Senin, 04 Oktober 2021

maenpo

TEUNGGEUL urang Jepang sareng urang China ngapangaruhan nagarana /  
budayana. Kieu geura hiji conto dina tatakrama "samaurai" to  
ngalagenda diwariskeun ka urang Jepang nepi kabirokrasi raja Jepang.  
Nya timimiti ngadamel Samurai, Padepokan ti abad 15 katukang eta  
bangsa Jepang tos masihan conto, anu dicontokeun ku para pendekarna,  
misal ayeuna mah gaya kendo ngakhususkeun dina cara teknik samurai.  
Meeureun lamun di pencamah "bedog, kujang, keris, arit". Bangsa  
Jepang tos ngulik industri beubeusian nu dijadikeun alat motong /  
meuncit musuh  keur ngabela nagara.
Anu dicontokeun ku tangan kosong nya "sumo' di sunda tos aya  
"benjang", oge karate ieu oge niron ti China-Kung Fu, Kung Fu oge  
niron ti turunan Pajajaran
tinggali geura lalakon Kian Santang ngacleng ka Arab rek ngalawan  
Syidina Ali. Dina artikel  di New York yen Kung Fu teh aslina silat  
sunda, tos jaman komunis di organisir jadi Wu shu. Jadi lamun ningali  
ilmu penca / kanuragan tos aya leuwih luhur eta budaya kanuragan teh.
Falsafah kanuragan tos aya , nggan urang sunda ngukurna teu rasional,  
dina ngahiang Prabu , Kian Santang, Taji Malela, Dipati Ukur ...loba  
anu bisa di tiron ku US nepi ka ayeuna, mung kedah di korehan nepi ka  
jatina falsafah Sunda. Conto teu rasional dina film-film teu  
mintonkeun rasa falsafah kahirupan dina "perjuangan ngalokanan  
neangan elmu". Lolobana carita carita silat sok dikaitkeun jeung  
tahayul jeung hantu, jurig jeung nu sajabana. Tah ieu anu mundurna  
hiji bangsa sunda.  Ngukur kakuatan elmuna dikaitkeun jeung hantu,  
Jin jeng syetan,  ieu nu di sebut NIHIL falsafah dina kahirupan  
nyatana hirup. Hiji conto pahlawan silat di USA teh ku Bruce Lee asal  
China di ajar Jiet Kwon Do jeung Silat di New York City aya bukti   
kabeh pesilat nu karolot di USA terangeun,
ngan anjeuna teu masihan kredit ka PENCA,  tah anjeuna nu  
ngabudayakeun beladiri penca USA.

Sim kuring tos ngabuktoskeun dua murid anu menta ijin ka kuring yen  
silat bade dipentaskeun di Holywood. Nya di latih ku kuring cara-cara  
silat sunda jeung sajabana, nya tujuanna keur ngabekenkeun "penca" sa  
gancang-gancangna kedah ngiluan layar ageung  ( bioskop tea). Naon  
geura hasilna elmuna dipake nu boga ngaran ti Kung Fu, konaon sababna  
seueur teuing mafia China, Mafia Itali, Mafia Yahudi di eta bisnis  
Hollywood. Ari kuring euweuh mafia sunda di eta perfileman,  
kasimpulan masih aya "rasisme" di eta usaha. Nya silatmah atos ka  
layar ageung ngan namina di gentos kunu seu'eur gaduh hajatna.

Sumanget sim Kuring acan pareum, naon sababna kuring tos mintoskeun  
yen pencanteh penca tos ngarajah ka urang Amerika ngan eta urang  
ditumah resep ngarobah ngaran keur karesep maranehna. Tos langkung  
sapuluh taun ieu perjuangan acan se'ep baraya , keur ngigelkeun  
cocoan Kiansantang anu resep
penca, nya sim kuringmah ngan sa ukur neraskeun panggeuing sumanget  
nu tos pupus sanes muja-muja nu pupus DORAKA ATUH.
Nyuhunkeun pido'ana wae ti baraya sunda sa dunya kuringteh tos  
dipercanten kupamarentah Indonesia - USA keur kajuaraan dunia penca  
di Thailand Nov 2006, nya mugi-mugi  aya baraya aya anu bade masihan  
elmu ka sim kuring keur nambihan barudak USA di harewoskeun wae ka  
japri entong isin-isin.
Ceunahmah jawara penca sa dunya ayana di Vietnam nu ngajarkeunana nu  
resep penca ti bangsa urang nya sarua jiga kuring di USA.

Mangga bae bukukeun Kang Oman...   penca anu tiasa dijatenkeun  
falsafah sunda, ceuk sim kuring aya anu leuwih jero ngajiwaanana  
contona Mamih Enny Sekarningrat ti Garut, Abah Anom ti Tasik, Kang  
Acil, Kang Iwan Abdurachman......Seu'eur para pendekar Haji Tubagus  
ti Banten, turunan Abah Kaeh Sukabumi, Cianjur, Bandung Utara, Garut,  
Tasik, Pandeglang sok wae di penta elmuna keur urang sunda dijadikeun  
pustaka hirup keur barudak nu ngora engke. Aranjeunna leuwih kawakan  
ti batan sim kuring kuringmah masih orok keneh acan nyaho 'nyaho  
dahar  keusik jadi cai" , "oge acan nyaho nyaho tuang aron jiga  
kejo", Acan nyaho neleuman bari nginum cai pantai Nyai Loro Kidul anu  
ka telah sanget, komo deui ningali karaton Nyi Loro Kidul di dasar  
Lautna nu di kawasana.

Sakitu heula Kang Oman sareng baraya

yan
www.silatpdusa.com

On Jan 29, 2006, at 7:10 PM, oman abdurahman wrote:

> Haturan Kang Yan,
>
> Ceuk hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) Taun  
> 2001, silat
> atawa maenpo teh salah sahiji ajen penting kabudayaan Tatar Sunda.  
> Ngan,
> dina kanyataanana, silat di urang teh geuning tacan ebreh kumaha  
> pangaruhna
> kana kamajuan kahirupan masyarakat. Hal ieu upama ngeunteung kana  
> seni bela
> diri di Jepang jeung Cina anu- teunggeul deukeutna wae- lumayan  
> geus mere
> ciri khusus kabudayaanana.
>
> Cina, upamana, pangaruh budaya silat kana widang industri perfilem- 
> an geus
> kasaksian ku urang. Memang, di urang ayeuna keur mahabu film-filem anu
> ngangkat carita lokal anu di jrona dieuyeuban ku pintonan silat, ngan
> hanjakal, silat anu dipintonkeun dina film-film (sinetron) urang  
> ayeuna eta
> mah silat ti karajaan atawa bangsa dongeng, jauh tina naon anu ilahar
> kahontal. Anu pentingna deui, ajen inajen jeung falsafahna teu pati  
> kaguar,
> lamun teu disebutkeun nihil pisan oge. Di Jepang, sumanget (sebut wae:
> falsafah) beladiri (karate) cenah lumayan oge mere pangaruh kana  
> sikep hirup
> sapopoe Urang Jepang (anu unggul tangtuna oge).
>
> Tangtu aya - malah bisa disebutkeun lumayan loba - US anu geus  
> mraktekkeun
> elmu jeung falsafah silat dina kahirupan sapopoe. Upamana, teu  
> tebih-tebih,
> Kang Yan, anggota ieu milist, tos ngabuktikeun. Anjeunna di USA teh  
> nya
> ngajar jeung ngadidik urang ditu bisa maen silat. Atuh, tangtu wae,
> falsafahna oge , moal henteu, tos ngajiwaan kana kahirupan sadidinten
> anjeunna. Ngan, nyakitu, urang sunda mah- ceuk cenah - ngaji elmu  
> nyumput di
> nu caang tea. Kusabab kitu, kalayan hormat, sim kuring neda ka Kang  
> Yan
> sangkan kersa ngaguar persilatan di ieu milist. Mangga, format sareng
> formula naon anu bade didugikeunana mah nyanggakeun, teu langkung  
> Kang Yan.
> Tangtos hal ieu baris manfaat keur urang balarea. Atuh ka payun,  
> upama tea
> ieu pajemuhan manjang, tiasa wae hasilna janten buku anu oge baris  
> manfaat.
> Hatur nuhun sateuacanna.
>
> Saterasna, kanggo dulur-dulur anu bade maluruh langkeung tebih  
> perkawis
> persilatan, mangga tiasa naroskeun ka sababaraha ahli oge anu gaduh
> perhatian ageung kana ieu titinggal budaya urang di handap ieu:
>
> 1. Ibu Netty di Ciwidey (gaduh bumi oge di Bandung), anjeunna salah  
> sawios
> seke selerna anu nyiptakeun silat jurus Bandar Karima, kantos  
> ningalikeun
> buku sajarah eta silat ka sim kuring (hanjakal harita teu kaburu
> difotocopy). Ieu nomer tlpn-na: 022-5927784; 022-5207019.
>
> 2. Kang Acil Bimbo, anu akhir-akhir ieu mindeng ngumpul jeung  
> ngumpulkeun
> para jawara silat di TS, ieu alamat kantorna: Bandung Spirit, Jl.  
> Kayu Agung
> I C/44 Tlpn. 022-7304256.
>
> 3. Kapungkur, anggota milist ieu, ngumbara di Amerika oge,  
> ngamalkeun silat
> jurus Nampon. Hanjakal anjeunna tos kaluar tina kaanggotaan milist.  
> Namung,
> upami bade dipaluruh mah tiasa wae. Ieu alamat e-mailna :  
> [EMAIL PROTECTED]
> .
>
> Cag.
>
> baktos,
> manAR

Tidak ada komentar:

Posting Komentar