Sabtu, 23 Oktober 2021

ibadah jeung pa musyrikan

[17/9 16:23] aji rasha: 1.IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? 

1. IBADAH

Ibadah hartina : " ngabdi tumut turut bakti tug tutuhu ka nu mahasuci Allah swt lain ka salian ti eta."
 Tangtu geus pada dikanyahokeun, sakabeh ajaran ti para ‘ambiya’ (jalmi jalmi nu ngadugikeun beja/ajaran ti pangeran, lain ti hawa nafsuna) dimana wae ayana naon wae sesebutana, kacatet dina Mushaff Utsmani, ngabogaan cecekelan yen ayana/diciptakeuna jelema jeung sakabeh mahluk teh pakeun/euweuh deui salian ti ibadah, nyatana ngabdi bakti tug tutuhu tumut turut ka nu maha suci Pangeran nu ngamurbeng (Allah/Hyang/God kumaha wae nyebutna asal alus –asma al husna) ‘wa maa khalaqtul jinna wal insa illa liya’buduuni’ (Angin puyuh (51):56).
 Jeung nya ibadah ka Hyang Maha Agung iyeu (lain ka salian ti eta) nu disebut shiratal mustaqim - jalan hirup nu lempeng bener menceger tur meunang ni’mat 
‘wa ani buduunii haada shiraatum-mustaqiim’ (yaasiin (36): 61) 
najan beda beda teu kudu sarua sareatna/jalana/metodana.

Kusabab usik malik hirup jeung sakabehna keur ibadah ka Maha Suci, nya atuh tara/teu meunang sekuler, misah misah, atawa beda beda: Ulah ari shalat (ngado’a) karana Allah, puasa (ngeureunan/nahan nafsu kajelemaan) karana Allah sedengkeun ari kawin karana bogoh, dudunya sab butuh keur hirup, dahar karana beuki jeung lapar, kiih ngising sab kabelet hayang kahampangan kabeuratan, dibaju sab tiris sab resep, nulis nyarita saukur hayang. Ulah susundaan hakekatna sab karana luluhur atawa pedah jadi urang sunda; iislaman sab dititah ku indung bapa atawa ku ustad/kiai tapi kudu kabehanana sab jeung keur ibadah tug tutuhu ka nu maha suci.

Nepikeun ka, ngerejet mireungeuh tur ambekan kaluar ka jero, malah ketugna jajantung tur usik malikna hate mantengna angen angen mikir jeung ngucap ngadenge kudu mangrupa ibadah ka nu maha suci teu meunang henteu jeung teu meunang ka salian ti eta.

Eta kabeh, teu meunang misah misah teu meunang beda beda sab kitu kuduna matak diciptakeun diayakeuna mahluk jeung sakabeh usik malikna teh. Nya kusabab hirup jeung usik malikna malah paehna keur tutuhu ka maha suci, boh di arab boh di sunda nu lampahna aslamtu sumerah ka gustina mah, sagala lampah teh kudu wae aya do’a/rajahna nu nyambungkeun jeung nu ngamurbengna 
–dina hadis kasebut yen do’a uteukna ibadah
- Copelna make bismillah atawa saeutikna sanduk sanduk heula ka Maha suci.

CECEKELAN DINA IBADAH

Pakeun cecekelan atawa kaperluan ngaturna anu leuwih jentre dina prak prakan kahirupan sapopoe, aya patokan dina ushl fiqh:

Al-ashl fi al-ibādah al tahrim, illā mā dalla al dalil alā khilafihī; Al ashl fi al-asy’yā (ghair al ibādah) al ibahah illā idzā mā dalla al-dalil alā khilafihī.

Sundana: Sagala hal ulah dilakukeun iwalti aya titahna/tuduhna; Sagala hal meunang dilakukeun iwalti nu diulahkeun atawa nu dicaram/dihulag.

Kaidah kahiji nu dicutat diluhur, 
Al-ashl fi al-ibādah al tahrim, illā mā dalla al dalil alā khilafihī,
 loba kapanggih contona dina ibadah ritual formal: Ulah sahadat rasul ‘Ashadu anna Muhammad Rasulullah’ ditambahan nyaksi ceuk cenah/ceuk guru/ceuk agama najan jalma ayeuna can panggih sareng /teu nyaksian langsung ayana Sayidina Muhammad saw oge; ulah migawe salat fardu 6 kali atawa ngan opat kali da tuduhna 5 kali sapoe sapeuting najan beuki ge; ulah puasa wajib sabulan pinuh dina ramadhan diganti di bulan mulud najan resep oge; Ulah keur haji/umroh thawaf ngurilingan makam Nabi Muhammad najan magpang meungpeung di madinah oge jrrd jrrd jrrd hal nu ulah dilakukeun iwalti aya titahna/tuduhna.

Nu kaduana, 
Al ashl fi al-asy’yā (ghair al ibādah) al ibahah, illā idzā mā dalla al-dalil alā khilafihī
 
loba kapanggih dina ibadah ‘in/non formal’ nu ambahana leuwih jembar, misalna wae: ibadah Gawe rek dagang rek tani meunang asal ulah milampah nu dicegahna, rek susundaan rek aaraban rek kawas bule meunang wae malah ngabeungharkeun rasa jiwa asal ulah milampah nu dicaramna.
 Rek hitut ditarikeun rek dipelepeskeun meunang wae eta oge (sing jadi) ibadah (ka maha suci) asal ulah milampah nu dicegahna.
 Rek diuk rek nangtung rek ngajengjehe rek lumpat rek puasa rek ngabeuti rek ngabuah rek ngagugulung keris nyorendang kujang ngeukeuweuk HP keur urusan elmu atawa kahirupan sapopoe meunang wae (ngan kudu pisan jadi ibadah) bari/asal ulah milampah nu dicegahna jrrd jrrd jrrd. 
Jadi sakali deui, 
Rek nanahaon wae oge meunang (tapi kudu mangrupa ibadah ka maha suci) bari/asal ulah ngalakukeun nu diulahkeun/dicaramna.

Ngeunaan dua kaidah diluhur lamun ku urang diudag nepikeun kana hakekatna/kanyataana yen sagala usik malik keur ibadah ka maha suci, boh dina ‘formal’ atawa ‘in/non formal’ da euweuh bedana sarua sarua kudu manjing ibadah, tangtu barisaeun ngajawab ngeunaan/tarapis dina hal, misalna saperti kieu:

Kumaha nyahona lamun urang keur kababayan/kabelet hayang kabeuratan/kahampangan harita teh keur ibadah, lain nu diulahkeun ku nu maha suci? kumaha nyahona ibadah urang harita lamun keur ngambekan kaluar kajerona nafas, keur nulis keur nyarita, keur facebookan lain nu keur diulahkeun/dipiwarang ku nu maha suci-atawa saukur bakti kana nafsuna sorangan?

Tuluy,..

Kumaha ngabuktikeunana keur urang ayeuna pagawean maehan anak batur, ngarusak parahu alus batur, ngomean imah butut batur, nu dipidamel ku Nabi Khidir as mangrupakeun hal nu dipiwarang ku/ibadah ka maha suci;
 kitu oge Sang khalilullah bade nelasan putrana cenah piwarangan maha suci sasat ibadah ka maha suci? 
Malah dilembur tangtung oge, aya kolot kolot nu legok tapak nyarita matak helok ka nu beda alamna: ‘teu acan atos moyan teh aki, ayeuna parantos tabuh 10?’ jawabna ‘ Acan nunggu titahan ti Allah da dewek mah tuhu moal indit lamun can dititah (kaidah ka hiji), ayeuna mah kieu we da teu dicaram (kaidah ka dua). Beu, kumaha rupa kitab rengkol ayatna?

Ari urang, leuleutikanana dina lembut lembutna, naon tuturkeuneun lamun keur mireungeuh miharsa ngerejet TARIMA supaya jadi ibadah ka Maha suci manjing ayat wa’bud rabbaka hattaa ya’tiyakal yaqiin (Batu (15):99) bakti tugtuhu nepi ka yakin enyana? Embung kasebut nu teu boga rasa rumasa ukur bakti kana rarasaan pangrasa nafsu sorangan.


Keun heula ulikan dina hakekat/nu saenyana, ayeuna urang ngoraan deui ka nu sok kapanggih sapopoe di alam ‘relative’ pada jalma heula yen tangtu lamun boga kasadaran/pamahaman/kamampuh yen usik malik sakabehna teh ibadah, Moal aya bijil caritaan nu mungkul kawas kieu:

‘Dahar heula maneh meh kuat shalat ibadah ka Allah’ padahal dahar teh nyatana ibadah, shalat ge (sarua) ibadah. 
Jigana maksudna mah dahar heula sing jadi ibadah jeung supaya oge engke bisa/kuat ngalakukeun ibadah nu lain nyaeta shalat.

Jadi kuduna aya oge titahan lain ka barudak teh: ‘shalat heula maneh ameh engke bisa ibadah baranghakan’ –dahareun/bisa dahar sabagian rijki nu dipasihan ku pangeran mun pareng do’ana dina keur diuk waktu shalat –warzuqni- dikabul ku pangeran.

Ari dahar sing jadi ibadah, misalna, sok diajarkeun ku kokolot kokolot lembur tangtung mah ngaliwatan ‘obrolan‘ teu siga kawas kieu: ‘ieu kadaharan hareupeun maneh keur naon?’ dijawab ‘kanggo dituang/diteda’, ‘Naon sabab rek didahar?’ ‘salian ti hoyong/lapar teh, nyaeta supados janten kiat sehat wareg’. ‘Tah lamun kitu maneh ulah asal dahar tapi kudu bisa nyampurnakeunana sab ari asal ngahakan mah can tangtu jadi kulit jadi daging, sok jadi panyakit, sok jadi mawa nafsu goreng, sok jadi teu nangan kateluh kukejo, Sok atuh program/do’a-an supaya kadaharan nu asup teh jadi kaalusan ti maha suci (razaqtanaa) ngajauhkeun maneh tina siksa (panyakit naraka jrrd adzab)’. Tuluy ditanya deui, ‘Tah lebah mana ibadahna maneh ka nu maha suci lebah dinya/mun keur dahar kawas kitu? (jarang aya nu bisa ngajawab pananya nepi ka kieu –komo bari jeung prakna- najan kalimat saencana geus mere tuduh pakeun jawabna).

Satuluyna,…

Tangtu moal aya nu nyarita/ngado’a ‘gusti pasihan abdi rijki/harta banda dunya barana ameh tiasa/bade ibadah ka gusti’. Ieu tanjakan ti jalma nu keur poek hate atawa bisa jadi ukur keur hayang harta, nyarita kitu na teh ameh kasebut alus sungut mungkul. Naha? dumasar kana ayat diluhur tangtu neangan harta/rijki nage geus (kudu manjing) ibadah; pas kabeneran boga harta, hartana teh nambahan ka manehna jadi pagawean/hal nu kudu diibadahkeun; Kateubogana harita ge (kudu jadi) ibadah, riweuh gawe (kudu) jadi ibadah jrrd nu aya. Jadi, nanahaon masih make tanjakan yen karek lamun boga rijki arek ibadah. Nu kitu kasebut oge nu keur samagaha pikir. Hayang ibadah nu manehna teu bisa/keur teu daek, atawa nyahona meureun ibadah teh ukur nu sok idek liher di masjid, kaayaan manehna sorangan NU AYA di manehna harita pasihan ti maha suci ditambelarkeun teu diibadahkeun teu jadi ibadah kalahka ngalamunkeun nu euweuh.

Kitu oge kekecapan2: ‘Engke lamun geus salse/pensiun rek husu ibadah’, meureun rugi pisan kangoraana kasibukanana sama sakali lain ibadah/teu jadi ibadah keur manehna; ‘Boro boro tahajud euy ieu teh da kudu nyupir sapeupeuting’, meureun bingung pangrasana yen nyupirna lain ibadah da kumaha ngaibadahana nyupiran mobil hayang gancang tepi ka nu dituju tapi kudu mangrupa ibadah ka maha suci-jadi nu maha suci teh kawas nanahaon atuh?; ‘Engke mah lamun libur/cuti arek puasa arek ngelmu nambahan/ngaleketkeun ibadah, da ayeuna mah kumaha atuh euy riweuh’ pohoeun yen gawena/sakolana kariweuhna teh (kudu mangrupa/sing jadi) ibadah oge; ‘Tong nyanyi wae atuh maca maca qur’an ameh jadi ibadah’ pohoeun yen maca qur’an ge sok dilagukeun/aya ‘iramana’ jeung deui nyanyi ge ibadah-kudu jadi ibadah najan tangtu beda kelasna henteu pacorok; ‘Ah da kumaha atuh sakieu kakolotana teu bisa ibadah kawas baheula’. Justru kitu geus kari ngeunahna teu loba teuing nu kudu diibadahkeun; ‘Atuda gering ripuh rek kumaha bisa ibadah, padahal aya ngeunahna batur mah kudu nangtung ruku sujud ieu mah cukup ku ngagoler/diuk wae cukup rindat matana usik hatena mungkul pakeun dibaktikeun ka maha suci jrrd jrrd jrrd….. Moal euweuh tuliskeuneun lampahkeuneun sasat kabeh usik malik salila hirup jeung paehna kudu sarua jadi ibadah. Nu penting mah tinggal daek tatanya bari jeung prakna ka nu geus tapis kumaha sangkan sakabeh manjing ibadah ka tukang/ahli ibadah tug tutuhu ka nu maha suci lain ka salian ti eta.

CARA NGANEPIKEUN/NGALAMPAHKEUN IBADAH DI LEMBUR

Sajalan jeung kaidah ushl fiqh diluhur, luluhur luluhur sunda nu bijaksana para satmata ulama nu seubeuh mikiran agama anu aya dilembur lembur tangtung dina prakna, nu kapanggih mah, tara nyampurkeun elmu ulikan kasundaan/kaislaman (wilayah in/non formal) jeung sareat ritual formal nu geus mapan najan bari rupa rupa madzhabna. Tapi kabehana ge kelas harkatna euweuh bedana nyata mangrupa ibadah -kudu mangrupa ibadah- ka nu maha suci Allah swt tara ka salian ti eta. Nuhiji mah tara dipigawe naon wae salian ti nu geus aya tuduhna- mun dipigawe sok diseut bid’ah nu diulahkeun tea, nu kadua mah wenang naon bae oge asal teu milampah nu dicegahna.

Biasana pola na teh: Digedekeun/diasakeun heula kana ibadah ‘formal’ –kayaning rukun islam & iman dina sareat- nu geus kabukti sareatna/jalana/metodana proven keur ibadah ti babaheula, nu dipamrih kabukti engkena bisa nyaangan jadi tuduh kana lampah ulikan ulikan/lampah lampah nu laina dina kahirupan sangkan kabehanana jadi ibadah tug tutuhu ka maha suci Allah swt; Aya nu bareng periode/’yaum’-na ngan sok beda waktuna, beurang beurang di masjid ukur ngobrolkeun/lampah ‘sareat’, kapeutingnakeun sanggeus waktu sareureuh budak karek kana ulikan ulikan nu laina meh leuwih nyaangan lampah hirup hurip nohonan bakti diri ka maha suci di luar ibadah ‘formal’. Aya nu geus shalat fardhu berjamaah, tuluy ngabahas jeung mraktekeun eusi eusining qur’an dina pangkat ibadah nu leuwih jembar kayaning dina: silat, ngubaran, parijkian, panorahan, padikiran jrrd. Aya oge nu di masjid ngobrolkeun sareat; di imah, dikabuyutan, di leuweung, di gunung, di nu suni suni, sepi tinu pagaliwotana kahirupan sapopoe milampah/nyaritakeun/ngajarkeun ibadah ibadah lain kayaning katasaufan kasundaan jrrd make bekel sareat tur pakeun ngeuyeuban sareat. Kabehanana tara sugan nitah /nyontoan ninggalkeun sareat/formal atawa misahkeun ngabedakeun nganafikeun ibadah nu luar/salian ti ritual formal.

Matak di jalma jalma wijaksana baheulana (jeung tangtu ayeuna katut kahareupna) mah tara aya pasariwut pasea nu susundaan jeung iislaman da ibadah ibadah keneh asal ulah pacorok pacampur. Tara ngiruhan sareat tara nganafikeun ulikan ulikan susundaan/iislaman (misalna kasundaan katasaufan jrrd). Kabehana bareng silih bantu silih awaskeun silih ingetan selaras harmonis shaleh ibadah tutug tutuhu ngan ka nu maha suci.
[17/9 18:49] aji rasha: 2. IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? 

2. PAMUSRIKAN

Kaayeunakeun kusabab ‘misah’na cara nganepikeun ngeunaan hal ”sagala ge ulah iwalti nu aya titahanana/tuduhna; Sagala ge meunang iwalti nu diulahkeun/dicaram, loba kapanggih dina kahirupan sapopoe utamana lamun urang keur susundaan kayaning: manggihan neangan ngulik ngaekspresikeun nganepikeun ngaapresiasi numuwuhkeun nyeungitan milampah nu aya hubungana jeun kasundaan boh budaya boh, utamana, kapribadian ulikan elmu sunda (kitu oge kana ‘modernitas’ nu dibawa ku ‘munding bule’) sok dinafikeun ku disingsieunan jeung di/kabebegigan ku caritaan nu dipahingkeun tina pamahaman ibadah ritual formal/’sareat’ nyaeta : utamana pamusrikan/ ibadah Lain ka maha suci Allah swt atawa bid’ah migawe nu euweuh tuduhna/titahanana (kaidah ka hiji) nu ngajadikeun aya, lamun teu kasebut loba, urang sunda nukeur susundaan jadi:

· Ngajauhan ‘masjid/sareat’, ngewa/anti/teu paduli kana islam atawa misahkeun maneh tina kaislaman mopohokeun yen sababna islam ditarima/dipake baheula ku luluhur teh sab sareatna pangparatan hakekat bari teu kudu jadi arab/tetep nyunda/teu kudu anti ‘modernitas’, matak tara/tong daek nurut kana fiqih-fiqih (pamahaman jalma dina ngahartikeun agama) nu lain pangparatan hakekat, kudu wae ninggang hakekat/kanyataanana tara ngandelkeun cenah :
 Naon sabab islam dipake di sunda, na teu boga cecekelan sorangan?). 
Sabalikna, aya nu

· Embung, sieun atawa susulumputan milampah kasundaan da nyaeta sok/bisi/ngajaga tina dicap/dianggap musrik jeung milampah bid’ah poyokaneun/kamarginalkeun ku ‘urang masjid/sareat’ jadi we jati diri nu enya ngeunaan ulikan kasundaan teh hese neanganana da nyumput tara nembrak atawa kasundaan jadi barang aneh sab geus lila tara dipake sab sieun jeung embung tea mimitina nepikeun ka hese nyusudna salaku ulikan. Ari pareng aya/bijil nembrak, remen pasariwut jeung nu sada sunda tapi sundel da poekeun rumpu rampa keneh pikir jeung atina jajauheun kana moncorong gumiwang caang sampurna pikir ucap jeung lampahna salaku nu tug tutuhu tumut turut ka maha suci, kawas nu sada islam padahal eusleum jajauheun tina aslamtu numawa kasalametan karahayuan kaharmonisan kasampurnaan najan ngakuna mah (ukur tepi ka ngaku) abdi/tukang ibadah ka Allah-Kawas nu siga ‘educated’ luhung elmu padahal setan logika mungkul.

Sabenerna mah teu kudu aya dua kajadian diluhur, tapi memang kudu enya enya jeung ati ati pisan ulah nepikeun ka tigebrus kana pamusrikan jeung bid’ah.

Matak ayeuna urang semplakeun deui waja tina ageman teh boh dina ngalakukeun ibadah ‘formal’, dina susundaan, dina naon wae lampah dunya nepikeun ka paehna kudu jadi ibadah bakti diri tutuhu ka maha suci lain ka salian ti eta ulah milampah nu dicegahna. Nepikeun ka lembut lembutna oge, dina ngerejet mireungeuh miharsa ulah asup kana pamusrikan sabab eta teh dosa nu pangede gedena jeung euweuh ampuna saencan ditinggalkeun/teu dilakonan deui/taubat (balik deui) ka ngan ibadah ngabdi bakti diri tug tutuhu ka nu maha suci (tauhid). Jeung lamun geus musrik teh kacida pisan sasar sasabna (Awewe, 4:116).



NA KUMAHA NU DIMAKSUD SYIRIK/MUSYRIK TEH ENYANA?

SYIRIK umumna nyaeta ngaduakeun (leuwih ti hiji) Pangeran. 
Nganggap pangeran boga /ngabogaan atawa butuh/mikabutuh batur (syarik), jeung nganggap pangeran boga/ngabogaan ‘saingan’ nu satara/nu ngaleuwihan (andad).

Saliwat mah keur urang urang lamun ngadenge kekecapan syirik atawa musrik teh sok langsung kainget kana caritaan ka budak yen nu musrik (nu ngalakukeun syirik) teh

· Nu ibadah bakti ka berhala kawas patung arca jeung sarupa ti eta (Para Nabi (21):52-65).

· Sujud ka sarangenge ka bulan (diwincik, 41:37) sawarna jeung eta tangtu kaasup sujud bakti nyembah –migusti- kana barang barang nu dianggap ‘aheng’.

· Ngajadikeun jin-nu gaib gaib- jadi sarekat Allah (ingon-ingon, 6:100).

· Mangerankeun ka jelema2 nu dianggap aheng jeung luhung (Awewe, 4:171) kaasup - boh nu hirup keneh atawa geus maot.

Tapi tangtu ngeunaan pamusrikan nu disebut diluhur mah gampang ngabedakeunana dina lampah bakti tutuhu sapopoe.
 Kitu deui anggapan yen Allah/pangeran boga anak boga pamajikan terus konsekuensi logisna pangeran jadi tilu jrrd (5:116; 6:102; 16:57; 19:82-92) oge geus jelas beda/ulahna-malah diurang mah teu kagok, teu riweuh nyebut aya batur nu jadi Anak Allah, sorangana we ngaraku jadi Allah -
kawas fir’aun baheula- meureun leuwih ngeunah lieurna, teu bakti/ibadah/migusti deui ka batur saluaraeun manehna.

Najan tiap jalma ayeuna nu masih keneh siga nu dicaritakeun diluhur mun ditanya naha laku kitu pasti ngajawabna eta mah saukur simbolis, pengarah, ngagampangkeun hiji abstraksi, perantara, ’sareat’mungkul, ’membumikan tuhan nu abstrak’, manifestasi/perwujudan (jrrd) tina bakti ka nu murbeng alam. Embung disebut bodo bodo teuing ngaduakeun pangeran jeung patung, panonpoe, bulan atawa jin, nu gaib gaib, nu boga sifat basariyah jrrd. Jadi, teu pati guna teuing dibejer beaskeun kitu kieuna kacape cape.

Ayeuna urang ome pamusrikan nu rada leuwih hese –mun teu kasebut hese pisan- nyingkahanana ku sorangan tapi bari rada gampang nangenanana/gampang mere labelna mun kalampahkeun ku batur nyaeta:

· Jalma musrik teh nu ngajadikeun ulamana/guruna jadi Pangerana/gustina (9:31). 
Nu karieu barakti turut tumut tutuhu ka ulamana/guruna jeung kana naon wae ti ulamana/guruna ngaenyakeun nurut teu minge. Tuluy,

· Jalma musrik teh nyatana jalma jalma nu ngabengkahkeun agemanna nepikeun ka jadi golongan2/aliran2/isme2/brotehrhood2 masing masing reueus agul ku nu aya di paguron/ aliran/komunitas maranehna (30:31-32; 23:52-53) 
tah pan di urang ge boh nu iislaman boh nu susundaan pasariwut loba loba golongan/aliran bari misah misahkeun maneh aragul rareueus ku ageman nu aya di manehna nu beda/asa leuwih alus leuwih enya ti nu aya di batur. Malah-malah, sok kasebut loba loba

· Jalma nu tigebrus dina syirik teh nyaeta
 nu leuwih mikacinta harta, pagawean, dulur, pamajikan, anak, kolot, oge naon naon nu dipikameumeut ku maranehna, sasat leuwih mikacinta nu lain (andad) ti batan mikacinta pangeran (9:24).

Ngan lamun ka batur ku urang disebut laku kitu teh pamusrikan, najan aya caritana dina qur’an numutkeun Allah, meureun wera malah boa moal tuluy hahadean, papaseaan, musuh saumur umur. Tapi hal hal saperti nu disebut diluhur mun keur kaalaman ku sorangan hese sadarna beurat leupasna najan nyaho yen musrik teh moal dihampura ku Pangeran jeung siksana teh perih pisan nyelekit enya.

Nu panuntungna mah,…Pamusrikan nu samar ipis bedana hese pisan ditinggalkeuna nu tuluy wae ngilu kababawa ngukuntit salila usik malik jadi jelema najan susundaan, iislaman, shalat rajin, puasa leket ceuk rarasaanana atawa nu ceuk batur geus di pangkat ulama luhung Satmata oge komo keur urang jalma biasa. Nyaeta:

· Nu ngajadikeun hawa nafsu kajelemaanana jadi pangeranana/gustina/ALlahna.
 ‘ara’aita manittakhada ilaahahuu hawaahuu’ (Pamisah (25):43).

Hartina nu bakti tumut turut tug tuhu kana hawa nafsuna sorangan, ngajadikeun hawa nafsuna jadi gustina(andad). catetan: Pangeran/Gusti teh nu kudu diturut piwaranganana/cegahanana jadi mangeran/migusti bisa ngandung harti nurut tumut bakti tuhu kana piwarangan/cegahanana.

Naha?

Nyatana apan kajelemaan teh nafsu, pikir akal teh bijil ti nafsu, Qalbu teh pan owah owah dina sir kanafsuan. Moal lampah moal usik malik mun teu nafsuan, dahar nginum sahwat kiih ngising nafsu, moal mikir moal ngakal moal boga angen angen mun lain di kanafsuan, moal jadi jelema mun teu boga nafsu kajelemaan. Jadi pagiling gisik terus jeung nafsu moal pisah pisah satungtung aya dikajelemaan jadi jelema.

Cobaan shalat teu nafsuan moal meta moal usik usik acan, jadi shalat teh hasil/pagawean nafs kajelmaan ku jelema mah - beda lamun nu shalatna Allah atawa malaikat. 
kusabab eta coba saliksik sing telik ka sorangan di sorangan, 
Naha migawe shalat harita sabab nurut nafsuna nu hayang shalat? atawa nafsuna nurut kana titahan pangeran supaya shalat/puasa. 
Nu kahiji nurut-sasat mangeran/migusti-kana nafsu sorangan. 
Nu kadua nafsuna nurut kana titahan pangeran. 
Ngan didieu beuratna/samarna,
 Kumaha ngabedakeunana nganyahokeunana dina waktu ngan sababaraha ‘detik’ owah owahna sir dina ati, lamun can meunang perbuka ebreh wajahNa (wajhilah)?

- Matak bisa kaharti dina shalat fardhu ge kudu wae aya niatna/itikad heula, 
kudu wae khusu ngado’ana, make formulasi basa/kecap kecap nu geus proven tibaheula dipake ku Rasul Allahna - 
ulah nyieun sorangan,
 kudu bener peta petana ulah meta sakahayang sorangan, ibadah nu pantang migawe lamun euweuh tuduhna. Ameh bener ngalelempeng kanafsuan ulah mangerankeun/nurut kana nafsu sorangan 
(di lembur mah kabedakeun ku isitlah antara make/numpakan nafsu jeung kagugusur nurut mangeran kana nafsu).

Biasna pamusrikan henteuna teh leuheung ngeunaan hayang shalat fardhu-pagawean alus, kumaha lamun dina angen angen? dina sahwat? dina dahar? Ngaroko - ‘Addicted Narkoba mah meureun leuwih jelas’-? Gawe? neang elmu? Keur parebut pagetreng jeung batur dina dudunya? Ngabaktikeun kasusah kasenang Jrrd Kumaha lamun kawas Sang Khidir as dina maehan & ngarusak keur urang ayeuna, jaba urang mah jalma biasa? Mana nu nurut make nafsu mana nu kagugusur bakti kana nafsuna? 
Mana nu mangeran kana/ngajadikeun nafsuna jadi pangerana dina usik malik, mana nu usik malikna dumasar kana titahan/tuduh Pangerana? 
Lain jawabeun/sangkaan/penilaian nu harung gampung sungut mungkul lain hasil tilikan nu deet deet sab ieu mah pamusrikan patohidan nu pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan.

Kitu oge ngeunaan pangeran nu jadi kakait ati/pikir,
 tujuan shalat/do’a bakti sumembah dina usik malik salila hirup jeung/ tug nepika paehna.
 Pangeran nu kasebat nganggo basa arab Allah-nu cenah jadi pamsurikan urang Arab jahilliyah. 
Allah teh dzat nu euweuh upamana Suci sareng Agungna teh maha pisan bari gaduh asma alhusna ngaratus katut af’alna nu tanpa wilangan. 
Eta hasil nu kabaca/kadenge tina kitab mushaff utsmani/ti guru/ti ulama- ku nu parinter dina agama Allah teh dipasihan ‘gelar’ SWT ameh ngingetan/puguh bedana nu kumaha Allah teh.
 Nya ku katerangan eta dilakukeun ‘conseptualised’ pemodelan anggapan pemahaman nu jadi kayakinan disorangan ngeunaan eta katerangan. Bisa bener bisa salah ngahartikeuna - komo nu ukur aya dina nyangka ngaduga ngira ngira/meureun ngeunaan Allah dumasar kana katerangan tina ayat (nu ngaduga ngira ngira Allah baladna setan). 
Najan kitu, ari ngahartikeun, pamahaman, kayakinan, konseptualiasasi, nyangka ngaduga ngira ngira bijil ti nafsu kajelemaan. 
Dina salahna jadi mangerankeun kanu lain pangeran, mi Allah lain ka Allah najan asa enya.

Tapi, leupas tina bener salahna mi Allahna ka ‘Allahna’ teh sabenerna nurutkeun kajelemaanana da jelema sasat bakti tug tutuhu nurut tumut mangeran kana nafsu kajelemaanana pangrasana sorangan ngeunaan Allah, lamun can meunang perbuka ebreh wajahNa (wajhillah) .

Jadi Mana nu mangerankeun nafsuna ngeunaan Pangeran (syirik)? mana nu ku nafsuna mangeran ka Pangeran?
 Lain jawabeun/sangkaan/penilaian nu harung gampung sungut mungkul lain hasil tilikan nu deet deet sab ieu mah pamusrikan patohidan nu pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan.

Kusabab katerangan diluhur, teu salah lamun nu mangerankeun nurut tuhu migusti kana nafsuna sorangan ieu nu ngajadikeun ayana syirik syirik nu laina. Jadi nyembah berhala teh nyatana berhala dina nafsu sorangan, leuwih micinta dunya tibatan ka pangeran sab mangerankeun hawa nafsu sorangan, nurut mangeran ka guru/ulamana sab nafsu sorangan, ngabengkahkeun ageman agul ku ageman sorangan sab mangeran kana kaagul nafsu sorangan, nyieun pangeran keur manehna sakahartina sab jijieunan pamahaman hawa nafsu sorangan, lain saukur dina nangenan aya nu susundaan atawa nu iislaman mungkul, nu kitu moal leupas salila di kanafsuan hawa kajelemaan lamun lain ku perbuka.

Ieu ge nuliskeun papanggihan nga upload ngaguar guar naha sabab: make nafsu numpakan nafsu da kudu ku nafsu ameh jadi tapak salaku nu katitipan ngagolangkeun nafsu kajelemaan titipan ti maha suci, atawa ukur nurut mangeran kana nafsu sorangan pedah hayang/kudu nuliskeun ngaguar guar sab perlu atawa ngandel kana nafsu jamak bisi ‘perish’ lamun teu ‘publish’? Ana kajawab kaburu lain da lain dina alam susundaan iislamanana mungkul tapi pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan unggal usik unggal ngetug unggal ngarenghap. Jadi mending dianggeusan bisi keuna ku poho ireug katalingeuhan.
[18/9 23:39] aji rasha: JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG I)
Kecap jarah umumna dipake nerangkeun pagawean ngadatangan makam-makam / kuburan kuburan boh makam kolotna, dulur / anakna, batur / luluhur / karamat nepikeun ka jarah ka tanah suci - disunda mah ibadah haji sok disebutna jarah, “Nyuhunkeun du’ana ti sadayana”, misalna, ‘bade jarah ka tanah suci” meureun salah sahijina pedah di deukeut imah pasagi di mekah aya makam,…makamna Sang Khalilullah Sayidina Ibrahim.

Maksud ieu tulisan mah seja ngaguar jarah dina harti nyusud tina dua hal:

kahiji, nu umum, nyatana jarah ka batur nyusud tapak batur alam batur makam batur jaman baheula nu jadi susudeun urang. Nu kaduana, nu utamana, nu teu lumbrah, nyatana jarah ka sorangan nyusud tapak sorangan kaasup haji di sorangan nu bakal jadi makam sorangan di ayeuna tur pijagaaeun.



I. JARAH KA BATUR NYUSUD TAPAK BATUR ALAM BATUR


1

Kabiasaan jarah ka tapak jalma jalma baheula geus jadi kabiasaan sabagian urang sunda. 
Tapak/makam baheula pisan di sunda mah biasana ngarupakeun hiji kabuyutan/mandala tempat suci, atawa tapak panungtunganna luluhur, 
malah aya tapak keur tapana atawa keur metakeun kamampuhna baheula nu masih keneh aya di clipboard dunya tug tepi ka ayeuna. Tempatna loba pisan, biasana ngarupakeun hiji lingkungan tatangkalan nu dicirian ku batu (guha, lingga, tumpukan batu) jeung aya cai. 
Iwal ti aya sababaraha tempat nu disamarkeun nu muka lamun aya nu bisaeun nga triggerna wungkul.

Cara ngabukana tapak baheula di hiji makam biasana,
 lamun aya, 
sok meleum menyan jeung babawaan sarupaning nu bisa nga trigger tapak baheula. 
Menyan teh aya unsur seuneu jeung seungit (hawa) jadi bisa nga trace 
awasna hate bareng jeung robahna saat di eta lingkungan. 
(Kadieunakeun aya oge hasil panalungtikan Prof. Kusnaka A, Phd, yen haseup menyan teh bisa maehan virus disabudeureunana). 
Baheula mah bari ngawaskeun seuneu jeung haseup menyan ku rasa teh dikuatan ku rajah pangbuka ayeuna mah ku alfatihah pedah artina alfatihah teh pembukaan qur’an sarua jeung rajah nu mukakeun sabagian kitab dunya - lain kitab kertas.

Kajadianana….
 Lir situ nu ditepak, mimiti leutik lila lila lamun fasena sarua resonansi jadi gede riakna. 
Matak nu apal mah sok nunggu nunggu wayah dina jarahna (tiap tempat beda karakteristik ‘kordinat’na), ameh unsure unsur alam keur pareng silih kuatkeun dina mukakeun tapak baheula di jaman ayeuna.

Kajadianna….
Lir informasi nu sakilat/ilham tea.
 Tapi lamun aya wadah nu bisa nahan faktor acakna resonansina jadi leuwih lila. Nya bisa jadi “corong”.
 Lewih loba nu kabukakeun leuwih undak nu ngarasakeun…
sok jadi babasan tos aya pituduhna…tos aya ilapatna…dadasar ngahening di alam yakin.

Kajadianana …
Lain kasurupan tapi kaselir. Kasurupan mah kudu jadi pacaduan sabab jadi teu eling,
 ari teu eling pantangan jalma waras. 
Ari kaselir jalmana tetep sadar ngan naek makam ka pangkat nu nyelirna sanajan budak ngora kaselir ku ‘wali anu” harita, nya harita pisan keuna “pangkat kawaliyan” geus lepas mah biasa deui…kawas…Mashudi, solihin Gp, Aang kunaefi, Yogi SM, Nuryana, Dani Setiawan, Ahmad Heryawan kabeh kaselir jadi gubernur lain kasurupan gubernur.

Lamun kaselir jalmana sadar jeung beda beda tapi pangkat/makam na gubernur jabar saharitaeun (saperiode/dua periode)..
geus teu kaselir mah nya biasa deui jalma biasa. 
Ku kaselir eta kakarek bisa dipake keur nohonan kabutuh. 
Kawas keur kaselir gubernur pan titahan teh diturut tah keur kaselir karamat denge ucap deuleu angseuna matih sakumaha pangkat makam sinelir.

Ku kaselir eta nu jadi hiji udagan keur nu nyusud tapak, 
sabab ku kitu teh 
jiwana jadi bisa ngahontal rasa 
rasa jalma luhung baheula…lain ihdinasirotol mustaqim nu terus dibaca teh, 
hartina hayang siga jalma luhung baheula para shalihin, shidiqen jeung nabiyyin (tukang nganepikeun beja ti langit), katut syuhada (An-nisa:69)?
 Lain jalma jaga.

Eta nu diluhur…

bisa kahontal kunu ngulik kunu henteu mah bororaah, nya kumaha alamna bae. Alamna nu jarah alam dunya..
nya panggihna teh jeung nu kasarad ku dunya deui…
sok loba nunyarita euleuh mani muriding, mani muringkak, panggih jeung jurig anu jin anu maung anu onom anu. 
Aya nu ngabelegedeg aya nu ngabeletrak jeung loba loba deui. 
Lamun ditempat karamat mah nu kitu teh tapak karamat baheula keur mageuhan lingkungan memeh ninggalkeun buana panca tengah 
ku teknis ctrlx-xtrlv.
 Nu jarah alamna alam sunda (Nur) panggihna jeung nu di alam sunda deui karamat para wali para solihin para nabi jeung loba loba deui. Kajajadianana ge tara pupuringkakan gegerebegan tapi estuning caang padang meta di sagara hurip.

Kadieunakeun teuing kuncenna geus boga skill marketing, 
pedah jarah nu umum mah jarah ka kuburan nu dimeunangkeun ku agama sabab supaya inget ka paeh tea,
 jadi we eta kabuyutan/mandala teh
 disulap kawas kuburan atawa teuing pedah teu ngarti nu ahirna jadi ngarusak otentisitas situs, 
loba kabuyutan/mandala nu tutunggul batuna 
hayoh di tembok dipadungan siga kuburan, 
tata carana ge kawas tahlilan kanu maot, 
ongkoh ngahadiahan ongkoh menta berekah. 
Padahal makam sayidina Ibrahim ge di baitullah ngan saukur tapak dua dampal suku
 kawas di kawali atawa kakantuna Sang Purnawarman titisan Wisnu.

2

Kabeh ge, 
jarah aprak–aprakan
 ka makam batur, ngarupakeun salah sahiji metoda keur ngundakeun tangtung 
lamun niatna 
nyusud tangtung mah,
 jadi mangfaat keur pilih pilih rabi 
pindah pindah rasa
 undak luhur pamangkatan 
di kamanusaan.
 Sabab
 batur batur tingkat tingkat karamahna/makamna,
 nya sok jadi karesep jeung dongeng ka barudak ngeunaan jarah yen: “euy… ti anu mah meunang anu, naha nya ari ari ti anu bet asa anu,… mun hayang anu kudu ka anu geura hasil maksud ” warnaning papanggihan tangtung.

Ku tingkat tingkat teh
 nya nu kaselirna jadi undak, mun bener tahapanana. 
Pan kongas nabi ge mi’rajna undak undak ka tiap langit nu beda beda eusina…
siloka bawaning jati..
ka prawirasasmitaan bujangga nu medal 
ti qun fa yakun.

Matak enya ....
loba nu ngaprak jarah ka kuburan batur baheula aya wali anu syech aya nabi anu;
anu batara anu, hyang anu, karamat anu, luluhur anu karuhun anu;

Aya nu mulan malen di hiji makam nepikeun ka puluhan poe mawa bekel sacukupna.
Aya nu sapoe terus balik;
 Aya wae nu karek balik sanggeus meunang ilapat.
Aya nu indit tiap kaliwon, Terus pindah deui ka makam nu lain;
Aya nu dititah guruna aya nu cenah meunang pituduh;
Aya nu datang ngarepkeun impian…
cara panggampangna tapi pang teu puguhna.
Aya nu wirid bae aya nu yasinan wae 
aya nu puasa wae rupa rupa polahna….;

Aya oge nu ah duka..
ngan pokonamah nyuhunkeun berkahna wae.

Kabeh ge nyubadanan kana kahayangna jeung alamna sorangan.

3

Husus kanu arek nyusud tapak batur
 pang muhungna 
pang ahirna 
pang puncakna
 jarah ka makam batur teh
 ka baetullah 
nu saampar 
makam sayidina Ibrahim. Naha? 
Sabab cenah tepi ka imah Allah nu murbeng alam nyatana ka’bah baetullah,
 nu siloka didunyana ngan saukur pasagi jeung hideung. Jadi sanggeus kaditu kadieu jarah teh ahirna ka baetullah tea …
lantaran eta nu geus nepi kadinya sok disebut elmuna geus masagi 
sabab kabah teh 
hartina pasagi.

Sanajan kudu jadi catetan
 yen dina sareatna mah, 
indit jauh jauh ka mekah ge papanggihan na warna warna weeee….
kumaha alamna memeh indit jeung keur aya diditu.

Alam nu jarahna alam dunya panggihna ge jeung ‘kadunyaan’ deui 
alamna alam yakin panggihna jeung yakin deui alamna alam sunda benangna sunda deui. 
Enya di dunya mah kabeh nambahan ngaran aya Haji aya Hajjah, 
eusina mah wallahu ‘alam. Kawas boga uwa –isteri- (tos dikantun ku uwa pameget) jarah ka tanah suci,.. 
pas mulih nu kerep didongengkeun teh sieun diculik terus diperkosa ku urang arab cenah da carios namah nyaksian pisan, atuh rerencanganana nu bade jarah ge (sami tos nyorangan) jadi murengked da sieun kawas jeng uwa, ahirna rerencangannana waleh ‘engke we upami tos langkung siap”. 
Ari ditaros teh ka anjeuna “naha bet nyarios kitu kanu bade jarah”, 
walerna teh bari imut “ih enya kitu salah sahiji pangalaman aheng teh…
jeung hayang mecak we sa alam teu jeung kami manehna teh”.

4

Naha hayang ngundakeun tangtung sorangan teh 
ku cara aprak aprak kan nyobaan ngarasaan nyusud makam makam batur mungkul?

Enya bisa…. 
bari resep kaditu kadieu tapi enya bari cape kaditu kadieu. Enya bisa jeung resep…. dongeng anu dongeng anu, enya cape sabab sok barieukeun bari dongeng sorangan teuing kumaha.
Ngan…
kade loba nu agul ku payung butut. 
Loba nu jarah ka baetullah 
ari balik jadi arab 
padahal manehna teh cicing balikna ka sunda deui.

Kade loba nu teu pindah pindah sabab kaburu betah ningali pangkat makam batur nu loba loba jeung geus biasa lamun sagala nu aya dibatur sok siga alus ngan alusna saukur dugaan… 
cik kumaha mun jadi batur? Can tangtu resep komo ari leungit urangna!!… 
Ahirna alam makam Allah teu kasusud 
komo 
makam sorangan.

Matak jarah ka makam batur tong kajongjonan 
saukur bekel keur 
di sorangan bae. 
Pan Sayidina Ahmad ge 
keur anom madep ka makam batur-
baitul makdis- kasepuhnakeun ngalih madep ka makam di nyalira –ka’bah- 
nu jadi bali geusan ngajadina. Tah eta nu diteangan 
nyusud ka urut indit.

SALIAN ti nu diluhur…….

Aya deui caritaan sejen pikeun 
nu hayang nyusud tapak …kongas lamun hayang ka mekah (baetullah) tinggal asup ka sunyaragi kamarna leutik teu bisa nangtung nangtung acan; 
oge geus pada terang Syech abdul Muhyi 
ka mekahna asup ka guha nu sarua pendek sempit (keur lawang ka mekah mah)…. Malah-malah Teureuh Qurais Sayidina Ahmad bin Abdullah bin abdul muthalib mah jarahna teh ngan dihiji tempat nya gua hira tea –
nu pendek tur sempit- 
teu aprak aprakan 
tapi gening kongas tiasa janten khataman Nabiyyin nepikeun ka pasir keusik tempatna khalwat ge katelahna 
gunung sunda (jabal Nur) .

…Eta kabeh 
siloka jarah ka sorangan…
dileutikan dileutikan 
di bulu manukeun 
ahirna jembar buana.
Nu Mulya Kean Santang ge nyungsang nyungsang nyakra buana tangtung 
sabab hayang terang di getih sorangan 
jarah ka sorangan –
lain getih batur 
makam batur- 
hartina 
nganyahokeun jati sorangan. Kongas jadi muslim saukur ku ‘case’ ngangkat iteuk. Angkatna ka mekah saukur numpi di masjid luar batang… enya 
ajian luar babatang 
lain hartikeueneun budak. Tapakna nepi ka ayeuna araya keneh…

Tapi..tapi….

Keukeuh keur urang ayeuna eta tapak luluhur teh 
tapak ‘batur’… 
da kudu kaalaman sorangan kawas aranjeuna garaduh tapak nyalira…
karek 
jadi milik diri bagja awak.

Ngan pedah ieu jarah luluhur nu kasebut diluhur mah…teknik na 
lain ngaprak ka luar 
tapi nyusud kajero.
Singketna:

Nu hiji asruk asrukan 
nu hiji sasaliksikan, …
nu hiji ngajajah lampah 
nu hiji ngarucat awak. ….


Kumaha cara 
jarah ka sorangan 
nyusud tapak asal sorangan nyatana ???
[19/9 01:06] aji rasha: JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN 2

II. Jarah ka sorangan nyusud tapak sorangan

Kabiasaan jarah ka sorangan oge geus jadi kabiasaan malah kabutuh sabagian urang sunda. 
Dina ieu guaran urang dadarkeun saparengna sugan ngudag ucapan kampung yen ulikan teh kudu minuhan tritangtu 
“kahartos” (uteuk), “karaos” (rasa) tur “buktos” (bukti /kanyataan).

Ari jarah ka sorangan, sorangan nu dijarahan 
nu dideuheusan, ngadeheusan ka sorangan. …Eta ge loba warnana 
loba loba makamna, 
aya gunungna, 
aya lengkobna 
aya batuna 
aya caina, 
tiap tempat boga ‘koordinatna’ 
boga peletna masing masing boga rajah masing masing ‘menyan’ na ge beda beda.

5

Jarah ka alam papasangan 
di tangtung…
alam midua

Lamun ….
hayang jarah ka kurung 
pake alam (rasa) kakuringan -tetep kuring mun masih boga/ngarasa boga kurung. Ngalemesan na make jisim da itu ngajirim…
pan sok sering kapanggih 
nu nyarita ge… 
ngabasakeun kuring ditambahan jisim 
jadi 
“sim kuring mah….”;

Hayang jarah ka alam sasama batur batur 
di makamna tangtung 
pake ka kamian, 
euweuh luhur handapan.

Hayang jarah deuheus ka makam Gusti/Pangeran 
prak pake kaabdian,
Hayang jarah ka loba loba makam saluhureun 
kayaning 
makam wali nabi karamat 
di sorangan, 
prak pake ka kaulaan (dina rasa) 
nu boga sembah boga puji… pan 
pangbuka kitab dunya
 ge 
alhamdulillah. 
Hayang jarah ka pribadi 
pake ka ingsunan. 
Kabeh ge aing keneh 
aing keneh 
ngan 
beda beda makamna
 nya asma sifat af’alna 
ge 
beda beda.

Luhur handapan 
kumaha nu rek dideheusan dijarahan.

Urang balikkeun…

Hayang deuheus abdi 
kudu 
jadi gusti 
nyatana 
moal aya nu daek 
‘ngabdi’ 
ka urang 
mun urang 
teu boga 
sifat kagustian,
hayang deuheus kurung 
kudu jadi kuring,
hayang deuheus dia 
kudu jadi kami,
hayang deuheus kaula 
kudu jadi puji,
hayang deuheus hurip 
kudu jadi ingsun,
hayang deuheus sia 
kudu ku aing.

Eta kabeh 
jampe alam midua…
bakal manggihan 
rame rame makam batur 
di tangtung.

6

Wah maenya kudu kitu?

Iih…tingali… 
sapopoe ge moal aya 
nu daek ngabdi 
(nu nurut/bawahan/sahandapeun) 
mun urang 
teu boga sifat gusti 
(asmaul husna) 
kayaning nyaah, kawasa, ilmu, jrrd 
sakabutuh abdina. 
Sabalikna, 
moal bijil kagustian 
mun euweuh abdina, 
ayat qur’an ge 
moal medal 
lamun 
euweuh nu butuh abdi 
nu jadi sababna. 
Matak lamun 
hayang meunang kagustian 
ti batur dagangkeun/deuheuskeun ka abdian..
pasti 
meunang 
kagustianana batur. 
Loba nu ngaku basa basi abdi mah dhaif gudangna kakirangan 
ari nyarita wawanianan nganepikeun 
pamanggih elmu 
nujadi lawang 
kagustian;….
loba nu matangankeun 
ka fanaan…
pohoeun yen itu mah 
baqa…
tah buktina alam midua…
nu cilaka teh 
nu templang sabeulah.

Abdi jeung abdi mah parebut leungit kaabdianana 
da ngabasakeunna 
mun teu uing (kuring) 
nya dewek…
gusti jeung gusti 
mawa karep sorangan temahna 
sok tara akur 
leungit kagustianana paribasa ‘teh 
kami mah deuleu’..jst. Matakna sing bias sakapeung jadi gusti sakapeung jadi abdi 
meh layeut jeung pada batur…kitu oge 
alam-alam tangtung 
nu lain 
nu masih keneh midua…panjang teuing conto mun didongengkeun kabeh. 
Matak dilembur mah 
diajar tatakrama 
kahalusan budi teh 
lain pikeun jadi ‘teu Pede’ atawa ‘feodalisme’ atawa 
ciri jalma marginal 
urut kajajah deungeun 
tapi 
diajar 
mernahkeun rasa sorangan nyanghareupan rupa rupa warna rasa batur 
supaya layeut jeung 
jadi untung 
keur manehna
mirasa..
pada mirasa.

Ari di alam rasa….
Lamun 
rasa geus awas 
kana, misalna, 
kanyataan puji dikakaulaan. Bray awas ka saluhureun kayaning karamat para wali nabi jeung nu sanesna. 
Sabab 
mukana ku puji lain muji…awas ulah kawas aki-aki zikir muji gustina bari ngelay bakating tunduh….
pan kongas kanu sok muji mah kudu diawuran lebu saur Sang khataman Nabiyyin oge. Tapi 
lamun 
jadi puji 
tah eta 
pangbuka kitab jagat al majid rajahna ku alfatihah.

Lamun 
rasa geus awas 
ka kagustian ..
sok jul jol…
nu daratang 
kayaning bangsa lelembut 
nu hayang ngaub…
omat 
ulah ngageser. 
Nyoba-nyoba ngandelkeun lelembut nungabdi 
sabab 
engke turun deui 
leungit kagustianana 
pan gusti mah tara ngandelkeun abdi 
tapi 
ngayuga abdi. 
Sabalikna 
lamun 
rasa can merenah 
rus ras keneh 
ngagedekeun rarasaan 
nyoba nyoba nganjang kalelembutan 
ahirna sok ngagerebeg….
loba kadatangan batur 
nu gelo lantaran dzikir. Dzikirna.... 
Allah…Allahan... 
rasana teu nepi..
jadina 
alah alahan 
ditambahan ku ‘aduh alah’…sabab 
sukuna singsireumeun kadempet….
sirah bencenur lantaran tidagor waktu ngalenggut…

7

Ngan…ngan…ngan…

Lamun 
hayang jarah deuheus 
ka makam Allah, 
bisana ngan ku ka Allahan ….nyaeta 
mun geus 
teu maneh maneh acan. 
Pan kongas ceuk beja aya dongeng kieu 
timana nguningakeun Allah ya Ali? 
“nya ti Allah”. 
Kumaha 
cara terang ka Allah 
ya Abu bakar?…
”nya ku Allah”. 
Euleuh euleuh kumaha awaluddinni marifatullahna euy??? 
Nu nyaho ka Allah 
ngan Allah..
salian ti Allah mah pamohalan nyaho Allah.

Kade ulah salah terapna, moal kasusud 
lamun 
beda alamna.

Atuh abdi moal tiasa jarah deueheus ka makam Allah…moal, 
panggih ge 
ngan jeung gusti/pangeran/ilah;
Atuh kuring moal panggih jeung makam Allah…
moal 
da eta kurung maneh ngabengbreng;
Atuh kami moal panggih jeung Allah…
moal 
da eta dia mah…
nyasama bae;
Atuh kaula moal jadi Allah…moal 
ngan beunghar 
ku sembah nu jadi puji;
Atuh ingsun moal jadi Allah…moal 
ngan boga rasa rumasa 
di usik malikeun ku Allah;
Atuh aing moal jadi Allah…moal 
ngan nu aya 
kari sia jeung aing…
alamna muqorrobin.

Cik 
Allah kumaha enyana 
lamun lain ku Allahna ? 
Enya enyana mah…
lamun maneh 
geus teu maneh maneh acan. Sirna leungit nu ngarasana nya kari rasa rasa jati rasaning sampurna...
asal narima jadi tarima 
asal ningali jadi tingali 
(teu make mata) 
asal ngadenge jadi kadenge (teu usaha heula) 
asal nyarita jadi terusing rasa….

..pantangana NGAKU jampena JADI.

Matak 
dina jarah ka imah Allah 
di bakkah…
loba disindiran….
kayaning maehan nafsu setan (sorangan) di aqabah…marake pakean ihram bodas beresih jeung geus euweuh bedana jeung batur (ego/identitas euweuh) 
nu aya 
tinggal thawafna 
ari nu dikurilingan 
imah hideung…
karasulanna milatul ibrahim…kabukana 
ku 
kamuhammadan…jrrd

Eta kabeh 
jampe alam yakin…
jarah deuheus ka yakin…
ngudag iman tanpa itikad, marifat tanpa ningali, 
tauhid tanpa tunggal…

.....islamna tanpa wangenan.

8

Tah…
kusabab kitu….
sabab loba pasir 
loba lengkob 
loba batu 
loba caina…
beda beda madepna..
beda beda alamna. 
Nya loba loba bujangga 
mere papagon. 
Rupa rupa nu pondok 
nu panjang 
nu nguriling 
kumaha alamna 
kumaha basana 
kumaha lemburna. 
Bacaeun memeh nyaba, akurkeuneun 
mun lumampah…
supaya nu disalindiran nyaliksik telik 
ngarucat natrat.

....Ngan nu penting mah 
prak jarahna 
lain 
maca na.

Rupa rupa teorina, 
rupa rupa rarambuna, 
nyirian di tiap pamangkatan jarah deuheus ka sorangan ngundakkeun sorangan 
ku cara 
nyusud ka sorangan, 
rupa rupa tatana
kawas 
tiap kubur beda kuncenna beda nu dibawana 
sanajan 
maksudna mah sarua wae hayang hasil 
samaksudna samaksudna saalamna saalamna…:

Nurutan tata 
urang lembur jati 
aya darigama, 
tuhugama, 
satmata nepikeun 
ka nirawerah,..; 
Nurutan 
martabat tujuh 
der dina tangtung teh manggihan….
aya ahadiat, 
aya wahdat, 
wahidiat, 
mitsal…
nepi 
ka kamil, 
Aya nu ditambahan 
mukamil;  
Nurutan nu ngawincik nafsu der 
dina tangtung mangggihan ..
aya 
nafsu amarah 
lawwamah, 
salwiyah, mutmainnah….
nepikeun ka rodiah..
mardiyah, 
aya nu oge ditambah kamilah;

Nurutan nu 
panta agama 
der 
bijil tingkatan tangtung…
aya islam 
ayaa iman 
aya sholeh, 
aya ikhsan 
aya sahadah 
aya sidikiyyah 
aya qurbah; 
Nurutan Sang Patanjala…
aya cikajayaan, 
aya cikahuripan, 
aya ciasihan, 
aya cikawedukan, 
aya cimenceger (mandiri-qiyamuhu binafsihi), aya ciderma, 
panungtungan ci paingan kabeh boga aweuhan;

Nurutan nu ngulik pibatin…aya roh hewani 
roh nabati…
roh idhofli 
ruhul qudus 
ruhulamin 
nepikeun ka 
rohkhullahna; 
Nurutan urang tarekat 
der…
aya hambalan 
sareat 
tarekat 
hakekat 
ma’rifat, 
dikepetan 
ku sifat 20; 
Nurutan tukang dzikir…
der 
rupa rupa timimiti 
dzkir dhahhir, 
dhikir nafas… 
nepikeun ka 
dzikir latif 
sasat metakeun latifah;


Aya nu nataan 
di kawalian wali 
der 
para baga wali ..
nepikeun ka wali qutb; 
der... 
nu nyindiranku kitab.. 
aya karim 
aya qadim 
aya majid 
aya hakim…..; 
Aya aji galunggung 
metakeun karatuan galuh dikepetan kasumedangan jadina 
kasiliwangian 
bekel meunang watugunung;…; Aya nu ku diajar nyaksi 
der 
aya sahadat bogor 
sahadat banten 
sahadat cirebon 
sahadat galuh 
sahadat sunda 
tungtungna 
sahadat sakawayana…
.Jeung loba loba deui …
loba loba deui…

kayaning 
kawisnuan 
kasiwaan 
kabeh aya di sunda…
.rupa rupa puasana meulina ngalarapkeunana...
ngan 
nu kudu kapanggih mah
 nya 
SUNDA JATI na ….
tiap Guru 
tiap Ajar 
gaduh karesep nyalira nyalira dina metakeun tapakna…luhur handap kumaha kawacisanana….
papinter pinter ngadadarkeunana…
ameh ngalarti nu disindiran tarapti nyieun dadasar.


9

Enya…
aya anu, 
aya anu, 
ditangtung teh 
diwincik nepi 
ka jati 
lamun daek ngajarahanana da enya. 
Kanyataan nu dipasieup 
ku kabinangkitan bujangga terusing rasa.
Resep loba dongengna tinggal tigin 
dina keur sasaliksikannana rurucatanana tangtung… lebah mana 
lebah mana 
lebah mendi 
lebah mendi. 
Lamun panggih 
jeung sasama 
nu keur sasaliksikan gampang ngujina mimiti..
tengetan 
caritaanana..
rengkakna…
polahna..
caharana nu nyaritakeun 
nu karasa nyata mah beda jeung nu nyarita saukur nu nyaritakeun euceuk 
atawa 
rarasaan manehna sorangan.

Mun kudu bae 
metakeun/
nyaritakeun/
nunjukkeun 
tara rea omong …
der 
numpakan rasa…
beuki henang 
beuki hening 
beuki henung..
tah nu handap keneh..
moal bisa ngilu hiber/teuleum…
nu can sampurna 
tara wani 
sabab 
sieun paeh kasampurnakeun ….da nukaritu mah 
nyahona 
nu sampurna teh 
engke geus paeh..
aherat teh
 engke geus paeh…..
jadi karek kabeh kahontal engke mun paeh….
nya paeh weh atuh? Katambiasna 
johar awal 
baheula 
keur euweuh keneh 
awang awang uwung uwung… ari manehna ayeuna, ahadiyat teh alam hiji… 
anu misah ti dua 
nu manehna ayeuna ..jrrd nurut nurut tahayul rekaan hatena sorangan nu karasana asa jiga…

Kongas 
carita Wisnu 
jeung Brahma 
hayang silih ukur 
saha nu leuwih tepi/
luhur elmuna..
teu rea omong 
cukup ‘yu langsung we 
urang hiber nepi kamana tepina. 
Yu urang nubrus bumi tepi kamana tepina’. 
Brahma hiber manggihan merak tapi jadi naga, 
Wisnu nubrus manggihan pertiwi jadi bagong…
ari Sayidina Mursalin 
malah nyamuni di guha hirana…
wah panjang teuing dodongeng…
kacape cape 
malibir.


11

Wah …
kumaha enyana...
jaba pamanggih batur 
nu loba-loba, 
mana nu benerna, 
kudu nurut kamana? 
Aing keur aya dimana?. 
loba nu huleng jentul mikiran teu undak undak 
da eta hijabna, 
loba nu teu manggih manggih da resep neangan…
pan panggihna ge 
lamun teu panggih. Barieukeun panyakit tina rea kanyaho uteuk…
rupa rupa ceuk anu/
ceuk cenah/
buku/
qur’an/ 
ceuk guru 
bari saukur dikira kira;

Geura pek 
keur di alam tuhugama…dibejaan 
carita alam satmata…
puguh teu kasusud 
teu kaalaman…
jadina ngira ngira euh meureun satmata teh kitu…kitu…
kitu. 
Ari kira kira 
tara ninggang di enya.

Aya ci derma 
aya cikahuripan 
nepi ka cipaingan ….
rek kumaha patanjalana unggal poe ngan ciledeng (PAM). 
Ahirna euh meureun 
ci paingan teh kitu…
kitu…
kitu 
ari kira kira 
tara ninggang di enya 
pas mandi 
teh saukur kabulusan.

Aya ahadiyat…
alam awang awang uwung uwung 
can kasebut naon naon, suwung tapi eusi…
johar mimiti…
aing di mitsal keneh 
tukang ngalamun…, 
oh 
ahadiyat teh meureun 
kitu..
kitu…
da ceuk itu kitu jadi we sigana kitu, 
anggeus ku kira kira…
rek kumaha 
kamil na?...
komo mukamil…
teu nyaho ngarujak ngarujakna acan.

Aya qurbah 
teh kitu cirina….
iman 
ge teu panta panta acan….
euh meureun qurbah teh disisi Allah da raket…
euh meureun uing teh 
Allah da tohid...
beu!...
gelo!... 
Pantesan nu ngira ngira ngeunaan Allah disebutna ge baturna setan (srt. Sapi bikang).

Nu Mulya Kean Santang 
teu tiasa nyabut iteuk alif pancerna hirup 
dugi ka boborot getih..
enya lamun alifna euweuh moal aya deui nu hirup…
alif nu sakabeh hurip 
bijil tidinya…
euh maenya ongkoh gagah sakti 
teu bisa ngangkat iteuk…sabaraha beuratna? 
der dikira-kira... 
Panggih jeung baturna (nu tukang ngira-ngira) matak parasea …
tukang ngira ngira panggih jeung tukang ngira ngira…kabeneran beda guruna 
beda nu dibacana 
beda makam 
nu geus dijarahanana…
jadina pasegag segag..
ceuk itu kitu ceuk ieu kieu…tulangna…
karek ceuk cenah/ceuk buku/guru/qur’an/tahayul rekaan atina/berhala nafsuna…seubeuh mah acan, bari moal, piraku dahar tulang lalamunan ….bari ongkoh diparebutkeun.


12

Tina eta 
sakabeh nu didadarkeun ngeunaan 
cara 
deuheus 
ka sorangan 
nu loba loba…
Jampena 
lamun hayang nganyahokeun kalawan 
yakin pangjarahan sorangan katut makam makamna 
nu diaing nu dibatur 
katut rupa rupa ajaran 
teori rarambuna 
dina nyusud sorangan 
kudu bisa tepikeun ka qiamat heula …

Pan kongas dina at-taqwir..
disebutkeun 
karek kabeh nganyahokeun kana naon naon - 
kayaning bener henteuna jrrd- nu geus dipigawena 
lamun geus kiamat heula….
aliman nafsun ma ahdaraat…pan
kongas 
sumpahna ge 
fa laa uqsimu bilkhunnas…
al jawaril kunnas walalili idza as as wa subhi idza tanaffas. Lamun 
can kiamat heula 
saur Allah dina At-takwir moal haqqul yakin nyahona…dina 
At-takatsur moal ainul yakin ka kubur batur 
kubur sorangan 
mun teu dikubur heula … 
nu can kiamat 
moal bisa nyaritakeun 
ilmal yakinna…
cik 
ari yaomil qiyamahna tangtung teh nu kumaha nyatana??? 

Ceuk nu sahinasna mah “nu encan mah euy…
ngira-ngira wungkul ceuk cenah mungkul…
kayakinan nu naruhkeun ka susuganan…’
gambling’ da can kaasaan bener henteuna…
nyarita we soal aherat ngalaman sorangan acan”

…Matak ge sing tariasa nedunan ucapan kampung paeh samemeh paeh…kuburan jadi [gambaran](h)asta [leungeun]na…qiamat sapapanjangna.

13

BABANDINGAN

Jarah ka batur 
jeung jarah ka sorangan 
dua metoda 
nu lamun dua-duana dipigawe alus temen.
Jarah ka batur 
bari 
ngajarahan sorangan, deuheus ka batur eunteung sabab 
deuheus ka sorangan, 
jarah ka rasulullah 
sabab 
deuheus ka rasul 
rasana pribadi.
Jarah ka nabi 
(tukang nganepikeun beja 
ti Allah) 
menta berkah 
diantarana 
keur ‘biwir mata irung ceuli’ na sorangan 
nu dipake nganepiken beja 
ti 
rasana pribadi.

Nadran ka luluhur 
nu jadi asal urang 
(indung bapa) tiap lebaran…sabab 
urang geus lulus puasa 
balik ka fitrah 
asal sorangan…
ngadu asal jeung asal wiwitan jeung wiwitan…deuheus ka asal urang 
nu
geus sirna 
(indung bapa) 
bari geus sirna 
di asal sorangan…wekasanana lebaran...
lubar sagalana. 
Euweuh deui kalebar..
matak beunghar ku maaf/ampunan.

Jarah ka kubur batur ngadoa’keun 
nelekinkeun pangeusina 
da mampu ngubur 
tapak sorangan, 
pan beuteung urang ge kuburan rupa rupa eroh 
(nu dihakan). 
Ulah tepi kakubur 
ku roh sato/tutuwuhan nu dihakan dibeuteung… 
tapi 
kudu ngubur eta kabeh nu geus bakti ibadah kasorangan.

Kongas loba pajaratan 
(tina pajarahan) 
kawas di Bandung nu gede teh sirna raga…
nyatana mah 
urang ge pajaratan…
tempat dareuheusna roh nu dikubur dina beuteung pribadi ragana sirna rohna dipendem di beuteung nyaliara 
dina jiwa sorangan…
kade 
sing bisa nelekinkeunana 
bisi ti pajaratan urang rea ririwana. 
Rarasaan jelema 
padahal jurig mungkul eusina.

Jarah ka makam wali…ngakurkeun 
kawalian pribadi.

Jarahka imah Allah 
jauh jauh di puser bumi…supaya 
mabrur jadi haji disorangan haji di pakuan sorangan…dibawa kababawa kamana mendi…
piraku rek cicing terus di mekah… 
hasilna jadi sakti bisa ka mekah unggal usik da ka’bah na qalbu mu’minin…
baetullah di sorangan nu sorangan marengan bari kababawa teu kudu terus mayar ONH tinggal numpi di kasunyaanana raga (sunya ragi) 
di guha hirana sorangan.

Jarah ka (h)Astana batur sabab 
urang boga leungeun (hasta) nu mampuh gawe nyieun amal…
kongas tilas nu mulya Wastukancana di Kawali jadi astana gede meureun tina ageung amal (h)astana..
sumurna si jalatunda…tapakna ge seueur didamel dina batu nu teuas tur awet…ari (h)asta urang nepi ka mana amalna nepi kamana deuheusna? 
Kawas ngado’a dicontokeun bari ngangkat dua dampal leungeun…
Ngado’a menta..menta…hayang dibere 
ku nu Maha Gaib ngecewis amin…amin…
poho ka leungeun sorangan nu nyata pasihan 
Rabbul alamin 
nu biasa ngadatangkeun 
nu dipenta…
henteu dipake gawe kalah dipelong bae.


Rek kumaha nanjeurna???

Tidak ada komentar:

Posting Komentar