JARAH :
NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG
NYUSUD TAPAK SORANGAN 2
II. Jarah ka sorangan
nyusud tapak sorangan
Kabiasaan jarah ka sorangan oge
geus jadi kabiasaan
malah kabutuh sabagian urang sunda.
Dina ieu guaran urang dadarkeun saparengna sugan ngudag ucapan kampung
yen ulikan teh kudu minuhan tritangtu
“kahartos” (uteuk),
“karaos” (rasa) tur
“buktos” (bukti /kanyataan).
Ari jarah ka sorangan,
sorangan nu dijarahan
nu dideuheusan,
ngadeheusan ka sorangan. …
Eta ge
loba warnana
loba loba makamna,
aya gunungna,
aya lengkobna
aya batuna
aya caina,
tiap tempat boga ‘koordinatna’
boga peletna masing masing
boga rajah masing masing
‘menyan’ na ge beda beda.
5
Jarah ka alam papasangan
di tangtung…
alam midua
Lamun ….
hayang jarah ka kurung
pake alam (rasa) kakuringan -
tetep kuring mun masih boga/
ngarasa boga kurung.
Ngalemesan na make jisim
da itu ngajirim…
pan sok sering kapanggih
nu nyarita ge…
ngabasakeun kuring
ditambahan jisim
jadi
“sim kuring mah….”;
Hayang jarah
ka alam sasama batur batur
di makamna tangtung
pake ka kamian,
euweuh luhur handapan.
Hayang jarah deuheus
ka makam Gusti/Pangeran
prak pake kaabdian,
Hayang jarah ka loba loba makam
saluhureun
kayaning
makam wali
nabi
karamat
di sorangan,
prak pake ka kaulaan (dina rasa)
nu boga sembah boga puji…
pan
pangbuka kitab dunya
ge
alhamdulillah.
Hayang jarah ka pribadi
pake ka ingsunan.
Kabeh ge aing keneh aing keneh
ngan
beda beda makamna
nya asma sifat af’alna
ge
beda beda.
Luhur handapan
kumaha nu rek dideheusan
dijarahan.
Urang balikkeun…
Hayang deuheus abdi
kudu
jadi gusti
nyatana
moal aya nu daek
‘ngabdi’
ka urang
mun urang
teu boga
sifat kagustian,
hayang deuheus kurung
kudu jadi kuring,
hayang deuheus dia
kudu jadi kami,
hayang deuheus kaula
kudu jadi puji,
hayang deuheus hurip
kudu jadi ingsun,
hayang deuheus sia
kudu ku aing.
Eta kabeh
jampe alam midua…
bakal manggihan
rame rame makam batur
di tangtung.
6
Wah maenya kudu kitu?
Iih…tingali…
sapopoe ge moal aya
nu daek ngabdi
(nu nurut/bawahan/sahandapeun)
mun urang
teu boga sifat gusti
(asmaul husna)
kayaning
nyaah,
kawasa,
ilmu, jrrd
sakabutuh abdina.
Sabalikna,
moal bijil kagustian
mun euweuh abdina,
ayat qur’an ge
moal medal
lamun
euweuh nu butuh abdi
nu jadi sababna.
Matak lamun
hayang meunang kagustian ti batur dagangkeun/deuheuskeun ka abdian..
pasti
meunang
kagustianana batur.
Loba nu ngaku basa basi abdi mah dhaif gudangna kakirangan
ari nyarita wawanianan nganepikeun
pamanggih elmu
nujadi lawang
kagustian;….
loba nu matangankeun
ka fanaan…
pohoeun yen itu mah
baqa…
tah buktina alam midua…
nu cilaka teh
nu templang sabeulah.
Abdi jeung abdi mah
parebut leungit kaabdianana
da ngabasakeunna
mun teu uing (kuring)
nya dewek…
gusti jeung gusti
mawa karep sorangan
temahna
sok tara akur
leungit kagustianana
paribasa ‘teh
kami mah deuleu’..jst.
Matakna sing bisa
sakapeung jadi gusti
sakapeung jadi abdi
meh layeut jeung pada batur…
kitu oge
alam-alam tangtung
nu lain
nu masih keneh midua…
panjang teuing conto mun didongengkeun kabeh.
Matak dilembur mah
diajar tatakrama
kahalusan budi teh
lain pikeun jadi ‘teu Pede’
atawa ‘feodalisme’
atawa ciri jalma marginal
urut kajajah deungeun
tapi
diajar mernahkeun rasa sorangan
nyanghareupan rupa rupa warna rasa batur
supaya layeut jeung jadi untung
keur manehna mirasa pada mirasa.
Ari di alam rasa….
Lamun
rasa geus awas
kana, misalna,
kanyataan puji dikakaulaan.
Bray awas ka saluhureun kayaning karamat
para wali nabi jeung nu sanesna.
Sabab
mukana ku puji lain muji…
awas ulah kawas aki-aki zikir
muji gustina bari ngelay bakating tunduh….
pan kongas kanu sok muji mah
kudu diawuran lebu
saur Sang khataman Nabiyyin oge.
Tapi
lamun
jadi puji
tah eta
pangbuka kitab jagat al majid rajahna ku alfatihah.
Lamun
rasa geus awas
ka kagustian ..
sok jul jol…
nu daratang
kayaning bangsa lelembut
nu hayang ngaub…
omat
ulah ngageser.
Nyoba-nyoba ngandelkeun lelembut
nu ngabdi sabab
engke turun deui
leungit kagustianana
pan gusti mah
tara ngandelkeun abdi
tapi
ngayuga abdi.
Sabalikna lamun
rasa can merenah
rus ras keneh
ngagedekeun rarasaan
nyoba nyoba nganjang kalelembutan
ahirna sok ngagerebeg….
loba kadatangan batur
nu gelo lantaran dzikir.
Dzikirna....
Allah…Allahan...
rasana teu nepi..
jadina
alah alahan
ditambahan ku ‘aduh alah’…
sabab sukuna singsireumeun kadempet….
sirah bencenur lantaran tidagor
waktu ngalenggut…
7
Ngan…ngan…ngan…
Lamun
hayang jarah
deuheus ka makam Allah,
bisana ngan ku ka Allahan ….
nyaeta
mun geus
teu maneh maneh acan.
Pan kongas ceuk beja aya dongeng kieu
timana nguningakeun Allah ya Ali?
“nya ti Allah”.
Kumaha cara terang ka Allah ya Abu bakar?…
”nya ku Allah”.
Euleuh euleuh kumaha
awaluddinni marifatullahna euy???
Nu nyaho ka Allah ngan Allah..
salian ti Allah mah
pamohalan nyaho Allah.
Kade ulah salah terapna,
moal kasusud lamun
beda alamna.
Atuh abdi moal tiasa jarah
deueheus ka makam Allah…
moal,
panggih ge
ngan jeung gusti/pangeran/ilah;
Atuh kuring moal panggih jeung makam Allah…
moal
da eta kurung maneh ngabengbreng;
Atuh kami moal panggih jeung Allah…
moal
da eta dia mah…
nyasama bae;
Atuh kaula moal jadi Allah…
moal
ngan beunghar
ku sembah nu jadi puji;
Atuh ingsun moal jadi Allah…
moal
ngan boga rasa rumasa
di usik malikeun ku Allah;
Atuh aing moal jadi Allah…
moal
ngan nu aya
kari sia jeung aing…
alamna muqorrobin.
Cik
Allah kumaha enyana
lamun lain ku Allahna ?
Enya enyana mah…
lamun maneh
geus teu maneh maneh acan.
Sirna leungit nu ngarasana
nya kari rasa
rasa jati rasaning sampurna...
asal narima jadi tarima
asal ningali jadi tingali
(teu make mata)
asal ngadenge jadi kadenge
(teu usaha heula)
asal nyarita jadi terusing rasa….
pantangana NGAKU
jampena JADI.
Matak
dina jarah ka imah Allah
di bakkah…
loba disindiran….
kayaning maehan nafsu setan (sorangan)
di aqabah…
marake pakean ihram bodas beresih
jeung geus euweuh bedana jeung batur (ego/identitas euweuh)
nu aya
tinggal thawafna
ari nu dikurilingan
imah hideung…
karasulanna milatul ibrahim…
kabukana ku
kamuhammadan…
Eta kabeh
jampe alam yakin…
jarah deuheus ka yakin…
ngudag iman tanpa itikad,
marifat tanpa ningali,
tauhid tanpa tunggal…
islamna tanpa wangenan.
8
Tah…
kusabab kitu….
sabab loba pasir
loba lengkob
loba batu
loba caina…
beda beda madepna..
beda beda alamna.
Nya loba loba bujangga
mere papagon.
Rupa rupa nu pondok
nu panjang
nu nguriling
kumaha alamna
kumaha basana
kumaha lemburna.
Bacaeun memeh nyaba,
akur keuneun
mun lumampah…
supaya nu disalindiran
nyaliksik telik
ngarucat natrat.
Ngan nu penting mah
prak jarahna
lain
maca na.
Rupa rupa teorina,
rupa rupa rarambuna,
nyirian di tiap pamangkatan jarah
deuheus ka sorangan
ngundakkeun sorangan
ku cara
nyusud ka sorangan,
rupa rupa tatana
kawas
tiap kubur
beda kuncenna
beda nu dibawana
sanajan
maksudna mah sarua wae
hayang hasil
samaksudna samaksudna
saalamna saalamna…:
Nurutan tata
urang lembur jati
aya darigama,
tuhugama,
satmata
nepikeun
ka nirawerah,..;
Nurutan
martabat tujuh
der dina tangtung teh manggihan….
aya ahadiat,
aya wahdat,
wahidiat,
mitsal…
nepi
ka kamil,
Aya nu ditambahan
mukamil;
Nurutan nu ngawincik nafsu
der dina tangtung mangggihan ..
aya
nafsu amarah
lawwamah,
salwiyah,
mutmainnah….
nepikeun ka rodiah..
mardiyah,
aya nu oge ditambah
kamilah;
Nurutan nu
panta agama
der
bijil tingkatan tangtung…
aya islam
ayaa iman
aya sholeh,
aya ikhsan
aya sahadah
aya sidikiyyah
aya qurbah;
Nurutan Sang Patanjala…
aya cikajayaan,
aya cikahuripan,
aya ciasihan,
aya cikawedukan,
aya cimenceger (mandiri-qiyamuhu binafsihi),
aya ciderma,
panungtungan ci paingan
kabeh boga aweuhan;
Nurutan nu ngulik pibatin…aya
roh hewani
roh nabati…
roh idhofli
ruhul qudus
ruhulamin
nepikeun ka
rohkhullahna;
Nurutan urang tarekat
der…
aya hambalan
sareat
tarekat
hakekat
ma’rifat,
dikepetan
ku sifat 20;
Nurutan tukang dzikir…
der
rupa rupa timimiti
dzkir dhahhir,
dhikir nafas…
nepikeun ka
dzikir latif
sasat metakeun latifah;
Aya nu nataan
di kawalian wali
der
para baga wali ..
nepikeun ka wali qutb;
der...
nu nyindiranku kitab..
aya karim
aya qadim
aya majid
aya hakim…..;
Aya aji galunggung
metakeun karatuan galuh
dikepetan kasumedangan
jadina
kasiliwangian
bekel meunang watugunung;…;
Aya nu ku diajar nyaksi
der
aya sahadat bogor
sahadat banten
sahadat cirebon
sahadat galuh
sahadat sunda
tungtungna
sahadat sakawayana…
.Jeung loba loba deui …
loba loba deui…
kayaning
kawisnuan
kasiwaan
kabeh aya di sunda…
rupa rupa puasana
meulina ngalarapkeunana...
ngan
nu kudu kapanggih mah
nya
SUNDA JATI na ….
tiap Guru
tiap Ajar
gaduh karesep nyalira nyalira
dina metakeun tapakna…
luhur handap kumaha kawacisanana….
papinter pinter ngadadarkeunana…
ameh ngalarti nu disindiran
tarapti nyieun dadasar.
9
Enya…
aya anu,
aya anu,
ditangtung teh
diwincik nepi
ka jati
lamun daek ngajarahanana da enya.
Kanyataan nu dipasieup
ku kabinangkitan bujangga terusing rasa.
Resep loba dongengna tinggal tigin
dina keur sasaliksikannana
rurucatanana tangtung…
lebah mana
lebah mana
lebah mendi
lebah mendi.
Lamun panggih
jeung sasama
nu keur sasaliksikan
gampang ngujina
mimiti..tengetan
caritaana..
rengkakna…
polahna..
caharana nu nyaritakeun
nu karasa nyata mah
beda jeung nu nyarita saukur nu nyaritakeun euceuk
atawa
rarasaan manehna sorangan.
Mun kudu bae
metakeun/
nyaritakeun/
nunjukkeun
tara rea omong …
der
numpakan rasa…
beuki henang
beuki hening
beuki henung..
tah nu handap keneh..
moal bisa ngilu hiber/teuleum…
nu can sampurna
tara wani
sabab
sieun paeh kasampurnakeun ….
da nukaritu mah
nyahona
nu sampurna teh
engke geus paeh..
aherat teh
engke geus paeh…..
jadi karek kabeh kahontal engke mun paeh….
nya paeh weh atuh?
Katambiasna
johar awal
baheula
keur euweuh keneh
awang awang uwung uwung…
ari manehna ayeuna,
ahadiyat teh alam hiji…
anu misah ti dua
nu manehna ayeuna ..jrrd
nurut nurut tahayul
rekaan hatena sorangan
nu karasana asa jiga…
Kongas
carita Wisnu
jeung Brahma
hayang silih ukur
saha nu leuwih tepi/
luhur elmuna..
teu rea omong
cukup ‘yu langsung we
urang hiber nepi kamana tepina.
Yu urang nubrus bumi tepi kamana tepina’.
Brahma hiber manggihan merak tapi jadi naga,
Wisnu nubrus manggihan pertiwi jadi bagong…
ari Sayidina Mursalin
malah nyamuni di guha hira na…
wah panjang teuing dodongeng…
kacape cape
malibir.
11
Wah …
kumaha enyana...
jaba pamanggih batur
nu loba-loba,
mana nu benerna,
kudu nurut kamana?
Aing keur aya dimana?.
loba nu huleng jentul
mikiran teu undak undak
da eta hijabna,
loba nu teu manggih manggih
da resep neangan…
pan panggihna ge
lamun teu panggih.
Barieukeun panyakit tina rea kanyaho uteuk…
rupa rupa ceuk anu/
ceuk cenah/
buku/
qur’an/
ceuk guru
bari saukur dikira kira;
Geura pek
keur di alam tuhugama…
dibejaan carita alam satmata…
puguh teu kasusud
teu kaalaman…
jadina ngira ngira
euh meureun satmata teh kitu…kitu…
Ari kira kira
tara ninggang di enya.
Aya ci derma
aya cikahuripan
nepi ka cipaingan ….
rek kumaha patanjalana
unggal poe ngan ciledeng (PAM).
Ahirna euh meureun
ci paingan teh kitu…
ari kira kira
tara ninggang di enya
pas mandi
teh saukur kabulusan.
Aya ahadiyat…
alam awang awang uwung uwung
can kasebut naon naon,
suwung tapi eusi…
johar mimiti…
aing di mitsal keneh
tukang ngalamun…,
oh
ahadiyat teh meureun
kitu..
kitu…
da ceuk itu kitu jadi we sigana kitu,
anggeus ku kira kira…
rek kumaha
kamil na?...
komo mukamil…
teu nyaho ngarujak ngarujakna acan.
Aya qurbah
teh kitu cirina….
iman
ge teu panta panta acan….
euh meureun qurbah teh disisi Allah da raket…
euh meureun uing teh
Allah da tohid...
beu!...
gelo!...
Pantesan nu ngira ngira ngeunaan Allah
disebutna ge baturna setan (srt. Sapi bikang).
Nu Mulya Kean Santang
teu tiasa nyabut iteuk alif
pancerna hirup
dugi ka boborot getih..
enya lamun alifna euweuh
moal aya deui nu hirup…
alif nu sakabeh hurip
bijil tidinya…
euh maenya ongkoh gagah sakti
teu bisa ngangkat iteuk…
sabaraha beuratna?
der dikira-kira...
Panggih jeung baturna (nu tukang ngira-ngira) matak parasea …
tukang ngira ngira panggih
jeung tukang ngira ngira…
kabeneran beda guruna
beda nu dibacana
beda makam
nu geus dijarahanana…
jadina pasegag segag..
ceuk itu kitu
ceuk ieu kieu…
tulangna…
karek ceuk cenah/ceuk buku/guru/qur’an/tahayul rekaan atina/berhala nafsuna…
seubeuh mah acan, bari moal,
piraku dahar tulang lalamunan ….
bari ongkoh diparebutkeun.
12
Tina eta
sakabeh nu didadarkeun ngeunaan
cara
deuheus
ka sorangan
nu loba loba…
Jampena
lamun hayang nganyahokeun
kalawan yakin pangjarahan sorangan
katut makam makamna
nu diaing nu dibatur
katut rupa rupa ajaran
teori rarambuna
dina nyusud sorangan
kudu bisa tepikeun ka qiamat heula …
Pan kongas dina at-taqwir..
disebutkeun
karek kabeh nganyahokeun kana naon naon -
kayaning bener henteuna jrrd-
nu geus dipigawena
lamun geus kiamat heula….
aliman nafsun ma ahdaraat…
pan kongas
sumpahna ge
fa laa uqsimu bilkhunnas…
al jawaril kunnas
walalili idza as as wa subhi idza tanaffas.
Lamun can kiamat heula
saur Allah dina At-takwir
moal haqqul yakin nyahona…
dina At-takatsur
moal ainul yakin ka kubur batur
kubur sorangan
mun teu dikubur heula …
nu can kiamat
moal bisa nyaritakeun
ilmal yakinna…
cik
ari yaomil qiyamahna tangtung teh
nu kumaha nyatana???
Ceuk nu sahinasna mah
“nu encan mah euy…
ngira-ngira wungkul ceuk cenah mungkul…
kayakinan nu naruhkeun ka susuganan…’
gambling’ da can kaasaan bener henteuna…
nyarita we soal aherat ngalaman sorangan acan”
…Matak ge sing tariasa nedunan ucapan kampung paeh samemeh paeh…
kuburan jadi [gambaran]
(h)asta
[leungeun]na…
qiamat sapapanjangna.
13
BABANDINGAN
Jarah ka batur
jeung jarah ka sorangan
dua metoda
nu lamun dua-duana dipigawe alus temen.
Jarah ka batur
bari
ngajarahan sorangan, deuheus ka batur eunteung sabab
deuheus ka sorangan,
jarah ka rasulullah
sabab
deuheus ka rasul
rasana pribadi.
Jarah ka nabi
(tukang nganepikeun beja ti Allah)
menta berkah
diantarana
keur ‘biwir mata irung ceuli’ na sorangan
nu dipake nganepiken beja
ti rasana pribadi.
Nadran ka luluhur
nu jadi asal urang
(indung bapa) tiap lebaran…
sabab
urang geus lulus puasa
balik ka fitrah
asal sorangan…
ngadu asal jeung asal wiwitan jeung wiwitan…deuheus ka asal urang
nu
geus sirna
(indung bapa)
bari geus sirna
di asal sorangan…
wekasanana lebaran...
lubar sagalana.
Euweuh deui kalebar..
matak beunghar ku maaf/ampunan.
Jarah ka kubur batur
ngadoa’keun
nelekinkeun pangeusina
da mampu ngubur
tapak sorangan,
pan beuteung urang ge
kuburan rupa rupa roh
(nu dihakan).
Ulah tepi kakubur
ku roh sato/tutuwuhan
nu dihakan dibeuteung…
tapi
kudu ngubur eta kabeh
nu geus bakti ibadah
kasorangan.
Kongas loba pajaratan
(tina pajarahan)
kawas di Bandung nu gede teh sirna raga…
nyatana mah
urang ge pajaratan…
tempat dareuheusna roh
nu dikubur dina beuteung pribadi
ragana sirna
rohna dipendem di beuteung nyaliara
dina jiwa sorangan…
kade
sing bisa nelekinkeunana
bisi ti pajaratan urang rea ririwana.
Rarasaan jelema
padahal jurig mungkul eusina.
Jarah ka makam wali…
ngakurkeun
kawalian pribadi.
Jarahka imah Allah
jauh jauh di puser bumi…
supaya
mabrur jadi haji disorangan
haji di pakuan sorangan…
dibawa kababawa kamana mendi…
piraku rek cicing terus di mekah…
hasilna jadi sakti
bisa ka mekah unggal usik
da ka’bah na qalbu mu’minin…
baetullah di sorangan
nu sorangan marengan bari kababawa
teu kudu terus mayar ONH
tinggal numpi di kasunyaanana raga (sunya ragi)
di guha hirana sorangan.
Jarah ka (h)Astana batur
sabab
urang boga leungeun (hasta)
nu mampuh gawe nyieun amal…
kongas tilas nu mulya Wastukancana di Kawali jadi astana gede meureun tina ageung amal (h)astana..
sumurna si jalatunda…
tapakna ge seueur didamel dina batu
nu teuas tur awet…
ari (h)asta urang
nepi ka mana amalna
nepi kamana deuheusna?
Kawas ngado’a
dicontokeun bari ngangkat
dua dampal leungeun…
Ngado’a menta..menta…
hayang dibere
ku nu Maha Gaib
ngecewis amin…amin…
poho ka leungeun sorangan
nu nyata pasihan
Rabbul alamin
nu biasa ngadatangkeun nu dipenta…
henteu dipake gawe kalah dipelong bae.
Rek kumaha nanjeurna???
Tidak ada komentar:
Posting Komentar