Senin, 06 Desember 2021

ANTARA KASUSAH JEUNG KASENANG

ANTARA KASUSAH JEUNG KASENANG

Ulah ngarasula lamun pareng 
keur meunang kasusah 
eta teh kanyaah kaasihna nu 
maha asih 
maha nyaah 
supaya urang daek leah (leuwih leah) ngado’a menta ngan ukur ka nu salila ieu enya 
enya marengan ngauban 
bawa jeung mamawa maneh - 
sing kapanggih yen enya euweuh deui 
nu bisa jeung daek nulung iwal ti 
nu ngauban 
dumasar pamenta/ kahayang/ do’a sorangan, ngeunah geura geus kitu mah. 

Keur senang mah sok kapopohokeun 
hese husu sabab batur batur 
dulur dulur 
anyar pinanggih dikadunyaan 
nu pada deukeut 
pada hayang diaku 
bari geus umumna 
ari jalma mah sok 
katungkulkeun ku kasenang.

Dulur dulur 
batur batur nu deukeut 
sabab maneh senang moal datang 
lamun maneh keur susah. 
Kitu oge sabalikna 
engke manggihan 
nu jadi dulur jadi batur 
waktu maneh keur susah 
sok tara jadi terus deukeut 
lamun maneh geus senang 
da hirup mah papasangan 
owah owah ing SIR. 
Matak engke kudu bisa 
nyusah nyusah maneh 
bari senang kasebut basajan 
tara nyirikeun maneh senang teuing; 
kudu bisa nyenang nyenang maneh 
najan keur susah tong betus kaciri susah 
ucah aceh ka batur 
kasebut jelema sabar wekel 
kuat nahan nu karandapan 
ameh angger boga batur diduanana. 
Moal dipupuas ku nu deukeutna 
lamun urang senang 
moal dialah alah ku nu deukeutna 
lamun urang pareng susah.

Matak engkena 
mun bisa narimakeun diduanana 
bakal boga batur –
najan moal loba- 
nu sarua tara robah 
ku senang ku susah 
tah nu kitu nu engke bisa 
dijadikeun dulur 
pet ku hinis batur 
ka cai sok jaradi saleuwi 
kadarat jadi salebak 
sabobot sapihanean 
moal pisah sabab 
susah senang ukur jaradi 
jajantung diri.

Jadi meunang kasusah teh 
mun bisa narimakeunana 
syukuranana untung pisan 
bisa deukeut jeung nu maha asih 
nyaho (da memehna sabab kasusah 
terus diperedih can hasil mah) 
cara mentana 
najan teu kudu pok 
bari boga lawang tulung ti sasama na 
tara rubah rupana 
angger pasemona salah sahiji gambaran 
lir kasenang sawarga didunya.

Sabalikna kudu ati ati 
loba istigfar 
mun gancang gancang dibere senang 
hayang geura geura senang embung susah, 
sok jadi teuas hate 
teu daek leah ka gustina. 
Tungtungna ngaberung nafsu 
tunggul dilarud 
catang dirumpak 
kumaha maneh wae 
da karasana euweuh nu nulungan 
meunangkeun eta teh 
iwal ti nafsu manehna sorangan. 
Nu kieu teh sok digampangkeun 
dina hirup 
meunang kasenangan 
nu teu lila 
(dunya/pondok/sakeudeung).

Matak engkena, 
kusabab teu biasa sadrah tumarima 
ku susah sok gancang di kaiblisan 
nu hartina putus harepan 
(iblis/qublisa=putus asa) 
najan aya tuduh ti pangerana –
aya wae tuduhna 
najan kanu nolak gustina oge- 
tara daek sujud. 
Ari sujud teh ngamaha sucikeun 
bari muji syukur 
hartina nu kabeh katarima teh 
ukur tapak lampahna 
maha asih 
maha nyaah 
da datna sorangan mah 
euweuh upamana 
matak tara siga siga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar