Assalamu’alaikum wa’alaikum salam
Bul kukus namaning Rosul kadya menyan Muhammad
Pang nepikeun hadiah kaula ka :
- Jasmani rohani ,
Hakekatna :
Malaikat Harum Harumanjati
Nabi Adam Holipatulloh AS,
Sayidina Hasan Husen.
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua soca, dua cepil,
Hakekatna :
Malaikat Jibril
Nabi Ibrahim Kholifatulloh AS,
Sayidina Abu Bakar Sidiq RA.
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua panangan, dua sampeyan,
Hakekatna :
Malaikat Minkail
Nabi Enoch Habibulloh AS
Sayidina Umar RA
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua liang pangambung, hiji baham,
Hakekatna :
Malaikat Isropil
Nabi Isa Rochulloh AS
Sayidina Usman RA
Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dada, tonggong, kenca, katuhu,
Hakekatna :
Malaikat Ajroil
Nabi Musa Kalamull0h AS
Sayidina ‘Ali KW
Syay’ul lillahi lahumul fatihah.................
Nyerebung kamanggung , nyambuang ka awang-awang
Kaluhur ka sukma agung, ka handap kalemah putih
Ka sunan ibu ka sunan rama
Ka ibu kapara pohaci, ka rama kapara dewata
Nyanggakeun menyan bodas sakebulan Sari pangbaktining kaula.
Deudeuh banget anu sahurip sapati, sarasa, sanyawa Tunggalna jadi sahiji
Alloh hu akbar
Sri putih cahyaning Alloh
Nurrasa rasa Muhammad
Aya rasa, tepung rasa,, rasa suci ti qudratna Alloh
Aya rasa pangawasaning Alloh
Hurip ku nabi, waras ku Alloh
Laa ilaha ilaalloh Muhammadar Rosululloh
Amin Ya Robbal Alamin, mugi Gusti Alloh nangtayungan.
Amin Ya Robbal 'Alamin..............
Tidak ada komentar:
Posting Komentar