Selasa, 05 Oktober 2021

papagon

Urang Sunda mah tara sieun kanu BEBENERAN, tara honcewang kana ngalampahkeun 
BENER ; teu ringrang tur sumoreang ngajajaten kang PIBENEREN  
Urang Sunda anu sajati mah TEUNEUNG, LUDEUNG, TIGIN kadirina dina nerapkeun 
JALAN BENER PAKEUN PIBENEREUN oge GEUSAN KANU BENER

Tapi oge kdah emut, dina ngalelempeng oge urang teu kenging disartaan ku 
DENDAM, NGEWA, KEUHEUL tur JAIL KANIAYA (baca Prasasti Kabantenan) nu jail teh 
Sri Baduga (Jayadewata alias Siliwangi IV)  mah dugi ka ucap parentah "ku aing 
titah dipaehan" 

dina ngalakokan hirup teh kdah clik putih clak herang diunjukkeun ku Prabu 
Wangisutah alias Wastukancana (Siliwangi II) "bati peureu tinggal nu atis tina 
rasa" ku wening2na hate nu sarimbag jeung ucap bari kaalaman ku sorangan (aos 
Prasasti Kawali VI .... ngajeblag keneh ngagurat TEGES dina batuna)  

kalakuan dang Kimun pami kitu wae sami sareng KOKORO anu matak KAKEREH 
(prasasti Kawali VI) oge munah2 tur cawuh2 ka sasama sanaos leres dang Kimun 
ngangken yen teu gaduh maksad awon.... tapi geuning buktosna seu-eur nu papada 
kasigeung..... tah mana kdah ngajaga LETAH teh eta geuning, gamparan.... 
deudeuh teuing... ulah kitu

hirup teh nekeran sasama ngarah ajeg...... sanes ku letah anu cawokah (cawuh2), 
sanes ku polah meubeutkeun (ponah2) sasama 

organ waruga sarimbag sareng organ raraga > sedeng organ waruga teh direduksi 
dina panca indriya (mata, ceuli, irung, biwir, bhaga - purusa) sadayana 
proyeksi ti diri urang mun kurang tiasa ngajaga cungap (lubang pelepasan dan 
pengeluaran) tina panca/lima indriya nya dunya  teh bakal aman tentram damai 
nyaeta ulah ku satempo2na, sa-denge2na, sa-ambeu2na, sa-ucap2na, sareng 
ngalajur napsu ngumbar amarah boh ka diri urang boh ka sasama

ana urang dina nyarios, ucap, ngedalkeun gagasan, pikiran oge ide teh apan di 
tataran jalma hakiki sabage MAHLUK SOSIAL< hanteu nyorangan di dunya teh gaul 
sareng sasama janten dina sahalarupi teh kedah pinter tur kasep ngajaga hate, 
pikiran, rasa, sukma sasama! TAH ! IEU ANULERES KASEP TUR PINTER mah, ieu teh 
ajaran PRABU SILIWANGI !

Tabe pun ingsun
AMBU

Tidak ada komentar:

Posting Komentar