[8/9 10:47] aji rasha: Adab arek dahar
Sampurasun,
Huung nu Maha Agung,
nampi narima, ditampi ditarima
ibu sanghyang sri nu ngajadi sari
rasa nu ngajadi rupa
hirup jeung huripna kawula.
huuung,,, ahuuung !
[8/9 10:50] aji rasha: META-na karuhun dimana rek pepelaka (gawe/ngaLAKU/kasab), ngajarkeun dina adat jeung adab, dina rasa jeung karumasaan:
[8/9 10:50] aji rasha: – Peureumkeun mata, bari nyinghareup ka belah wetan.
– Tarik napas anu jero sing lantip make irung, dugika teu tiasa nganapas deui,,, tahan sakedap.
– kretegkeun dina manah:
Sampurasun,
Huuuung,,,,, nu maha agung
ibu lemah caiku ibu bumi, ibu pertiwi
kudrat pasti nu ngabijil jadikeun
nu ngagelarkeun,
nu ngajembarkeun,
anu jadi ucap wiwitan,
nu nyusun hurup anu hurip dina hirup-na sakabeh mahluk.
– kaluarkeun napas lalaunan tina irung bari ngreteg: Ahuuuung !
#bral ngalengkah,,,,
[8/9 11:06] aji rasha: Di mana rek sare ~
Adat sareng adabna dina meureumkeun soca, bade bari calik, sila atanapi ngagoler,,, sami wae.
– Peureumkeun soca
– Tariknapas anu jero sing lantip, dugika teu tiasa nganapas deui,,,
kaluarkeun lalaunan dugika seep, ulangi 3 kali tarikan.
– bari peureum tetep eling sareng perhatoskeun napas anu kaluar kajero.
lajeng diaos dina manah ieu dunga:
Sampurasun,
Hung nu maha agung
Kuring jati-na manusa
sanga badan tan kawala
ati eling lintang gading
dangdayang sarining kembang, keur bawaeun.
Hung jati-na kuring
inten-inten ing manusa
nulungguh di pulo napas
medar tanpa wawayangan
hirup teu keuna kupati,
langgeng teu keuna ku obah
hirup langgeng salawasna
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
* HUNG di kretegkeun dimana narik napas,,, AHUNG dikretegkeun dimana ngaluarkeun napas.
teras di aos, sakadugana teu kedah nganggo etangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar