KURING DI DUNYA NGUMBARA
Pangumbaraan nana
nyaeta ieu Dunya gede (Kabir).
Sanggeusna Kuring aya di pangumbaraan lila-lila Kuring boga kanyaho serta nyaksi kaayaannana sabagian tina ieu dunya gede,
ari parabot kuring pikeun nganyahokeunnana
nya make diri (badan anu kumplit sarta sehat), saperti :
Panon keur kuring nenjo dunya
Ceuli keur kuring ngadenge dunya
Sungut keur kuring ngomong dunya
Irung keur kuring ngambeu dunya
Leungeun keur kuring barang cokot dunya
Suku keur kuring leumpang di dunya
Jeung sajaba ti eta estu pepek
kersaning Nu Maha Agung mi-asihna ka kuring, maparin bekel keur waktu kuring ngumbara
di dunya gede (Kun paya kun).
Ngan bae sanggeus kuring boga kanyaho sarta nyaksi kaayaan dunyajeung adat istiadatna, kuring wajib ngaraksa diri nu jadi gids (bekel kuring = pamajikan sapanjang ngumbara di dunya)
Nyaho kana aturan Drigama sangkan salamet diri
Tetep dina agama kuring sangkan kangaranan Innalillahi (pasrah ka Gusti kuring) Wa (jeung) Inna iIllahi rojiun (tunggal jeung Gusti)
Drigama mah keur umum ari agama keur Para Hyangan (anu teu umum)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar