KAJADIAN MANUSA
Sabagéan élmu anu ngajugjug
kana ka-Pangéranan nyaéta
bab Kajadian Manusa
anu mimitana ngawujudkeun bibit.
Bibit ieu bakal dijadikeun manusa
nyaéta Roh-na.
Roh ieu dicampur jeung roh jasmani
kawuwuh KudratnaGusti Allah swt.
Tuluy nétés kana ‘bumi suci’.
Nyatana nganjrek dina rahim indung
salila salapan bulan
kalayan runtuyan kieu:
1.Bulan kahiji: kakara ngagepéng.
2.Bulan kadua: disebutna MOJUD
3.Bulan katilu: aya RUPA – di dieu mimiti. diterapkeun KULIT
4.Bulan kaopat: WUJUD, di dieu mimiti. diterapkeunana UTEUK,
nu matak sok mimiti kekerejetan.
5.Bulan kalima: NGADEG, diterapkeunana URAT, numatak sok bisa cicing anteng.
6.Bulan kagenep: Jadi tulang, numatak di jero. beuteung bisa naék.
7.Bulan katujuh: jadina RUPA, RAMBUT, GETIH, DAGING.
8.Bulan kadalapan: Kajadianana “dulur anu opat, kalima Pancer,”
9.Bulan kasalapan: kajadian Jabang Bayi. sagemblengna.
Ari nu disebut “dulur opat kalima pancer” diwangun ku:
1. Bali; nu jadi poko kacangcayaan tur karunyaan. ka sasama mahluk.
2. Pamungkus; nu jadi poko tanaga
atawa.kakuatan.
3. ARI-ARI; Nu jadi poko kana jalan kahadéan.
4. GETIH. Alamat sambung-rasa ka malaikat Ijroil.
Jasmani ieu diriksa ku opat malaikat,
dawuhan Allah:
Keur satiap manusa
aya (malaikat) anu ngajagana
kalayan parentah ti Allah swt.
(Q.S. ArRad: 11)
1. Malaikat Jibrill ngariksa KULIT;
2. Malaikat Minkail ngariksa TULANG;
3. Malaikat Isropil ngariksa URAT;
4. Malaikat IJROIL ngariksa DAGING.
Akhirna sabada gembleng jadi teguh sarta kuat tina Kudratna Allah swt,
sanggeus salapan bulan, wujud jadiBayi.
Di dieu jabang bayi geus dibéré
BUDI, AKAL, RASA, jeung HIRUP.
Ari nu aya di jero dada manusa nyaéta ATI.
Di jero ATI ya Budi,
di jero Budi aya ANGEN-ANGEN,
di jero ANGEN-ANGEN aya SUKMA,
di jero Sukma aya RASA,
di jero rasa aya DZAT.
Sanggeus kitu kabuka Kudratna Pangéran;
terus gelar tina jero beuteung indung:
bray caang, gero ceurik!
Étageus beunang disebut:
HIRUP DINA JAMAN UJIAN.
KASAMPURNAAN PARIPOLAH MANUSA.
Kasampurnaan paripolah manusa
aya lima perkara:
1. Sampurna NIAT;
Henteu rumasa atawa umaku ngabogaan. kahayang. Cita-citana ngan pasrah kana. kersaNa ka NU NGAYAKEUN.
Tapi kudu jeung pangaturan anu jéntré;
2. Sampurna TAKBIR;
Hartina henteu ngabogaan kanyaho
atawa paninggal, kajaba ti paninggalna
Allah.swt.
Tur anu ninggal ka mahluk téh rasana mah. tetep paninggal ka NU NGAGELARKEUN.
3. Sampurna SYAHADAT;
Hartina rumasa henteu ngabogaan puji
atawa kadaék.
Tujuanana mungguh sakabéh mahluk
ngan ku sih pitilungna Allah swt.
4. Sampurna SAKARAT/MAOT;
Hartina henteu aya patina; terus salamet
tina sajatining hirup.
5. Sampurna HIRUP.
Tegesna teu aya;
hirupna ngan Dzatna Allah swt.
Nu matak kaayaan manusa nganyahokeun. kana kaayaan nu sampurna,
supaya mahluk balik deui ka alam
séwang-séwangan.
Upama geus bisa hanjat kana alamna
séwang-séwangan, nyaéta
geus jadi hiji wujud,
tuluy nyawa téh balik kajero “tawajul Tarki”, sakumaha anu kasebut di handap ieu:
CAHAYA balik deui ka Alam Insan Kamil:
nyaéta alam nalika Allah swt
ngajadikeun Nabi Adam.
BUDI balik deui ka alam Ajsam:
nyaéta ngahijina JOHAR jeung JISIM.
RASA balik deui ka Alam Misyal.
PANGUCAP balik deui ka Alam Arwah.
WARNA balik deui ka Alam Wahidiyah.
PANGANGSEU balik deui ka Alam Wahdah.
ANGEN-ANGEN balik deui ka Alam Ahadiyah.
HIRUP balik deui ka Alam Insan Kamil.
Ahirna kabéh baralik deui
kana Kudratna Allah swt,
inna lillahi wa ina ilaihi roji’uun!
KASAMPURNAAN NALIKA DI JERO RAHIM
Kasampurnaan nalika di jero beteung indung (rahim, nyaéta sampurnana:
Kulit,
Uteuk,
Urat,
Tulang,
Rambut,
Daging,
Getih jeung
sungsum).
Ari nu balik deui kana Kudrat Kapangéranan
Nu Maha Suci jeung
henteu kacaritakeun watesna nyaéta:
CAHAYA.
Cahaya Hideung nyurup kana Beureum;
Cahaya Beureum nyurup kana konéng;
Cahaya konéng nyurup kana bodas;
Cahaya bodas nyurup kana Cahaya NUR,
Nur nu jadi TUNGGAL –
hartina:
Kulit nyurup kana daging;
Daging nyurup kana Getih;
Getih nyurup kana tulang;
Tulang ancur jadi deui CAHAYA,
jeung sakumna bangsa Suci
nyurup kana Ma’ripat.
Tegesna geus ninggalkeun wujud KAULA. Ngarana wujud Kaula,
nyatana ADAM.
Jeung ayana Kaula
ku Kersana Asihing Gusti Nu Maha Suci.
Ayana nu kasebut tadi
sampurnana tina Kudrat Anu Maha Suci.
Geus teu rasa-rumasa,
tetep tinggalAsmana Allah Nu Maha Mulya,
anu patali atawa katambah ku Dawuhan
(Firman) Allah.
Nyaéta kana anuKudratna Nu Maha Agung.
Ari anu turun ka jero “Karaton Agung”,
nyaéta HAJRUL HAYAT:
1) Haréwosna kaayaan Dzat;
2) Panceran kaayaan Dzat;
3) Gelaran kaayaan Dzat;
4) Panceranana kaayaan Dzat;
5) Panceran élmu Santosaning Iman,
nyaéta anu nerangkeun
SAJATINING SYAHADAT.
Ieu sagemblengna turun ka jero Karaton Agung; nyaéta kana Kudratna Anu Maha Suci.
Dasar anusabener-benerna nyaéta:
NAPAS;
TANAPAS;
ANPAS;
NUPUS;
Campuran HIJARATUL HAYAT;
ROH JASMANI;
ROH ROHANI;
SYAREAT;
TAREKAT;
HAKEKAT jeung
MA’RIPAT.
ÉTA kabéh balik kana NUKHAT GAIB;
kakara sampurna,
caang di jero pangartina,
henteu kasamaran kana sahiji-sahiji.
Sok aya sawatara mahluk
nu ngalaman “jawaliyah”,
nyaéta aya hahalang atawa lalangsé manusa
anudisababkeun ku robahna ciptaan haté.
Nu matak di Kaula sok aya ‘apes’.
Sabab Jawaliyah jadi alamatkaapesanana kaula anu aya di jero hukum Nabi Adam.
Jeung rarasaan anu kasebut di handap ieu:
1. Mimiti nu katémbong nyaéta ALAM ROH.
Alam sagala nyawa.
CAANG tapi lain beurang,
Teu aya kiblat,
kulon, kalér, wétan, kidul,
luhur, handap atawa tengah-tengah.
Di dieu ninggal ‘samudera” anu
teu aya watesna;
nyaéta nu jadi pokona hate nu ditambahan. ku cahaya uteuk.
Di tengan-tengah ieu samudera aya DURIAT, nyaéta kacintaan anu teu aya pegatna;
rupana siga KUWUNG-KUWUNG;
cahayana gilang-gumilang.
Nyaéta kanyataanana
nu jadi pokona JAJANTUNG,
katambihan cahaya JOHAR AWAL,
anu ngawengku jajatining ATI.
Jadi kahayangna Kaula ngadeg
dina jero Angen-angen atawa Ciptaan.
Ari jalan kaluar-asupna, aya dina
PANON, CEULI, IRUNG, BAHAM.
Nya dingaranan MUKASIPAT.
Ari kakawasaanana nungtun kana
sakabéh sipat.
Waktu éta ulah nepi ka kapincut
kana alamatna rupa-rupa nu aralus,
tur nu matak narik kana Rasa.
2. Sa euweuhna Alam Roh,
nya mendak ALAM SIR.
Di dinya papanggih jeung cahaya opat rupa:
Hideung – beureum – konéng – bodas.
Nyaéta anu jadi pokona BUDI.
Nya ngaluarkeun dasar NAPSU ANU OPAT. perkara, nu jadi pakéan atawa hiasan
di jero haté.
Ari katinggalna nungturun hiji-hiji.
Nu mimiti katinggal cahaya hideung,
nyaéta nu jadi alamatna napsu LOWAMAH.
Ari watekna jeung hawana
dina waktu keur aya.di jero hirup sok. ngadatangkeun pules atawa tunduh.
Dukumna di jero peujit jeung kadut.
Jalan kaluar-saupna kana baham.
Ari kajadianana nu aya dina cahaya hideung, katinggal rupi-rupi sasatoan sarta
pada nyalampeurkeun, bari umaku Pangéran. Ari perbawana dina waktu harita,
bingbang, asa-asa,
disebutna alamna Napsu kitu
nyaéta Alam Nasut.
Hartina:
Alam Limpeuran jeung Gugupan.
Dina waktu harita, kadé masing inget sarta. tekun, kuat,ulah kagoda atawa kapincut
ku cahaya hideung.
Bisa jadi engké manéh nitis kana sato héwan. anu araya di dieu.
3. Sabada leungitna cahaya Hideung,
ninggal Cahaya Beureum,
nyaéta alamat napsu AMARAH.
Ari hawana keur waktu aya di jero Hirup. ngadatangkeun MURKA, bengis, Panasbaran, Dengki, Korét, Hawek, Teu Payaan
jeung sabangsana.
Ari pokona aya dina BAYAH,
jalan kaluar-asupna kana CEULI.
Ari nu araya di dieu katinggalina bangsa. MARAKAYANGAN atawa SILUMAN.
Tuluy pada ngaraku Pangéran.
Perbawana dina waktu éta:
haseup mubal-mubal.
Alamna napsu Amarah
disebut ALAM JABARUT,
hartina Alam Sulit atawa Susah.
Kadé sing sabar sarta pasrah supaya
ulah kaliru cicing dina golongan siluman.
4. Sanggeus euweuh cahaya Beureum,
ninggal cahaja Konéng
nyaéta alamatna Napsu Sawiyah.
Ariwatekna dina waktu keur hirup
ANGIN NGAGELEBUG,
alamna disebut ALAM LAHUT
hartina ROBAH atawa GERAK.
Waktu keur aya di jero hirup
eta napsu kaayaanana
“nyaracal di sakujur awak kaeusian”.
Kadé sing inget sarta tetep tigin, ulah kagoda. ku anu araya di alam Cahaya Konéng,
sabab tangtu nitis kana bangsa sarupaning. bangsa manuk.
5. Euweuh cahaya Konéng,
katinggal Cahaya Bodas,
éta alamatna NAPSU MUTMAINAH,
anu watekna keur aya di jero hirup;
Sarakah kana jalan Kahadéan,
upamana: ibadah, amal jeung teu weléh nyiar. élmu.
Ari jalan kaluar-asupna kana IRUNG; kajadianana nu aya dina Cahaya Bodas
siga aya LAUK LOH,
nyaéta lauk anu bisa hirup dina cai Saliwaran. atawa Samudera Rahmat.
Éta ogé lauk pada-pada umaku Pangéran.
Ari kaayaan Cai Saliwaran: Hérang beresih
teu aya hinggana jeung teu terang ti mana
asal-muasalna.
Alam Napsu Mutmainah
disebut ALAM MALAKUT.
Tegesna Pusat Kanyaho jeung Pangarti
anu disumebarkeun ka sakuliah mahluk.
Kadé masing inget, tetep jeung tigin sarta. tegug tur waspada,
sabab éta téh lain tempat anu sajati
anu dicawiskuen ku Anu Maha Suci pikeun. umat nu berbudi.
Ulah nepi ka kaliru kana Cahaya Bodas,
sabab engké bisa jadi. nitis kana lauk Loh,
nu aya di éta samudra.
6. Sabada euweuhna Alam Napsu Mutmainah, katinggali ALAM NUR,
alam CAHAYA,
alam anu caang
leuwih ti Alam Sir.
Ti dinya datang cahaya rupa-rupa tadi téa: Hideung, Beureum, Konéng bodas,
jeung aya cahaya Héjo!
Kabeh pada sumebar séwang-séwangan, jeung di jero hiji-hiji cahaya aya KARATON, nyaéta anu jadi alamatna PANCADRIA. (PANCA INDERA).
Katambahan ku cahaya anu YAKIN.
Ari Alam Pancaindera disebutna
ALAM HIDAYAT,
tegesna pituduh nu nuduhkeun
waktu gelarna KARATON SAJATI.
Tapi masih lain karaton anu disadiakeun
ku Nu Maha Suci
pakeun jalma nu sampurna,
saperti:
a. Karaton anu diwangun,
diréka ku cahaya Hideung.
Ieu Karatan Dzat Sasatoan;
b. Karaton nu diwangun ku cahaya Beureum
ieu Karaton Dzat Siluman;
c. Karaton nu diwangun ku cahaya Konéng,
ieu Karaton Dzat Bangsa Manuk;
d. Karaton nu diwangun ku cahaya Bodas,
ieu Karaton Dzat Lauk Loh.
e. Karaton nu diwangun ku cahaya Nur wungkul, ieu Karaton Dzat Tutuwuhan.
Dina waktu éta aya sora anu kadéngé
saolah-olah nuduhkeun Karaton Agung
sarta muji.
Omat kudu diingetkeun jeung kasantosaan,
ulah nepi ka nyipta-nyipta atawa milih kana salah sahiji Karaton.
Sabab tangtu asup kana Karaton
anu teu sampurna.
Satuluyna msih di ALAM NUR. ,
di dinya aya cahaya anu cékas .
Di jero éta cahaya aya sarupa barang anu hurung, wujudna siga lalaki nu keur nangtung,
ngabogaan cahaya tujuh rupa.:
Hideung, Beureum, Konéng, Bodas, Héjo, Wungu, Belang.
Di jero éta rupa-rupa cayaha
katinggalina siga kaéndahan sawarga.
Kitu mungguh sawanganana,
matak hélok tur kagét.
Ieu téh nyaéta nu jadi pokona BILANGAN, katambahan ku Sukma.
Ari Alamna Bilangan disebut
ALAM ISHAT,
tegesna: birahi, nyaéta Panganjrekan Rasa Cinta kana gumelarna Sawarga.
Tapi senyana lain Sawarga Suci,
lain tempatna kani’matan atawa Rahmat.
Éta téh tempat Kahyangan para JIN atawa gudangna kaayaan wungkul
saperti:
a. Katinggalna hiji pitempatan nu beunang. mapaésan ku rupa-rupa rarangkén
tina cahaya Hideung.
Éta nu jadi MUSTIKANA BUMI.
Kanyataanana atawa kajadianana
tina sagala ciptaan jeung angen-angen
anu hina.
Lamun aya di dinya sarta betah,
tangtu jadi Mandor Rupa-rupa anu Hideung.
b. Anu katinggalna hiji patempatan anu. dipapaésan ku rupa-rupa banda
tina cahaya Beureum,
hurung siga cahaya seuneu.
Éta téh kajadianana tina ciptaan anu sok. ‘ngahinakeun kana kaayaan papada kaula.’ Lamun baé betah di dinya, tangtu jadi Lulugu. Jin Beureum.
c. Anu katinggalna hiji tempat anu beunang. mapaésan ku rupa-rupa papaés
tina cahaya Konéng.
Sinarna éta rupa-rupa papaés kacida matak. waasna, siga cayaha kuwung-kuwung atawa
layung.
Éta téh asal tina ciptaan anu sok ‘tara. dicumponan atawa bohong’.
Lamun betah di dinya tantu jadi Lulugu
Jin Konéng.
d. Anu katinggalna hiji patempatan
anu dipapaésan ku rupa-rupa banda
tina cahaya Bodas,
siga kilat gugurilapan.
Éta téh anu asal tina ciptaan Satia-Tuhu-Lulus, tur cocog jeung nu di angen-anen.
Lamun betah di dinya, tangtu nitis jadi. sarupaning Jin Bodas.
e. Anu katinggalna hiji patempatan
anu dipapaésan ku rupa-rupa banda
tina cahaya Héjo
nyaéta kajadian tina ciptaan anu Santosa
tur tetep.
Lamun betah di dinya, tangtu nitis
jadi Buta Héjo.
f. Anu katinggalna hiji patempatan
anu dipapaésan ku rupa-rupa banda
tina cahaya anu belang,
Éta kajadianana tina ciptaan Pamikir.
Lamun betah di dinya bisa jadi nitis
kana Jin Boréléng.
g. Anu katinggalna hiji patempatan
anu dipapaésan ku rupa-rupa banda
tina cahaya Wungu (Bungur).
Éta asal tina ciptaan wungkul,
anu tara aya buktina.
Lamun betah di dinya, bisa jadi
nitis kana Jin Wungu.
Sanggeus tutup nyorang rupa-rupa nu bieu
geus diterangkeun di luhur,
teu kungsi lilangambeu anu ‘seungit’.
Nya éta tina sagala Kahyangan
nu kacida arahéngna tur matak narik
kana sagala rarasaan.
Di dinya ulah nepi ka ngarasa betah,
lantaran ANGKER.
Asup ka jero Kahyangan anu henteu sampurna.
7. Saeuweuhna alan NUR,
nyorang ALAM ULWI,
ieu leuwih-leuwih ti Alam Nur.
Di dinya katinggal aya cahaya murub-mubyar. gilang-gumilang, teu aya bangsana,
éstu matak sérab, teu kiat teges ninggali.
Di jero éta cahaya aya anu mangrupa atawa. siga NYIRUAN, ANU KEUR NYAYANG.
Nyaéta dina makam FANA,
éta téh nu jadi warnana SUKMA,
nu ngawuwuh kana sakabéh warna
atawa rupa;
ngawengku di sakumna alam,
ti nu leutik nepi ka nu badag,
ti nu lemes nepi ka nu kasar.
Anu hirupna tina permanana
atawa tina Kayakinan
atawa Rasa.
Waktu éta sumping Malaikat
nu ngarupakeun ‘bapa urang’,
sarta “ngaku utusan Allah Nu Maha Suci”. Sanggemna dipiwarang ku Pangéran Nu Agung, ngagiring manéh ka rahmatNa Gusti Allah swt. Mugia sing tetep tigin, teguh, santosa iman,
ulah nepi ka beunang kagoda,
ngadéngé tur ngimankeun
kana rupa-rupa caritaanana.
8. Masih aya di Alam Ulwi.
Mingkin tambah caang sarta hébat
ku sinar-sinar caangna tina cahaya tadi.
Di dinya katinggal aya Cahaya nu Moncorong. tur sumorot.
DI jero éta cahaya mimggal sarupaning banda, sagéde wayang golék;
kitu mungguh sawangan pikiran urang.
Ari sipatna siga Mutiara reujeung cahayana; Lain lalaki, lain awéwé, lain malawading,
nyaéta nu jadi alamatna RASA,
tapi hirupna tina Dzatna ATMA.
Waktu éta datang Widadari
anu ngarupakeun ‘indung urang’.
Sarta ngaku jadi utusan Pangéran Nu Maha Suci, pikeun ngiringkeun ka rahmatNa Gusti Allah swt. Omat ulah nurut kana éta caritaan.
9. Masih di Alam Ulwi,
ngarasa caang nu lain-lain,
ngaleuwihan ti sakumna sugri nu gelar, kulantaran kacida ahéngna.
Di dinya geus teu ninggal atawa teu témbong. deui tina sagala sawangan.
Sababna ngan wungkul cahaya nu aya;
nya geus ‘teu bisa deui nyaruakeun
kana rupa-rupa jinis atawa sifat.
Éta téh Dzatna WAJIBUL WUJUD,
teu di luhur, teu di handap;
henteu nganjrek henteu dumuk,
teu mangrupa henteu aya warna.
Sategesna AJAL ABADI,
nu saenyana Murba Wisésa.
Nu Kawasa;
Nu Maréntah kana sakabéh alam jeung eusina, anu ngawengku kana sakabéh gelar.
Dawuhan Sunan Kalijaga”
“Tah anak incu kami jeung ka para ihwan kami, para kaom Muslimin jeng Mu’minin,
nu sami-sami pada ngulik élmu Kapangéranan. Tah buktina saenya-enyana élmu Kama’ripatan
téh nyaéta
ngawicik diri,
nyasaak awak,
panutuping kapanasaran hate,
anu sok diparaké angen-angen,
nyaéta buktina tina sakumaha nu geus. ditétélakeun, diterangkeun di luhur.
Ngan baé poma pisan jeung kumawani nukangkeun atawa cul teu ngalampahkeun
kana pagawéan anu geus diatur ku hukum Syara. Sababna moal bisa sampurna nyekelanana élmu
upama henteu meunang atikan syara.
Sabab élmu Sayara téh nya éta
anu ngandung katartiban hiji-hiji tindakan jelema”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar