Ralat sakedik Kang Kumi. Prabu Susuktunggal mah emangna Prabu Siliwangi (Jayadewata) sakaligus mitohana, sanes ramana Prabu Siliwangi (puteri Susuktunggal anu janten prameswari Prabu Siliwangi namina Kentringmanik Mayang Sunda). Anapon ramana Jawadewata (atawa Sang Pamanahrasa atawa Keukeumbingan Raja Sunu atawa nelahna Prabu Siliwangi) jengenganana" Prabu Dewa Niskala, rakana Prabu Susuktunggal tea.
Leres, karatosn Pakuan Pajajaran anu munggaran teh diwangun ku 5 wangunan utamana anu masing-masing namina "Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati". Leres oge, anu munggaran ngadegkeunana Sang Prabu Tarusbawa tea, kl abad ka-6-7 M.
baktos,
manAR
On 7/31/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngaran karaton Sunda di Pakuan Pajajaran teh ngaranna "Sri Bima Punta
Narayana Madura Suradipati". Ceuk cenah (lain cenah samanea, da ceuk
ahli nu ngulik sajarah Sunda), ieu karaton teh munggaran dijieun ku
Prabu Tarusbawa, raja Sunda munggaran (sanggeusna Tarumanagara beulah
dua jadi Sunda & Galuh).
Kadua kalina, cenah deui wae, diropea ku Prabu Susuknunggal, ramana
Prabu Jayadewata alias Prabu Silihwangi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar