Rabu, 15 Desember 2021

Ari saksina nya-eta :

Ari saksina 
nya-eta : 
H a y a n -- nu hirup -- teu paeh
S a m i a n -- nu ngarungu -- teu torek
B a s i r a n -- nu ningali -- teu lolong
M u t a k a l i m a n -- nu ngandika -- teu pireu !

cindekna mah 
nya-eta pangna dipasihan parabot  ku Pangeran anu sakitu cukupna teh, teu percumah, 
tapi ku urang kudu dipake migawe kamistian 
guna kasalametan saumum na di dunya  -- Drigama -- 
migawe Agama nu geus ditetepkeun 
dina Rukun Islam 
jeung pikeun neangan jalan-jalanna 
sangkan percaya kana sakabeh kapercayaan 
nu diwajibkeun 
sarta nu geus ditetepkeun 
dina Rukun Iman. --

Ku katerangan anu di luhur 
sangkan teu poho , 
ieu diterangkeun deui di handap :

Mun neangan "wujud" 
nu hiji sifat ti bagian Nafsiah, 

urang make jalan katerangan "eling-eling" , 
bagian Ma'ani : 
1. Kudrat, 
2. Iradat, 
3. Ilmu, 
4. Hayat, 
5. Sama, 
6. Basar, 
7. Kalam.

Ari pikeun neangan "sifat" : 
1.Kidam, 
2.Bako, 
3.Muhalafatulilhawadisi, 
4.Kiamuhutalabinafsihi jeung 
5.Wahdaniat 

nu dina bagian "Salbiah" 
urang make katerangan 7 "eling-eling" 
bagian "Ma'nawiah" : 
1. Kodiran, 
2. Muridan, 
3. Aliman, 
4. Hayan, 
5. Samian, 
6. Basiran, 
7. Mutakaliman. 

Jadi silokana : 
"1 nu diteangan" , 
"5 "pituduh", 
"7 neangan", jeung 
"7 anu neangan" -- 

aya deui siloka buhun, 
mun henteu salah kieu : 
"indit ti aling-aling bumi nu 7, 
"liwat kana 7 aling-aling langit , 

pituduh ti Rasululah 
nu terang bag-bagannana 
kana jalan ka Pangeran 
Palebah dieu salah-benerna 
kumaha nu terang. 

Jadi tina katerangan sifat anu 20 , 
sidik enya-na ceuk nu ngarasakeun 
sarta nerangkeun 
yen Pangeran teh langkung Agung, Murba, 
sarta teu aya babandingan 
geusan mapandekeunnana, 
jadi bibitna sakabeh asal jeung usul, 
dunya jeung suwungna katut hawa-hawa 
jeung kajadian-nana kabeh 
nu disebut Rahmatulah 
nya bibitna sakabeh Kudrat 
nu tumrap di mahlukna.

Atuh lamun geus terang ka nu disebut di luhur, cing atuh geugeuy :

1.Ulah rek nyembah kana Alam = Natuur
2.Ulah rek nyembah kana Suwung = Batin
3.Ulah rek nyembah kana Cahaya = Kanyaho
4.Ulah rek nyembah kana Nu aya di Suwung,             Hawana Alam = Robani
5.Ulah rek nyembah kana Wujud nu Anyar =               Duniawi
6.Ulah rek nyembah kana napas -- eta mah.               nyawana hurip nu jalan ku getih = Rohaniah
7.Ulah rek nyembah kana Elingan, 
   da eta mah aya tandingna = poho.

Cindekna mah ulah Mangeran kanu lain-lain !

Jeungna sanggeus urang nyaho, 
atuh kudu bisa: 
tekadna, lampahna jeung ucapna 
sacara make per-adatan 
nu Iman kana kapercayaan. 

Da moal kalis ku geus nyaho wungkul 
kana asal jeung usul , 
tapi reujeung kudu ngadegkeun 
kamanusaannana (Haelafina) 
sangkan bisa sah-adatna heula , 
ceuk cohagna mah kieu silokana : 
"Adegkeun heula tihang nu 4 , 
pikeun adegan manusa (Baet ka-Insannan) sangkan bisa ngarasa 
Rasa Sampurna pasihan ti Rasul tea" , 
nya-eta :
1.Wani kana kabeneran
2.Sabar tawekal, bari migawe !
3.Welas asih ka sasama, kajeun ka sato !
4.Tetep dina migawe kabeneran.

Rukun Iman ka 4 
urang kudu Percaya ka Malaikat Allah, 
nya-eta perluna pikeun saksi 
kana ngaenyakeun Ka-Tuhanan 
jeung nyaksi kana sagala tekad, ucap 
jeung langkah mahlukna, 

ibaratkeun kanu 4 sipat :

1.Hajat --- Nu boga akal pikiran
2.Sama --- Nu suhud
3.Basar --- Nu waspada
4.Kalam --- Nu boga tekad sa-enya-na.

Karena lamun urang nyieun pagawean salah, najan ucap urang susumpahan mungkir oge, 
tapi dina batin mah ngaku, 
enya kitu?

Tah pikeun eta kanyaho urang anu 4 perkara teh moal daekeun milu bohong, 
jadi enya salawasna urang moal bisa nyumputkeun kasalahan di payuneun Pangeran, 

karena salawasna urang make Pangawasa 
jeung Pangeran Anjeuna bae, 
nu matak sanggeusna nyaho 
urang anu kudu Percaya ka Malaekat teh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar