[14/12 20:36] aji rasha:
Tah tinu kitu timbulna (ayana) MA-pipitu teh saperti :
Maen –
Maling –
Minum –
Madat –
Madon –
Mangani –
Mateni,
ana geus migawe MA PIPITU,
nyaeta hartina sarua jeung geus poho ka dirina,
geus teu nyaho mana lahir jeung mana batin,
alias geus mabok, ari mabok hartina geus poho kana purwa-daksina,
purwa (asal),
daksina (wekasan)
jauh tina kecap inna Lilaihi (Kaulaning Gusti) –
komo kana kecap Wa (jeung)
Inna Lillahi (Kaula anu pasrah ka Gusti) mah,……….
Teu cara Karuhun !
Geus sabaraha rebu tahun pasrahna ?
Geus ngamulya keun nana bukti,
sakabeh turunannana dijaga-dijaring
beurang jeung peutingna sangkan ulah kurang dahar jeung pakena
sarta sing bisa narima tamu jeung sapuratina, pantes mun kasebut ROJIUN
(tunggal pangawasana),
ku geus prak bisa ngamulyakeun deui
ku kamulyaan nana ka sakabeh makhluk Tuhan sarta teu mandang ka kolot ka budak,
ka awewe ka lalaki
estu teu ngabeda-beda !
Tapi ari ceuk anu mabok mah
pajar Karuhun urang teh teu beda jeung sato ! ……
Tapi sakituna deui keun bae ulah arek dipake hate, da nu kitu mah hampuraeun, ku teu nyahoeun tea, jeung keur resep tuturuti, resepna nurutan batur,
mun henteu katurutan boga rasa henteu pinter,
kajeun modal hurip ti karuhun beak pisan
sigana teu ngitung rugi, dapon maksudna katepi,
katepi ceuk angkeuhannana,
padahal katurutan mah batur teh mohal,
paling untung ukur tepi kana JIGA,
ari jiga tea eta sidik “LAIN” pisan.
Tuluyna: hirupna euweuh pangaji,
siga jalma anu nurut, ngandelkeun wungkul
ti batur,
hirup siga nu numbila budi-dayana karuhun karimbunan kapoekan, tepi ka geus poho deui,
mi karesep kanu anyar, tipu-daya dipibogoh,
mun bisa nipu ka batur boga rasa aing pinter, jeung teu boga rasa dosa.
Tah nu kitu ngarana bangsa titiron (palsu).
Malsu kana kanyahona pribadi,
ku hayang-hayangna jiga teu mikirkeun
keur engke, sumawona inget kanu bakal datang, nya-eta anak incuna nu bakal gumelar pandeurieun manehna,
estu jauh jeung Budi-Daya karuhun;
ka anak incu teh anggur mere jalan
sina NIPU-DAYA,
teu hayangeun anak incu sina bisa ngarasakeun buah budi-daya karuhuna.
Lebah dieu teu beak ari pamenta mah,
mugi-mugi eta anu nurut oge
sing bisa pulih ka jati mulang ka asalna deui sangkan ulah jiga,
sarta ulah ngawiwirang ka Karuhunna.
Ka-budian Ka-jalan ku Karuhun teh? ,
lamun ngaku, tah nu kitu hartina
ngarasa Kabudayan Karuhun teh !
Ulah waka ngagogoreng lamun acan nyaho !
( Ulah muji lamun ngarasa rugi ! ...
Sabab euweuh deui anu wajib dipuji anging
anu Maha Mulya
nu geus ngamulyakeun ka nu sok aya
jeung euweuh sapan-deurieunnana !)
Anu matak lamun arek diajar naon bae,
heulakeun heula nganyahokeun naon-naon
anu geus diajarkeun ku kanyaho diri
(pingpinan indung-bapa,
warisan ti Karuhun urang),
nya-eta:
panjang–pondok –
awewe –lalaki –
kaler–kidul -
gede-leutik
jeung sajaba ti eta anu aya pasangannana,
sabab lamun acan nyaho
kana Kalimah-Kalih mah,
moal boga pamilih,
ana teu boga pamilih kanyahona
sok tuturut munding, atuh acan baleg,
ana acan baleg mah atuh ka drigama moal asup, sumawonna kana agama,
da teu beda jeung bangsa orok beureum;
hirup wungkul kasamaran.
“ Sagala teu jeung dipikir ”
“ Sara teu panggih sarina “
“ Hirup siga ka sesered “
“ Diri taya pangajina “
“ Sosorod bagjana awak “
“ Beuki lila beuki surud “
“ Patina bleg nu kasarad “
HAL PATIKAHAN
Karuhun baheula ari ngucapkeun Al-Fatihah teh pokna sok HAL PATIKAH ,
tapi ari maksudna mah teu beda cara urang ayeuna bae, nya eta
nyebut (muji) asmana Pangeran anu ngagaduhan sipat welas jeung asih,
ari pangna nyebut kitu teh Karuhun mah
“enya” enggeus nyahona teh yen
Pangeran ngagaduhan sipat welas jeung asih, nya-eta bukti ku ayana dunya katut pangeusina
nu salawasna dilahir mah dipikabutuh
ku sakabeh mahluk keur kaperluan dirina,
tah eta kamurahannana. –
ari anu awisna, nya-eta nu
teu beunang di jiga-jiga,
teu beunang di tunjuk ku curuk,
teu beunang dicaritakeun,
bukti ayana teh ku wujudna,
saperti:
Pangawasa,
Pangersa,
Elmu,
Hirup,
Rungu,
Tingali jeung
Ngandika-Na
nu wujud di badanna (kamurahannana) . . . . .
Sanajan ieu katerangan sakieu saeutikna, meureun urang moal arek mungkir deui
yen eta teh wujud:
sarta lamun ku urang diabsen hiji-hijina
dina badan urang bakal ngajawab,
yen enya wujud ayana,
saperti :
NU KAWASA ? . aya !
da lamun euweuh nu kawasa mah
sanajan boga awak sagede munding oge ,
moal bisa nangtung-nangtung acan.
NU KERSA ? . . aya !
da lamun euweuh nu kersa mah
urang teh moal hayang usik-usik acan.
NU UNINGA ? . .aya !
da lamun euweuh nu uninga mah
urang teh moal boga kanyaho !
NU HIRUP ? . . aya !
da lain golek, teu kudu dihirupkeun ku batur !
NU NGARUNGU ? . .aya !
teu kudu make denge batur !
NU NINGALI ? . .aya !
teu kudu make awas batur !
NU NGANDIKA ? . .aya !
teu kudu make ucap batur !
Karana lamun sagala kumaha batur,
kumaha kuring ?
Ieu kabeh netepkeun sadayana puji ka Pangeran dina wujud jeung ayana.
BISMILLAHI
nu awisna eta wujud
ROCHMAN ROCHIM
kamurahannana aya
[ wujud aya, awis-mirah ti Anjeun-Na]
Anu matak aya tikah,
nya asal tina tepung wujud cinta pada cinta
di dunya (dunya aya)
nu di tepungkeun ku nu Maha Mulya,
contona :
Moal K.N. Adam tepung sareng Babu Hawa upama teu lahiran teu batinan,
jeung dibarengan ku
silih pikawelas-silih pikaasihna (sir – pada – sir).
Jaman K.N. Adam sareng Babu Hawa
geus putraan,
nepangkeun putrana nu pameget ka nu istri,
eta kudu kasaksi heula ku ibu ramana,
sarta kudu dididik kumaha jalanna cinta
(lain bogoh bae!)
sarta sing nyaho kanu Kawasa dina dirina,
nu asal ti Nu Maha Mulya.
Perjangjian hareupeun indung – bapa.
Sanggeus Alam dunya loba eusina,
ku ayana gunduk-gundukan (kaum-kaum)
nya kudu nikah di kaum,
sangkan kasaksi ku kaumna,
netepan adat kaumna/bangsana.
Rukuna :
Panganten lalakiPanganten awewe,
tegesna nu di anti-anti (pangantian)
sangkan panganten salamet salawasna,
bisa nyumponan kanu ka :
Ijab kabul,
waktu maranehna tepung mimiti;
waktu hareuppeun kolotna,
sarta geus jarangji arek silih pikanyaah.
Saksi urang Kaumna.
Wali nya kolotna pisan pikeun ngawalian
carana anu Kawasa ka anak dina waktu harita.
Alam dunya ayeuna geus diatur ku Ratu
(wawakil Pangeran di dunya)
sangkan mulus rahayu,
berkat salamet nagara katut pangeusina, Panganten,
babaku panganten lalaki,
kudu jangji ka nagara ku neken dina surat kawin, nu maksudna supaya salamet
ka nu disalametkeun katut nyalametkeunnana.
Tah sakitu bae HAL PATIKAH mah.
BISMILLAHI :
sadaya puji kangge Pangeran,
kabeh geus wujud ayana
nyata ka-awisannana.
RACHMAN-RACHIM :
ieu dunya katut paneusina,
kabeh anu diayakeun,
nyata Kamurahannana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar