[25/9 20:23] aji rasha:
JUNG NANGTUNG WAWUH KA KUJUR
AJEGKEUN SAPANGADEG
HURIP INGWANG
HIRUP INGSUN
JIRIM JISIM PANGANCIKAN
Tah dina perkara
jirim-jisim jeung kuring oge
naon bedana jeung ingsun/isun,
kaula atawa abdi,
pamanggih simkuring
numutkeun ajaran nu katampa
dina ajaran
spiritual Bapak Mei
aya beda jeung kanyaho umum.
Kieu kateranganana:
Ari "jirim" teh
nyaeta wujud nu katingali atawa
badan wadag (lahir)
nu asalna tina
1.cahaya beureum (acining seuneu) -
2.cahaya bodas (acining cai)
3.cahaya koneng (acining angin)
4.cahaya hideung (acining bumi),
sedengkeun "jisim"
nyaeta wujud nu teu katingali
badan halus (batin)
nu asal ti pangawasa Gusti.
Jirim
teh tempat
pangacikan jisim
contona:
awas ngancik di panon,
denge ngancik di ceuli,
langkah ngancik di suku .
Tah eta
jirim jeung jisim
mangrupakeun parabot nu digunakeun
ku kuring pikeun ngumbara di dunya.
Naha saha ari
"kuring"?.
Tah ari "kuring" mah
nyaeta lain lalaki-lain awewe,
lain budak lain kolot,
teu boga anak
teu dianakkeun
nu asalna
ti Gusti
jeung salawasna teu pisah jeung
Gustina
jeung
sifatna langgeng,
ngan sok kadang kapopohokeun atawa dipopohokeun ku jalma,
nyatana
nu sok ngelingan,
nu sok mapagahan,
nu sok nitah bener
nu sok nyaram salah
nu ngancik di unggal jalma
sakuringna-sakuringna.
Ari eta nu salawasna boga kahayang
jeung sok kadang sakadaek-daek
teu mikirkeun batur nu oge
sok aya di unggal jalma
eta saha?.
Naha eta nu disebut
Syetan teh ?.
Tah dina elmu sunda
sakanyaho kami teu acan manggihan
katerangan soal syetan
saperti nu digambarkeun dina agama samawi.
Nu boga kahayang atawa
napsu teh
nyaeta nu disebut
"ingsun/isun" tea
nu asal tina
kajadian anyar
sanggeus ayana
jirim jeung jisim
nu asalna ti sagaraning hirup.
Jadi ingsun/isun mah
urang dunya
nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya
atawa napsu-napsu dunya.
Kunaon pangna isun boga napsu?
Tangtu bae sabab
kahiji ingsun urang dunya,
kaduana ingsun make wujud lahir (jirim)
nu asal tina acining dunya
(seuneu-cai-angin-bumi)
nu nimbulkeun napsu-napsu, geura pek
ulah napas-
ulah nginum-
ulah dahar-
ulah make haneut,
tangtu moal boga kahayang/euweuh napsu.
Tah dina ajaran nu katampa ku kami
napsu-napsu ieu teh datangna tina 4 unsur ieu,
lain ti syetan nu asal ti saluareun diri urang
(ieu ceuk pamanggih kami
salah sahiji bedana pamahaman ajaran sunda jeung ajaran agama sejen).
Dina hirup urang kabeh
mun dilenyepan bener-bener tangtu bakal manggihan mana ingsun jeung
mana kuring,
sok sanajan susah ngabedakeunana,
sabab kuring jeung ingsun
hiji tapi dua,
dua tapi hiji,
lir dua beulahan "mata uang" logam
mun katingali garudana,
angkana teu katingali oge sabalikna.
Tah kuring nu asal ti Gusti
ieu nu bisa nganyahokeun ka Gustina,
nu bisa nganjang ka pageto,
jeung bisa nganyahokeun
nu geus kajadian baheula.
Ngan memang sok sering diapilainkeun
ku ingsun.
Tah ari nu disebut "abdi",
nyaeta jalma nu boga rasa rumasa
keur ngabdi ka Gustina,
tah lamun geus bisa salawasna
ingsun
bisa ngabdi ka
Gustina
luyu jeung sifat-sifat Katuhanan
eta meunang pangkat "manusa",
sedengkeun "kaula"
nyaeta nu boga rasa rumasa
jeung keur kumawula ka dirina,
kumawula ka luluhurna (indung-bapa),
kumawula ka lemah-caina,
kumawula ka bangsana
jeung kumawula ka Gustina.
Tah ari "kami"
nyaeta ingsun nu keur ngagunakeun
lahir jeung batin.
Kitu sun, pamahaman kami dina perkara ieu, mudah-mudahan bae aya gunana
pikeun nambah wawasan kidulur Sunda.
[25/9 22:30] aji rasha:
Kapungkur abdi sateuacan rimbitan
kantos naroskeun naonanu disebat
mari'rifat ka Gusti teh ?
saurna,
gali olah manfaatkeun
jadi tos dugi teh sanes beres
malah kedahtiasa ngagali ngolah na
sareng ngamanfaatkeun
dina nanaon oge ti
mikro dugi ka makro
Lajengna deui diajar mah
ka mana wae jeung kasaha wae,
ngan alusna mah saenggeus rimbitan saurna,
ngan ari patokan mah anu katampi tentang
kailmuan
diantawisna :
1. Elmu sarea't
nya eta :
Elmu tentang
panyarek sareng panitah
nusok dijantenkeun tata cara paribadatan
sareng diaji di ajaran agama
termasuk dina
adat istiadat dugi
ka hukum
ka tatanagaraan
anu rupi rupi tergantung kana asal usul,
tempat sarengjaman dikaluarkeunana eta sare'at.
Dzikirna
dzikir jahar (tarik)
Manfaatna henteu picarekeun jeung teu titaheun
estu pujieun
da mani soleh
Godaanana
sok haying nitah jeung nyarek bari kirang pas
Upami dina silatmah pangintean ibing penca
Carana
sering maca sareng
ngobrol ka ahlina
2. Elmu tarekat
nyaeta :
Elmu tentang jalan pikiran atanapi ayeunamah
logika panginten, mung dina sekup diri mah
ngalatih otak tina
ngalatih alatna
dugika digawena eta alat,
sareng kanggo nalungtik
naon nu sabenerna,
make dicarek jeung dititah
caang weh eta
nembe kaharti
kedah diteraskeun dugi terang hakekatna
atanapi kaluarna rahmat
dina hate
Manfaatna
tiasa ngiatan kana
panyarek sareng panitah
dzikirna
dzikir khouf (laun)
alamna malakut
Godannana
pedah kenging kakiatan
sok jadi wani teuing jeung ngajago
Upami dina penca mah panginten olahan nafas atanapi nu sok disebat pernapasan
Carana
sering latihan ka ahlina sareng ngobrol
3. Elmu hakekat
nyaeta:
Elmu tentang naon nu sabener na
panyarek jeung panitah teh
sareng terang manfaatna. atanapi
olahan hate
tina mulai alat na gerakna
sareng ngamaknaan nana
kana panyarek jeung panitah
sareng sidik jeung nuturkeun gerakna
eta rahmat ti gusti
dina hate
Manfaatna
tiasa ngajelaskeun sareng mere kasadaran
kanaayana panyarek sareng panitah.
Dzikirna
dzikir sir jeung
alamna alam jabarut
kenging we roh
roh kudus
Godaannana
sok nurutan jiga nu bogana
padahal tos teu usum
atanapi sanes wancina
lantaran apal jeung nyaho
kanaeta panitah jeung panyarek
Upami dina penca mah panginten
gerak otomatis terangkana sagala jurus boh diurang jeung dibatur
Cara na
sering meditasi
sareng munajat
dibingbing kuahlina bari sering dialog paduduaan.
Ma'rifatmah
langsung sareng gustina
dina nyiptakeun sagalasolusi
sesuai dengan kadarna masing-masing tos dialam caang (sunda)
tapi heunteu serab jeung nyerabaan
tosdisebat jalmi tanggel waler
jadi wali pinilih
nya ahli rasa nu sajati
anu tiasa ngamerdekakeun sajati sa dunya.
Mangga nyanggakeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar