun geus kitu mah, nafsu goreng teh kajaring, sasat geus aya pagerna,
nu kuat kaliwat saking. 

sifat 20,  dibagi deui ku 4, 1.Nafsiah
2.Salbiah 
3.Ma’ani  
4.Ma’nawiyah  

ngarana nu opat tadi, 
jeung barang-barangna, 
kudu kaharti, 

Nafsiah nyaeta nafas, 
sifatna irung nu bukti. 

Salbiah paninggal  
sifatna soca nu bukti, 

Ma’ani pangdangu, 
sifatna nyaeta cepil, 

Ma’nawiyah pangucap, sifatna baham pasti. 

Mung  eta nu opat tadi, sabaraha bagiannana, 
naha beda naha sami, 
bagian hiji-hijina,
[20/12 22:07] aji rasha: NERANGKEUN SIFAT 20
DIBAGI 4 SARENG DITERANGKEUN 
DINA BARANG-BARANGNA ANU NYATA
[20/12 22:23] aji rasha: kieu mun can harti, 
bagian hiji-hijina, 
tangtu beda teu sami, 

Nafsiah mah ngan sahiji, bagiannana teh 

Salbiah, lima teu salah deui, 

Ma’ani mah tujuh 

Ma’nawiyah bagian ge tujuh 

mung naon sababna kitu, 
mana bet teu sarua, 
 
Nurutkeun kuma buktina, barangna sahiji-hiji, 
tangtu bae teu sarua, 
da sifatna ge teu sami, baham 
soca 
cepil, 
pangambung  

malah pagaweana, ge ning bukti teu sami, 
soca cepil 
baham angseu 
beda-beda. 



Nafsiah. 
Sahiji bagiannana, 
Salbiah lima geus pasti, Ma’ani tujuh teu lepat, 
Ma’nawiyah tujuh deui, 

tah eta bukti, barangna
dina baham dina soca, 
dina pangambung jeung cepil, geus tangtu kanyataan nana beda. 

Ulah ngan tuduh apungan, mun hayang sidik, ulah kabar ulah beja,mun hayang sidik bukti, supaya ulah taklid, ngan ngandel ka beja wungkul, 



nyaurkeun dina bab ngilmi, caritana beres luis, 
dalil Qur’an Hadis kitu, 
dupi pek dipataroskeun mah, ngaraoskeun nana dalil, 
jeung dipenta mana pibarangeunnana. 
Sok buntu teu ngajawab, rajeun oge mere harti 
dijawab deui ku basa, 
dalil dijawab ku dalil, 
sanes dijawab ku bukti, 
atuh ati teh nalapung, 
teu kaharti teu karasa, 
ngan apal asmana badis, ngaji omong atuh 
moal aya tungtungna. 

eta urang buktikeun 
sing sidik, dina perkawis 
Nafsiah, 
bagiannana ngan hiji, 
ning sifatna ge hiji, 
nyatana eta pangambung, 

irung urang teu dua, 
kitu nyatana mah, 
nu mawi ngan hiji
bagiannana. leres nyata pan, 
Nafsiah hiji, dina hal bagiannana, 

ayeuna Salbiah   
eta barangna, nu mawi lima nyatana dina barangna teh
[20/12 22:41] aji rasha: eta dina soca, 
aya 5 perkawis, 
barangna nu bukti, 
geura urang itung, 1.bobodasna soca,  2.hihideungna deui,   3.kokonengna tina soca. 
4.beubeureumna soca 
5.heherangna panon sidik, tah geuning bukti, 
5 barang jadi gulung, 
kawasana Gusti Allah, 
dina saban-saban jinis, tangtu pisan aya bae 
rasiahna. 

sing kaharti, sing karasa 
da aya barangna, 

Ma’ani,
eta naon barangna, 
nu nyata dina cepil, 
nu mawi tujuh bagiannana. 

eta dina cepil
itung etalelegokna cepil, 
pan eta sidik lelegokna cepil tujuh, katujuh jeung liangna, moal aya mubadir, 
pangna lalegok tangtu 
aya sababna. 

  
tah kitu bab Ilmi, sauranna
dibuktikeun jeung barangna. 


Ma’nawiyah, 
naon barangna nu bukti, 
tujuh bagiannana
supaya gulung pisan, 
sifat 20 tadi, 
ngagulungna kanu 4
sing karasa. 

Ma’nawiyah 
numawi bagiannana 7
eu salah deui, geus tangtu aya bukti, 
moal catur teu puguh, 
geus tangtu aya barangna, 

1.anu nyata, 
   nyaeta ngaranna biwir, 
   biwir nu ti handap, 
2.biwir,anu luhur, 
3.gugusi nu tiluhur tea bukti, 4.gugusi beulah ti handap. 
5.lalangit,anu ti handap, 
6.lalangit,ti luhur, 
7.ditengah letah sahiji. 

  
pan aya bukti sidik pisan katinggali, eta dina jero baham, bet kaliwat hiji deui, naha lali, aya hiji nu kalarung, naha bet diliwat, 

naha bodo-bodo teuing, 
bet manah make kaliru, 
pan eta huntu , 
datangna ge pandeuri, sanggeus urang 
kaasupan aci dunya.
[20/12 22:55] aji rasha: Ari balik pangheulana, 




aya dalil, 
Iqro kitabaka dalil, 
kafa binafsika  
Alyauma ‘alaika Hasiba 

sundana nu kamasyhur, 
yen wajib pisan manusa 
ngaji teh kudu ngajinis, nyaeta ngaji saadeging badan. Ulah ngaji luar badan, matak ngajauhkeun Gusti, 
teu ngarasa babarengan, siang wengi ngangliputi, 

eta kitu, sageusna 
maca daluang, 
terus ngaji luang , 
nyaeta rasakeun daluang tea. 

Dihartikeun dilenyepan, dirarapkeun kana diri, 
sing cocog jeung sareatna, hakekatna mah geus pasti, aya didiri pribadi, 
nu matak kudu diemut, kalawan make tarekat, sangkan bisa ma’rifati. 

Sareat sareng hakekat, tarekat ma’rifat 
teu beunang dipisah-pisah, 
kudu gulung jadi hiji, 
boh dina lakon agami, sumawonna dina ilmu, 
kudu gulung nu 4 , 
sabab manusa ge ning, sampurna bisa gumelar 
di dunya. 

Taya lain ngan ku 4 
1.pangucap 
2.pangangseu 
3.paninggal 
4.pangdangu  

jadi mun kurang 1, 
teu sampurna urang hirup, komo mun kurang 2, 
pinasti moal katepi, 
sumawonna kurang 3 
nyucud pisan. 

sing kaharti ku ati, sing sumarambah kana bayah, geus sumurup kana kalbu, 

ari eta sifat 20
saterasna manawi aya kebatna, salangkungna tinu tadi, nu geus dipisaur, 

masih teras eta sifat teh, pasal sifat 20 
lajengna 
jadi aksara, 
sabab aksara ge pasti, meunang nyutat tina 
adeging manusa. 

kumaha  nu mawi, 
didamel deui aksara, 
sifat 20 tadi, 
keur dameleun naon deui, 

eta pikeun ngaunikeun Qur’an, wetna Agama sabumi, jalan jalma ibadah 
ka Gusti Allah. 

Jeung pikeun ngamankeun dunya, 
sangkan manusa didohir, hirupna bisa waluya, 
repeh rapih jeung sasami, anu mawi aya Agami, 
bakat
[21/12 11:14] aji rasha: ti ka asihna Yang Agung, ngamulyakeun ka manusa, 
ti dunya nepi ka batin, 
diunggulkeun tina 
sasama mahlukna. 

tah singa kahartos kana pimaksudeunnana aksara, 
bari cukup ku hurup nu  20 pikeun ngaunikeun Qur’an, 

cukup moal nya kurang. 
malah 17 aksara, hakekatna mah ku sakitu oge cekap, 

ari nu umum mah 30 hurup eta mah rangkepannana. 

Bibitna mah 20 bae pasti, lantaranna sifat 20 tadi, sifatna Gusti Yang Widi, 
teu kurang oge langkung, moal enya ngaleuwihan, 
ti sifatna maha suci, 
seueur soteh eta mah rangkepannana. 

harti, huruf Qur’an 17
eta aya sumurupna, 
katerangannana 
nu mawi ku 17 cukup 
teu kurang teu leuwih, 
tapi eta tehhakekatna , hakekatna eta huruf, 

sareatna mah teu salah, 
aya 30 bukti, 
kieu kateranganna. 

ning dina sembahiyang, 
dina sapoe sapeuting, 
ngan 17raka’at,
teu kurang teu leuwih, 
malah rukunna ge 17 

tah geuning dina ibadah, 
ku 17 ge mahi, 

tarekatna 
nyusul anu 3 sifat. 

nu 3 sipat teh nu disusul 
ku tarekat, ku 17raka’ati, 
nya nyusul  
 
1.Dzatna Gusti Alloh, 
2.Sifatna Gusti Alloh 
3.Asmana Gusti Alloh ta’ala. 

Asmana nu hiji tea, 
nu mahi ka tujuh bumi, 
tujuh langit sadayana, 
tah eta anu diberik, 

nu mawi Qur’an ge, 
hurupna teh ngan sakitu, 
hakekatna 17, 
nyaeta nyusul nu tadi, 
Dzat, Sifatna Asmana 
Alloh ta’ala. 

Kanyataan aksarana, 
anu 3 teh , nu teu aya 
dina Qur’an, 
1.aksara Ca  
2.aksara Nya 
3.aksara Nga 

tah eta anu teu aya, 
dina Qur’an teu ditulis, 
hakekat dzat sifat asmana Alloh. 

Atawa 
Allah Muhammad,Adam , 
tah eta nu diteangan, 
diberikna kunu tadi, 

ku tarekatna Agami, 
nyaeta dina waktu,anu 5
dina sapoe sapeuting, 

kapan raka’atna eta 17 

kade sing kapaham, 
pasal tarekat agami, 
dina waktu lima, 
dina sadinten sawengi, 
17 raka’ati,
teu kurang teu punjul, 

sing kapanggih, 
dzat sifat asmana alloh ta'ala
[21/12 11:35] aji rasha: Akbar na sing kapendak, 

ari ibadah ti leuleutik, 
teu ninggalkeun waktu 5, 
bingun na liwat saking, 
najan dicipta ku ati, 
weleh bae teu ka emut, anggur hate ambariang, 
cus cos ka sagala rupi, 
duh naha kumaha 
atuh kudu na. 


Sangkan sampurna ibadah, ulah gawe tanpa hasil, 

aya Hadist, 
mun amal teu reujeung ilmu, batal teu jadi amalna, 

bukti ning, 
bet teu raos karaosna, 
ku dirina. 
mantak bingung rasana, tandana jadi teu beresih 
nya manah, 
jadi mang-mang ati ge, 

mun hayang bersih, 
ibadah ka Maha Agung, 
prak geura teangan, 
tarekat na Ilmu Wali, 
mun ka pendak 
geus tangtu bisa ma’ripat. 

Buktikeun hurup aksara, 
nu 17 tadi, 
teangan dina salira, 
jalan tarekatna Ilmi, 
pikeun nyusul anu tadi, 
Dzat Sipat Asma 
Yang Agung, 
tanwande bisa kapendak, katinggal ku rasa jati, mimitina teangan nu 17 

Da moal enya bet beda, 
jeung tarekatna Agami, pada-pada 17, 

ngan aya beda saeutik, 
dina migawena, 
ari ku tarekat ilmu, 
nu 17 aksara, 
eta bareng dipakena
dina waktu waktu na 

Nu mawi bisa ma’ripat, 
kana jatining Agami, 
tah kitu sababna, 
pang na kudu ma’ripat jati, sangkan urang keur di dohir, sampurna ibadah , 
ngalakonan rukun Islam, parentahna Kangjeng Nabi, alus pisan daek amal 
jeung elmuna. 

tarekat ilmi, 


pasal hurup nu 3 
huruf Ca Nya  Nga, 
nu teu aya dina Qur’an, 
naha naon margi na, 
pang teu aya na

eta teh bibit, 
bibitna sagala rupa, 
nu langgeng teu owah gingsir, dzat sipat asmana gusti Allah jeung 
Muhammad Rasul, Adam  bibit Nabi 
bibit Wali,  

eta aksara,nu 3 Ca nya Nga cecekna paek geura itung, aya sabaraha jumlahna, 

gening 9 
3~3 dina sahiji aksara. 

Tah eta 
hakekatna para Wali, sareatna geuning aya, 
di Cirebon geus bukti, 
Wali salapan 
Wali tunggal kasapuluhna 

hakekat teh 
tangtu aya 
sare’at.
[21/12 11:50] aji rasha: nu bieu mah hakekat, nyandak tina huruf tulis, 

ari hakekatna, 
Wali di diri pribadi, 
pan kudu ngajinis, 
ngaji sa adegan wujud, 

aya nyatana, 
hakekatna para Wali, 
dina ieu saadegan wujud 

pek bilang cecek na 
badan urang liangna diri,  nyata pisan, 
liang-liang di jasmani, 
nu dilihur 7 jeung 
2 dihandap. 
Kasapuluh Wali tunggal, tunggalna wujud pribadi, 
 
ma’nana Wali teh hartina
pangurusna hal agama. 
Wawakilna rasulullah, 

ma’nana Wali, 
nyatana eta pangurus, 
sing rumasa, diurus 
beurang jeung peuting, 
pan sidik nu ngurus diri 
eta 9 liang. 

ning mun hayang dahar, diurus ku baham pasti, 
kitu deui hayang ninggal, diurus ku panon bukti, hayang ngangseu 
diurus ku irung, 
hayang ngadenge ge nyata, diurus ku cepil 
kiih ngising diurus 
ku liang handap. 

Wali teh wawakil Gusti, wawakilna Rasulullah, 
eta ge bener 
naha eta liang tadi, 
lain wawakilna Rasul,  
nyaeta rasa, 
rasa teh pan gaib, 
nu bukti mah 
panon cepil irung baham. 

leres pan teu tebih ti diri, 
ku bawaning nya ngahiji, sagala rupa teh kumpul, arasup ka wujud urang, 
kana saadeging diri, 
teu ingkah teu ical ti salira.
[21/12 11:53] aji rasha: NERANGKEUN 
ALAM NU TUJUH 

1. Alam Ahadiat, 
2. Alam Wahdat, 
3. Alam Wahidiyat, 
4. Alam Arwah, 
5. Alam Ajsam, 
6. Alam Misjal, 
7. Alam Insan Kamil
[21/12 12:43] aji rasha: alam Ahadiyat, 

eta alam gaib keneh,
gaib leuwih gaib, 
dalilna
Dzatlaisa 
saksina, Kamislihi 

kieu pihartieuna, 
sategesna, dzat 
nu teu aya upami, 
teu aya nu nyaruaan. 

Ku bakating Bila Haiffin, sategesna teu warna 
teu rupa,teu beureum 
teu koneng, teu hideung teu bodas teu paul, 
teu poek teu caang 

jadi tacan aya sifat, 
estu masih suwung, 
jenengan ge tacan aya, 

tapi wajib aya na 
Yang Maha Suci, 
suwung teh dina aya na. 
Ahadiyat  rek ngersakeun kakawasaannana, 
ibaratna ngalalakon, 
di alam Wahdat kitu, 
alam dzat sifat teh bukti, didinya Ahadiyat 
ngaluarkeun Nur 
nu ngaran Johar Awal, atawana sagaraning hirup tangkal nyawa sadaya. 

nya eta  hakekat na 
Muhammad wiwitan, 
utusan Gusti Yang Manon, sajati na sahadat  
nyaeta 
saadatna, dzat jeung sifat gulung, Ahadiat ~ Wahdat, geus teu pisah 
ngajadi gulung ngahiji, 

ibaratna dina seuneu mah. 
Geus ngahiji panas srg api, Ibaratna panas teh Ahadiyat, 
Wahdat seuneu nu hurung, geus teu pisah ngajadi hiji, 
sipanas jeung hurungna, 

numawi disebut, 
jatining sahadat 
saadatna waktu tadi, ngahijina dzat sareng sifat. 

Dzat laesa eta Maha Suci, nyaeta ibaratna panas, 
nu teu warna rupa , 
taya upama 
sifat kanyataan pasti, 
nya hakekatna Muhammad, 

numawi disebat 
Muhammad Rasulullah, didamelna ku 
Gusti nu Maha suci, 
wiwitan sareng wekasan. 

Wiwitanna Johar Awal, nyaeta cahaya na Allah, wekasanna ge geus ‘aen, majajina Kangjeng Rasul, 
nu sumareh di Madinah, nyaeta
[21/12 13:39] aji rasha: wekasannana, 
utusan Yang Agung, 
panutup Nabi sadaya,  

kitu katerangannana 
pasal Ahadiyat Wahdat. 

urang kedah kapanggih, 
ma’rifat kana dzat sifat, 
Gusti Maha Agung, 
da eta bibit sadaya, 

mun tiasa ma’rifat  
maot teh tangtos sampurna. 

alam Wahidiyat 

kaayaan dina Wahidiyat hakekat Nur Muhammad. 

Nyaeta sorotna tina 
Johar Awal, 
dzat sifatna Allah, 
Hakekat Muhammad 
sifatna padang alus, 

bijil cahya opat rupi, 
1.cahya beureum
2. cahayakoneng 
3.cahaya bodas, 
4.cahaya hideung 
ngarana Nur Muhammad. 

Muhammad anu caang tadi, eta Nurullah 
tah eta Nur Muhammad teh, hakekat Adam 
bibit pikeun alam dohir, 
Asmana Allah, 
nu opat teh jadi lafad 
Alif Lam Lam, He 
eta teu salah deui, 
tadina ge asma Allah. 

Dina alam Wahidiyat,  
kieu merelena, 
dzat nu mimiti disebut, 
dua sifat nu kawarti, 
kakara kana asma, 
ning nomer tilu, 
eta kanyataannana 
sanggeus aya 
Nur Muhammad , 
hakekat Adam. 

nu tilu gulung jadi hiji, 
Allah Muhammad Adam, kieu ceuk dina dalil teh, 
Wanahnu Aqrobu 
Ilaihi Min Habril Warid, 
tah rai eta saksina, 
piraku ngawadul, 
dalil sakitu ecesna, 
mun teu ngandel kana 
dalil kupur kapir, 
numatak kudu karasa. 

 4.alam Arwah 

naon nyatana anu dumuk, alam Arwah nu kaopat, 
papay heula atuh, 
tadi nu tilu alam,  
nyatana 
dzat sifat asmana Gusti, 

meureun anu kaopatna. 
Af’al Gusti Maha suci, 
nyaeta alam Arwah 

bilih can nyaho, 
nya ieu dunya 
bumi cai seuneu angin, 

numatak disebut arwah, 
pi roh eun geus tangtu, 
pi getih eun sayaktosna, 
bibit Adam 
Manusa pon kitu deui, majajina mah tidinya. 

jadi ieu bumi angin cai, nyaeta sorot tina 
Nur Muhammad, 
Af’alna Gusti Yang Agung, kakawasaannana 
buktina ieu alam dunya, 
babakalna eta ti 
Nur Muhammad, 
nu tadi geus dipiwarti, 
cahya anu opat tea.
[21/12 13:56] aji rasha: 1.Cahya beureum 
   sorotna jadi hawa seuneu.     
2.cahya koneng 
   nya jadi angin 
3.cahya nu bodas, 
   jadi cai  
4.sorot cahya hideung , 
   jadi tanah nyatana, 

ari eta nu opat 
dihirupkeunnana ku sorotna Matahari, sifatna 
nyaeta caang, 

mun didunya taya caang, moal enya 
manusa bisa harurip, tatangkalan oge musna. 

Tapi eta Panonpoe tadi, 
moal caang 
mun teu kasorotan 
ku dzat sifatna Yang Manon, 

teu beda lahir jeung batin, 
didohirna ning nyata, 
bumi angin banyu, seuneu 
gening eta jadi asma Allah yakin, Alif Lam Lam He nyatana. 

Caang mah tina Matahari, nyaeta nu jadi Tasjidna, 
nu ngahirupkeun sakabeh, didunyana oge tangtu, 
aya asmana Yang Widi, 
hiji mahikasadaya, ngangliputi estu, 

kitu katerangannana, 
geura heg pikiran atuh
masing ka lantip, 
dina karasa henteuna. 

 
5.alam Ajsam 
naon buktina anu ‘aen, 

nyaeta nyatana jasad, manusa satuhu, 
asal tina opat rupa, 
tina bumi cai seuneu angin, 

nu mawi jasad ieu asalna teh cai angin taneuh, 
sareat na ge ka raos, 

mun Rama sareng Ibu, 
nteu barang tuang 
aci-aci anu opat, 
bukti ngajarentul, 
sifat-sifat kajadian, tatangkalan anu nanceb 
dina bumi, 
buahna kapan dituang. 

Sabab tatangkalan pasti, pangna bisa ngagedean tangkal,bukti geus ‘aen, 
ku opat tadi 
aci bumi 
hawa angina, 
hawa panas 
hawa banyu, 

coba mun melak, naon bae 
boh pare atawa kitri, 
mun dikirangan sarupa. 

kintenna eta bisa jadi,
mun teu aya anu sarupa, 
mun cai anu teu aya teh,  atuh moal bisa jadi, 
sakabeh ge tatangkalan, huripna ku banyu, 
ning nyata, jadi sidik 
kabeh anu jaradi, 
aci nu opat perkara. 

Kajadian dina diri ge, 
nyaeta 
1.kulit tosnyata, 
2.daging geus ‘aen, 
3.tulang  
4.sungsum 

teras nya kajadian, 
hawa kulit balung, 
haea tina daging sungsum kajadian jadi nafsu 4 rupi, 
1.nafsu Amarah. 
   Hawa asal tina daging 
   bijilna teh ka cepil jalanna, 

2.nafsu Lawamah , 
   hawana tina sungsum,    
   bijilna ka panon
[21/12 14:11] aji rasha: 3.nafsuSawiyah, 
   hawa tinakulit  
   jalanna kana baham, 

4.nafsuMutmainah, 
   kajadian hawa tulang. 
   ka pangambung bijilna 

karepna ge beda-beda, 
aya nu sae 
aya nu awon, 

6.alam Misjal 

naon nyatana, 
tah eta pangna kudu, diwajibkeun ku Maha Suci, manusa kudu ikhtiar, 
kudu nyiar elmu, 
pikeun nganyahokeun asal, asal jasad dina waktu 
keur di Kadim, 
nyaeta nu opat tea. 

Nur Muhammad
Cahaya nu 4 
beureum 
bodas 
koneng,
hideung

nyata, asalna jasad urang teh, lamun jalma geus weruh, kana eta opat perkawis, kalawan yakin na,
teu omong wungkul, 
nya ngaranna alam Misjal, 

nya eta ma’rifat ka alam tadi, tah kitu tuturannana. 

7.alam Insan Kamil  

martabat anu kumaha, nu geus nepi kana Insan Kamil, 

nu geus dina pangkat eta, 
pameakan na nu ngilmu , sasat nu geus ma’rifatu, 
kana dzat sifat Yang Widi, nyaeta nu tadi tea, 
Johar Awal 
jatining Sahadat,  
sajatining Iman 
bibit nyawa sadayana. 

nu mawi pangkatna 
Insan Kamil, 
hartina manusa sampurna, geus tepi ka asal teh, 
nyaeta sagara hirup, kasampurnaan nyawa 
tangtu bisa balikna, 
ka asal kapungkur, 
mulih ka jati mulang ka asal, moal cidra 

Gusti Allah geus jangji, 
ka sakabeh nu ma’rifat. 

Saha manusa anu terang, 
nu ma’rifat kana dzat 
Maha suci, 
nalika di dunya , 
terus tepi ka Aherat, 
moal pisah jeung dzatna Gusti Yang Agung, 

mun lolong didunyana, 
di Aherat lolong deui. 
Moal pinanggih jeung caang, poek bae 
teu ninggal dzat Yang Widi, 
samangsa poek geus tangtu, nya eta naraka tea, 
da bonganna di dunya 
teu nyiar ilmu, 
sumawon amal ibadah, jongjon nganteur nafsu dohir. 


dina Hadis aya opat 
nu kasebut, 
1.Dzatullah, 
2.Sifatullah 
3.Asma’ullah,  
4.Af’alullah  

kumaha eta
sareatna hakekatna, 
nu nyata di badan sakujur,
sumawon dina goibna,
[21/12 15:59] aji rasha: NERANGKEUN 
DZATULLAH, SIFATULLAH, ASMA’ULLAH, AF’ALULLAH 



luarna heula, 
nyaeta luareun diri pribadi, meh jentre tuluy kana jasad, tos beres dina jasad 
tuluy, kana hakekat na 
sabab mo beda saeutik. 


Luarna ngaran 

1.Dzatullah, 

nyaeta 
alam ieu anu ngawengku, 
nu ngawengku alam dunya,  

2.Sifatullah, 

nya ieu caang 
satungkebing langit, 
sabab tadi ge Yang Agung, hiji dzatna hiji sifatna, 
mahi kabeh ngaangliput, 
teu aya anu kaluar, tina dzatna Maha Suci. 

hal caang teh eta ngan hiji, saalam dunya katutup, 

3. Asma’ullah 

1.seuneu geus nyata, 
2.angina 
3.cai 
4.bumi, 

tah eta Asma Yang Agung, hiji mahi kasadaya, 
sabab eta nu opat  
jadi huruf, jadi lafad 
Asma Allah, 
Alif Lam Lam He . 


4.Af’alullah 

 nyatana hawa, 
nu ngahirupkeun sabumi. 


Ayeuna kana diri pribadi,   

1.Dzatullah 
sanyatana dina diri, 
buktina badan sakujur, 
nu ngawengku kaayaan, tek-tek bengek kaayaan 
dina wujud, 

2.Sifatullah 
eta rupa urang,
[21/12 19:34] aji rasha: pangwajibna nyiar ilmi, 
neangan pangarti tangtu, 
tina poek hayang caang, 

4.Af’alullah 
nyatana nu dumuk,
dina badan, nya Nafas urang 
 
Enya eta Af’alullah, 
sareatna anu aya dina diri, nafas nu kaluar asup, 
wawayangan hirup tea, 
nu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud, 
eta nu jadi tihangna, 
taya nafas tangtu mati. 

palebah dinya, wajib pisan 
ku urang kudu kaharti, 
nafas teh 

kamana atuh, 
tinggal dangu sareng ucap, mun kaluar tepi kamana 
nya dumuk, 
mun kajero sumawonna, dimana enggonna ngancik. 

Moal leungit tanpa sabab, tangtu bae aya tempatna geus pasti, 


atuh kumaha akalna, sangkan urang kaharti. 

kapan tadi 
Gusti Allah sifat adil, buktina nurutkeun ilmu, 
sareat sareng hakekat, tarekat jeung ma’rifatu, 

eta teh perjalanan, 
jalan manusa baralik. 
Kana asalna baheula, 
tempat roh urang 
keur waktu di kadim, 
keur dina qudratullahu, 

numatak ayeuna urang, 
kudu daek ikhtiar 
neangan ilmu, 
neangan ilmu ma’rifat, 

ma’rifat ka asal tadi. 
Sangkan puguh pangbalikan, ulah teu puguh piloseun 
nya balik, 

teu puguh nu dijugjug, 
atuh mun teu puguh mah, 
nu dijugjug 
jadina teh usrak-asruk, tungtungna saha nu nyambat, didinya teh urang cicing. 

Kumaha lamun disambat, 
ku Siluman ku Onom 
atawa Jin, nu mara kayangan 

atuh tangtu cilakana, 
najan urang bebekelan nyuhun nanggung, 
nyaeta beunang ibadah, 
keur waktu tadi di dohir. 

mun teu aya tempat, 
hak pribadi 
atuh bebekelan tadi, 
teu aya tempatn, 
balatak taya wadahna, 
nyaah temen urut tisusut 
ti dungdung, hese cape ngalakonan, 
ibadah di alam dohir. 

Kitu upamana, 
nu matak urang teh 
sing ati-ati, 
enggoning ibadah 
kudu jeung ma’rifatna, 
kana asal urang 
keur waktu kapungkur, 

jaman keur di qudratullah, pangbalikan nu sajati. 

umumna teh 
lolobaha jalmi-jalmi, 
ibadah anu ti payun, 
nyaeta ibaratna, 
keur kukumpul keur engke pibekeleun wangsul, 
mulih ti pangumbaraan, 
nya ieu ti alam dohir. 

Tapi keur pikeun tempatna, piwadaheun bebekelan nu tadi, sok tara pisan diemut, sumawonna dianjangan, 
sok neumbleuhkeun kumaha bae Yang Agung, 

ana kitu nyieun bujang, 
ka Gusti nu Maha Suci. 

pan tadi Gusti Allah, 
Kun Fayakun 
geus nteu nungtut deui, 
mahi kusakali tangtu, 

kari-kari manusa, 
bet neumbleuhkeun deui 
ka Gusti Yang Agung, 
nyieun purah-purah pisan, kapan tadi geus maparin.
[21/12 19:48] aji rasha: ngayakeun Naraka, 
jeung Sawarga lain keur sangaja Gusti, ngaganjar sareng ngahukum, 
ngahaja pikeun manusa, 

mun kitu 
Allah teh tukang ngahukum, sinareng tukang ngaganjar, saperti bangsa hawadis. 

yen Gusti nu Maha Agung, pang ngayakeun Sawarega, jeung Naraka lain keur baris 
ngahukum, atawa ngaganjar, manusa di dohir batin. 

Sategesna Gusti Allah, 
ngan ngayakeun 
geunah teu geunah 
geus pasti, 
bareng jeung ngayakeun mahluk, 
sumawonna alam dunya,
ning kitu sidik adilna 
Yang Agung, 

lain sangaja keur nyiksa, ngan bareng ngayakeun jadi. 

pan ku urang karasa, 
ayeuna ge keur aya keneh 
di dohir, 

mun nyieun susah ka batur, nganyerikeun pada jalma, malik deui ka urangna 
eta tangtu, 

karasa hanteu ngeunahna, sabalikna mun nyieun
kahadean, ka sasama 
papada kaula Gusti, 

ka urangna ge geus tangtu, malik jadi kangeunahan, 
ning sidik sawarga naraka 
dijieun ku urang sorangan, tina tekad laku jalmi. 

Sanajan di akheratna, 
pang ayana naraka sawargi, bawana ti dunya tangtu, sabawana-sabawana, sewang-sewangan 
kumaha tekad jeung laku, waktuna di alam dunya, 
sa Ilmu-ilmuna tadi. 

perkawis Allah mah, 
ngan netepkeun sabandana-sabandana tadi, 
bawana ti dunya 
mun mawa kagorengan, kajadian ngan jadi 
teu ngeunah wungkul, 

mun mawa kahadean, kajadian ngeunah deui. 

Mun mawa kasampurnaan, nya jadina sampurna  
balik ka asal kapungkur, kumaha bae elmuna, 
da kabeh ge tunggal ilmuna Yang Agung, 
moal ditampik ku Allah, kamana ge anu aing. 

dina pangbalikan jalma, 
kumaha ilmuna tadi, 
geus moal sulaya deui, 

Dzatullahi, 
hakekatna can didadar. 

Tadi karek di luarna, 
kuma kajerona deui, Dzatullah 
Sifatullah, 
Asma’ullah  
Af’alullah 

panasaran langkung, 
hayang tepi ka jucungna, 
ulah kapambeng hawatir, mangga urang dadarkeun
[21/12 20:23] aji rasha: HAKEKATNA 


hakekatna eta Dzatullah, 
nya eta rasa

Sifatullah 
nyaeta nu padang mulus, caang padang narawangan, Jatining Sahadat   
Sagarana hirup.
Sifatullah anu tadi, 
dina keur waktu tarekat, 
keur narik ilmu dzat   

Asma’ullah   
ari eta Asma’ullah, 
Nur Muhammad geus pasti, nya eta cahya anu opat tea. 
1.Narun cahyana beureum 2.Hawaun  cahyana koneng 
    tur bening, 
3.Ma’un cahyana bodas. 
   mulus, 
4.Turobbun cahyana hideung 

eta nu ngaran Asma’ullah. 
Eta anu opat warna, 
jadi huruf opat rupi, 
nya eta Alif Lam Lam, He 

nu kaopatna deui, ning sidik Asma Gusti, Lafad Allah 
nu saestu, 
eta ge kapendakna, 
dina waktu keur ngalakonan 
Ismu Dzat. 


sing kapendakna,dina saban ngalakonan wajib, 

sing bisa kapendak  jeung sagara Adam 
enya eta tempat kasampurnaan jasad. 

4. Af’alullah 
nyatana awasna ingdalem ingdalem waktu Tajali, 
nya eta Af’al Allah Ta’ala. 


pasal Kangjeng Rasul, 
Kangjeng NabiMuhammad, 

kacapangan jalmi-jalmi, 
sok disebat awal akhir 
ku sadaya. 

Sarengna sok disebat, 
Jeng Nabi panutup 

ma’nana basa nu tadi, 
kudu kaharti, 
da moal luarna wungkul, 
meureun aya kajerona, 
aya buktina nu karasa 
ku ati urang sadaya. 

pasal Nabi urang, 
pang disebut awal akhir, 
atuh puguh bae 
pan tadi ge diluhur,didadar, hakekatna Muhammad Nabi, bibit tujuh bumi tujuh langit 

Beh dieuna oge nyata, sanggeus aya Adam Nabi, sinarengan Babu Hawa, bibit 

ngaluarkeun jalmi, tetep bae Kangjeng Nabi, 
Muhammad 
Rasulullahu, 
jadi awal jeung akhirna,
[21/12 20:41] aji rasha: Tangtuna patemon rasa, kapan rasa teh  
hakekatna Rasulullah, 
mun taya rasa mah 
moal kaluar Mani, 
dua-duana ge luput, 
ari eta mani teh, 
Hakekat Adam geus pasti, sidik pisan Adam teh 
sorot Muhammad. 

Nya eta sorotna rasa, 
barang eta mani tadi, 
lila-lila teh mangrupa, 
jadi sirah dada udel suku  sidik jadi lafad 
sirah nyaeta mim 
dada teh jadi He 
udel eta jadi Mim akhir 
Suku teh jadi lafad Dal, 
ning eta sidik, ngajadi 
lafad Muhammad, 
ahirna rasa nu tadi, 
nya eta rupana jalmi, 

nu mawi eta disebut, 
Muhammad jadi wiwitan, jeung jadi wekasan , 
atawana awal ahir 
disebutna. 

Kanjeng Muhammad sinelir, dibasakeun awal akhir teh 
geus nyata. 

Sinarengan aya basa, panutup eta Jeng Nabi,  

panutup soteh ilmuna, 
nu opat geus kasungsi, 
nya eta 
sare’at sareng hakekat. 
Tarekatna dipilampah, 
jalan ma’rifat ka Gusti, 
tepi ka sapatinggalna, 
jeung Gusti nu Maha Suci, 

nu matak pangkatna Nabi, Muhammad Rasulullahu, 
da geus ma’rifat ka Allah, 
kitu sababna 

aya basa opat deui, 
1.Ihkrom
2.Mi’raj  
3.Munajat 
4.Tubadil 

hartina kumaha
dimana pernahna 

nya eta keur solat sajati  
eta basa, nyumponannana sareatna mah di Mekkah, kunu rek marunggah Haji, hakekatna mah aya 
di pulo Jawa ge tangtu, 

geus tangtu pisan ayana, mun can ngarti, 
nya eta keur solat sajati tea. 

Kieu katerangannana, 

1.Ihkrom  
hartina teh peta-peta, 
tekad seja rek indit, 
mun diibaratkeun paksi, manuk arek niat ngapung, geus dibeberkeun jangjangna, ngan teu di kiplik-kiplik, 

2.Mi’raj 
eta,geus jeung ngapung ngalayang. geus ninggalkeun alam dunya, lat poho ka 
alam dohir, 

3.Munajat 
hartina geus munggah 
ka alam batin, 
rek nepi kanu dijugjug, 

4.Tubadil 
hartina teh geus tepi 
kanu diseja. 
Sapatinggal sapocapan, kaula kalawan Gusti, 
geus ngancikdikalanggengan, dina Baetullah suci, 
Baetullah nu sajati, 
nu lain di kulon kidul, 
lain dikaler di wetan, 
jeung teu keuna ruksak, 
enya eta kiblat 
nyawa nu sampurna.
[22/12 00:56] aji rasha: naon sifatna Baetullahi, Baetullah nu sajatina, rakana nya eta Dzat Yang Widi, sifatna teh padang alus, 
Johar awal, 
sagara hurip 
pikeun kiblat dina waktu 
wafat teh. 

Sabab eta, kiblat wafat, 
wajib ku urang disungsi, 
bisi jadi marakayangan, 
nyawa urang teu nepi, 
teu bisa mulih ka jati, 
pulang ka asal kapungkur, 

atuh pantes arek aya 
Naraka siksaan diri, 
sababna teh 
utrak-atrok taya jalan. 

matak meungpeung di dunya, sing suhud urang milari, milari jalanna wafat, 
sangkan nyawa bisa mulih, geura beuli ku prihatin, sangkana bisa kasusul, 

sabab rugi pisan, 
kudu reujeung kentel peujit, barang dahar ulah sok sakama-kama. 

Talunganan bab ibadah, 
teu sakumaha rugi, 
da aya patokannana, 
nyaeta Qur’an jeung Hadis, didinya geus mahi, 
ngan kari suhudna wungkul, suhud ngapalkeunnana, jeung prakna nyembah ka Gusti, 

ari jalan maot mah 
sejen aturan. 

Da eta mah panungtungan, panungtungan nu kumelip, tungtungna teh kedah wafat, nu ibadah oge sami, 
sareng nu teu Gumusti, 
teu ibadah ka Yang Agung, teu burung wae wafat mah, sareatna oge sami, sadayana pada aya sakaratna. 

Tah dilebah dinya, 
ku urang kudu kapikir, 
kudu sing ka ilmu pisan, 
kumaha sabab pang sami, pada sakarat bukti, 
nu ma’siat, jeung nu suhud, suhud kana ibadahna, 
mana atuh anu tepi, 
mangga jawab ku sorangan 
sugan kapikir.... 

anu ibadah anu tepi, 
ngan make lalakon heula, 
nyorang siksa tilu rupi, 1.nyorang sakarati, 
   nu nyerina kalangkung, 
2.siksa kubur 
3.siksa akherati, dina waktu 
   kiamat alam dunya. 

Lila-lila oge bisa, mungguh kasawarga deui, 
dupi nu teu ibadah, 
tetep langeng eta misti, 
di Naraka api pasti, l
anggeng taya wates , 

ngan utamana nu kumaha paeh teh nu sampurna. 

utamana anu mati, 
ulah nyorang ku siksaan, 
sumawonna tilu kali, 
sakali ge alim teuing, 

kumaha petana, 
sangkan ulah bisa nepi, 
kana eta siksaan Allah 
Ta’ala. 

kapan tadi geus didadar, 
numatak urang teh wajib, kudu ma’rifat  kana 
Dzatna Maha Agung, 
enya eta supaya urang, 
engke dina waktu keur mati, ulah nyorang kana siksaan sakarat.
[22/12 01:09] aji rasha: Sumawon siksa akherat, 
tah kitu ganjaran ngilmi, jeung anu daek ibadah, 
nurut parentah Nabi, 
mun kitu atuh utami, 
daek ibadah tur suhud, kalawan ma’rifatna, 
kana Dzat Maha Suci, 
tah nu kitu moal 
nyorang siksaan. 

dina aturan bab ilmi, 
sing nepi kaharti sing nyurup kana ati, kade kaliru, 
tegesnailmu kabatinan, kasampurnaan keur batin, nya ayeuna ilmu Cirebon 
timbulna. 

Ayeuna kantun ngajaga, 
laku dohir sing beresih, 
amal ibadah beresan, 
imankeun beurang jeung peuting, 
supaya urang di dohir, 
bisa salamet rahayu, 
ulah keuna panca baya, sabab mun keuna balai, 
osok jadi moekan kana Agama. 

ayeuna mah ngan kantun ngajaga lampah, satungtung hirup di dohir, sumawona tekad sing bersih, 
ulah pasea jeung batur, sumawona bangsa sorangan, najan sejen bangsa ge ulah pisan urang arek goreng tekad. 

Urang hirup babarengan, 
da sarua umat Gusti, 
pada dadamelan Allah, 
mun urang ngewa ka jalmi, sami sareng ngewa deui, kanu ngadamelna 
persasat ngewa ka Allah, sumawonna tekad dengki, boga tekad hayang nyiksa pada jalma. 

Mun kitu mah nyucud pisan, kalebet nu ngaran kafir, kajeun dina bangsa Islam, kapan ceuk hakna mah geuning, kafir lain Cina Bugis, teu beunang dituduh kitu, sategesna kafir teh 
nu jahat atina ayana teh 
dina saantero bangsa. 

Sabab mun jahat atina, kapada manusa deui, 
sami jahat ka Pangeran, 
anu ngersakeun sabumi, pan ceuk Qur’an jeung Hadis, manusa teh geus disebut, anu pang mulya-mulyana, didamelna ku Yang Widi, 
dibedakeun jeung saantero mahlukna. 

kumaha beda-bedana, antara Mahluk jeung Khaliq, 

 perkara nu ngaran makhluk, 
sakur-sakur nu nyareat, 
bukti nu aya dohir, 
nu jarentul sajeroning 
alam dunya. 

Najan ieu alam dunya, seuneu cai angina bumi, makhluk bae disebatna, 
sanjan Naraka Sawargi, 
lebet makhluk bae  
 
ari Khaliq, nu mana jinisna 
nu saleresna. 
nu ngaran Khaliq mah 
eta mah bibitna dunya, 
bibit antero hawadist, 
nya anu kasebat tadi, 
nu geus kaunggel
[22/12 01:14] aji rasha: nya eta Nur Muhammad, cahya nu opat perkawis, beureum 
koneng 
bodas
hideung  

Nu langgeng teu keuna 
ku ruksak, 
hakekatna Adam    

Gusti Allah 
nu sifat Rahman Rahim, 

Rahman teh murah di dunya, Rahim Allah teh nu asih, 
di aherat  
tah eta ceuk dalil 

ayeuna hayang karasa murahna Allah di dohir, 
nu mana nyatana di badan urang.
[22/12 11:10] aji rasha: NERANGKEUN 
RAHMAN – RAHIM 


Murah jeung Asihna 
nyatana dina badan. 

mun murah Gusti Maha Suci, ku perkara hal dunya barana, naha atuh buktina teh, 
bet beda-beda kitu, 
aya nu beunghar 
aya nu miskin, 
nu senang nu susah, 
mun kitu, siga Gusti Allah, pilih kasih teu kasadaya jalmi, murahna dipilihan. 

Malahan umatna Gusti, 
ka umatna Jeng Nabi Muhammad, 
nu kacida bedana teh, seuseueurna anu ripuh, 
tina hal kurangna rizki, 
teu sapertos sejen bangsa, hirupna jaregud, 
mungguhing di bangsa Islam, teu weleh nandangan lara prihatin, hirupna hirup sangsara. 

pan tadi Gusti Maha Suci, murahna teh ka kabeh makhlukna, tapi dina buktina teu cocog hanteu luyu, 
tur tadi Muhammad Nabi, 
cenah kakasih Pangeran, sagala diturut, 
naha buktina salia, 
ari bangsa sejen 
nu sanes Agami, 
bet siga marulya pisan. 

Tah ulahkaliru manah, 
sirik ka bangsa nu sejen, hirupna jeregud, sing kaharti, 

dina kamurahan Allah, 
ka sadaya makhluk, 
nu geus nyata bro sapisan, geus tumiba ka diri urang pribadi, naha can ngarasa. 

Nu sakitu Gusti Maha Suci, ngamulyakeun ka makhluk-
makhlukna,tayakakurangan
na teh, 
geus bro sarta cukup 
jeung teu pilih kasih deui, 
sanajan ka hewan pisan, geus dibere cukup, samrtabat-martabatna, 

mana kamurahan Allah. 
kamurahan na Yang Manon, nu tumiba dina wujud,
[22/12 11:33] aji rasha: maparin anggahota, panangan jeung suku, pangangseu jeung paninggal, pangdangu pangucap 
eta geus bukti, 
budi pamilih jeung akal. 

tah kitu ti Gusti, 
kamurahan ka urang sadaya, papak sadayana ge, 

lain murahna Yang Agung, sok maparinan rizki, 
rupa barang sareng uang, 
eta lain kitu 
ari pasal rezeki mah, 
tangtu bae beda-beda 
moal sami, 
aya nu leutik aya nu loba. 
Da perkawis rizki mahnya kumaha ngagolangkeunnana, eta panggahota bae, 
mun urangna suhud, 
temen wekel teu lanca linci, 
metakeun panggahota, sageuy hanteu untung, 
piraku teu jadi senang, 
tatapina jalanna senang teh kudu daek ripuh heula. 

geuning bangsa asing, bangsa Cina atawa Walanda, bangsa Arab Japan oge, baleunghar jaregud, 
sarugih laksaan duit, 
ku bakating tina suhudna, daek nyorang ripuh, 
temen wekel teu bengbatan, nya metakeun kamurahan 
nu ti Gusti, 
daek mikir jeung praktekna. 
pantes jadi sugih mukti, beurat beunghar didunyana, da tara bosen ku hese, 
tara hoream ku ripuh, dikeureuyeuh teu lanca inci, mun can hasil maksad, 
teu weleh ngatur, 
beurang peuting dipikiran, 
lila-lila daek mikir mah 
tangtu bisa kajadian. 

Kapan tadi unggel Hadist, dalilna teh sok disebat, 
sadaya ge pada ngartos, dawuhan Gusti Yang Agung, Waman Thalaba Saian Jiddan Fawajiddahu, 
hartina teh 
saha-saha, anu temen pang mentana ka Yang Widi, 
menta bari jeung prakna. 
Tangtu pisan 
Gusti Maha Suci, 
ka jelema temen pang mentana, awal akhir tangtu dikabulkeun samaksud, 

sabalikna mun aya jalmi, 
kurang temen mentana, 
sasat kurang suhud, sumawon teu jeung prakna, 
migawena gancang bosen embung mikir, bosen hoream ku bangga. 

Atuh Gusti nu Maha Suci, moal enya ngabulkeun kahayang, 
da urangna lanca-lence, 
tah kitu, 
numatak ulah sok sirik, pedah batur jadi senang, baleunghar jaregud, komo ditungtungan ku sugal, nyebut-nyebut ka Gusti Allah teu adil, tur urang nu 
salah tampa. 

asihna Yang Agung, 
eta asih di Akherat, 
 
asihna teh Allah di Akherat, piraku teu karaos, 
pek papay heula atuh, Akherat teh naon 
nyatana di badan urang, 


akherat teh nyata alam rasa, buktina di urang teh, 
ayeuna meureun kamafhum, pang asihna di Akherat Gusti,
[22/12 11:39] aji rasha: piraku teu karasa, 
asihna Yang Agung, 
pan geuning sadayana, 
kaayaan dina ieu alam dohir, boh di cai boh di darat. 
Anu amis anu pelem 
nu pait nu asin 
nu lada nu gahar, 
kamana sumurupna teh, 
aru lain asup kana rasa, 

jalanna mah puguh, 
nya kanu opat tea, 
di tampana ku rasa ning 
bener asihna teh Allah. 

pek geura manahan, 
kayaan di dunya teh, cucukulan nu rarentul, 
rupina laksaan keti, sinarengan beda-beda, rasana geus tangtu, 
taya deui anu nampa, 
anging rasa 
nya rasarasulullahi, 
bakat ku asih-asihna. 

1.hakna Yang Agung, 
2.Hak Muhammad 
3.hakna Adam,
[22/12 13:20] aji rasha: NERANGKEUN 
Hakna Allah, 
Hakna Muhammad, 
Hakna Adam 


hakna Allah, 
eta Awas kitu,   
hakna Muhammad
eta nu Awasna, 
hakna Adam anu  
Nu Di awaskeun nana. 


Anu tilu gulung jadi hiji, 
Awas Nu Ngawaskeunnana, jeung Nu Diawaskeun na 

geura mun wungkul Awas taya Nu Ngawaskeunnana, geus tangtuna luput, 

kitu deui mun aya, nu dua Awasjeung Nu Ngawaskeun Nu Diawaskeunnana teuaya. 
Moal jadi kanyaho teh pasti, 

mun euweuh 
NuDiawaskeunnana, 
da anu tilu teh ngantet, 
teu pisah teu parentah, 
Dzat Sifat Asma ngahiji, 
Allah Muhammad Adam, geus jadi Akrobu, 
bareng dina wujud urang, 
nu tilu ngagulung ngajadi hiji, Hirup Rasa jeung Adegan. 

Hirup 
eta kanyataan ayana Allah, aya mohal euweuhna teh, 

Rasa 
teh yakin, ciri ayana utusan, Jeng Muhammad Rasul, Pangulu Rasul sadaya, 

Adegan 
kanyataan Adam Nabi, Khalifah Allah Ta’ala.
[22/12 13:25] aji rasha: NERANGKEUN 
Hidayat, 
Darajat, 
Ni’mat, 
Rohmat
[22/12 13:33] aji rasha: saentasna tuang Ni’mat, sabab eta anu asup kabeh 
ge aya roh na. 

Dina karek asup roh na teh can misah,tina kadaharanna lantaran can bubuk pisan, sasat can bijil acina, lami-lami sanggeus bubuk, aci jeung hampasna misah. 

Hampasna kaluar deui, 
aci mah tangtu tinggal, ngajadi getih sakabeh, 
tuluy surup sinurupan, 
roh tina kadaharan,srg
roh jasmani tepung, kajadianna nya Rohmat. 

Jadina ti Rohmat 
nya nu nimbulkeun tanaga, murakabah kasakabeh, 
terang denge bengras tinggal, sowara ge bisa terang, 
da nu teu dahar mah kitu, haroshos geuning sorana. 
Tinggalna sok ruam pasti, 
teu terang kawas biasa, denge sok rajeun torek, 
nu kitu jadi teu Rohmat, sabab kurang getihna, 
kurang getih tangtu lesu, 
taya tangan pangawasa. 

jalanna eta roh kadaharan, asal ti opat perkara, 
bumi cai angin banyu, 
di urangna ge opat.
[22/12 13:42] aji rasha: ngulik kanyaho diri
kedah ngango bibit, 
nya eta iman 
jeung kedah ngango parabot, nya etatarekat 
meh terang kana bibit, supaya tiasa kebat, nyatakeun panyebut, 

Sanes pisan guminter peleci, ngan ngemutkeun hate 
anu seca, 
kajeun disebatna ngaco, sapedah babaran ngan kieu tuduh jalan anu suci, 
malah mandar jasa ngaca, ngeunteungan nu lucu, bubuhan jalma mah Arca, tatapina mun urang terang 
ka Maha Suci, 
tangtos moal jadi Arca.
[22/12 13:49] aji rasha: ngan sakadar pangeling,
sugan jadi panalang, 
nalang kanu masih lolong, margi seueur nu linglung, 
teu aya pisan kaeling, 
katungkul ku kamelang, melangna kana kahayang 
estu teu diselang-selang, badanna teu dijaring 
teu dilingling, 
da resep kanu teu puguh

Biasana mungguhing di lahir, sadaya oge geus ilahar, resepna teh kanu moher, moher tapi hanteu luhur, luhurna ukur dilahir, 
pada hayang beunghar, supaya kamasyhur, kamashur teu kurang dahar, teu inget kumaha ke diakhir, moal terang kanu gahar. 
Menggah eta nu gahar sajati, mun dibeli ku duit sayuta, leuwih hese taya conto, 
da meulina sanes kitu, 
mun hoyong anu sajati, 
nu resep matak kabita, 
nu alus saestu, 
cik akalan sangkan nyata, anu suci padang 
sajeroning ati, 
lir urang ninggal permata. 

sing emut ulah ngawagu, kapan urang geus dibagi, 
sagala ge geus boga, 
mangka teu digugu, pibahlaeun teu dijaga, 
teu pisan rek eling 
kanu ngabagi, 
marukan taya nu boga.
[22/12 13:58] aji rasha: Sanggeusna urang hurip, tangtu pisan aya nu ngalarap, teu beda ibarat sirop, 
amisna anu sumurup, 
komo nu disebat hurip, tangtu aya nu ngagarap, 
dina keurna hirup, 
badan teh aya nu marap, marap laku lampah 
keur waktuna hurip, 
sanaos waktu kasarap. 

Waktu ieu keur dialam kabir, ulah arek kajongjonan sabar, bilih kaburu ku bobor, 
susah mun geus dikubur, kumaha rek jasa takbir, 
da geus misah jeung 
nu jembar, 
tungtungna teh takabur, 
bongan didunya ngolembar 
ngagugu pangajak hate
malibir, 
embung neangan nu jembar. 

geura jajah salirana, 
pilari nu nyumput buni, 
ulah ngan sakadar muni, 

nu disembah bangsa Wisnu, 
mun kitu salah nyembahna, nyaah teuing ku jasmani, tangtos pisan moal dugi 
ka asalna. 

Da menggahing Gusti Allah, teu nyempad teu milih-milih, sanajan lakuna salah, dianteur tara ditolih, 
ngan ku urang kudu pilih, 
ulah tungtung matak
ngangluh, 
mun urang jalanna salah, tangtos moal jasa mulih, sabab urang teu panggih jeung dzatna Allah. 

Pan aya basa carita, 
mun ka jalma nu mati, lumbrah jalma cacarita, 
pok na teh mulih kajati, pedah dugi kana pasti, 
tapi saenyana tangtu, 
ngan ukur dina carita, 
atina jongjon teu ngarti, 
na kumaha mun jatina tacan 
nyata. 

Geus lumrah karana aman, nyambung dunga bari hamin, muga ditarima iman, 
nurutan nu geus muslimin, tapi elmuna muslimin, 
ukur dicipta kulamun, 
jauh terang kana iman, 
teu cara para mu’min, nyebutna teh geus terang jatining iman. 

Kapan jalma aya asal, 
tapi najan teu misil, 
mun palay mulih ka asal, 
mangga tungtik tangtu hasil, tangtos mun disisil, 
ilmuna masing kasusul, 

sanajan miara bangsal, lamun hantem disisil, geuning sidik rasana 
teu jadi kosal. 

Tah kitu jalanna upama, 
nu jadi jalmi utami, 
Milari Ilmu Agama, 
da urang teh moal lami, tangtu misah jeung sasami, geus pisah jadi kamumu, lamtaran teu tumarima, 
ngan tarima jadi jalmi, marukanan teu aya 
jatining jalma. 


jalma teh kawas palapah
Mun palapahna geus misah, tangkalna hanteu miasih, numawi ilmu kedah sah, 
ulah sok pasalisih, 
ka jalmi kedah miasih, 
ulah rek nyieun musuh, 
bisi pinanggih jeung susah, tegesna kedah beresih, masing sieun ku Allah 
da teu papisah.
[22/12 15:45] aji rasha: Kumaha jalanna, 
supaya pendak nu buni, 
tapi di urang ayana, 
teu katinggal ku jasmani, 
da puguh badan rohani, 

ceuk dalil Wujud Nur, 
mun teu dirakrak wujudna, nya ieu wujud jasmani, 
hamo bisa kapanggih 
jeung eusina. 

Numawi wajib teangan, 
malar ati bisa dingin, 
tangtu jadi kasenangan, 
sing panggih jatining angin, geura manah angin-angin, mun kapanggih moal
ngungun, 
kana tahayul ngiringan, sabab terang jatining angin, geus terang mah 
da pakeun urang sorangan. 

Numawi wajib disungsi, margi urang teu kawasa, kedah ngalakukeun hese, sartana kedah rumasa, rumasa taya kabisa, 
kabisa ngan nganteur nafsu, teu eling kanu Kawasa. 

Mugi-mugi sing areling, 
ulah asih kumapalang, 
ulah seueur nu dipelong, pedah aya kamelang, 
bilih urang jadi belang, tungtungna sok matak linglung, teu terang kanu gumilang. 

Nu gumilang dina diri, 
ayana henteu katara, 
numawi henteu kawaro, 
upami nu ngaji sara, 
moal weleh pinanggih lara, upama henteu guguru, 
guguru ngakat salira. 

Tapi mun rek milari, 
milari eusi salira, 
ngarah urang ngeunah sare, 
badan ibarat panjara, 
dikunci henteu katara, 

tah eta ulah kaliru, 
pilari kunci salira. 
mun kunci geus katukil, tangtos kaharti ku akal, sagala oge kacokel, 
bekel sinarengan bakal, 
moal aya manah basangkal, sanajan anu mukul, 
ditampa sabar tawekal. 

Males ku kalimah kalih, Syahadat anu katelah, saratna karana saleh, 
tah pilari ulah salah, 

nyatana Dzat Gusti Allah, 
da teu mangpuluh-puluh, 
estu hiji moal salah. 

Tapi mun geus kapanggih, poma ulah rek gumagah, baragagah beregegeh, 
kajeun kolot dipiconggah, carios teu diagah, 
rasa aing nu geus puguh, 
tah eta kedah dicegah. 

Batal ceuk basana Santri, 
teu terus jadina serta, malahan jadi celetre, 
sanajan bungkusna sutra, lamun laku henteu setra, tungtungna sok loba satru, dipingewa palamitra. 

Ku urang kedah diaji, 
ulah ngan sakadar beja, 
kudu karana katenjo, 
dina ati masing ngoja, 

kudu sidik ka raja, 
da wujud mah jadi baju, 
bungkus ngahalangan raja. 

Ari nu kedah diuji, ngabuktikeun omong beja, sanes ngaji jilid hejo, 
eta mah anu bebeja, 
tuduh jalan anu diseja, sangkan urang dipaju, 
supaya jadi raharja.
[22/12 15:53] aji rasha: Ieu basa ngajurung, 
supaya sami ngajaring, malah mandar jadi terang, 
terang di jatina kuring, 
kapan teu aya kakirang, pepek karana dijaring. 

Nu mawi jalmi teh kudu, 
amis basa alus budi, 
ku sabab henteu beda, 
anjeun jeung diri pribadi, 
ulah rek ngabeda-beda, 
sing inget asalna tadi. 

Mangkade ulah kalangsu, masing kenging eta sosi, sosina anu Kawasa, 
sangkan urang henteu risi, geus kenging tangtos karasa, paeh moal aya risi. 

Ku sabab urang diandum, diandum Qur’anul ‘Adim, jeung aya basana Qidam, 
ti heula nyaeta Kadim, 
kitu sundana teh Qidam, 
nya eta Qur’anul ‘Adim. 

Tah eta teh anu perlu, mangkade ulah pahili, 
anu kasebat tiheula, 
numawi ulah lali, 
sabab aya nu tiheula, 
disebat mah da pamali. 

Ngaji teh kudu sing suhud, malah mandar terang tohid, terang ka Qulhu nu ahad, nganyahokeun anu wahid, geus terang nyatana ahad, tangtos urang bisa tohid. 


mun rek milari ilmu, 
pilahir anu utami, 
ulah ka samarang jalma, 
utami jatining jalmi, 
nu geus manjing Ulama, 
nu nerangkeun asal jalmi. 

Margi seueur anu palsu, 
nu mawi kedah risi, 
risi nyandangan panyiksa, 
tah nu nyiksa geura sungsi, naon atuh anu nyiksa, 
ku urang kedah kasaksi. 

Da bonganna tekad kalbu, 
teu neang hakekat Nabi, sumawona daekseba, kalindih resep rarabi, 
seba lain seba domba, 
ngan kedah nyaho ka Nabi. 

Kalbu mun hantem dilajur, henteu inget kana ajir, 
moal pinanggih ginanjar, 
teu beda jeung embe bajir, tapi mun daek diajar, meureun terang gambar ajir.
[22/12 16:00] aji rasha: neangan ilmu nu patut, nganyahokeun nu nguntit, 
nu beurang peuting petot. 


Rejeki teu milu ka jero kubur, estu wungkul keur di dohir, da puguh keuna ku lebur, 
nteu cara jembar takbir, 
ka urangna jasa nyebor. 

urang teh ulah kumumu, 
mikir teh anu utami, 
kotektak masing katimu, katimu bakaling jalmi, 
sing terang gawena ramo. 

Pilari tegesna nu saestu, 
nu kira nepi ka Gusti, 
lain solat lima waktu, 
pilari solat sajati, 
sangkan urang boga conto. 

Ari eta 
sambahiyang lima waktu, cenah keur nyembah 
ka Gusti, 
tapi 
saenyana kitu, 
muji dzikir laksa keti, 
weleh teu meunang conto. 

Najan kitab ngabrugbrug mangpuluh-puluh, 
sakabeh henteu dipilih, 
diapalkeun ratus puluh, Gustina henteu katolih, 
teu panggih jg dzatna Allah. 

Samarukna nyembah 
ka Gusti teh kitu, 
da tuduh kitab teu harti, 
teu dipikir anu estu, 
pedah Gusti taya bukti, 
tacan nganjang ka pageto. 

Padahal mah mundisusul, 
eta tangtu pisan hasil, 
tangtu terang Nabi Rasul, sagala rupa kamisil, 
moal beunang ku pangosol. 

Saenyana badan teh 
kedah diukur, 
diukur reujeung dipikir, 
ulah ngan saukur akur, 
teu nanya nyatana dzikir, matak waktuna teh bongkor.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar