[23/8 16:28] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
BAB II -
Hakékat Tujuh Lapis Bumi Jeung Langit,
Roh Jeung Jasad Manusa
[23/8 16:28] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: Dawuhan Allah:
“Allah nu nyiptakeun tujuh langit
nya kitu deui bumi”
(QS 65: 12)
[23/8 16:29] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Jelas yén Allah
midamel tujuh lapis bumi
sakumaha ayat di luhur,
numutkeun élmu tarékat
kieu kaitanana jeung
jasad manusa:
[23/8 16:30] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
1. Bumi nu kahiji kanyataanana PEUJIT
2 .Bumi nu kadua kanyatanana BAYAH
3 .Bumi nu katilu kanyataanana JAJANTUNG.
4. Bumi nu kaopat kanyataanana ATI
5 .Bumi nu kalmia kanyataanana HAMPERU
6. Bumi nu kagenep kanyataanana UTEUK
7 .Bumi nu katujuh kanyataanana ELAK-ELAKAN.
[23/8 16:31] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Supaya dipikaharti
ayeuna sugan cocog jeung engkéna.
Sabab engké dina waktu maot
'nu boga imah’ meureun ngumpul
jeung Roh Anu Genep.
Anginna tangtu nutup,
ngaranna sampurna.
[23/8 16:31] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Ayeuna guaran tujuh lapis langit
sing jadi misil ka diri
ibaratkeun jeung salira.
[23/8 16:33] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
1. Langit nu kahiji nu panghandapna,
Roh Rabani
anu ngancikna dina baham,
mun urang muhit pangucap
tangtu di dinya cicingna
2 .Langit nu kadua
Roh Hewani,
ngahijina jeung pangrungu,
mun urang muhit ka dinya
nya di dinya ayana
3 .Langit nu katilu,
Roh Nurani
ngahijina jeung pangangseu,
mun urang muhit kadinya
nya di dinya ayana.
4. Langit nu kaopat
Roh Idopi
nu ngahijina jeung paningal,
mun urang muhit kana titingalian
nya di dinya cicingna.
5. Langit nu kalima
Roh Jasmani,
nu nyicinganana ‘mabur’,
rasana daging jeung tulang,
eta tempat nu ‘rajin’
saparo santri.
Maksudna rajin saparo santri,
rajin ngaji bab agama,
nyaritakeun batal jeung haram,
ngabahas bab zakat jeung fitrah,
tapi sok salingkuh.
Ari cumarita dalil jeung hadist
di tambah rajin muji jeung dzikir
tapi tutuluyanan kana ngupat,
nyaritakeun awak batur.
Ari diri pribadi teu dipikir.
Mangkana sasaran sing apik!
Tanwandé di urang aya nu goréng di awak batur. Upami urang muhit kanu kitu
nya tangtu merenahna di dinya
6 .Langit kagenep
Roh Nabati
tempat ‘mandorna’.
Upama muhit ka dinya
geus tangtu cicing di dinya.
Ieu tempat keur calik nu daékan,
daék shalat,
daék ngaji,
daék éléh,
daék nulung,
daék mapatahan nu can ngarti jsb.
Tah ieu nu disebut babasan
‘silih asih,
silih asuh,
silih asah,
silih caangan’
(SILIH WANGI!)
7 .Langit katujuh ngaranna
Roh Kudus
nu sok pulang-anting ka luar ka jero.
Cicingna dina tutunggangan Islam,
cicing di Langit Katujuh.
[23/8 16:34] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Tapi kadé sing waspada,
lain daek ngaji wungkul
ngorolang apal cangkem,
capétang pilih tanding,
ari ditanya hartina LAPUR
teu pati bisa nerangkeun,
kalah ka tuluy gegelendeng
malik pusing ka nu nanya.
Majarkeun téh jalma comél,
make ngudak harti sagala.
Teu perlu diladénan,
nu ngaji hukum-hukuman
naon pigunaeunana,
ku élmu syara oge cukup.
Éta nu pasti syara téh langkung lengkep,
tapi lamun teu ngariung jeung nu di luar
ku pangémut acan tangtu
bisa cukup ku sajalan
sabab élmu syara téh
disebutna Pangaturan.
Tarékat jalan Pangaturan,
Hakékat anu menerkeun kana lalampahan syara, Ma’ripat anu mukakeun,
nyaangan kana jalan syara atawa ngaji.
[23/8 16:35] AHMAD MUHAMMAD ALAWI:
Kitu anu kaémut,
kedahna sadayana pacantél-cantél,
ieu disebutna TASALSUL dina basa Arab mah.
Aya babasan kieu:
Élmu pakeun nganyahokeun.
Hakékat tukang menerkeun.
Akal tukang misah-misah.
Supaya ulah pacorok
nu salah jeung nu bener,
nu lain jeung nu enya,
sapantesna,
samistina,
supaya ulah pahili tumerapna hukum-hukum.
Sabab lamun hukum geus salah,
kaliru menerkeun éta sok papanjangan,
jadi cék-sok papaduan.
Lain hukum anu salah
atawa hukum teu pasti,
tapi nu metakeun hukum lolobana teu ngarti. Ibarat hiji pakarang,
najan alus sarta seukeut
upama salah makéna
tangtu taya gunana.
Ibarat metakeun bedog
dipake nyacaran jukut,
cobi mangga emutan,
kumaha tapak-tapakna?
Sumawona dina hukum
upama salah metakeun
moal béda jeung pakakas tadi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar