Tina alam dihin gubrag ka alam pinasti, babarengan papasangan.
Nur Muhammad manjing kana Jan,
Jan manjing ka Nur Muhammad,
gubragna ngajadi urang,
tah ari urangna mah antara jirim jeung jisim,
mun rambutan mah
antara siki jeung cangkang,
teges kulumudna atawa dagingna tea,
henteu arah henteu enggon
henteu warna henteu rupa,
gumelar tina contact-na rohman jeung rohim, henteu daya teu upaya
tah urangna tea anu lahaola wala quata.
Dihin pinasti ayeuna anyar pinanggih,
gumelar di alam lahir.
Demi Allah mah tadi ge geus kun pa yakun
moal ngaganjar jeung nyiksa,
anging nu katibanan diri sorangan
nu boga tanggungan
ngeunah jeung teu ngeunah
ngan kari urang nu milih.
Tapi da bubuhan jelema,
nu ku tukang elmu kirata mah
disebut jul-jel pikirna
katambah kajadian
tina acina seuneu, cai, angin, bumi,
jadi sok loba nu resep dina hawa nafsuna bae, nyaeta Amarah, Luamah, Sawiah Mutmainah
nya terus boga adat kahewanan
anu ngagedekeun napsu luamah, sawiahna
terus boga adat ka hawekan,
nya kitu deui nu napsuna numpuk
dina mutmainah,
nya jadi cahaya hideung anu hirupna poekkeun, utag-atog teu ngarasa boga rasa,
nya adat anu kieu nu asup kana adat kasetanan.
Ngan bae bubuhan tadi bangsa manusa
jadina antara dua kolom
nya eta tina Jan jeung Nur Muhammad
anu nimbulkeun tina Jan nya pangerti
pakeun kalahiran,
tina Nur Muhammad nya ngajadi budi
pakeun kabatinan,
pangarti jeung budi,
eta anyar pinanggihna
tumiba ka sakabeh manusa
anu daek ngalenyepan sarta merwinci
kaayaan dirina sorangan.
Timana asalna pangarti jeung budi ?
Eta asalna tina didikan indung bapa urang,
tadi keur waktu urang aya dina alam orok,
usik malik ku Pangersana Nu Maha Suci,
teges waktu harita mah can boga nanaon,
teu boga kahayang,
teu boga karingrang,
teu boga kabingung,
teu boga kasusah,
mana kunu ngelmu hakekat mikung mah,
hayang bisa jadi deui lir ibarat orok.
Ku umumna lahir jeung kanyaah indung bapa, terus urang diwarah beuki dahar,
sarta ngagedeannana
diwarah pangarti guna ngudag lahiriah.
Sarta ku asihna indung bapa
waktu urang keur leutik dimana ceurik
sok ditimang direrepeh kalawan budi-budi
anu mideudeuh sarta timbul nasehat-nasehat
nu hade,
nepi ka urang hirup boga perasaan
sarta kagedean nana eta perasaan
ngajadikeun luhungna budi.
Tadi urang nu lahaola tea,
ayeuna geus dibadanan ku budi pangarti
eta di urangna ngajadi tekad ingsun tea.
Ayeuna kari patekadan urang,
naha resep ka pangarti,
naha kana budi,
beurat teuing ka pangarti
nya terus sok tuluy du-dunya,
nya timbul kahawekan,
ana hawek teuing sok kasetanan
jauh ti perasaan kamanusaan.
Ana beurat teuing kana budi
lapur di dunyana katalangsara,
olok tombok rugi ku dua ku tilu,
nya alusna mah,
pangarti loba, budina luhung,
nu kitu manusa nu pang mulyana di alam lahir.
Henteu wuwuh dipicatur,
henteu lambat dicarita
da tadi ge judulna rek nerangkeun
sakadar kanyaho bab tunggalna kawula Gusti.
Ayeuna urang terangkeun
jalan-jalanna nyungsi ka babaran katunggalan tea urang jieun make tahapan
atawa tumpukan
ceuk basa arabna mah
mun teu salah Murakabah.
Tahapan kahiji
kahewanan nya-eta jelema
nu loba teuing ngeusiannana blok beureum,
atawa nafsu amarah
persis kaayaan hirupna kawas lakuna hewan, sagala rempan sagala risi,
teu kaop ruang-riung jeung jelema loba,
saperti nu kumaha ?
Saperti nu resep teuteunggeul,
resep kakadek,
eta martabat adat hewan,
teges hirupna ngadatkeun lakuning hewan,
anu tangtu tea paehna manjing kahewanan.
Anu kadua
tahapan kadunya'an,
atawa blok koneng,
jalma anu ngagedekeun teuing nafsu luamah resep numpuk-numpuk dunya
teu ngingetkeun kaayaan batur,
teu inget yen kabeungharan dunya mah angger, ngan diatur ku leuwih jeung kurang,
jadi samangsa-mangsa urang leuwih
geus tangtu batur kurang,
samangsa-mangsa urang maju
tangtu nu sejen mundur,
pikiran jeung perasaan
estu digunakeun wungkul kana dunya dibelaan
rerebut pasea teges ngadatkeun kadunyaan,
anu tangtu tea bakal manjing ka dunya.
Katilu
tahapan cahaya bodas
nya-eta kahawekan, hawek sagala-galana, marukan kangeunahan rasa teh
beunang diudag ku dunya,
tah ieu sambungan tahapan ka dua,
samangsa-mangsa jelema, anu elingannana special kana lahiriah eta ana kalangsuna
sok timbul kahawekan
sarta nu kitu teh bakalna manjing karobanan.
Tahapan kaopat,
tahapan cahaya hideung,
nyaeta tahapan ka-setanan,
jalma nu di dunyana norek,
poek teu nyaho dirasa
teu boga perasaan sama sekali,
estu kaayaannana lolong teu nyaho kana hirupna, estu dedekna tina tahapan 1 - 2 jeung ka 3,
nya dina maotna oge bakal nitis (reincarneeren) manjing ka bangsa setan
(suwung tina sifat ALLAH).
Tah ieu opat tahapan,
adat-adat manusa nu asal tina cahaya
beureum, bodas, koneng, hideung,
mana pantes
Johar Awal disebut dat, sipatna,
atawa wujudna Allah dunya
atawa Jan alias Ijajil,
anu ku hadis mah disebut pieusieunnana NARAKA.
Malar kaharti ku akal,
naon nu disebut Naraka teh ?
Naraka teh nya-eta
sagarana sagala sifat-sifat nu teu ngeunah.
Naon buktina,
buktina nya-eta
Central-na seuneu, cai, angin, bumi,
badan urang panasna mun diukur ku thermometer rata-rata 37 graad,
lamun leuwih saeutik kapan sakitu teu ngeunahna sok komo lamun dina cantral-na
anu miliunan graad ?
Nyakitu central-na tiisna cai
geuning karak ku hawana oge geus loba nu jadi Ijs (es/kayaning di Noordpool-Zuidpool);
sok aya nu nanya,
naha naraka geus aya?
Geuning aya nu nerangkeun:
Yen naraka mah ta can ngadeg,
hartina tacan ngawujud.
Kumaha ngawujudna ?
Nya-eta tadi oge diterangkeun
yen mun urang ngawujudkeun cahaya nu opat tea, tegesna adat-adat urang
ngan nurutkeun hawana eta blok opat
nya tangtu di ahir nyentraal ka sagarana
eta opat blok tea, alias naraka. . . . .
(jadi Naraka diwujudkeun ku urang-urang keneh carana nya di umbar hawa napsu nu opat
sagede-gedena meh Naraka-na ge gede)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar