Udagan sakabeh kitab
nu nyungsi ka Agamaan
teu aya deui ngan ka hiji kalimah
Ta'udz
(nekadkeun rek nyalindung
ka Wujud nu Maha Suci,
ngajauhan lakuning setan),
karana ku anggapan mahluk saumumna
lamun bisa ngajalankeun ku praktijk
sacara anu dicaritakeun di luhur teh
matak mawa kana kasalametan
ti dunya nepi ka akherat.
Mangga susul sadaya kitab
teangan huruping asal
nu sok dianggo patokan adegan elmu,
atawa ku anu ngaji Haq mah
disurupkeun ka gumulungna sifat 20 ,
nya-eta huruh ALIF (1).
Tah jadi nyatana
kalimah Ta'udz teh
aya dina sajroning ALIF.
Alif dianggo patekadan urang
kudu lempeng Tauhidna ka Allah ta'ala,
mangke panggih jeung pantona kalimah Ta'udz, lamun bisa mukana
kakara urang ngancik
dina Sipatna tujuan agama.
Mun urang hayang kapanjingan mujizat,
ieu kalimah Ta'udz teh kudu dibeuli,
dibeulina lain ku duit, lain ku tirakat,
lain ku mindeng dibaca,
tegesna lain ku katheorian,
tapi kudu ku lampah nu nyumponan
kana perjangjian nu geus diucapkeun
ku biwir nu ngucapkeunnana,
tegesna laku lampah urang
salawasna kudu ngajauhan hawa nafsu setan.
Kayakinan ieu kalimah
ceuk nu bohong tangtu bohong,
jeung ceuk nu enya tangtu enya,
sabab ceuk sabagian jalma,
aya nu nyebut yen dunya teh bohong (panipuan).
Nya buktina loba nu sok ngucapkeun eta kalimah, maksudna dipake nyinglarkeun jurig,
tapi jurig teu daekeun indit,
tegesna jurig - jurig, kalimah - kalimah.
kayakinan nana jelema nu ngagugulung
sarta ngabohongkeun ka dunya.
Naon sababna?
Ari sababna nya-eta kulantaran ku salah paham, marukannana mun urang ngucapkeun Ta'udz teh tuluy ku Gusti Allah setan-setan nu deukeut
ka urang teh dijauhkeun,
teu boga rasa
yen manehna sorangan (anu ngucapkeun)
kudu boga tekad ngajauhan hawa nafsu setan.
Ari saenya-enyana mah
dunya teh teu bohong (wereld is natuur),
anu bohong mah anging nu ngucap,
buktina sok sulaya tina nu diucapkeun,
geuning loba pisan anu Ta'udz bari maen,
Ta'udz bari lacur, Ta'udz bari gelut, jeung sajaba
ti eta,
jadi ana kitu sarua bae jeung urang dikir
bari ngigel, babacan bari nyekel kartu,
jadi bohongna teh meureun bae
da sulaya tekad jeung ucap pa'aing-aingan,
geura lamun prak mah ucap jeung lampah teh ngagulung sa'aleutan nyungsi ka arah ka Allah an tangtu urang bakal percaya
yen kaayaan dunya teh bener,
sarta urang yakin yen Pangeran
baris masihan mujizat
anu bakal hargana leuwih ti batan
pangajina dunya brana,
anu matak lamun ku urang geus kaharti
moal mang-mang deui nyebut ka Gusti Allah teh anu ngagaduhan sipat welas jeung asih ,
sabab bukti ti baheula nepi ayeuna
saha-saha anu ngajalankeun hade
bakal dibalesna ku kahadean,
jeung anu ngajalankeun goreng
bakal dibalesna ku kagoreng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar