Minggu, 05 Desember 2021

Jinis Roh:

[23/8 16:24] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

Jinis Roh:

1. ROH NABATI. 
Padumukan Iman-Islam, 
pernahna dina UTEUK. 
Ieu téh nu jadi panghulu 
ti antara sakabéh Roh. 

Ari rukun Islam tara cicing 
sabab jadi Sukma anu muterkeun 
“nyaring” jeung “sare”, 
nu percaya ka Allah swt.


2. ROH JASMANI. 
Cicingna dina dasar UDEL.

3. ROH IDOPI. 
Cicingna dina ATI 
ngahiji jeung paningal.

4. ROH NURANI, 
pernahna dina JAJANTUNG 
ngahiji jeung pangangseu

5 .ROH HEWANI, 
pernahna dina BAYAH, 
ngahijina jeung pangrungu.

6. ROH RABANI, 
pernahna dina PEUJIT 
ngahiji jeung pangucap.

7. ROH KUDUS, 
cicingna “di antara nu teu napel kana badan”. Damelna pulang-anting ka jero jeung ka luar. 
Ieu tutunggangan anu Islam, 
teu ngarasa nyeri-peurih, 
lantaran teu gumulung tea.
[23/8 16:25] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

Pancén Sawatara Roh
[23/8 16:25] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

1. Ari Roh Idopi 
purah ngumpulkeun ‘ingetan’ 
dikirimkeun kana UTEUK 
sina ngumpul jadi hiji jeung pagawéan Islam. 
Kira-kira ana bijil ‘metu ka martabat soca’, 
tur kabéh sagala pikir jeung ingetan 
kumpul di dinya. 
Ari watekna manusa 
tara eureun mikabingung, 
mikiran ayana alam naon nu jadi bakalna, 
kumaha ngayakeunana. 
Roh Idopi 
ogé ngahiji jeung Paningal, 
paningal nu jadi ‘tungtungna Rasa’. 
Mun rék usik-malik rawuh jeung pikir sakabéh dina badan nu nyaréat mimitina tina panon, 
sabab irung mah tara nundutan. 
Kitu deui éta panon 
upami pikiran pabeulit masih kénéh paburencay sok tara téréh saré 
da kedah dilalanyahan heula. 
Pikiran sina lalindeuk 
sina turut jadi hiji 
kana puseurna utusan, 
kakara bisa sirna.
[23/8 16:26] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

2. Ari Roh Jasmani 
ngandelna ka Malaikat nu nyangking 
‘Pangrasa sakudjur badan’, 
tapi lamun lawang anu opat nutup 
ieu roh tara bisa jalan, 
teu bisaeun usik-malik.
[23/8 16:26] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

3. Roh Nurani 
percayana kana Al Qur’an, 
saban ari roh Nurani mah 
ngahijina jeung pangangseu 
didingna dina jajantung. 
Lir ibarat Nabi Angin kaluar-kajero 
nu jalanna ngalangkungan pangambung, 
ibarat Muhammadiyah. 
Nu mantak ngandel ka Qur’an, 
sabab hayangeun kaangken ku 
Kangjeng Nabi Muhammad saw, 
sedengkeun nu kagungan Al Qur’an téh 
Kangjeng Nabi Muhammad saw,
[23/8 16:27] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

4. Ayeuna Roh Hewani 
anu teu percaya kana poé ahir 
anu ngahijina jeung pangrungu, 
sabab kitu sok ngabantah, 
ari éléhna ngan ku maot. 
Sabab angkeuhanana 
ngan hayang unggul di dunya 
kajeun henteu di ahérat.
[23/8 16:27] AHMAD MUHAMMAD ALAWI: 

5. Ari Roh Rabani 
ngahijina jeung baham 
atawa pernahna dina peujit. 
Watekna baham: 
omong hade, 
omong goréng, 
duanana dipilampah. 
Kitu deui kadaharan 
nu halal, nu haram, nu makruh, riba 
nu sok tara karasa, 
lar-sup asup kana baham, 
asal nu aya sagala bres. 
Nu matak sok jadi untung hade goréng kawadahan dina peujit.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar